• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Gamelan Ngeungkeung di Rancamaya
Ceuk Sakaol ti Karaton Pakuan

Kénging HRS
Kintun kana Facebook

Minggu pengker dicarioskeun yén béja ngeunaan ngadangongna kapal perang Demak di Cirebon kaemper-emper ka karaton Pakuan. Harita Prabu Sri Baduga kakara pisan ngeusian karaton Sri Bima Madura Suradipari. Saméméhna mah Maharaja Pajajaran téh linggihna di karaton Surawisesa.` Tumenggung Jagabaya jeung 60 urang pasukan Pakuan anu dikintunkeun ku Sang Prabu ka Cirebon henteu nyarahoeun lamun pasukan Demak geus aya di Cirebon. Jagabaya sabalad-balad teu walakaya nyanghareupan gabungan pasukan Demak-Cirebon nya ahirna arasup Islam.

Sang Prabu kacida amarahna barang uninga yén balad Pakuan biluk ka musuh jeung geus arasup Islam. Geus kitu mah Sri Baduga énggal tatan-tatan ngiangkeun pasukan anu jumlahna jauh leuwih loba, tujuana pikeun ngagempur Cirebon. Ngan hadéna énggal kasepuhan karaton Purohita Ki Purwa Kalih ngémutan Sri Baduga sangkan ulah ngalajur napsu  ngumbar  amarah. Kapan Cirebon téh saurna, warisan ti Sri Mangana Cakrabuana kanggo Syarif Hidayatullah (Sunan Gunung Jati) putu Sang Prabu ku anjeun ti Rara Santang. Sri Mangana atawa Walangsungsang nampi warisan ti Ki Danusela, mertuana. Daérah sabudeureunana kasepuhan warisan di Ki Gedeng Tapa mertua Sang Prabu ku anjeun. Cakrabuana diistrenan ku Sri Baduga, Cakrabuana téh kapan putra Sang Prabu ti Subanglarang.  Deudeuh teuing lamun tepi ka kudu digempur ku rama. Sabada ngemut panjang, ahirna Sang Prabu ngabolaykeun paréntah ngajorag Cirebon, sasat numpur leburkeun putra putu ku anjeun, bakalna kasurak ku balaréa. Kitu kaayaan nu gelar dina awal pamaréntahan Sri Baduga Maharaja. Dima’lum sabab harita Pajajaran dipentes gawé gedé dina rarahga ngawangun nagara, kudu ngawewegan angkatan perang, pembinaan agama, ngawangun solokan keur pertahanan nagara, ngawangun jalan nagara anu tohaga, kuat di darat sanajan hengker di laut. Nurutkeun sumber Portugis harita Pajajaran di sakuliah nagarana bogaeun 100.000 prajurit. Raja ku anjeun kagungan pasukan gajah, kakuatan 40 gajah. Pasukan tempurna ku Portugis diaku cuklup kuat keur ukuran mangsa harita. Kakuatan pasukan tempurna di laut mah Pajajaran ngan boga 6 jung tina 150 ton jeung sababaraha  lankara keur kapentingan perdagangan antar pulo. Jaman harita perdagangan kuda Pariaman ngahontal 4000 kuda sataun. Kaayaan beuki genting sabada Demak beuki maheutkeun tali mimitran jeung Cirebon tambah kuat deui sabada ditalian ku perkawinan putra-putri Demak jeung Cirebon.

 Aya opat pasang anu dijodokeun sacara resmi teh.

1) Pangeran Hasanudin jeung Putri Ayu Kitana (Putnamasidi).

2)  Ratu Ayu jeung Pangeran Sabrang Lor.

3)  Pangeran Jayakelana jeung Ratu Pembayun.

4)  Pangeran Bratakenala jeung Ratu Ayu Wulan (Ratu Nyawa).

Persekutuan Demak-Cirebon ieu pisan anu ngahariwangkieun Sri Baduga téh. Sang Prabu dina taun 1512 ngutus putrana Surawisesa nepungan Panglima (Portugis)  Alfonso d”Allbulquerque di Malaka. Harita téh kakara pisan ngarebut palabuan Pasey. Sabalikna nyaksian talajak Pajajaran sarupa kitu téh, Demak ngarasa hariwang. Pangeran Cakrabuana jeung Susuhunan Jati tetep ngahormat Sri Baduga sabab Cakrabuana mah rama, ari Susuhunan Jati kapan éyang ka Maharaja Pajajatan téh. Karengkeng antara Pakuan jeung Cirebon henteu mekar jadi  pacengkadan anu kurang hadé tepika ngalumpuhkeun séktor-séktor pamaréntahan. Sri Baduga ngaraos teu panuju wungkul kana raketna mimitran Cirebon jeung Demak. Kana kamekaran agama Islam, Sang Prabu henteu ceuceub geuleuh, sabab salahsaurang prameswarina nyaéta Subanglarang ibuna Susuhunan Jati, Cakrabuana jeung Rara Santang kabéh gé Islam. Putra anu tilu putra ti Subanglarang ku Sang Prabu dibebaskeun pikeun ngiring ibuna ngagem agama Islam. Kulantaran Sang Prabu jeung para putra putuna henteu terus mumusuhan tepi ka kajadian perang  campuh, masing-masing pihak laluasa ngamekarkeun kamajuan nagarana masing-masing saluyu jeung kawijakan para pamingpinna. Nurutkeun Carita parahiyangan, Pajajaran jaman Sri Baduga ngahontal jaman karaharjaan Kitu deui Tome Pires ngagambarkeun, Pajajaran jaman Sri Baduga jaman pamaréntahan Raja anu adil wijaksana, para pingpinan pamarentahna disebut jujur, jaman harita hubungan dagang Sunda tepika Malaka jeung Maladewa. Hasil bumi saperti pedes tepika 1000 babar, sababar téh tilu tanggungan, éta téh unggal taun, asem ogé sakali ngiangkeun 1000 kapal. Kitab Waruga Jagat ti Sumedang jeung Pancakaki masalah karuhun kabéh ti Ciamis, nu ditulis dina abad ka 18 ku Basa Jawa jeung aksara Arab pegon, masih nyéwur nyebutna kana jaman Sri Baduga téh Gemuh Pakuan (kamamuran Pakuan). Teu matak héran lamun ngan Sri Baduga anu diagungkeun ku para ahli warisna   dina jaman Pajajaran. Sri Baduga Maharaja anu dina prasasti tambaga Kebantenan disebur Susuhunan di Pakuan Pajajaran maréntah sapanjang 39 taun (1482-1521). Sacara anumerta disebut  Sang Lumahing Sang Mokteng Rancamaya sabab anjeuna dipusarakeun di Rancamaya, kusabab kitu tug tepi ka iraha baé Rancamaya boga ajén husu. Kiwari tempat anu kacida diluhurkeunana téh geus disangling jadi komplék gedong-gedong méwah kagungan para inohong nagara jeung para milyarder jeung lain Sunda wungkul, lolobana mah non Sunda nu luhur kuta gedé dunya.  Imah-imah gedong ukur dipaké bungalow, tempat ngaso ngabeberah manah. Tapi wawangi Siliwangi henteu sirna ku daratangna manusa-manusa jarugala marukim di lebah dinya. Perenahna Rancamaya kira-kira 7 kilometer kidul kulon dayeuh Bogor. Di dieu aya sirah cai anu kacida hérang canembrangna bisa dipaké ngaca carék wiwilanganana. Taun 1960 lebah dieu pisan di hulu Cirancamaya kapendak situs makam kuno anu jati-jati palataran makamna 7,5 meter katutupan jukut lemes hejo jiga pramedani Mesir. Dikurilingan ku tungkun awi satengah lingkaran.   Deukeut makam aya tangkal hampelas badag anu luhurna 25 meter jeung aya tangkal bingbin. Tapi kiwari makam kuno téh geus aya anu ngancurkeun. Teu disebutkeun lamun ancurna dina raraga ngawangun gedong-gedong mah. Tatangkalanana ogé ditaluaran, situs geus teu tembong tapakna, jiga dipalebah dinya baheula taya nanaon, taya anu kungsi jeneng narepati ngawasa nagara pageuh dina sajarah Pajajaran anu girang lebahna girangeun Galuh Pakuan. Makam kunona ayeuna mah disaungan tapi di jerona ditambah hiji makam, atuh jadi aya dua makam, tapi anu kuno moal enya pahili jeung anu anyar. Terus makam kunona diganti ku bata pelesteran. Aya bak leutik paranti anu jarah abdas jeung séséka. Dina tembokna dihias ku aksara Arab, eusina ayat-ayat suci Al Qur’anul Karim. Sok disarebut Makam Embah Punjung. Bisa jadi dipopulerkeun ku jalma-jalma, jadi makam Wali Alloh saperti Makam Embah Jeprah di Kebon Raya Bogor, dijarieun jadi makam karamat  Raja Galuh, anu jarah loba anu percaya. Aya talaga anu mashur disebutna Talaga Rena Mahawijaya, anu ngahaja baheula didamel ku Sang Prabu keur nyaian pasawahan sabudeureun Rancamaya ngawengku pasawahan di welasan désa. Di Talaga Rena Mahawijaya Sang Prabu katut para gegedén karajaan katut kulawarga karaton  susucina, ti dieu nanjak ka gunung Badugul pikeun ngalaksanakeun ibadahna.

 

Gamelanana ngeungkeung

Béja-béja panungting ti wewengkon Rancamaya saenyana ngagugah haté urang Sunda, pangpangna anu ngarasa yakin yén Prabu Siliwangi téh Maharaja Pajajaran nu kakoncara. Tepi ka geus taya di kieuna ogé wawangina tetep nyambuang , nya anjeuna raja adil palamarta nu nyaah ka somah. Nya anjeuna pamingpin di Nusantara anu pangheulana nyontoan kawijakan “Kebebasan Beragama”jeung  nanjeurkeun hirup rukun sauyunan jeung gawé rempug jukung babarengan, gotong royong pamatrina.

Ceuk  urang Rancamaya ayeuna, anu kagungan gedong sigrong di wewengkon patilasan Siliwangi, kajeun beurang kajeun peuting sok nguping sora gamelan ngeungkeung, ti rorompok mah pokna lebahna téh kaler kulon, sorana eces pisan, kakuping gamelan degung, ké deui gamelan anu sapuratina, gamelan gemblengna gamelan, waas tur kelar kakupingna téh, upama geus nguping sora éta, rarasaan hirup téh éndah, keur aya di alam mana mah boa, alam Sunda anu nyunda, alam Sunda di lingkungan karajaan. Cenah kungsi disusul éta sora gamelan téh ku pihak Satpam ogé, tapi weléh teu kapanggih, ka kidul teu aya, ka kulon gé teu aya, wétan komo deui, kalér ukur gelebugna angin. Ceuk sakaol éta gamelan ngeungkeung ti karaton cirining raja keur sinewaka. Kaciptana , lamun  lebah dinya, tangtu karaton Pajajaran. Satpam oge ngaku sering  nguping sora gamelan, matak waas jeung kelar pokna, nenget-nenget wirahmana jiga lain gamelan biasa, na kitu gamelan ti kahiyangan? Atawa ti karaton nu geus tilem ngahiyang ngiring Sang Raja? Ciptaan sakur anu nguping sora gamelan éta, kabéh manco ka karaton Pajajaran Sri Bima Punta Narayana Madura Suradipati. Dalah anu lain Sunda di antarana aya Profesor kasengsremeun ku éta sora gamelan, éndah…saurna. Mémang éndah jiga lain gamelan samanéa, lain gamelan ti alam manusa tapi jauh ti alam ditu, ti alam Sang Prabu Sri Baduga Maharaja.

Sajeroning kitu nurutkeun Saleh Danasasmita Tome Pires dina taun 1513 nyebutkeun yén perenahna Karajaan Sunda téh, dua poé lalampahan ti palabuan Sunda Kalapa di muara Cihaliwung. Lalampahan  satengah jam sapoé saperti anu dilakukeun ku Scipio waktu mulang tina ekspedisina maluruh patilasan Pajajaran ménta waktu dua poé ti Parung Angsana ka bénténg Batavia di muara Ciliwung. Sunda ngaran karajaan dicatet dina dua prasasti anu kapanggih di Bogor jeung Sukabumi. Nu hiji kapanggih di Pasir Muara sisi sawah teu jauh ti prasasti dampal suku gajah titinggal Purnawarman. Prasasti anu ayeuna geus henteu aya di tempat asalna téh ngamuat 4 baris tulisan nu unina kieu;

“ Ini sabdakalanda rakryan  juru

 Pangambat kawhaji panca pasagi marsan desa barpulihkan haji Sunda”.

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: