• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Drs. Deden Sumpena, M.Ag.;

Pamingpin Islam-Sunda
nu Hadé Pokna, Hadé Sikepna

Kénging Rudi H
Kintun kana Facebook

Dalitna Islam jeung Sunda, ka dituna mah mangaruhan kana kuatna jati diri urang Sunda. Ngan kumaha dalitna Islam jeung Sunda mangaruhan kana cara milih pamingpin masarakatna? Drs. Deden Sumpena, M.Ag. Ketua Jurusan Pengembangan Masyarakat Islam (PMI) Fakultas Dakwah UIN SGD Bandung, nepikeun pamanggihna ka Manglé.

Pamingpin jeung cara milih pamingpin dina Islam, geus aya pituduhna tina al-Qur’an jeung hadits. Di antarana waé, dina surat Al-An’am ayat 165; Wahuwal ladzii ja'alakum kholaaifal ardi warofa'a ba'dhokum faoqo ba'din darojaatin liyabluwakum fii maa 'ataakum, inna robbaka syari'ul 'iqob, wainnahu lagofuururohiim. Nu hartosna: "Jeung nya Anjeunna anu ngajadikeun aranadika pamingpin di bumi, jeung Anjeunna munjulkeun darajat sabagian ti antara arandika batan anu sawaréhna deui, pikeun nguji arandika perkara saniskara anu geus didatangkeun ka arandika. Saéstuna Pangeran andika téh gancang pisan nyiksa-Na, jeung saéstuna Anjeunna téh Mahajembar Pangampura tur Mahaasih. (Al-An'am ayat  165).

Pituduh Alloh sakumaha di luhur, dina larapna mah, boh nu hayang jadi pamingpin atawa cara milih pamingpin, kalan-kalan jauh tina papagon Islam. “Dina Islam mah, kalungguhan pamingpin téh kacida pentingna. Tapi kitu deui, teu gampang bisa jadi pamingpin. Lantaran teu aya dina Islam mah dipahing pisan dirina menta dicalonkeun, tapi pamingpin teh lantaran dijurung, dicalonkeun ku umatna. Apan nu kieu téh beurat pisan,” saurna Drs. Deden Sumpena, M.Ag. basa tepung di bumina di Cileunyi Bandung.

Kalungguhan pamingpin, mémang ti waktu ka waktu robah pamikiran, lantaran mémang nu ngajeujeuhan gé rupa-rupa pamikiran. Ngan, ceuk ieu panitén da’wah Islam UIN SGD Bandung, milih pamingpin kudu nu masagi atanapi pangunggulna. “Lantaran pamingpin mah asalna tina kahoyong masarakatna, nya pastina kedah nu pangpunjulna, boh élmuna, boh ahlakna,” saurna deui.

 

Pamingpin keur Sunda

Keur urang tatar Sunda saperti Bandung, loba nu ngadumaniskeun Islam jeung Sunda, lantaran geus napel téh dina jati dirina. Ku kituna, ceuk Ustad Deden, teu salah upama masarakatna ogé milih pamingpin sok diadumaniskeun jeung ageman Islam. “Lantaran Sunda mah dalitna jeung Islam, nya milih pamingpin gé nu dalit jeung kaislaman atanapi sikepna islami pisan,” pokna deui.

Lantaran geus jadi anggapan umum, yén Sunda téh raket pisan jeung Islam atawa Islam raket jeung Sunda. Tangtu maksudna mah, Islam téh raket jeung budaya Sunda, kaasup dina sikep-sikepna. Tah, ceuk Drs. Deden, Islam geus méré papagon sangkan di antara sarat pamingpin ogé nu hadé sikepna. Ari sual sikep, apan ngukurna ogé dijéntrékeun pisan dina Islam. Saperti, upama aya paribasa pamingpin téh kudu hadé gogog hadé tagog, apan éta téh islami pisan. Pamingpin nu hadé budi, alus basa, paripolahna pikaresepeun éstuning sakumaha nu dicontonkeun ku Rosululloh SAW. “Kedahna pamingpin di tatar Sunda mah nu saé ahlakna sareng nu pageuh nyepeng kana agamana,” pokna.

Kamekaran pangwangunan di tatar Sunda, tangtu mangaruhan ogé kana sikep jeung pamadegan masarakatna. Robah jaman pasti robah pamikiran, kaasup dina nangtukeun pamingpin. “Ngan, alhamdulillah kultur Sunda mah dalit sareng Islam. Atuh sanajan robih jaman ogé, ari harepan mah, moal tebih tina agemanana,” ceuk ieu teureuh Garut. Ku kituna, pamingpin ogé nya kedah nu mampuh nganteur kahoyong masarakatna. “Saleresna masarakat mah hoyong dianteur agamis, ayeuna mah kantun pamaréntahna,” pokna tandes.

Ajaran Islam téh basajan jeung gampang ditarima ku budaya Sunda nu ogé basajan.  Saperti masalah akidah sareng ahlak, luyu pisan jeung  jiwa urang Sunda anu dinamis. Ku lantaran kitu,  waktu  urang Sunda ngawangun jati dirina babarengan jeung proses islamisasi, mangka agama Islam mangrupa bagian tina kabudayaan Sunda nu ngawujud ku cara teu karasa jadi ciri mandiri kasundaan. Tah, dina kaayaan kitu, ceuk Drs. Deden, pamingpin gé kedah mampuh ngadumaniskeun kahoyong masarakatna. “Margi keur Sunda mah ngagem agama Islam téh fitrah, kantenan palebah dieu pamaréntah kedah tiasa mekarkeun kahoyong masarakatna,” pokna deui.

 

Kamekaran Da’wah

Urang Sunda nu soméah hadé ka sémah téh Islami pisan. Pasipatan Rosulullah SAW nu saé budi parangina, upami disebatkeun ku urang mah, meureun disebutna nyunda pisan. Tah palebah kitu, umat gé kedah pinter-pinter dina cara milih pamingpinna, mana nu ahlakna hadé, mana nu ahlakna ruksak. Palebah dieu ogé deui-deui, cek Ustad Deden, masarakat sok loba nu katipu, lantaran milih téh ahirna mah kabongroy ku luarna wungkul. “Nu islami mah sanés lantaran anggoanana atanapi luarna, tapi nu luhung élmu jeung ahlakna,” pokna. Ku kituna, palebah dieu, pihak lembaga kaagamaan saperti MUI ogé kuduna mah mantuan dina nyebarkeun cara milih pamingpin.

Pamingpin nu hadé henteu cukup hadé keur dirina, tapi ogé kudu karasa mangpaatna keur umat. Ku kituna, ceuk ieu Ketua Jurusan Pengembangan Masyarakat Islam (PMI) Fakultas Dakwah UIN SGD Bandung, pamingpin, hususna keur Bandung, ka hareupna bisa ningkatkeun gawé bareng jeung kalembagaan Islam. “Kantenan, lantaran Bandung mah Sunda, ari Sunda mah dalitna jeung Islam, nya Fakultas Da’wah ogé siap ngabantos pamaréntah Bandung keur nanjeurkeun ahlakna nu nyunda nu Islami.”

Paripolah manusa kiwari, ceuk Drs. Deden, mémang loba nu lir kuda leupas tina gedogan. Mangprung ngajurung napsuna. “Padahal, agama Islam tos maparin pituduh kanggo laku lampah manusa di ieu alam,” pokna. Kekecapan karuhun, silihasah silihasih silihasuh, duka di mana ngancikna! Da, nu tétéla mah, leungit asih timbul silihpikangéwa. Balukarna, pacogrégan di mana-mana. “Apan ayeuna mah silihkakalakeun téh digegedékeun sareng diumbar naker,” ceuk ieu ustad teureuh Garut, Jawa Barat téh.

Pacogrégan nu diumbar, lain ukur semet ngadugikeun pribadi-ribadi nu milampahna, tapi deuih pihak séjén. Lantaran, teu jarang nu teu mais teu meuleum gé kabalérang. Atuh, pangaruhna, deuih lain ukur semet kitu, da paripolah goréng mah, gampang pisan nerekabna. Antukna, paripolah euwah-euwah gé dianggap biasa! “Mun kagoréngan dianggap ilahar, paripolah ngarugikeun batur gé, bakal dianggap biasa. Tapi, upama pamingpinna tiasa nuyun, tiasa nyontoan ahlak nu hadé, nya Insya Alloh, lingkungan urang kalebet lingkungan nu gemah ripah loh jinawi, salalawasna kasinugrahan rohmat Alloh Swt,” pokna pinuh ku pangharepan. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

ajat sudrajat

Leres pisan sanes kanten anu didugikeun dina artikel di luhur. Sim kuring nu pituin urang sunda ngaraos reueus kudalitna Sunda sareng Islam, Islam sareng Sunda. Urang Sunda mah, insya Alloh, gampil di atur, asal nu ngaturna tiasa janten picontoeun, sapagodos antawis ucapan sareng tindakan. Anu kedah ditingkatkeun teh "kawani" dina nanjeurkeun bebeneran, ngalempengkeun anu bengkung, ngajaga anu lempeng supaya henteu bengkung. Numutkeun paningal sim kuring, urang sunda kiwari leuwih condong "tuturut munding" tibatan jadi "kusir" nu mandiri, teuneung ludeung, ucapan jeung sikepna teu incah balilahan tina jati diri urang sunda nu islami. Walahu'alam. Hatur nuhun. Salam ti Tangerang

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: