• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Ngubaran Bangsa Reformasi Jilid Dua

Kénging Rumpaka
Kintun kana Facebook
Mangle
Ir. H. Juniarso Ridwan; butuh reformasi jilid kadua [Potrét/Ilustasi: ]

Karaharjaan rahayat di mana boa. Nu écés  beuki loba nu sangsara.  Kitu téh, balukar  pamingpin teu ngalaksanakeun pancen gawé nu samistina. Naon atuh ubarna? Nahan enya kudu ngaliwatan reformasi deui?

Rahayat rumahuh,  beurat ku bangbaluh. Cilakana, lian ti kitu téh,  loba nu leungiteun harepan. Antukna mah, api-lain,  kawas pasrah sumerah kana naon waé nu baris karandapanana. “Kaayaan kahirupan kiwari kacida parnana, rahayat lain waé beuki ripuh, tapi deuih loba nu pegat  pangharepan,” ceuk Dr. Ir. Juniarso Ridwan, SH., MH., M.Si., dosen Pasca Sarjana Universitas Islam Bandung (Unisba).

Upama kaayaan masarakat kawas kitu, naon sababna? Najan jawabanana teu basajan, Juniarso mah, percaya, salah sahiji cukang lantaranana téh, balukar pamingpin nu teu amanah. “Pamingpin ngan ukur mentingkeun dirinana wungkul,” pokna sawatara waktu ka tukang, waktu ngobrol di kantorna di Bandung.

Tumali jeung  kahirupan masarakat, ketak pamingpin téh kacida pentingna. Lantaran, ti dinya huluwotan sagala rupa nu baris tumiba ka masarakat. Hadé goréngna pamingpin, balukarna mah bakal karandapan ku nu dipingpinna.

Kapamingpinan di urang, ceuk ieu Dosen Fakultas Hukum Unisaba téh, loba nu ukur keur nyumponan ‘hawa napsu’ kakawasaanana. Atuh, balukarna gé, éta kakawasaan téh ngan baris mangpaat keur diri pribadina  katut pihakna wungkul.

Dina kaayaan kitu, kakawasaan téh kawas milikna sorangan. Ulah leupas ti dirina komo deui pindah ka pihak séjén. “Nu teu satuju ka pihakna kapaksa moal meunang nanaon, da hubungan eta pamingpin jeung rahayat gé kawas raja jeung badéga,” pokna.

Hubungan éta pamingpin jeung pihak séjén deui,  salila nguntungkeun keur dirina. Malah, upama aya pihak-pihak nu teu luyu jeung kahayang éta pamingpin, tangtuna gé bakal disieuhkeun. Kitu ceuk ieu urang Bandung nu jadi pupuhu Partey Amanat Nasional Kota Bandung téh.

 

Dosa Partey

Dina alam demokrasi, partey pulitik téh bagian nu utama. Moal aya demokrasi upama taya partey pulitik. Ngan, kalungguhan partey pulitik kawas kitu téh tacan gedé mangpaatna keur masarakat. “Partey nu kuduna keur kamaslahatan masarakat, tacan mampuh ngajalankeun pungsina,” ceuk ieu Ketua Dewan Pimpinan Daerah (DPD) Partey Amanat Nasional (PAN), Kota Bandung.

Rahayat nu samistina meunang atikan pulitik, teu narima hak-hakna. Kitu téh, ngalantarankeun rahayat gé teu engeuh kana pentingna pulitik! Ilu-biungna masarakat ukur semet waktuna pilihan umum atawa pilihan kepala daérah. Ketakna kitu prah di saban partey.

Ilu-biungna warga negara dina milih pamingpinna, tacan ngalantarankeun kapilihna pamimingpin anu pinilih. Kitu téh, lantaran masarakat ge api-lain. “Rayat kawas nu teu ngarasa kudu milu tanggung jawab dina nangtukeun pamingpinna,” pokna.

Pasipatan masarakat kitu, ogé dimangpatakeun ku partey pulitik. “Buktina, apan dina milih pamingpin gé asal ‘kalandep’ ku masarakat, saperti  ngasonkeun selebritis  piliheun masarakat,” pokna.

Tinimbangan ‘pragmatis’ kawas kitu, ogé kum  di saban partey. Antukna, naoan waé parteyna, ahirna mah boga pola anu sarua. Dina ngajaring sora masarakat, lain ku cara nembongkeun ajén calon, tapi leuwih kana sohor henteuna éta calon. “Padahal, nu dipikabutuh mah ajen calaon téa, lain ukur popiler,” pokna semu hanjakal.

Pasulan-pasualan pulitik kawas kitu, loba rambat-kamalena. Dina kaayan kitu mah, bakal teu silihpercaya. “Rahayat teu percaya ka pamingpinna, kitu deui sabalikna,” ceuk ieu budayawan téh.

Nu leuwih parna, nu karandapan masarakat téh, lain ukur kasangsaraan, tapi deuih leungitna harega diri. Ngarasa diri laip dibandingkeun jeung bangsa sejen. Padahal, harega diri téh kacida pentingna, da tumalina gé jeung martabat bangsa!

Saha nu ngurs kabutuh sapopoé? “ Urang mah geus dikawasa asing, nepi ka dengeun-deungeun téh  apaleun nagri urang nepi ka bubuk leutikna. Atuh balukarna ge teu aneh upama nagri urang téh leungiteun kamadirian,” ceuk ieu dosen nu oge pangacara téh.

Nilik kana kaayaan kitu, pikiran Juniarso Ridwan mah, nyoréang deui mangsa ka tukang. Harita, welasan taun ka tukang, bisana nepi ka ayana parobahan téh, ku cara reformasi. Ngan, hanjakal cenah, buah reformasi téh, tacan bisa kapetik ku masarakat. Malah, nilik kana kaayaan masarakat mah beuki dieu téh beuki parna. Lengkah reformasi nu leuwih mere hak-hak warga nagara, tacan bisa jadi cukang lantaran kararahrjaan. Malah, masarakat nu msitina ilubiung dina ‘proses’ pulitik saperti pilihan umum, tetela hare-hare!

Mun téa mah daek milih, ukur lantaran kapaksa jeung pangbibita. Hartina, lain murni hayang boga  pamingpin. Kitu téh, balukar talajak pamingpin nu teu nyumponan harepan rahayat.

Rahayat nu api-lain, bisa jadi saterusna mah pasrah sumerah. Mun tea mah, nganti harepan, ukur sugan jeung sugan. Matak, nu kacatur ge, nu ngawang-ngawang, saperti  miharep Ratu Adil atawa Satria Pininggit!

Dina kaayaan kitu,  butuh pisan ‘hadirna’  kaum intelektual di tengah-tengah masarakat. Tah, eta golongan, ceuk Juniarso, di antarana nu dipiharep mampuh ngungkulan pasualan téh. Kaum intelektual saperti golongan kampus, memang loba. “Ngan, di mana arinyana téh?” pokna semu nanya.

 

Néangan Ubar

Bangsa nu kawas kitu, lir nu nandangan  gering. Malah, ngalanglayung geringna téh. Lain ukur gering awak lantaran kasangsaraan, tapi deuih gering pikir.

Pilihan umum nu jadi harepan munculna pamingpin pinilih,  Juniarso Ridwan,  tacan kairong iraha kasorangna. Lantaran, masing-masing partey gé,  leuwih mentingkeun kakawasaan batan  kapentingan masarakat. Buktina, partey téh paboro-boro meunangkeun sora masarakat saloba-lobana. Ngan, tujuanana, kakara nepi ka sangkan  ‘boga kandaran’ sorangan keur ngarojong pamingpin ti parteyna. Nilik kana  paripolah kawas kitu,  ayana pamingpin anu amanah téh jauh tangeh. Kumaha atuh ubarna? “Kudu reformasi  deui, Reformasi Jilid Dua,” pokna daria naker. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: