• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Leungiteun Panyalindungan

Kénging Rumpaka
Kintun kana Facebook

“Utamana jalma kudu loba batur, keur silih tulungan, silih titipkeun nya diri, budi akal lantaran ti pada jalma.”  Kitu ceuk pupuh pucung mah. Ngan, da éta mah haleuang baheula, nu kiwari mah teuing ‘nyelap’ di mana.

Ilang rumpaka, leungit pangwawadi. Tapi, nu matak ngusap dada mah, ilangna pasipatan silihtulungan téa. Komo deui, mun leungiteun rasa kamanusaan, kawas nu karandapan ku parakuli nu nyarieun katél di Tanggerang téa.

Nu kuli seja nyiar kipayah, di nagri sorangan, horéng teu leupas tina mamala. Dulur sabangsa téh, teuing ku tega nonjok mamaras rasa kamanusaan. Téga ‘memperbudak’ dulur sabangsa!

Ka mana atuh pamaréntah? Bisa jadi enya teu katalingakeun ku nu di peuseur nagara, ku pajabat di propinsi, atawa di kabupaten. Tapi, leungeun-leungeun aparat mah, apan aya di saban tempat. Aya camat, aya lurah katut aparatna nu pangdeukeutna ka masarakat. Apan, pancen arinyana téh, lain ukur nguruskeun administrasi, tapi nu leuwih penting mah nitenan katut ngajaga jeung ngariksa hak-hak wargana.

Urang ‘ngamalum’ mun nu taya rasrasan téh bangsa deungeun  nu ngajajah. Tapi, urang leuwih hanjakal mun nu kitu kalakuan téh bangsa sorangan.

Kajadian di Tanggerang kawas kitu, kuduna mah, nu pamungkas! Ulah aya deui kajadian nu kawas kitu. Geusan nyinglar mamala saperti kitu, sawadina meunang hukuman anu satimpal jeung kasalahanana. Rahayat nganti panangtayungan nagara keur wargana! ***

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: