• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Pasar Dunya
Nangtang Seniman Rancagé

Kénging Ensa/Unay
Kintun kana Facebook
Mangle
Karancagéan jadi pangjugjugan [Potrét/Ilustasi: ensa]

Nu unggul pinunjul, nu héngkér éléh. Kitu tarung di pasar dunya mah. Geusan makalangan di nu kawas kitu,  butuh karancagéan. Kitu, di antara jejer obrolan Manglé jeung Prof. Dr. H.M. Ahman Sya, Dirjen Ekonomi Kreatif  Berbasis Seni dan Budaya (EKSB) Kementrian Pariwisata Ekonomi Kreatif Republik Indonesia.***

Kabudayan kasenian jasana sanes lumayan. Kitu ceuk juru kawih mah. Kekecapan kitu lain ukur kacapangan, da puguh kitu kanyataanana. Kasenian husuna, kabudayaan umumna, kiwari mah bisa jadi andelan geusa ngahontal karaharjaan. “Potensi seni kiwari tos dideudeuel ku political will pamarentah,” ceuk Prof. Dr.  H.M. Ahman Sya, muka wangkongan. Ngobrol teh di bumi pamatuhanana di Antapani Bandung, Minggu sawatara waktu ka tukang. Ngobro teh teu nyalse, da inyana harita ukur nyelang ka Bandung, ngabingbing mahasiswana.

Karep pamaréntah ngarojong karancagéan masarakat, bukti ku Kamentrian Pariwisata Ekonomi Kreatif. Nagara nu kawas kitu, memang arang keneh, da ukur Inggris jeung Indonesia nu nempatkeun éta widang jadi bagian nu dikokolakeun langsung ku kabinet.

Tujuan nguatan karancagéan masarakat, ceuk Ahman Sya, lantaran pamarentah mihak  kaum nu  ‘hengker’,  mentingkeun ide, jeung  ngupayakeun ‘pertumbuhan’ ekonomi.  “Intina sangkan ngawujud ‘katahan budaya berbasis ekonomi keratif’ geusan karaharjaan masarakat,” ceuk Dirjen EKSB téh.

Angen-angen pamarentah kitu, ceuk Ahman Sya, memang lain ukur lalambe, da geus prak dina kanyataanana. Malah apan lengkah-lengkahna gé jinek naker, saperti nataharkeun dua welas propinsi nu tapel wates jeung nagri deungeun sina ngahangkeutkeun ekonomi nu ngandelkeun karancagéan masarakatna. Potensi daerah, saperti Aceh, Sumatra Utara, Riau Kepulauan, Kalimantan Barat, Maluku Utara, mislana, dipiharep boga masing-masing kapunjulan sangkan bisa ‘nembus’ pasar di nagri deungeun.

Direjen EKSB nu dipingpin ku  H.M. Ahman Sya ngawengku Direktorat Seni Pertunjukan dan Industri Musik, Direktorat Pengembangan Industri Perfilman, jeung Direktorat Seni Rupa dan Kriya. “Sadayana eta tiasa dikokolakeun kanggo karaharjaan masarakat ngalangkungan karancagéan parasenimanna,” ceuk ieu teureuh Ciamis, Jawa Barat teh.

Tumali jeung seni, Nusantara, memang gudangna. Nu kawas  kitu jadi kakuatan ieu bangsa di dunya internasional. “Kari kumaha karep jeung kahayang pihak-pihak nu tumali jeung eta hal bisa ‘ngamaksimalkeun’ potensi masing-masing,” ceuk ieu Dirjen nu asalna urang  kampus teh.

Rupa-rupa potensi seni, ceuk tilikan Dirjen, bisa jadi cukang lantaran karaharjaan. Lantaran, memang bukti, sabada dipatéahkeun, sumbanganana ka nagara ge lain saeutik. Pangasilan atawa Produk Domestik Regional Bruto (PDRB) ngahontal  6,93 triliun rupia. Mangpatana, oge rupa-rupa naker. Karancagéan kawas kitu, loba mangpaatna, lantaran, langsung karasa ku masarakat, muka lapangan gawe, ngaronjatna ekonomi, jeung miara lingkungan.

Ngandelkeun ekonomi keratif, ceuk Ahman Sya, pilihan nu misti terus padangarojong. Lantaran éta upaya teh, gedé mahayuna.  “Poténsina ngaleuyah, sumber daya manusana loba, sarta karancagéan masarakat gé teu kurang-kurang,”  ceuk ieu Doktor lulusan Belgia teh.

Modal dadasar keur makalangan di pasar internasional, loba kacida. “Kantun langkung ningkatkeun ajénna,” pokna. Maksudna, rupa-rupa widang nu jadi ‘inspirasi’ karancagéan geus ngakar ti baheula mula. Apan, warna-warni seni, boh musik, senia rupa, jeung kriya gé nyampak di saban tempat. “Kari prak matéahkeunana,” ceuk ieu panulis buku Geologi Pariwisata teh.

Tangtu wé, cenah, butuh ajén anu hadé. Tah, lebah dieu mah butuh pangrojong ahlina! Salah sahiji conto, hasil karajinan tina kai téh, kacida payuna di Cina oge. Urang ditu katajieun pisan. Ngan, sanggeus dikirimkeun ka ditu, ajénna nguciwakeun, da geuning kai téh rarengat. “Hartina, pangrajin téh kedah ningkatkeun ajén nu tumali sareng tehnik,” pokna.

 

Karancagéan Ki Sunda

Karancagéan urang Nusantara prah di mana-mana. Kitu deui di Jawa Barat, ngaleuyah pisan. “Nilik potensi Jawa Barat, aya kauntungan nu raket tumalina sareng geografis,” pokna. Enya, apan Jabar mah tapel wates jeung  ibu kota. Galibna tempat nu kawas kitu, moal burung pada mikawanoh ku urang luar boh propinsi boh dulur sabangsa. Ari nu tumali jeung pamasaran karancagéan, apan butuh pisan dipiwanoh. “Matak teu sing anéh, upama Jawa Barat husuna Bandung janten pangjugjugan nu ti mamana, kalebet pangpangna urang Jakarta,” ceuk ieu urang Antapani Bandung teh.

Poténsi seni Jawa Barat, kacida lobana. Saterusna, ceuk Dirjen, lian ti mikareueus téh, kudu satékah polah mekarkeunana, kaasup nu tumali jeung poténsi ekonomi. “Jabar gaduh pamuda potensial nu karancagéanana teu matak hangham,” pokna semu nyumangetan.

Memang, kitu teh bukti. Naon waé nu asalna ti Bandung (Jawa Barat), bisa sohor ka jauhan, kaasup ngamancanagara.  Kanyataan kitu, oge ceuk Ahman Sya mah, mingkin pikabungaheun, lantaran saban waktu, para nomonan teu weleh nembongkeun karancagéan anyarna. “Naon waé bidangna, kuliner, pakéan, kriya, apan teu weléh jul-jol nu alanyar,” ceuk ieu dosen di sababaraha perguruan tinggi téh.

Upama Dirjen nembongkeun rasa gedé haté, lain hartina taya bangbaluh. “Karancagéan masarakat sareng seniman mah tos teu matak hangham, tapi nu hengker kénéh teh pangrojong ti pamaréntah daérah,” pokna.

Loba keneh beja nu nepi ka dirina, cenah, salah sahiji kahengkeran para seniman téh, lantaran teu pati karojong ku aturan, ogé waragadna. “Hartosna, kawijakan nu mangrupi Perda téh peryog pisan ngarah para seniman atanapi pangrajin écés lengkahna,” ceuk ieu Guru Besar Geografi UNSIL téh.

Ku lantaran kitu, najan mémang hasil karancagéan téh loba rupana, kacida butuhna pangrojong pihak-pihan kaasup ahlina. “Lian ti peryogi modal, aturan jinek, ogé ningkatkeun kamampuhan atanapi kaahilan pangrajin,” pokna. Nu tumali jeung kaalian mah mémang moal nguyang ka batur, da Jawa Barat mah gudangna paguron luhur, di dieu mah universitas gé gereyek naker. Sageuy, taya ahli nu werat mantuan pangrajin!

 

Butuh Panyalindungan

Karancagéan, bisa nyampak di mana-mana. Teu arang nu mirip atawa nu méh sarua. Nu sarimbag kawas kitu, bisa jadi pacogrégan, dina mangsa éta hasil karya diaku batur. Ku lantaran kitu, karancagéan téh kudu kajaga kalayan ditangtayungan ku hukum.

Mémang, geus aya HAKI nu mayungan hasil karya intelektual. Tapi, teu kabéh  pangrajin engeuh kana pentingna ngadaptarkeun hasil karancagéanna sangkan tetep jadi milikna. Alesanana, bisa rupa-rupa, kaasup hésé atawa bangga ngurusna. Ku lantaran kitu, salah sahiji pungsi pamarentah mah, ngarojong masarakat, kaasup ‘masilitasan’ seniman atawa pangrajin sangkan babari ngadaptarkeun hak ciptana. “Ulah dihésé-hésé, da mémang dina aturan gé teu hésé, malah haratis, bisa ngadaptarkeun ngaliwitan on line,” pokna. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: