• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Ki Sémah

Kénging Akub Sumarna
Kintun kana Facebook

Geus ampir tabuh sapuluh isuk-isuk tapi cahaya panonpoé ti beulah wétan acan kaciri meletek da bubuhan usum ngijih. Tibatan cangra aya cahaya kalah merejih, hujan miripis pagalo jeung halimun ngahalangan titingalan ka anggangna. Waktu kaayaan kitu di pasisian mah matak wegah liar ti imah naha ka sawah naha ka kebon. Kahayangna nyirekem bari teu lesot tina sarung di.

Kitu harita ogé Bah Tarma teu indit-inditan, cicing di imah bari teu lésot sarung tina awakna. Ari Ma Irah, pamajikanana jongjon di dapur keur kukuluban. Jol aya sémah pupuntenan. Lalaki anu geus aya umuran. Geus cetuk huis tapi dangdanana kéwes pantes, bérégégéh. Dangdanan urang kota. Disapatu disetélan.

Barang kadéngé aya sora nu pupuntenan gentak Bah Tarma muru lawang panto. Karék sabréhan ogé ningali dedegan nu pupuntenan téa manéhna ngagebeg. Asa kakara anyar pinanggih. Dina jero pikirna tumanya, saha, nya? Rék ka saha, nya? Nepi kasawatara jongjongan can némbalan can ngamanggakeun.

"Punten," cék sémah sakali deui.

"Mangga," cék Bah Tarma bari mukakeun panto, ngajega heula dina lawangna, terus

nanya. "Badé ka saha nya?" Bah Tarma terus neuteup dedegan nu tadi pupuntenan téa.

“Pangapunten waé, Abah," nu rék nyémah ujug-ujug ngaabahkeun, "Abdi téh teu acan
kantenan badé natamu ka saha-sahana, mung upami ditampi mah nya gaduh maksad ngahaja nepangan wé ka pengersa Abah”

“Euh, mangga atuh ka lebet!” Abah Tarma karék ngamanggakeun bari ngaku ka nu rék nyémah.

Nu rék nyémah téa nguculkeun sapatuna ditunda dina sisi téras. Terus ka jero, gék dina
korsi disanghareupan ku Bah Tarma. Cedok sasalaman rengkuh pisan dibarengan ku sorana anu andalemi,

"Nepangkeun" cenah.

“Nuhun,” témbal Bah Tarma kalawan rakep pisan narima panyalam ti nu rék nyémah.

Sanggeus pajulaeu-julaeu sakeudeung, pok Bah Tarma tumanya, "Saha téa salira téh, ti mana kawit da asa nembéan tepang deuih?"

"Hatur sewu nuhun laksa kabingahan enggal ditaros saparantos ditampi sareng

dicalikkeun ku pangersa Abah,” walon sémah ancad-laér nakar jeung lalentongna ngagalindeng lir lentong urang Cianjur baréto anu kasohor, "Namung sateuacanna ngawaler patarosan pengersa, nu kaémut téh baris panjang papayanana    " Cék sémah diselang ku ngarenghap heula. “Ku kituna unjuk hapunten panginten pangerasa rada kaganggu heula tina kaaktipan sadidinten. Boa ayeuna ogé kawagel badé angkat-angkatan?"

"Henteu, henteu ngaraos kawagel, mangga waé aya kaperyogian mah!" témbal Bah Tarma, léah pisan.

"Nuhun atuh sakali deui nuhun pisan kana kasaéan manah pangersa Abah," ceuk sémah

deui, "Taaah, sateuacan bras dugi kana ngadadarkeun pamaksadan anu poko, abdi seja nepangkeun heula,” cék sémah téh, “Dupi kawit mah ti kota, mung kota ogé ti sisina sanes ti puseurna anu rame,"

"Sumuhun, sumuhun" Bah Tarma ngaenyakeun bari unggut-unggutan tuluy musatkeun pikiranana rék ngabandungan caritaan Ki Sémah.

"Nami mah," cék sémah saterusna, “Ah, teu kedah ditikukurkeun, dupi pamaksadan nya kitu panjang papayanana sukumaha anu parantos kasanggemkeun tadi ti payun. Nya, satarabasna selengkepna mah kieu panginten" Sémah rada ngarandeg heula nyaritana

siga anu rada mikir-mikir picaritaeun saterusna.

"Kawitna mah, etang-etang tambi kesel nguyek waé di rorompok, tadi subuh téh tos gejlig ti rorompok,” cék sémah saterusna, "Moal puguh nu dijugjug rék ngaléngkah sakarepna, étang-étang gerak jalan ngalempengkeun urat dina dinten Minggu. Mung tadi barang dugi ka terminal angkot kalah muruhpuy teras hujan alit. Clak wéh kana angkot ngiring pasedek-sedek sareng anu tas mulih baralanja. Keun ka mana wae nepina rék sakaparan-paran. Di palebah mana waé raatna, didinya badé turun tina angkot. Manawi tiasa badarat saléngkah-léngkaheun mapay jalan. Kaleresan di lebet angkot téh seueur ibu-ibu galécok, wiréh badé aya pemilihan kapala désa di Pasirluhur. Tilu mingguan deui, Pasirluhur téh bawahan panglirénan setanplat angkot ieu. Dikupingkeun wéh nu galécok téh. Nya abdi lungsur di panyéépan tempat liréna angkot rada palih tonggoh. Badé neraskeun badarat kawagel kénéh ku hujan alit, ngobrol wéh sareng ibu-ibu nu kagungan warung di parapatan. Mani gerecék naker nyariosna téh geuning ibu warung téh. Tambi léngkah kapiceun nya badé kitu, kitu wéh, gaduh émutan téh. Lajeng tumaros manawi aya sepuh-sepuh nu disebat sesepuh lembur di dieu, di palih mana linggihna?"

"Aya, itu di palih ditu!” saur ibu warung ngawartosan. Sakantenan nyebatkeun

jenengan pangersa deuih. Teu lami saparantos mésér sesepeun sareng korék apina mah gajleng waé kadieu dikeresakeun tiasa papayun-payun sareng pengersa. Tah, bilih palay ngaraosan sesepeunana, mangga cobian, raos pisan, yeuh, étang-étang landong tiris sareng panyelang kesel nu norostos nyarios…” sémah nyelang heula nyoéhkeun bungkus roko  luhurna, song diasongkeun sasiki sina nolol saeutik sangkan dipipit ku Bah Tarma.

"Aduh, nuhun atuh,” Bah Tarma atoh, malaur ti tatadi teu kebal-kebul. Bari nyot mimiti ngeyot ududna sakenyot, dua kenyot babarengan jeung sémah. Pok Bah Tarma nyarita siga anu sanduk-sanduk, “Asa teu umum ieu téh kedahna mah Abah, nu gaduh bumi anu kedah nyayogikeun sesepeun téh ka tatamu, Arii ieu bet kalah sawangsulna kalah tatamu anu karérépot...,"

"Ih, teu sawios-wios, kenging ngahaja moal enya sesepeun sina ngahénén waé di jero pésak,” cék sémah, kelepus-kelepus, deui ngebulkeun haseup rokona sababaraha kali. Pikiranana siga uleng ngadagoan ilham picaritaeun saterusna.

"Taaah, nu mawi dongkap ka dieu ka payuneun pangersa mah sakantenan tina leuleumpangan sakaparan-paran.  Ngadon ngihan heula ngantosan raat hujan, manawi da ari ti sepuh mah sok seueur pulunganeunana. Jorojoy aya kahoyong, hoyong turas-taros ka pangersa. Sageuy teu seueur kauninga," sémah mimiti ngedalkeun pamaksudanana, rada panjang deuih ngamimitiananna téh.

Gebeg, Bah Tarma ngagebeg pédah tara-tara ti sasari aya sémah nu anyang-unyung anyar pinanggih rék ngadon tatanya. Ujug-ujug nyel aya rasa ambek, ngahéab di jero dadana bari dibarengan ku gerentes haténa, "Na maké rék tunya-tanya ka aing, da aing mah lain pananyaan, lain dukun?" kitu cék gerentesna haté Bah Tarma. Tapi da bubuhan kolot, kawewegan ku paribasa kudu soméah hadé ka sémah, reuwas-reuwas jeung nyel aya kaambek kahéran ogé, pok waé ngajawab leuleuy naker, "Badé aya taroskeuneun naon sapertos ka nu tiasa waé. Apan turas-taros mah sakedahna ogé ka ahlina. Ari Abah terang kana naon, rumaos jalmi balilu. Leres téa mah kolot namung saseret kolot kulit atanapi kolot dina beuheung munding. Atuh leres deuih parantos cetuk huis, namung cetuk huis ari diri kurang bibis. Belet biko buta hurup…" Abah Tarma ngarendahkeun manéh.    

"Percanten, percanten,” cék sémah bari unggut-unggutan,namung da ieu kahoyong

merenyeng waé henteu tiasa dihalangan hoyong enggal kedal."

"Naha badé turas-taros perkawis naon atuh, asa rareuwas teuing abah téh?" Bah Tarma jiga anu nyedekkeun, hayang buru-buru nyaho kana pamaksudan sémah."

"Kieu, pangersa," sémah mimiti deui ngedalkeun pamaksudanana, nyaritana rada

dialon-alon da bisi gancang pincang, inggis ngagiwar tina sasaranana mun mentangkeun jamparing tina gondéwa mah bisi teu nanceb kana pepentol nu ditujuna. “Tumali sareng mireng wartos wiréh di ieu wewengkon téh sakedap deui badé ngayakeun pamilihan kapala désa, abdi hoyong gaduh gambaran. Upami dipapandekeun sareng gaduh hiji balong mah, anu tangtos dieusian ku rupi-rupi lauk, cobi numutkeun pamadegan pangersa Abah dupi lauk anu sapertos nila, tawes kantenan upami seug kaleresan aya model gurame mah, naha éta sok katinggal ngangkang atanapi tinggarujibegna tah dina balong tengah-tengahna. Naha dina sisina nu palih kénca atanapi seseringna di palih katuhu atanapi di nu palih manana deui?” Sémah nanyana kitu téh bari terus neuteup beungeut Bah Tarma, bisi ngalieus, keureuceum, kiceup kiceup panon, peureudeuyna jeung ulat beungeutna béda jeung kereteg haténa nu sabenerna.

Sanajan poékeun, teu ngarti teu bisa neguh naon sabenerna pangna ki sémah tumanya nu kitu pandéna, tapi sanggeus rada ngahuleng ngabayang-bayang atawa ngawangwang pijawabeun kanu nanya téh, pok waé ngawalon “Nya ari numutkeun impelengan abah mah, nu kituna seueur di tengah-tengahna. Kumargi jero-jerona balong nya didinya atuh pangledok-ledokna ogé di dinya deuih," Bah Tarma sageplakna pisan ngawalonna.

"Sumuhun, sumuhun,” cék sémah deuih bari teu weléh unggut-unggutan ngaenyakeun

jeung nganuhukeun. Pok deui nyambung nanyana, "Dupi bangsaning sepat, mujaér sok katinggal ngabaris anteng ngoyag-ngoyagkeun cecepet sareng ngageboy-geboykeun buntutna? Naha sering aya di tengah-tengahna, di sisi béh girangna atanapi di lebah manana?"

"Numutkeun anu sok kantos katingal ku abah mah rupina rada béh girangna da di dinya seueur santokeun sagolontorna tina cai pancuran sareng sugrining naon waé papalidan tinu sok nguyek di tampian. Apan ku nu sapertos kitu disaranggapna."Bah Tarma ngalelebah jawabanana duka meneran duka moal.

“Sumuhun,” cék Sémah unggut-unggutan deui, Taaah, kantun bagian golongan tampélé,

impun, sareng berenyitna éta mah tos ka bayang ku abdi, tangtos ngaronyokna téh di panghilirna."

"Sanés ngaluluhuran ngalalangkungan ka pangersa abah, ieu mah nu katangkep ku émutan abdi tina galécokna ibu-ibu nu kaleresan tadi saangkot, calon téh aya tilu jalmi. Anu panglinggihanana aya nu di palih tonggoh atanapi di girangna téa upami balong téa mah, aya nu di tengah aya ogé nu di lembur pangtungtung kidulna atanapi panghilirna panginten. Tiasa diibaratkeun si A, si B na sok pada ngaronyok-ronyokna kunu mana… Keun, ah, teu kedah anteb teuing pangersa abah ngémutanana da éta mah bagian abdi....” cék sémah ongkoh nanyakeun ongkoh nyarék mikiran, ka Bah Tarma anu enya-enya sabenarna mah teu ngarti saeluk-eluk acan nu dipimaksud kunu dicaritakeun ku Ki Sémah téh.

Tapi sanggeus ngalanyepan naon anu dicaritakeun ku Ki Sémah téh, kelemeng waé dina sejeroeun tarang Bah Tarma aya nu ngelemeng ngalangkang méré ingetan, “Euh        , meureun maksudna mah sarua jeung dimana aya nu amis-amis, didinya sireum sok ngaronyokna,"cék gerentes haté Bah Tarma. Leng ngahuleng deui.

Pok téh deui cék Ki Sémah. "Dupi gaduh ijasahna nu pangluhurna naha nu linggih di lembur tengah, nu di kidul, atanapi nu di pangtonggohna?".

"Sakaterang mah, lah,”cék Bah Tarma rada ngalelebah, anu di palih kidul da kalebet sepuh ka pungkur bujeng-bujeng ka rubak ijasah, boa SD ogé teu kantos tamat ma'lum borojolan jaman ngungsi jaman révolusi seueur gangguan teu acan majeng kana jaman seueur sakola sapertos kiwari. Anu dumukna di lembur tengah mah, wartosna, kitu ogé mung dédéngé tara, saurna kantos sakola SMP. Mung nu di palih tonggoh, éta mah terang dikieuna da nembéan dua tilu taun kapengker, tamat ti SMA. Kenging disebatkeun haneut kénéh gaduh élmuna ti sakola anu rada luhur téh, kanggo diamalkeun deui diranjing-ranjing sareng kaperyogian sanésna di masyarakat…"

"Oh, kitu,” Ki Sémah ngarti ka nu dijelaskeun ku Bah Tarma, terus nyambung nanyakeun deui, “Dupi nu kalebet kana anggota Karang Taruna, Nonoman, Putra-putri, Remaja Masjid, nu sok resep gumbrang-gembrung kana kasenian modél bend jaman kiwari, sareng nu sok raresep olah raga, cobi di palih mana nu sok paling seueur ubral-abrulna, ubrang-abringna?"

“Ah, perkawis éta mah rupina rada sami, satimbang," walon Bah Tarma kalawan gancang pisan kawas nu geus enya apal, “margi di ditu, di dieu kaleresan masjid jamina jugleg, jama'ahna kaétang rempeg. Upami di palih ditu aya lapang ménbal, lapang poli mah di palih dieu atuh grup kasenian oge sanaos teu sami jenisna, aya di tilu tempatanana ogé tiasa dianggo sakalieun diperyogikeun aalitan waé mah..."

"Sumuhun…” cék Ki Sémah, kop deui kana roko sabatang, cékes kana kayu api, sut disundutkeun kana tungtung rokona, nyot dikenyot, serebung haseupna nyerebung kaluar tina bahamna, pok tumanya deui “Dupi éta perkawis seueur réréhan atanapi bondoroyotna diantawis tilu calon téh nu mana nu pangseueurna?".

"Nya tangtos nu linggih di tengah, margi pituin urang dieu. Kagungan bésan, mantu, putra-putu baranahan didieu teu aya nu ngalumbara tebih-tebih. Anu linggih di lembur kidul enya ogé asli urang dieu namung da teu baranahan sapertos anu kapihatur nembé," Bah Tarma ngarenghap heula, pok deui neruskeun, “Upami nu sajalmi deui sajabi anom kénéh téh da nembéan deuih janten warga urang dieuna ngalih ti kota dicandak ku sepuhna ngagaleuh bumi di dieu."

"Sumuhun," cék Ki Sémah terus neregteg deui pananyana téh, “Dupi leresan seueurna suhunan kampung di paling mana nu pang rempegna?"

"Euh, tangtosna ogé lembur tengah margi kasebat lembur ageung sareng lembur pangkasohorna kasebat ka mana-mana. Teras ka nu paling kidul, upami kampung nu pangkalérna atanapi pang tonggohna sok disebat kampung babakan margi énggal kénéh dilalinggihanana ogé. Da kapungkur mah éstuning pakebonan wungkul,” cék Bah Tarma jéntré naker.

"Oh, janten kitu, nya. Nuhun pisan atuh kana sagalarupining penjelasan ti pangersa, katampi pisan," cék Ki Sémah semu bungah, nyot deui ngenyot ududna anu sawatara jongjongan heunteu ka kenyot da panjang teuing nyarita. Eureun deui ngenyot ududna téh baning ku marengan eureuna heula nyarita siga nu geus béak tanyakeuneunana.

Bah Tarma jeung sémahna rada lila pajulaeu-julaeu. Teu arudud teu cacarita da ududna
geus béak dua batang séwang, ari picaritaeun siga anu keur diarimpleng kénéh. Torojol Ma Irah ti lawang dapur, nanggeuy cikopi ngebul dua gelas dibakian. Jol deui lalawuhna kulub hui
mani balucitreuk, panas kénéh sanyatna tina kastrol pangulubanana."      

Sanggeus sasalaman ngenalkeun ka sémah bari pokna sasadu cenah, “Hapunten waé aya tatamu salami-lami teu enggal ditegangan margi kapameng di pawon."

"Sawios" walon sémah.

“Mangga atuh nyanggakeun, naon nya da di kampung mah teu aya leueutan nu saé sapertos di kota, hatur lumayan waé geura mung aya nu sapertos kitu” cék Ma Irah bari ngaléos ka dapur deui.  

"Mangga, nuhun. Bet ngadon ngarépotkeun ieuh sagala disayogikeun,” cék Ki Sémah.

"Henteu, henteu ngarepotkeun," cék Bah Tarma bari ngahempékeun, nyodorkeun cikopi ajangna sémah rada digésérkeun ka hareupeunana."

"Nuhun, enggal ditampi wae ieuh, mani teu kiat ku ngangseu seungitna sareng ngebulna

cikopi, hoyong enggal ngaraosan," cék Ki Sémah bari regot ngaregot cikopina sauyup dua

uyup,”

“Éhm…            " cenah ngarasakeun ni'matna, seungitna, segerna cikopi diregot dina mangsa

hawa tiis cara harita

"Kopi saé panginten nya, kopi asli, raos, sapertos kopi luwak anu nuju digederkeun ku pamaréntah. Awis pangaosna matak saé kana salirana saur dina iklan mah. Dina tivi. Ari di rorompok mah, kitu wae, ukur nyeduh kopi ti warung sareng sanes kopi luwak, anu sok dilawakkeun ku Sule geuning,” cék Ki Sémah bari regot deui kana cikopi, meunang sababaraha uyup.

Celemut kana kulub hui, susuguh téa sanggeus sababaraha kali dimanggakeun ku

Bah Tarma, mani cacamuilan, malum boléd ti Menes anu sohor enay konéngna sohor pulenna jaba amis lir rasa peueut téh matak deudeuieun nu ngasaan.

Réngsé ngopi, réngsé ngobrol nu poko diumbah-emboh ku perkara séjénna katurug-turug di   luar hujan henteu miripis deui. Atuh cahaya jadi rada cangra. Sed-sed rada panas kabeurangnakeun ampir déét kana tengah poé. Ki Sémah amitan, rék mulang. Rék buru-buru megat angkot cenah bisi béakeun ku nu lasteu matak kapeutingan di lembur batur.

Ki Sémah geus ngabéngbéos ninggalkeun buruan, di serangkeun ku Bah Tarma ti tungtung téras bari ngajanteng.

Gék deui Bah Tarma diuk dina korsi parantina bari ngalangeu ngawangwang sémah anu karék ngaléos téa.

Torojol Ma Irah nyampeurkeun terus nyarita siga nu haharéwosan, éra bisi aya nu séjén ngadéngékeun. Tapi haréwos Ma Irah téh ukur haréwos bojong, pokna, “Ari Abah, kawas nu kurang wiwaha. Ka sémah nu anyang-unyung teu wawuh ti tadina bet gampil nampi gancang ngahiap. Kumaha lamun lain sémah sasémah-sémahna, matak aya balukarna ka urangna?" Ma Irah rada kuraweud, némbongkeun semu kurang panuju.

"Wah, naha bet pipilueun mikir jeung siga nu suudon. Da kami mah teu boga niat anu ngajurus ka nu kurang pihadéeun. Urang ngado'akeun waé, mun sémah pamaksudannana hadé, sing mawa hadé deui waé ka urangna..." walon Bah Tarma leuleuy naker.

Ma Irah bep waé balem teu katutuluyan boga rasa ngaluluhuran ka salakina. Gentak waé mérénan urut ngopi Ki Sémah, dibawa ka dapur rék digégérohan.

Sapoé, dua poé nepi kana tilu minggu ti harita, sabada di Pasirluhur aya nu sarurak ayeuh-ayeuhan, kuwalarga, tim suksés, bondoroyot jeung sugrining balad-balad séjénna anu ngadukung kanu gedé milik, unggul bisa kapilih jadi kapala désa. nu sabubuhan deui ulatna aralum maresum sabab dukunganana teu hasil anu dimaksud, malah dina pakalangan kénéh ampir aya nu ngudupruk pada moro pada nyangkéh. Digarotong ka imahna, ampir kawiwirangan kalenger di tempat umum. Atuh sawaréh deui mah ti gumplukan anu siga enya tenang sadrah kana nasib da diniatan yén "kalah dan menang" kudu narima, ari dina seuhseuhanana mah teu burung waé, asa aya nu matak seuseuitan kana haté mah.

Rada ngahéab batur ngariung curak-curak sukuran jeung suka bungah ari ieu ukur ngariung sakulawarga bari cruk-crek ngupahan manéh.

Bah Tarma geus saged nyorén bedog rék indit ka kebon anu sababaraha poé henteu ka longok, durutdut aya sora motor eureun di buruanana ditumpakan ku duaan jeung nu ngaboncéng.

Sabot Bah Tarma ngajega di tungtung teras jrut anu ngaboncéng tina motor turun, tuluy nyarita bari norostos siga anu rurusuhan, pokna, “Kumaha Abah damang, punten abdi teu kelebet heula margi itu diantosan ku réréncangan di jalan, badé aya kaperyogian deui ka nu sanés. Leu mah haturan Abah, lumayan waé mugi ditampi," cék nu tina motor bari aya nu diasongkeun. Keclak deui ngaboncéng kana motorna teu bisa diandeg, ngadurutdut terus ngadius teuing rék terus kamana.

Bah Tarma bus ka jero imah. Bedog anu disorénna acan dilésotkeun tina cangkéngna, terus neuteup anu dialungkeun kana luhur méja. Torojol Ma Irah norojol ti dapur bari hariweusweus nanya “Aya naon Abah, kapirengna téh aya sémah deui, ngadurutdut turun tina motor?".

"Enya, ngan hélok ari kamari ieu mah dangdananana ogé mani bérégégéh disapatu disetelan, ari bieu mah buuk tuhur, baju karusut, jeung disendal capit deuih...” walon Bah Tarma. "Naha rék naon deui cenah sémah téh?" ceuk Ma Irah deui.

"Nyaéta kurang kamaphum da rurusahan pisan ngeclak deui ngaboncéng kana motorna,

duka motor dulurna, duka motor ojég, ngan éta geuning aya anu diasongkeun, acan wani dikeupeul…" cék Bah Tarma bari ngarérét ku isarat panonna nuduhkeun kanu ditunda dina luhur meja.

"Alah, geuning amplop, Abah!!! Rejeki keur urang meureun,” Ma Irah bungah.

"Ih, ké heula anan, ulah waka haripeut ku teuteureuyeun. Boa éta téh ti nu sok pirajeunan tumpangan ngadu jago. Ke, kami hayang talété heula ka Ustad di tonggoh. Kumaha gékgékanana ari eusi amplop nu kitu…” Abah Tarma jeung Ma Irah ngajaranteng bari neuteup amplop panjang ngajepat kénéh dina luhur méja acan wani dicubak-cabak. * * *

Wangunharja, 2013

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: