• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Sasakala Lauk Baheula

Kénging Ihung
Kintun kana Facebook

Héh, maranéh apal teu sasakala bangsa lauk? Naha lauk hirup di cai? Di balong, di laut, di walungan?! Aya caritana éta téh! Déngékeun!

Baheula. Baheula pisan ieu mah. Keur méméh jaman Walanda. Taun 1300 Maséhi. Lauk téh jalma, deuleu. Siga urang. Persis wé kieu. Aya sukuan. Aya leungeunan. Barotak, galondrong, aya nu rebing, aya nu jebléh. Aya nu sakola, aya nu gawé di Jakarta, aya nu masantrén, aya nu jadi kuwu aya nu jadi lurah.

Daharna, sarua. Dahar kéjo. Nu beunghar dahar susu, dahar roti dahar kéju. Beuki limun, sprit, coca-cola jeung panta. Pamudana sarua beuki nganjang, arulin ka awéwé, lalajo tunclang, jaipongan. Sarua resepeun Persib, MU, jeung Madrid. Ah pokona kumaha urang wé ayeuna. Sipat-sipatna, kalakuanna.

Éh hanteu kétah kalakuanna mah. Tah éta bédana manusa urang jeung manusa lauk! Ari urang mah gening sok aya nu sablengna. Sok aya nu ceceremed. Aya nu sok ngomongkeun batur. Sok ceurik pédah si Kemod mah dipangmeulikeun sapéda ku bapana, ari si Cucup hanteu. Tah ari bangsa lauk mah basa keur jadi manusa, hanteu  kitu. Maranéhna mah balageur. Saroléh. Mun budak, rajin diajar. Narurut ka Kolot. Daék dititah. Daék solat. Daék ngaraji.

Keur jaman lauk mah tara aya bangsat hayam. Tara aya nu sok daék puak-paok. Tara aya béja balik ti masjid, sandal leungit. Tara aya nu garelut. Taya nu paséa. Pokona tingtrim hirup téh. Resep. Alakur-sauyunan. Aya tatangga lapar, buru dibéré. Aya babaturan gering, dilalongok. Tara silih poyokan. Tara hareureuy. Teu siga ilaing, Kar. Sia mah jeung si Ii téh hareureuy wé. Saruana tah jeung si Pepe.

Mun keur diajar, merhatikeun lauk mah. Tara hareureuy. Tara malolor. Matak palinter lauk baheula mah. Tah mimiti aya imah, aya listrik, aya tipi, meunang lauk éta téh mimitina mah. Maranéhna nu nyarieun. Urang mah ukur nuluykeun. Niru. Nurutan. Karna urang diajarna teu baralég, matak urang mah nyieun imah aya nu urug. Listrik sok aya aliran. Baheula mah listrik tara aliran. Caang wé satuluyna. Da lauk mah palinteran nyieun tihang téh, nyieun kabel téh. Nyieun tihang teu sagawayah. Teu asal cleb. Jadi mun aya hujan atawa longsor gé tara kabawa urug.

Yeuh déngékeun ku maranéh! Mun harita lembur urang dieusina ku bangsa lauk mah, moal deuleu Walanda gé ngajajah urang. Sarieuneun Walanda gé ku bangsa lauk mah. Wani-wani sotéh pédah apaleun nu bogana urang. Apaleun urang-urang barodo. Bisa diadu-domba, diadu-adukeun.

Sok wé atuh tempo ku maranéh di balong, aya kitu lauk garelut gara-gara béda sakola. Lauk ti balong si Yoyon nyarerang ka balong si Utis. Euweuh! Teu siga na tipi, gening. Aya budak ngalawan kolot, malah wani maéhan. Lembur jeung lembur, perang. Tentara jeung pulisi. Jeung naon deui? Loba lah.

Tah kitu wé nya cindekna mah. Yén lauk téh baheula mah manusa. Tuluy naha atuh bet jadi lauk. Nyarilem ka cai. Milih caricing di balong?

Mimiti teu balégna basa jebul wé manusa. Mimiti datang manéh tah, Somad. Maranéh cenah sok ninggangan kadu Bi Enab! Ulah siah, sik ninggang hulu! Pas geus aya jalma jadi riweuh. Jadi rieut. Sakola kudu waé mawa duit. Rék pramuka ménta duit. Rék ngaji ménta duit. Da éta hayang jajan. Mareuli gambar. Mareuli kaléci. Hayang lalayangan, hayang gelasan. Lauk mah tara puntu-pénta duit ka kolotna, deuleu. Balageur. Malah mun boga duit gé sok hideng ditabung-tabungkeun! Ieu mah kumaha? Mun teu dibéré duit téh teu indit. Mugen, kalah laléwéh. Saha tah nu kitu?

Tah pas aya jalma mah hirup lauk téh jadi rariweuh. Kudu nyieun KTP. Apal KTP? Jadi aran maranéh téh dicatet ku nagara. Kudu jelas hiji-hijina. Lahir di mana, poé naon, tanggal sabaraha. Cicing dimana? Tah ari lauk pan riweuheun nyieun nu kitu. Sedeng lauk pan teu baroga aran, jeung tara nyarieun aran. Lauk mah cukup wé ku bangsana. Aya bangsa lélé pan. Aya bangsa kancra, beunteur, nilem, sepat jeung sajabana. Ari prak ku manusa dititah nyieun aran, nya lieureun. Komo ditambahan akteu sagala. Kabayang lauk lamun ngajuru?! Mangkaning lain hiji-dua lauk mah. Anakna ngaratus-ngarébu. Lieureun meureun ngadaptarkeunna.

Can deui garanéngeun ku mobil ku motor. Rungsingeun lauk téh. Tuman tiis ceuli hérang mata, ayeuna tinggududud tinggarerung. Jaba kebul. Jaba hareudang, arareungap. Jaman lauk mah kamana-mana ukur, set-set-set. Garancang. Nyaho-nyaho narepi wé. Tara aya istilah kapegat macét. Talabrakan. Pateunggar-teunggar. Tara aya korban cilaka jaman lauk mah.

Tah beuki riweuh wé geus aya bangsa jalma mah. Hirup bangsa lauk téh kaganggu. Keur ngaji kaganggu waé ku tipi, da aya pilm, aya hiburan. Saré kaganggu ku lanceuk manéh nu sok gumbrang-gembrung tatabeuhan. Sok aya nu suluntad-solontod, marabok. Duitna leungit ku copét. Dirampog bégal. Dipergasa. Tah nu sok kituna téh, manusa. Bangsa jalma.

Kungsi harita gé lauk téh demo. Ngalabring ka Jakarta. Ngomong ka Pamaréntah. Ménta sangkan manusa tong ngaganggu kahirupan. Sangkan manusa tong harirup di dunya. Ngan teu bisa. Da manusana palinter. Jakartana disarogok. Disuap. Jadi wé Pamaréntah gé cicing. Gagal wé singketna mah demo lauk téh. Baralik deui.

Ngan kungsi ogé harita. Lauk-lauk sempet rék ambek. Geus wé cenah cuang perangan bangsa manusa téh. Ari ngararuksak waé mah. Ari teu baralég mah. Tah matak gening lélé mah baroga pamatil, éta téh tadina disiapkeun keur perang lawan manusa. Lamun terjadi kudu gelut jeung manusa. Pamatil téh bedog tadina mah. Diarasah ku lélé. Disareukeutan. Terus guramé mah nyareukeutan cucukna gening. Ni sok ngarandakah ayeuna gé. Rarungseb, garedé kacida. Senjatana éta téh.

Ngan pédah teu jadi perangna. Naha? Karna laukna sieuneun ku manusa. Lain! Sabab nu tadi téa, lauk mah sipatna balalageur. Laér aisan kandung…naonlah istilahna téh. Intina mah lauk mah embungan wé peperangan téh, manjangkeun kagoréngan téh. Lauk mah salabar. Leuwih hade ngéléhan.

Tah kitu. Ahirna lauk milih mending misahkeun diri jeung manusa. Arembung bareng di darat. Embung hirup babarengan jeung manéh téh, latip. Da manéh mah hulu waé bau léob hayam. Tara mandi. Ari lauk mah beresih. Sapopoéna di cai, rajin mandi.

Misahkeun diri wé lauk téh. Nya hirupna di cai. Aya nu arindit ka laut, ka walungan, ka balong, ka mana-mana, nyebar. Tadina mah éta gé rék milih ngungsi ka gunung. Ngan kapikiran, suatu saat pasti jalma ka garunung ogé. Nyarieun imah di gunung. Nyarieun hotel. Nyarieun warung. Jadi wé teu jadi ka gunung mah.

Ngan aya deui. Méméh para lauk nyarilem ka cai, lauk pernah nyupata heula. Pokna: mun aya jalma ngadahar aing, hég kalakuanna goréng patut kénéh, mangka manéhna bakal kacugak ku cucuk aing, kitu cék lauk téh. Lauk ngomong kitu téh karna saking keuheul ka manusa. Ka jalma nu jahat kabina-bina. Komo lauk bilis mah, ngomongna gé: sing nepi ka gateul cenah genggeronganna, sing nepi kateungeunah nginum teu ngeunah dahar. Sik melag cenah.

Matak tah kahadé maranéh. Mun hirup masih balangor waé, teu jadi barudak saroléh, ulah wani-wani ngadahar lauk. Komo ngadahar kancra jeung guramé mah. Mangkaning garedé siah cucukna. Nararancleb tah na beuheung!

Aki Elin terus ngadongéng. Sorana ngangkleung ka nagri dongéng. Nu didongéng-dongéng, geus ceuleuyeu, geus lelengutan.

*****

Isukna.

“Ki, gening piranha uing ngadahar benteur? Naha lauk jeung lauk paraséa. Ceuk Aki, tara?!”

“Piranha téh naon, Mumung?”

“Lauk, Ki! Pamawa bapa ti Bandung!”

Aki Elin ngahuleng. Teu lila, da tuluy manyun ka si Mumung. “Piranha mah lain lauk atuh. Éta mah jalma tapi mangrupakeun lauk! Cik mana? Aki nempo!”***

Cianda, 2013

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: