• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Nagri Siraru

Kénging Yosef M. Ibrahim
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1370321255.jpg [Potrét/Ilustasi: Agus Mulyana]

Di hiji wanci, aya nagri anu sakabéh pangeusina siraru. Tapi siraruna béda jeung siraru anu biasa ku urang kapanggih ayeuna. Siraru di éta nagri mah barogaeun seuseureud, sarta sorana ngahieng siga reungit. Siraru di éta nagri alus budi sarta akur jeung sasama, tara aya béja anu parebut atawa garelut. Seuseureudna tara dipaké keur nu kararitu, disumputkeun wé dina imbitna.

Hiji waktu éta nagri téh katarajang panyakit gabug. Méh sakabéh siraru di éta nagri teu bisaeun ngendog. Teuing kumaha mimitina. Beuki lila mah siraru di éta nagri téh beuki saeutik. Hiji-hiji maot teu ninggalkeun anak keur neruskeun kahirupan nagri.

“Ieu geus jadi masalah anu serius!” Ceuk raja éta nagri. Bedas, dina acara rapat paripurna di gedung anu dijieun husus pikeun rapat. Gedung anu méakkeun duit APBD éta nagri. Cenah mah WC-na wungkul gé méakkeun waragad nepi ka ratus milyar. Kabayang pan mun WC-na kitu, kumaha tempat rapatna?

“Muhun Paduka Maharaja. Tapi pan sagala cara tos dicobian. Ti mimiti masihan vaksin dugi ka ngadatangkeun ahli kasehatan ti nagri deungeun,” témbal mentri kasehatan.

“Nagri deungeun nu mana?” Raja nanya.

“Seueur Paduka. Di antawisna Nagri Gogog sareng Nagri Bagong. Kapan nagri nu dua éta mah pangpunjulna dina sagala widang,” ceuk mentri luar nagri.

“Alus atuh. Éta nagri nu dua téh kapan sok sering babantu di nagri urang saupama aya nanaon téh. Waktu nagri urang keur guntreng jeung nagri Laleur gé pan maranéhna mani paheula-heula nawarkeun bantuan militer. Terus basa nagri urang can bisa ngamaksimalkeun SDA, kapan maranéhna mantuan. Tuh tinggali tambang emas beulah hilir di propinsi Papus kapan jadi salah sahiji penyumbang devisa panggedéna ka ieu nagri. Matak lamun aya nanaon mah nya ménta bantuan ka nagri nu dua éta wé.” Rajana nyarita mani perténtang.

“Tapi paduka, dugi ka danget ieu panyawatna téh tacan kapanggih ubarna. Teu ngaruh aya bantosan ti nagri deungeun gé,” tambah mentri kasehatan.

“Lain euweuh pangaruhna, tapi tacan aya. Atawa geus aya tapi urangna teu nyaho,” Rajana ngajawab.

Sagala dibahas dina éta rapat téh. Tapi masalah panyakit nu narajang éta nagri mah ngan dibahas saliwat. Haben wé ngabahas fasilitas éta gedung nu hayang ditambahan ku tempat ngeueum, jeung nu lianna.

Ari pangeusi éta nagri mah bingung nu aya. Mikiran kumaha kahareupna. Saha nu rék ngurus kebon jeung sawah cenah ari lain anakna engké. Kabingungna téh teu cacap sapoé dua poé. Malah mah nepi ka mangtaun-taun. Ari rajana mah riweuh wé ngurus gedung nu fasilitasna rék ditambahan, ngarah tumaninah mun nguruskeun rahayat cenah.

Jaba ti éta, beuki loba waé jalma ti nagri deungeun nu datang ka éta nagri. Utamana ti nagri Gogog jeung Bagong. Cenah mah hayang ngabantu ngabangun nagri siraru ngaliwatan pembangunan. Nya atuh maranéhna jadi investor di pausahaan-pausahaan nu aya di nagri siraru. Enya wé ayeuna mah jadi loba nu dibangun di éta nagri téh. Loba tambang nu tingjelegedeg di sabudeureun éta nagri. Tambang emas, berlian, minyak, jeung rea deui lamun ditulis di dieu matak méakkeun waktu.

“Kita sedang dalam perjalanan menuju negara berkembang. Dan sebentar lagi negara kita akan sama kedudukannya dengan negara-negara lain di muka bumi ini. ceuk Raja nagri siraru dina acara milangkala éta nagri. Ari rahayat, angger bingung. Kadang sok siga nu teu paduli kana naon nu diomongkeun rajana mah.

Teu lila ti harita aya urang nagri Bagong anu miboga cara sangkan rahayat teu bingungeun deui lantaran teu boga anak. Nya atuh manéhna nyieun pabrik siraru. Rahayat teu kudu bingung deui lantaran bisa boga anak tapi teu ngaliwatan ngendog, tinggal meuli wé ka éta pabrik.

Wah ngadéngé béja kitu rahayat éta nagri bungah kacida. Bakal boga nu ngurus kebon jeung sawah saupama maranéhna diperih pati ku nu kawasa. Geunjleung deui wé éta nagri téh.

Teu cukup ku nu kitu, rahayat bingung deui lantaran harga siraru téh gening mani mahal. Atuh antukna mah sawah jeung kebon téh nungtut dijualan pikeun meuli siraru nu séjén, nepi ka béakna.

Ayeuna mah jadi loba pisan siraru di éta nagri téh. Tingseleber di jalan. Geus euweuh wé siraru nu siga baheula téh, nu alus budi jeung akur ka sasama téh. Basana ogé jadi ganti ayeuna mah jadi gogog jeung bagong.

Beuki lila, beuki loba siraru téh. Sakapeung nepi ka macét dijalan téh ku siraru. Siraru-siraruna jadi beuki silih singgeung. Émosian, teu sabaran. Ari raja masih kénéh riweuh jeung para mentrina nguruskeun gedung téa. Gedung nu agréng téh beuki agréng waé, ari di jalan siraru mah masih kénéh silih singgeung, sakapeung aya nu nepi ka garelutna. Aya nu tabrakan.

“Anjing! Nu bener atuh!” Ceuk salah sahiji siraru di jalan.

***

Kampus Bungur, 15 April 2013

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: