• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Nu Jajan ti Gang Pajaratan

Kénging Féndy Sy. Citrawarga
Kintun kana Facebook

Hujan ngecrek ti soré kénéh. Caah cileuncang, siga poé-poé sasari, ngagulidag ka mana-mana. Geus puguh caah ti Walungan Citarum mah caina mudal ka mana-mendi, geus teu anéh deui.
Hujan, enya gé rejeki, sok matak ngawagu usaha, pangpangna keur anu arusaha leutik bari kudu ider-ideran nawarkeun dagangan mapay-mapay jalan, salasap-sulusup ka jero gang. Enya, da apan najan dipayung gé katinggang hujan gedé mah  angger baé kasimbeuhan kabaseuhan.
Leuheung basa dina kaayaan kitu téh dagangan laris manis tanjung kimpul, dagangan ledis duit ngumpul, matak sugema kabina-bina. Narajang keur tiis, hanas asruk-asrukan bari kahujanan, ari pék euweuh nu meuli saurang-urang acan, apan matak mentegeg kabina-bina.
Siga nu kaalaman ku Parno ayeuna. Ti barang kaluar ti imah kontrakanana tabuh opat tadi bari dijajapkeun ku hujan teu eureuin-eureun, tepi ka tabuh tujuh ayeuna téh can aya nu nyalukan. Noyod baé ngadodorong roda dagangan sangu goréngna. Sedeng awakna mah karasa muncicid sari-sari kabulusan, angot sukuna nu ukur disendal capit mah karasa baal. Biwirna ge méhméhan noroktok.
Pantesna, usum hawa tiris mah nu mareuli sangu goréng téh tingkurunyung, baé ménta palada-lada gé da céngék gé geus murah deui ayeuna mah. Ari ieu ngabulasin. Padahal nakolan katél téh asa tarik méhméhan matak bosen. Ih, angger baé Parno kudu nayod bari keletrék deui keletrék deui nakolan bujur katél.
"Mas, Mas!" Kadéngé aya nu ngagorowok, kaluar ti hiji imah. Reg Parno ngeureunkeun rodana. Aya kabungah jeroeun dadana bari gedé harepan nu ngagentraan téh rék barangbeuli.
"Nasi goréng Kang?" Parno haripeut tatanya saking bungangang.
"Euh...sugan saya téh baso. Moal ah!" témbal nu tadi ngageroan, budak ngora.
Parno bati hanjelu. Piraku teu kadéngé apan nu ditawarkeun téh sora katél ditakol séndok, tanda nu dagang nasi goréng. Gerencem haté Parno asa diteungteuinganan. Najan kitu, manéhna sadar kana kaayaan modél kitu téh da geus teu anéh deui. Enya, usaha dagang mah sok angin-anginan. Sakalina mucekil, nu meuli sasatna ngantay. Sakalina tiis, caméwék siga ciibun kabina-bina.
Ubarna, iwal ti sabar, tara jadi bangbaluh kalbu atawa rajét haté. Tuda, belikan mah rék naon usaha deui da puguh ukur kitu anléhna. Di dinya rejekina. Nya lamun meunang nawar mah hayang dagang siga si engko noko, kari nagog jero toko moal kahujanan kapanasan. Tapi, apan sagala rupa ogé geus aya nu ngaturna.
Nu matak, najan bieu asa diteungteuinganan, manéhna  terus ngadorong roda bari habek deui habek deui nakolan katél, mapay-mapay jalan rék satepina. Piraku sugan  rék poos pisan mah.
Teu karasa, lengkah Parno beuki ngajauhan. Manéhna teu apal jalan naon-naonna. Nu sidik beuki combrék. Patalimarga nu ngaliwat ukur  hiji dua. Trék trék trék katél ditakol deui. Lebah wangunan warung nu geus tutup, manéhna ngeureunkeun rodana. Ngiuhan na sosoyob warung. Trék trék deui nakolan katél. Sorana teu robah, nya kitu nu meuli gé. Panonna sina ulin ka ditu ka dieu, gebeg, horéng gigireun warung téh rajeg tetengger. Panonna diluncatkeun deui ka jauhna, teu salah tetengger wungkul. Teuing pajaratan naon ngaranna, teu apal, nu sidik mah aya di sisi kota.
Teu pupuguh bulu punduk Parno tingsariak. Aya kakeueung, ngemu puringkak. Teu hadé cinutrung di dinya, ongkoh bulu pundukna beuki kukurayeun, Parno seja ngadorong roda deui ka urut tadi. Orokaya karék gé nyengkatkeun biritna, aya nu ngageroan.
"Mas!" Gebeg. Awéwé kaluar ti lebah gang pajaratan. Sajongjongan mah Parno ngabigeu.
"Nasi goréngna aya kénéh Mas?" tanya awéwé nu katénjona ku Parno mah geulis.
"A, a, a, aaada Téh, banyak!" témbal Parno ngatétéhkeun da ditaksir umur éta awéwé téh 25 taun kaluhur.
"Sok atuh bikin!"
"Ya," témbal Parno, pondok.
Cetrék kompor dihurungkeun. Katél nu titatadi nangkod na tihang roda ditagenkeun na luhur kompor. Curulung minyak kana katél, digoés-goés meueusan sina maseuhan beungeut katél bisi garing da geus lila teu dipaké. Antukna cucutik jeung katél diadu ngawirahma mandiri ngagebahkeun simpé.
Sabot ngadagoan panas, ramo-ramo Parno parigel saksak-siksik bawang jeung sapuratina. Sakapeung panonna maling-maling ka nu geulis nu anteng nangtung tapi teu wani pateuteup bisi  pajahkeun teu sopan sok sanajan haténa mah panasaran. Kebek ku pananya, naha peuting-peuting aya awéwé kaluar ti gang makam. Boa-boa?
Seleber...aya nu ngahiliwir seungit tina awak si geulis. Parno beuki teu puguh rarasaan; Aya pikiran rék lumpat, tapi buru-buru disieuhkeun da buktina mah si geulis téh aya kénéh.
"Pakai sambal?" tanya Parno. Taya jawaban. Parno malikan deui pananyana. Angger taya jawaban. Ana rét ka urut tadi si geulis nangtung, jenghok, geus euweuh. Teu kanyahoan ngilesna da jongjon ngomé cucutik jeung katél.
Teg wé Parno boga sangkaan goréng yén si geulis téh jurig nyiliwuri sétan mindarupa. Puguh wé jajantung Parno beuki ngadulag, manéhna seja ngejat ti dinya. Tapi barang rék jung pisan, si geulis téh norojol deui.
"Badé ka mana Mas? Atos?"
"Héhéhé tuda Tétéhnya pergi!" témbal Parno bari buluham-béléhém.
"Ih, Si Emas mah penakut! Abdi tos ti pengker heula!" ceuk si geulis téh bari teu ngajéntrékeun tas naon-naonna. 
Nasi goréng geus dipincuk, laju dikérésékan. Song dikasigeuliskeun.
"Berapa Mas?"
"Tujuh ribu lima ratus!"
Song si geulis nyodorkeun duit salambar kelir beureum, saratus réwu. Parno atoh teu atoh. Atohna, geus ngaladangan, teu atohna, euweuh pamulangan sapésér-pésér acan.
"Aduh...gak ada kembaliannya Téh, baru ngelarisan!"
"Euleuh...kumaha atuh? Da cuma segitu-gitunya!"
Tingharuleng duaan.
"Ambil aja dulu Mas, besok ka dieu deui nya!" Si Tétéh méré jalan.
"Makasih atuh Téh, ya besok saya ke sini lagi," témbal Parno. Si tétéh geulis ngingkig bari ngajingjing nasgor ka jero gang. Parno gé gasik malikkeun rodana, gura-giru. Lampu patromak nu geus keukeureunceuman rék pareum teu ditolih. Sésa kukurayeun na pundukna asa napel kénéh.
Tabuh tilu, malah nyedek satengah opat, Parno cunduk ka imah kontrakanana. Babaturanana geus daratang, carinekul ngadagoan tunduh. Biasa, méméh sararé sok ngaguar pangalaman dagang séwang-séwangan. Nu maréma jeung nu ngangluh ukur payu saeutik. Parno gé harita ngadongéng papanggihanana aya awéwé jajan ti jero gang kuburan.
"Iyy, ludengan kamu!" ceuk Slamet, bari laju ngabuih cenah dua poé kaliwat aya awéwé paéh ngajuru dikurebkeun di pajaratan éta. Geus moal boa awéwé nu balanja ka Parno gé arwah awéwé nu paéh ngajuru marakayangan.
"Pariksa duit paméréna, geura sok lain duit?" ceuk batur Parno nu séjénna. Parno kapangaruhan, manéhna gasik muka dompét. Ning, duit saratus réwu paméré ti si tétéh geulis téh beleger kénéh, teu rubuh teu robah.
"Buru balanjakeun, bisi robah mantén jadi kalakay!" ceuk baturna deui.
Peuting isukna, najan omongan babaturanana matak muringkak bulu punduk bisi enya si tétéh geulis téh arwah awéwé nu tas paéh ngajuru, Parno teu burung ngajugjug deui pajaratan. Enya, sieun-sieun gé da inget kana kawajiban mikeun pamulangan anu lain pangaji eutik-eutik. Rék jurig rék jelema, hutang mah angger kudu dibayar,  pikir Parno.
Siga peuting kamari, hujan ngaririncik deui. Bédana peuting ayeuna mah rada alus milik da ti barang jung téh rada kerep ngaladangan. Nu matak, anjog ka sisi pajaratan téh kira tabuh satu, geus jempling, combrék, siga peuting kamari. Katél ditakol bari sakapeung lunga-lengo ka jero gang ngadagoan si tétéh geulis. Duit keur pamulangan geus dipisahkeun, kari sok. Tapi...si tétéh geulis téh can embol-embol!
Sajam, dua jam, campleng. Moal salah, naon nu dicaritakeun Si Slamet téh bener, si tétéh geulis téh jurig nyiliwuri sétan mindarupa, gerentes Parno bari teu asa-asa deui, sagilek malikkeun roda, sebrut...didorong satakerna. Patromak ayun-ayunan siga rék luncat.
"Maaas...!" Kadéngé aya sora awéwé ngageroan.
Parno teu maliré, ngadorong rodana beuki tarik kadongsok  bujurna nu beuki kokompodan jeung bulu pundukna nu tingcarengkat! Demi nu ngajorowok gé teu éléh bedas, bari ngiciprit ngungudag Parno. *** 

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (2)

wina purwaningrum

Eleuh2....si teteh geulis sanes jurig pan...lucu pisan

Dedi Kusnadi

seueuran carita lucuna....

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: