• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Pangalaman Assep Yusuf;

Ti Lamping Gunung Galunggung
ka Sisi Walungan Musi

Kénging Rumpaka M-Online
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1369019527.jpg [Potrét/Ilustasi: ]

Sok inget basa keur leutik, lamun peuting teu daék saré heg ngadéngé sora kutuk kutuk, ema kuring sok nyarios kieu : “ Halik siah ulah deukeut deukeut ka dieu! Kaditu ka sabrang ka Palembang!“.

Tuluy kuring dipépéndé bari panangannana ngusapan sirah kuring. Ucapan ka sabrang ka Palembang téh rupana mah dipaké pikeun ngusir jurig supaya nyingkah jauh ka Palembang. Kutuk kutuk atawa burung hantu sok dipikasieun, cenah mah lamun peuting disada dina suhunan imah, éta téh cirén yén bakal mawa panyakit atawa bakal aya anu maot.

Sanggeus déwasa, kecap ka sabrang ka Palembang téh sok dipelesétkeun kieu “Ka sabrang ka Palembang ari balik mawa kurupuk”.

Kuring lahir di  Cikeleng Singaparna dilamping gunung Galunggung 72 taun ka tukang. Bapak kuring mingpin pasantren anu harita mah kacida kasohorna. Hanjakal tahun 1948 jaman gorombolan DI/TII kaamanan téh beuki  gawat.  Bapa kuring diculik, terus dimaotan cenah pédah teu keresaeun ngagabung ngadegkeun Nagara Islam.

Ti harita kahirupan kulawarga kuring jadi  balangsak. Titinggalan Bapak seep digarong, euweuh anu nyésa, imah jeung pasantrén diduruk nepi ka ludes. Ema ngungsi ka kampung Sukawangi.  Ari kuring dicandak ku Ua ka kota Garut, disakolakeun bari dididik hirup mandiri misah ti indung jeung  dulur dulur,  maklum kuring téh kaasup budak ogo. Alhamdulillah alpukahna didikan Ua kuring bisa nyaluyukeun diri jeung kahirupan kota. Saterusna sanggeus tamat SR kuring  dibawa ku lanceuk ka Jakarta.  Ngan nyaéta lanceuk kuring téh saukur nyaah, hayang nyakolakeun tapi teu kabiayaan.  Kakara tilu bulan asup SMP swasta dikaluarkeun lantaran teu bisa mayar udunan sakola. Kuring dikaluarkeun bari ijasah SR kuring ditahan, tuluy kuring pindah ka sakola anu leuwih murah  bayaranmana, nyaeta sakola Taman Siswa di daerah Utan Kayu. Isuk-isuk kuring sakola, ari soréna dagang roko dipalebah Biokop Menteng nepi ka jam 12 peuting. Dua tahun kuring milu lanceuk ngumbara di Jakarta. Tapi ku lantaran ékonomi kulawarga anu dipiluan téh amburadul, malah nepi ka pepegatan rumah tanggana, nya saterusna  kuring milu jeung lanceuk anu aya di Bandung nepi ka tamat SMP,  tapi ngan saukur tamat SMP da euweuh anu biayanana téa.

Dina mangsa pangangguran téh kuring wawawuhan jeung siswa PGA Putri  anu kost di imah lanceuk. Ah da meureun geus kitu takdirna ahirna kudu ngajodo, batu turun keusik naék téa, sanajan kungsi papisah dua tahun ogé basa manéhna pindah neruskeun sakola di Jogya. Lantaran geus jodona téa meureun, nya dina tahun 1962 kuring ka balé nyungcung. Padahal harita téh kuring can boga gawé anu maneuh, ngan ukur mimilu babantu ka mitoha sagawé-gawé.

Untung boga mitoha téh bageur. Keun baé cenah sugan engké aya milikna! Ari mitoha téh patani nu basajan, anu patuh ka ajengan, murid KH. Zenal Mustofa Sukamanah anu kasoror ngalawan Jepang téa. Malahan anjeuna téh saurna  kungsi nyantri di pasantren Bapa kuring di Pasantren Cikeleng.

Teu kapikir ti méméhna, yén kuring bakal jadi warga Palembang. Harita téh tahun 1968, bakat ku poékeun pikir dina néangan pakasaban, ahirna kuring ngumbara ka Palembang. Pikir harita, moal enya geus boga anak tilu can panggih jeung pacabakan anu nyukupan keur ngabayuan  rumah tangga. Untungna pamajikan téh PNS guru agama Islam, tapi da kuring ogé boga ka éra mah, moal enya terus terusan nyalindung kagelung, numpang di perumahan Mertua Indah.

Hiji waktu mitoha kuring nyarios kieu: ”Cing atuh Sep ka ditu ka Palembang, sugan baé panggih jeung milik, geuning tuh Kai Kili, Jang Sopyan, jang Holik kaparanggih rejekina ngiriditkeun di Palembang téh. ”

Ngadangu cariosan mitoha kitu téh, kuring mikir, enya meureun sakumaha dawuhan Alloh dina surat Ar-Ra’du ogé. Alloh moal ngarobah hiji kaum, lamun éta kaum henteu ngarobah nasibna sorangan.

Tapi kumaha atuh da indit ka Palembang téh kudu maké ongkos jeung mawa modal.

Kuring badami jeung pamajikan, yén kuring boga niat rék ngumbara ka Palembang. Keur ongkos jeung modalna kuring balaka rék nginjeum mesin jahit kameumeutna, rék dijual. Untungna pamajikan téh ngidinan ngajual mesin jahit,   nya alhamdulillah mesin jahit téh payu Rp. 10.000,-

Tah palebah mesin jahit téh aya sajarahna anu kacida jadi kapiinget kuring. Basa Nini kuring pupus.

Kuring kabagéan warisan duit lima rébu rupiah. Padahal rarasaan mah kuring téh salah saurang incuna anu dipikanyaah ku anjeunna.

Nini kuring téh kagungan putra dua, nyaéta Bapa kuring  jeung Bibi anu teu kagungan katurunan. Atuh warisan ti Nini anu ngan saeutik téh dibagi rata ka 16 urang incuna palaputra Bapa ti lima istri. Ma’lum pun Bapa téh seueur istrina da cenah ajengan jaman harita mah ngawayuh téh jadi bukti sukses kahirupan.

Tah éta duit anu lima rébu pérak téh ditambahan ku duit pamajikan dibeulikeun kana mesin jahit.

Jadi kuring indit ka Palembang téh mawa modal warisan ti Nini jeung duit tambahan ti pamajikan ladang ngajual mesin jahit séken téa.

Pondok carita kuring indit ka Palembang, sorangan. Ti Tasik naék beus ka Merak, ti Merak milu kana kapal PJKA nyebrang ka Pelabuhan Panjang, ti dinya naék kareta api ka Kertapati Palembang. Kareta api jaman harita mah lokomotipna masih kénéh maké batubara, atuh datang ka Kertapati téh baju jadi tambah kotor  pinuh ku kekebul. Nu dijugjug téh batur salembur kelompok tukang kiridit di Lorong Tangga panjang 7 Ulu. Maranéhannana kagéteun kuring datang sosoranganan, nya  kuring balaka baé yén kuring téh rék milu ngagabung jadi tukang kiridit, ménta pangjeujeuhkeun kumaha carana.

Duit anu sapuluh réwu ladang mésin jahit téh tinggal tujuh rébu da dipaké ongkos nyebrang. Isukna kuring dibawa ka toko Si Portung di 7 Ulu, diwawuhkeun ka tokéna, yén aya batur rék milu dagang kiridit, duit anu 7 réwu téh disérénkeun ka Si Toke.  Si Toke méré barang kayaning piring, panci termos, gelas, émbér, katél jeung sajabana, pangaji kana genep belas rébuan. Ari anu jadi “daerah kerja” téh  kapilih daérah Plaju, da cenah di Plaju téh loba karyawan Pertamina anu  panghasilannana leuwih gedé ti batan daérah lianna. Ti pasar 10 Ulu ka Plaju  kuring naék oplét ketek, turun di hareupeun Jalan Gaya Baru anu engkéna bakal jadi tempat kuring ngawangun rumah tangga ngadidik anak jeung interaksi jeung masarakat setempat. Ti lebah dinya pisan kuring mimiti  nanggung barang anu beuratna  leuwih ti sakuwintal. Waduh . . .  lain ngan ukur beurat, tapi éta ku érana jeung wegahna. Atuda saumur-umur can pernah diajar nanggung barang. Pikir téh, moal enya putra ajengan nanggung barang kiriditan.

Tapi wegah-wegah ogé dipaksakeun baé, lantaran kajurung ku kabutuh téa. Mimitina mah beurat nanggung téh, unggal tihang listrik eureun unggal tihang listrik eureun ngéncadkeun tanggungan, nepi ka hiji imah disimpangkeun ku salah saurang calon langganan, sihoréng manéhna téh merhatikeun kuring ti kajauhan, manéhna ngomong kieu “Sini mampir Mang, pecaknyo bukan tukang kridit biaso, kok mikulnyo pecak susah nian”. Ku kuring dijelaskeun yén kuring keur diajar mikul, jadi tukang kiridit kakara poé ieu. Sigana manéhna karunyaeun, tungtungna manéhna ménta gelas salosin jeung piring satengah losin. Sanggeus méré duit muka kuring neruskeun deui perjalanan mapay mapay jalan, kaluar asup lorong. Beuki loba anu nyokot barang, beuki hampang tanggungan téh. Atuh alhamdulillah  jam satengah tilu beurang dagangan kuring geus béak. Aéh pikir kuring, geuning gampang nya néangan duit di Palembang téh, asal aya ka daék jeung ulah éraan, tangtu kapanggih hasilna.

Duit hasil uang muka téh disetorkeun ka toke bari mawa barang deui keur isuk mikul. Kitu jeung kitu baé dina jero 40 poé mah. 

Satahun ti harita, pamajikan kuring  nyusul ka Palembang, mawa budak tilu, tadina mah wegaheun diajak pindah ka Palembang téh, pajar téh lebar bisi teu bisa pindah ngajar bari sieun teu diidinan ku atasanana pindah ka luar Jawa.   

Mimitina kuring nyéwa imah di kolong imah urang Palembang, tapi kuring mikir lamun terus cicing di dinya kumaha bisa ngadidik anak da di dinya téh daérah kumuh. Tilu bulan ti harita pindah ka Plaju, ngadeukeutan daérah kerja.

Atuh barudak disakolakeun di madrasah, tempat pamajikan ngajar, teu jauh ti imah kontrakan.

Kuring mikir deui hayang néangan gawé sambilan, da jualan kiridit téh geuning waktuna singkat pisan, jam dua beurang geus di imah. Kabeneran tatangga kuring boga radio amatir, Radio Gema Mutiara, kuring ditawaran mun daék bari ngiriditkeun téh bari mawa kupon pilihan pendengar, da harita mah ngan tina hasil kupon pilihan pendengar anu jadi panghasilan Radio amatir téh , malah salian ti éta, kuring dibéré kasempatan jadi penyiar lagu-lagu Sunda unggal malem rebo. Puguh waé kuring beuki sumangat, da geuning geus jadi penyiar téh tambah loba kawawuhan jeung nambah pangalaman.  Urang Sunda di Palembang ngarasa boga media hiburan silih kirim lagu jeung babanyolan di udara. Kuring beuki betah di Palembang téh asa loba baraya sanajan sawaréh mah ngan ukur nyaho ngaranna can panggih jeun jinisna da ngan ukur wawuh di udara wungkul, hal ieu moal kapanggih dilembur sorangan mah.

Geus loba kawawuhan kitu mah tambah loba langganan téh, saterusna kuring ditugaskeun néangan pamasang iklan keur nambah panghasilan radio.  Alhamdulillah pemilik radio téh percayaeun pisan ka kuring, karir kuring di radio tambah naék, jadi kepala bagian iklan, malahan sababaraha tahun kahareup kuring kapancén jadi pimpinan radio.

Keur nambah pangalaman jeung nambah panghasilan kuring kungsi kursus photograpi, bari ngiriditkeun téh kuring mamawa kaméra photo. Siga wartawan. Atuh geus loba kasibukan kitu mah jualan kiriditan téh ditugaskeun ka dulur-dulur anu pada daratang nyusul ka Palembang.

Diimah kontakan, kuring muka poto studio jeung  nyuci cetak foto. Alhamdulillah bisa meuli imah leutik.

Di Palembang anak kuring nambahan tilu, ngan hanjakal anu bungsu Luky maot dina  umur 2,5 tahun, jadi anak téh tinggal lima, kabéhanana lalaki. Kuring ngadidik anak téh sina diajar prihatin, siga Bapana anu pinuh ku kaprihatinan, bari sarakola téh maranéhna dititah sina marawa dagangan beunang indungna, saperti és buah atawa kuéh kuéh, dianteurkeun ka warung-warung, atawa diiderkeun bari urulin. Barudak anu lima téh alhamdulillah araya milikna, ti SD nepi ka Perguruan tinggi téh di sakola negeri, bari meunang béa siswa, jadi asa teu beurat ngabiayaan. Alhamdulillah sakolana taramat, anu cikal insinyur, tamatan Unsri, ayeuna jadi kontraktor di Pertamina, anu kadua tamatan Universitas Indonesia, kungsi meunang béa siswa sakola di luar negeri meunang gelar S2, ayeuna  jadi pengamat ékonomi Pasar Modal di Jakarta, jeung jadi dosen pascasarjana. Anu katilu sarjana ékonomi ti Unsri muka wirausaha di Bandung, anu ka opat sarjana tata boga IKIP Jakarta, kiprahna di bidang periklanan produk makanan, anu kalima sarjana sastra lulusan UI tapi hobina photographi meureun nurut bapana.

Ayeuna maranéhna geus papada mandiri, anu opat geus ngalaksanakeun ibadah haji jeung bojo bojona. Tinggal anu ka lima masih lalagasan.

Tahun 1999 kuring ngalaksanakeun ibadah haji  di ongkosan ku barudak, atuh kacida cikeruhna, kuring ceurik bari nganuhunkeun ka Allah Anu Maha Welas Asih yén kuring diparengkeun dipasihan budak anu saroléh. Meureun lamun teu ka Palembang mah pimanaeun bisa nyakolakeun anak.

Puncakna  taun 2001 kuring jeung pamajikan diparengkeun kapilih sarta diutus ngawakilan Propinsi  Sumatera Selatan  dikukuhkeun jadi KELUARGA SAKINAH ku Mentri Agama sareng Wakil Presiden di Istana Wakil Presiden di Jakarta.

Nu jadi lantaran pamilihan Keluaga Sakinah téh cenah, pédah kuring ti kulawarga basajan bisa ngawangun rumah tangga anu runtut raut sauyunan, bisa ngadidik jeung nyakolakeun anak nepi ka taramat, kabéhanana jadi sarjana, baroga gawé anu lumayan dina bidang masing masing jeung bisa ngongkosan indung bapana ngalaksanakeun ibadah haji. Atuh anu kaduana cenah yén kuring jeung pamajikan dipandang loba kagiatan kamasarakatan seperti ngawangun masjid jeung sagala kagiatannana, ngadirikeun TPA keur masarakat anu teu mampu, pernah ngasuh/ nyantuni anak anak yatim piatu, malah pamajikan mah kungsi dua kali jadi juara ka dua dina pamilihan “Ibu teladan”  sa kotamadya Palembang. Atuh kuring salila 15 tahun, (tilu kali pemilihan umum) kapeto jadi ketua RW di kalurahan 16 Ulu, itung itung pengabdian ka masarakat bari nitipkeun diri di lingkungan tempat tinggal.

Ya Alloh nuhun Gusti, kuring dipasihan kabagjaan anu teu aya papadana, ogé hatur nuhun ka sepuh sepuh anu parantos ngadua’keun, mugi-mugi aranjeuna dipasihan rohmat ku Alloh Swt. di alam barzahna, ditampi iman Islamna sareng dihapunten dosa dosana. Amin!*** 

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

Deden Wiranta

Sae cariosna pangalaman Bapak Assep Yusuf, mugi2 jadi eunteung keur wargi2 urang sunda khususna, anu nuju milarian jati diri kahirupanna.

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: