• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Hawé Setiawan;

Néangan Kikiping

Kintun kana Facebook

KAPEGAT hujan di Cihampelas basa tumpak sapédah ti Lédeng muru ka Viaduct. Kapaksa ngiuhan heula di émpér toko najan nu boga acara di Gedong Indonésia Menggugat neleponan baé ngageugeuwat. Barang hujan raat, dius deui neruskeun lalampahan. Jog ka pangjujugan, kakara sadar yén sapédah gunung téh teu maké hahalang cileuncang. Atuh puguh tonggong baju kalotor. Nya harita ras ka kecap “kikiping”. 

Di imah, samulangna ti Viaduct, pirajeunan mukaan kamus bari reureuh. Numutkeun Kamus Basa Sunda beunang R. A. Danadibrata, “kikiping” téh “hahalang cileuncang dina karéta anu kabawa kapécrétkeun ku gilinding nu ngagéréléng”. Éta téh minangka sasaruanana pikeun kecap Walanda “spatbord”.

Ngan baé aya nu teu parok tina perkara kecap “kikiping” ti antara Kamus Danadibrata jeung sababaraha kamus basa Sunda lianna nu jadi lulugu. Béda pisan katerangan nu kapanggih tina kamus anu séjénna mah.

Numutkeun Kamus Umum Basa Sunda ti LBSS (Lembaga Basa jeung Sastra Sunda), “kikiping” téh “gilinding bagian kendaraan darat nu minangka jadi sukuna, nu bisa digorolongkeun, nepi ka kendaraanana bisa maju atawa mundur”. Pon kitu deui nu kapanggih tina Sundanese-English Dictionary beunang R.R. Hardjadibrata, “kikiping” téh Inggrisna mah “wheel”. Atuh dina Soendaneesch-Hollandsch Woordenboek beunang Sierk Coolsma, “kikiping” téh Walandana mah “rad” atanapi “wiel”.

Cindekna, numutkeun kamus lulugu nu lianna mah, kecap “kikiping” téh hartina “roda” atawa “gilinding”.

Ari kecap Walanda “spatbord” naon atuh pisundaeunana? Kamus Coolsma nu lianna, nya éta Hollandsch-Soendaneesch Woordenboek, ngasongkeun kecap “tétébéng” minangka sasaruaanana pikeun “spatbord”.

Kilang kitu, katerangan ti suwargina Danadibrata yén kecap “kikiping” téh sarua jeung kecap “spatbord” asa piraku dileuleungit. Paling copélna, dina Kamus Hardjadibrata gé —minangka salah sahiji bahan babandingan keur Kamus Danadibrata— aya katerangan panambah pikeun hartina kecap “kikiping”, nya éta “(dial.) mudguard” alias hahalang pikeun leutak.

Ku kituna, keur saheulaanan mah, kuring sakuringeun boga kacindekan yén “kikiping” anu hartina “roda” atawa “gilinding” téh kaasup basa lulugu atawa basa standar, sedeng “kikiping” anu hartina “spatbord” atawa “tétébéng” mah tayohna kaasup basa wewengkon atawa basa dialék.

Lantaran pamanggih téh can jinek, nyoba-nyoba nyaliarakeun ieu perkara kana status facebook. Susuganan aya pamanggih séjén ti balaréa. Jaman kiwari ieuh, blung blong jalan komunikasi, jeung nu deukeutna jeung nu jauhna. Ramat sosial kayaning facebook atawa twitter téh, upama dimangpaatkeun kalayan enya-enya mah, tétéla gedé gunana pikeun néangan katerangan tina perkara naon baé.

Teu wudu réa nu mairan. Salah saurang nu méré bongbolongan téh Ging Ginanjar, jurnalis urang Bandung nu ngumbara di Bélgia. Manéhna leuwih cop ka Kamus Danadibarata batan ka kamus lianna. Alesanana aya dua, nya éta kabeungharan kecap jeung sorana.

“Ari roda (tina basa Indonésia) mah gus aya basa Sundana, nyaéta gilinding tea. Atuh cenah spatbord, éta mah barang anyar, anu baheulana mah can aya dina kanyataan kahirupan Sunda. Spatbord téh kecap anyar, ciptaan kabéhdieunakeun. Tah, dina urusan sora, kikiping téh kadéngéna leuwih nyurup ka citra spatbord. Malah mah kabayangna nyurup deuih jeung tutup gilinding béca di kénca katuhu. Mun kikiping dilarapkeun kana barang nu ngagorolong mah asa teu manjing. Nu ngagorolong mah mémang pantesna disebut gilinding. Kapan ari kekecaan basa Sunda mah ilaharna sok nyurup jeung sorana,” kitu leuwih kurangna pamanggih Ging.

Nu teu kurang narikna pamanggih Hadi AKS, pangarang tedak Pandeglang nu bumetah di Lémbang. Cék Hadi, di wewengkon Pandeglang mah nu disebut “kikiping” téh midua harti. Kahiji, “kai nu wangunna buleud ipis, kawas gilinding, minangka hahalang dina tihang leuit ngarah beurit teu babari asup”. Kadua, “ngaran kadaharan, sabangsa lemper, tapi ketanna tina ulen lain tina sangu, eusina sarundeng jeung daging hayam, kadaharan has Pandeglang”.

Sajeroning nganuhunkeun ka nu malairan pamanggih téa, kuring beuki sadar kana beungharna unak-anik kekecapan pon kitu deui kana legana ambahan harti nu dikandungna. Nu nyarita ngalarapkeun kecap lain baé ku jalan nyurup-nyurupkeun kekecapan kana gagasan ngeunaan barang nu rék dituduhkeunana, tapi deuih ku jalan mapantes sora atawa wirahmana. Atuh pihartieunana hiji kekecapan tétéla bisa lega ambahanana. Tina hiji kecap kikiping baé, balaréa bisa nuduhkeun rupaning barang, ti mimiti pakakas tutumpakan tepi ka kadaharan.  

Perkara ngécéskeun hartining kikiping anu pantes dijieun lulugu mah, naha rék keur spatbord atawa roda, urang sérénkeun baé ka para ahli basa katut balaréa nu maraké basa Sunda. Nu sidik, tina pangalaman kapécrétan cileuncang basa rék ka Viaduct téa, kuring saterusna lar sup ka toko sapédah néangan kikiping. Meunang-menang téh di Dago basa mudun tas ulin ti Warung Bandrék: kikiping hideung tina pelastik, nu pohara hampangna, tur babari nerapkeun jeung ngalaanna.***

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: