• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Moal Tembong Urut Céda

Kénging Ensa Wiarna
Kintun kana Facebook

Mahala-mahayu pakakas mah. Kumaha nu makéna. Kitu deui  pakakas kominiskasi saperti internet. Najan loba mangpaatna, madaratna gé teu kurang-kurang.

Jaring-jaring sosial dina dunya maya, saperti facebook, twitter, jeung sajabana, teu tuna tina mamalana. Teu jarang kabéjakeun, loba nu katipu, lantaran kaolo ku nu ngabobodo.

Dunya ‘kalangkang’, tembong tapi teu karaba. Sagala rupa nu ngalangkang bisa dimanipulasi luyu jeung tujuan nu makéna.  Nu enya bisa dianggap lain, ogé sabalikna!

Poto nu kasaksén dina facebook, misalna, bisa béda jeung nyatana. Lain gambaran nu sabenerna! Mun awéwé bisa leuwih geulis batan ‘aslina’.  Kitu téh lantaran poto mah, komo deui keur kapentingan kompanye, bisa diropéa dipapantes.

Sanggeus direkayasa, sagala rupa gé bisa robah. Nu pendék bisa jangkung, nu gembrot bisa langsing.  Dina poto rupa-rupa kaayaan, bisa dibunyang-benyéng luyu jeung pesenan. Ku cara kitu, beungeut  gé bisa ditembongkeun  sakahayang nu mesenna.

Kakuatan ‘manipulasi’ dimangpaatkeun keur rupa-rupa kapereluan.  Matak, teu sing anéh upama nu boga karep jadi pamingpin, ogé kacida ngamangpaatkeun éta kakuatan.

Molés poto, moal susah. Teu kudu nyulam halis jeung biwir nu waragadna mangjuta-juta. Moal kudu ‘nyinar’ beungeut keur ngalungitkeun hunung jeung kokoloteun. Malah, urut kurap gé bisa lita saharita dina poto mah! Ku cara kitu, poto-poto calon pamingpin atawa wawakil rayat nu patingjareblag ogé, bisa ‘ngadugeulis’ jeung selebritis. Najan lain artis, geus dina poto mah moal éléh ‘gagah’. Hartina, nu ‘maridangkeun’ potona  gé moal matak éra parada.

Upama calon mentingkeun poto jeung ‘slogan’, éta  gé salahsahiji bukti arinyana apal kana kekecapan kolot. Apan, kudu hadé gogog hadé tagog. Alus ucap, hadé adeg-adegna. Tah, dua rupa bieu mah bisa kacumponan ku midangkeun poto jeung slogan.

Dina jaman dunya maya, sagala rupa gé bisa ‘ngawang-ngawang’. Teu kudu napak kana taneuh, lantaran sagala rupa gé bisa ti kaanggangan. Kabutuh masarakat,  bisa bisa dibibita ku pupulasan.

Jengléngan luar, memang, kacida dipuhitna keur kapentingan pamasaran mah. Nu ngajual ide jeung gagasan, leuwih tiheula butuh pamor nu bisa mungkus gagasan téa. Hartina, rurupaan jeung kekecapan téh bisa ogé jadi  bungkus  pakarepan nu nyamuni.

Mun kapentingan pamasaran perelu jenglengan luar, ‘nu meuli’ mah teu cukup ku kitu. Malah, sabenerna nu pangpentingna téh ajénna.  Kawas barang atawa paparabotan, kasugemaan nu meuli atawa nu maké mah, gumantung kana ajen-inajén  éta barang.   

Kereteg haté, memang moal kabaca ku nu séjén. Di dinya mah, pakalangan kajujuran. Pentingna ucap sarua jeung tekad, kagambar dina carita buhun. Saperti ketak Yudistira ( cikal Pandawa), nu caritaanana pada mercaya.  Ceuk sakaol, apan ku jujur-jujurna caritaan Yudistira, nepi ka karéta tutungganganana ogé henteu napak kana  taneuh. Ngan, basa Yudistira ‘bohong’ nyebutkeun Aswatama (anak Resi Dorna) maot, éta karéta téh, napak deui kana lemah, saperti  tutunggangan umumna.

Patekadan moal ka rampa. Kitu deui pakarepan calon pamingpin, moal karampa ku rahayatna. Kari ngandelkeun masing-masing pakarepan. Nu milih,  aya dina ‘zona bebas’. Taya paksaan, jeung teu kudu tunduk ka nu maksa. Malah, nya nu milih téa nu kudu nangtukeun nu dipilihna mah. Mun nu dagang mentingkeun hadé gogog hadé tagog, nu meuli mah, misti asak tinimbangan.  Kudu asak mikir, hawara pikir leuir biwir.    Di dinya aya dangka waktu keur ngalelekan nu midang.  Nu nangtukeun pilihan kudu wanoh kana kasang tukang jeung jero-jeroanana nu rek dipilih, misti apal kana tapak lacakna, kaasup ceda-cedana. Najan geus dirékayasa, ‘koréng’ jeung ‘kurapna’ paripolah, bakal aya mamalana . ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: