• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Dr. H. Thomas Bustomi, M.Si.;

Demokrasi Salah Larap
Butuh Watesan Kabébasan

Kénging Ensa Wiarna
Kintun kana Facebook
Mangle
Dr. H. Thomas Bustomi, M.Si.; Demokrasi buduh watesan [Potrét/Ilustasi: ]

Demokrasi di urang mengpar tina tatapakanana. Nu kuduna pamaréntahan ti rayat, ku rayat, keur rayat, jadi keur nu boga kakawasaan.  Ku kituna, napakkeun demokrasi téh butuh wates-wates kabébasan anu jinek. Kitu di antara jejer obrolan Mangle jeung Dr. H. Thomas Bustomi, M.Si., Dosen Pascasarjana Universitas Pasundan (Unpas) Bandung. ***

Ngalengkah kana alam demokrasi, loba nu hareugeueun! Nu asalna, loba ‘pamali’, robah jadi sarwa meunang. “Ngan, balukarna watés-watés kabébasan gé teu écés, padahal demokrasi téh boga aturan jinek,” ceuk Dr. H. Thomas Bustomi, M.Si., muka wangkongan. Ngobrol téh, Saptu soré, 18 Mei sawatara waktu ka tukang di Kampus Pascasarjana Unpas, Jalan Sumatera Bandung.

Demokrasi, memang gambaran kakawasaan aya dina leungeun sakumna rahayat. Ngan, ku lantaran, boh pamingpin boh rahayat teu tukuh kana aturan, ceuk H. Thomas, kahirupan kabangsaan jeung kanagaraan gé hengker kacida. Kitu téh, cenah, tembong meh dina sagala widang, saperti atikan, ekonomi, jeung sajabana nu sabenerna mah, butuh garapan gawé anu jinek.

Larapana demokrasi, memang dipiharep, jadi cukang lantaran karaharjaan masarakat sakumna. Bisana kahontal angen-angen kitu, ceuk ieu Dosen Fisisp Unpas mah, lain pamohalan, upama saméméhna dibaladah tina demokrasi. “Demokrasi aya pasaratan nu kedah kacumponan,” pokna. Naon tea? Ajen-inajen demokrasi bakal gumantung kana komunikasi pulitik, partisipasi pulitik, oge ‘rekruitmen’ pulitik. Hal-hal nu kawas kitu, bisa nangtukeun sehat-henteuna demokrasi.

 

Ngalajur Napsu

Nu kiwari kasaksen,  partey pulitik téh ‘kawasa’ pisan. Memang, teu salah, upama éta partey téh ngagambarkeun kakawasaan rahayat. Apan, masing-masing partey pulitik gé ngabogaan konstituén nu taya lian ti warga nagara. “Ngan, ari di urang mah apan tacan kitu, partéy téh tacan jadi gambaran ilu-biungna masarakat dina pulitik,” pokna.

Hubungan partéy jeung rahayatna, ngan ukur lima taun sakali, dina mangsana pilihan umum. Geus kitu mah, cul wé, teu dipalire. Atikan pulitik rayat nu di antarana kudu dilaksanakeun ku partey,  teu dipilampah. Balukarna, loba rahayat nu teu apaleun hak-hak jeung kawajibanana salaku warga nagara. Kaayaan kitu ogé, dimangpaatkeun ku partéy keur ‘ngarawu’ dukungan rahayat saloba-lobana  dina waktuna pilihan umum wungkul.

Kaayaan pulitik kawas kitu, loba rambat kamalena. Lir katindih ku kari-kari, keur mah eukeur watekna manusa téh hayang boga kakawasaan, katambah deuih  asupna kana ‘buleudan’ kakawasanana,  asal meunang pangrojong ti rahayat. Dina kaayaan kitu, nu enya bisa dilain-lain, jeung sabalikna. “Nu kapilih bisa lain nu panghadéna,” pokna.

Satutas kapilih, daék teu daék, sadar atawa henteu, masarakat gé kudu ngararasakeun hasil éta kapamingpinan. Hasil jeung mamalana, bakal karasa ku balaréa, lantaran lumangsungna pamarentahan, najan samitina dibarung ku partisipasi masarakat, tetep nu boga kawijakan mah, pamarentah atawa pamingpin. “Nu boga kakawasaan matéahkeun sagala rupa keur ngurus ngatur masarkat, apan pamingpin,” ceuk ieu bibit buit Garut téh.

Ceuk tilikan H. Thomas, ‘euforia’ masarakat, dimangpaatkeun ku pihak-pihak nu hayang boga kakawasaan. Dina kayaan kitu mah, apan asal ‘bisa’ meunangkeun haté masarakat, najan ku cara ukur méré lantaran aya ‘paméréna’. Ku lantarana kitu, kawas nu kungsi kabandungan, aya pingpinan daérah nu kapilih, tapi ahirna mah, ‘teu bisa’ nanaon, lantaran kasang tukang atikanana handap pisan. “Kapilih sotéh ku lantaran manéhna pangusaha nu bisa mére mawéh sangkan kapilih dina pilkada,” ceuk ieu dosén méré conto.

Ngokolakeun pamarentahan, tangtu wé butuh kadaék jeung kamampuhan. Hartina, teu cukup ku hayang, da misti dibarung ku élmuna. Lantaran, kakawsaan nu kawengku ku nagara téh, aya pamarentah, pihak, swasta, jeung rahayat. Nu tilu rupa bieu, masing-masing boga hak jeung kawajiban nu kudu dipatéahkeun ku pihak-pihak nu boga kakawasaan.

Saha nu salah, mun nu kapilih lain nu panghadena?  Nu nuding gé bakal nunjuk partéy. Kitu téh, lantaran nu nyalonkeun apan partéy. Atuh, bongan deuih partey pulitik gé teu ngatik kasadaran masarakat sangkan ilu-biung dina pulitik kalayan samistina. Balukarna, hasil pilihan,  lain nu panghadéna, sarta nu milihna gé ‘teu ngarti’ milih.

Kajadian-kajadina kitu, lumangsung méh di saban tempat. Tarékah ngabebenah bangsa ku cara ngaleungitkeun kasakit, nu di antarana ‘nepotisme’, lian ti kolusi jeung korupsi, tétéla masih kénéh jadi kasakit nu hésé disieuhkeunana. Nu écés, jalam-jalma nu ‘ngawasa’ partéy gé apal lolobana mah,  masih ti kulawedet nu ngawasa éta partéy. Atuh, dina ‘mawaan’ anggota partéy saperti keur calon legislatif, ogé pihak-pihak nu dukeut jeung deuheus ka pihak nu boga kakawasaan di éta partéy.

Partéy pulitik kawas nu poho, calon pamingpin téh kudu ngabogaan ‘legitimasi’ (pangakuan) sosiologis, demokratis, jeung etis. Kitu ceuk ieu Dosen Ilmu Administrasi Publik mah.  Hartina, memang sacara kanyataan, calon pamingpin téh geus aya dina ‘lingkaran’ kakawasaan. Inyana mah, geus ngabogaan teureuh jeung terah. Ngan, tangtu wé, moal cukup ku kitu, lantaran, tetep kudu boga pangakuan ti masarakat sacara demokratis téa. Atuh, pasaratan séjénna, pangakuan étis téa. Dina hal ieu mah, raket tumalina jeung ajén-inajén éta calon pamingpin ditilik tina moralna.

Kuatna partéy, anggota séjénna, gé loba nu milih jadi wawakil partéy batan jadi wawakil rahayat. Bukti, apan mun ngundurkeun diri di satengahing jalan, konsituén nu milihna mah, arang jadi tinimbangan. “Padahal, konstituén butuh nu marengan salila mangsa bakti wawakilna,” ceuk ieu Sekretaris Jurusan Magister Ilmu Administrasi (MIA) Pascasarjana Unpas teh.

Nyaritakeun ‘pabaliutna’ pasulana, Dr. H.  Thomas Bustomi, M.Si., boga pamanggih, kacida pereluna ngabebenah deui undang-undang, kaasup nu tumali jeung partéy pulitik. Cindekna, sangkan partéy téh leuwih jinek watés-watés kakawasaanana! Hartina, ketak jeung paripolah partey, kudu aya ukuran-ukuran anu jinek nu katara ku  balaréa. Nya tangtu deuih, sanggeus katara mah, kudu karasa mangpaatna ku warga sakumna.

Panyaring-panyaring pulitik, bakal gedé mangpaatna geusan ngaronjatkeun ajén partéy nu ka dituna mah ajén kahirupan kabangsaan jeung kanagaraan. “Pamustunganana, bakal kanyahoan, partey téh mihak saha?” pokna semu nanya.

 

Nebar Harepan

Napsu kakawasaana nu tumiba kana kaayaan ‘euforia’ sakumna pihak, bisa jadi mamala. Da, dina kayaan kitu mah, talajak gé bakal ninggang kana paribasa, tunggul dirarud catang dirumpak. Balukarna, bisa jadi aya nu untung, nu ngalantarankeun nu beunghar beuki sugih nu malarat beuki kokoro. Antukna, jungkrang antara nu miskin jeung nu beunghar téh kacida lungkawingna.

Kayaan kitu, memang ceuk Dr. Thomas Bustomi, M.Si, balukar ekonomi kapitalis. Nu kuat ngelehkeun nu hengker. “Ekonomi di urang mengpar tina Undang-undang Dasar, pasal 33,” pokna semu ngingetan.

Upama kaayaan kitu taya tarekah, nya tangtu wé bakal terus lumangsung. “Kakara eureun upama sumber daya alam geus béak, geus taya pupurieunana,” ceuk ieu dosén nu dumuk di Bandung téh.

Saha nu kudu milu memeres salian ti ngandelkeun pamarentah? Mun jamana baheula mah apana aya resi aya pandita, nu palinter jeung boga pamor dina nyanghareupan pihak nu boga kakawasaan. Pamangih jeung omonganana digarugu. Atuh, rahayat gé boga panyalindungan, lantaran ngarasa aya pihak sejen nu milu nalingakeun kapentinganana.

Kiwari, ceuk H. Thomas, kaum elit memang misti ancrub ngungkulan pasualan. Da, teu kurang kurang kaum intelektual gé, boh tehnokrat, agamawan, boh elmuwan. Ngan, nu jadi pasualana, kaum intelektual gé, apan loba nu ancrub kana partey sarta ilu-biung dina kakawasaan. Hartina, dina mangsa balaréa butuh panalinga, rahayat téh ngarasa nungelis.

Méméh tumiba kana ‘jurang kaancuran’,  ceuk Dr. H. Thomas Bustomi, M.Si.,  sakuduna aya tarekah jinek. Pa Dosen percaya, moal weléh aya cara, saperti ningkatkeun ajén sumber daya manusa (SDM). Ngan, dina sual ieu ge kudu jinek, kudu samiuk nepi ka aya ‘road map’ anu jinek, sangkan teu cacag nangkaeun! Kudu muncul kasadaran sakumna pihak, yen nataharkeun manusa unggul téh teu bisa ditawa-tawar. Aya ciri nu bisa dipake patokan, pamarentah kudu ngagunakeun anggaran sakurang-kurangna 30 persen keur pangwangunan, Saterusna, ti dinya waragd nu aya téh bisa dipatéahkeun keur rupa-rupa kapereluan, kaasup keur widang pendidikan. “Intina, sangkan tuwuh manusa-manusa cerdas ti awalna kénéh,” pokna.

Memang, cenah, di urang mah, loba keneh rambat kamaléna. Udagan nataharkeun generasi téh, kakara ulukutek dina pasualan nyalametkeun kaum ibu nu ngalahirkeun jeung orokna, sangkan angka nu maot ‘burusut tuluy’ terus ngurangan. “Tah, dina nataharkeun SDM téh tacan nepi kana sual ajén kacerdasan budak,” pokna mésem.

Ajén SDM kacida pentingna. Atuh, nataharkeunana gé teu bisa lalawora. Memang, dina urusan ieu gé pangpangna, pamarentah kudu mampuh jadi cukang lantaran tuwuhna ajen sumber daya manusa anu hade. Nataharkeunana, kudu ti anggalna keneh, ti barudak laleutik keneh. Misti tuwuh kaahlian masing-masing, sarta mampuh ngalaksanakeun pancénna. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: