• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

H. Rully Indrawan;

Nguatan Akar
Mahing Koperasi Jadi Korban

Kénging Ensa Wiarna
Kintun kana Facebook
Mangle
H. Rully Indrawan [Potrét/Ilustasi: ]

Koperasi harepan masarakat. Kitu téh, lantaran écés mangpaatna. Lian ti ngawangun  kamandirian ékonomi bangsa, nguntungkeun balaréa deuih. Tapi, kakuatan koperasi  kawas kitu, tacan jadi cukang lantaran karaharjaan masarakat.  ***

Pangusaha leutik butuh kanyaah pamaréntah. Lantaran mun diabur sina ngandelkeun kakuatan sorangan, ahirna ukur jadi korban. “Ku lantaran kitu, kudu nguatan tatapakan koperasi,” ceuk Prof. Dr. H. Rully Indrawan, M.Si., Ketua Dekopinwil Jawa Barat waktu ngobrol di Kantor Dekopinwil Jawa Barat, Jln. Soekarno Hatta, Kota Bandung, Jumaah, 24 Mei 2013.

H. Rully leuwih écés nétélakeun, Dekopinwil/Dekopinda sapuk, dina ngalaksanakeun pungsi katut peran masing-masing téh matokan kana Renstra Nasional, Renstra Wilayah, jeung Renstra Daérah.

Pangwangunan ékonomi, boga tujuan geusan ngahontal karaharjaan masarakat sakumna.  Karep kitu, butuh sarana ékonomi nu mampuh mawa masarakat sangkan hirup jeung huripna. Nu jadi andelanana, di antarana koperasi.

Mekarkeun koperasi, butuh pangrojong, kaasup nu tumali jeung waragad. Atuh, dina napakkeun koperasi di masarakat gé butuh pangrojong waragad téa. Tah, tumali jeung  waragad, ayeuna aya Undang-undang No. 17 taun 2012 ngeunaan koperasi. Di dinya, panalinga pamaréntah gé écés naker “Salah sahiji pasalna, nétélakeun dukungan pamaréntah nu tumali sareng waragad. Janten, ngalarapkeun BAB XIV Pasal 118 UU No. 17 téh kawajiban pamaréntah nu samistina diwujudkeun dina kanyataan,” ceuk ieu H. Rully Indrawan.

Tumali jeung Pasal 118 téa, ceuk Prof. Rully, Pamaréntah boga kawajiban nyadiakeun anggaran keur kagiatan Dewan Koperasi Indonesia. Éta waragad téh asalna tina APBN atawa APBD mun keur Dekopinwil/Dekopinda mah.  Kitu ceuk ayat hiji pasal 118 mah. Atuh ayat dua, nétélakeun, nu tanggung jawab maké éta dana téh Dekopin. Mun di daérah Dekopinwil jeung Dekopinda.

Saterusna, dina pasal tilu gé kacatur, makéna waragad téh kudu écés.  Hartina,  makéna éta waragad téh kudu dumasar kana balitungan nu gemet, ati-ati makéna, bruk-brak ka mana waé losna éta anggaran,  sarta puguh tanggung jawabna.

Tangtu cenah, undang-undang mah butuh peraturan pamarentah (PP) jeung peraturan menteri (Kepmen) sangkan éta undang-undang jinek larapna. Ku lantaran kitu, pihak Dekopinwil gé ngadongsok sangkan Dekopin aktip ilu-biung dina nataharkeun PP jeung Kepmen nu tumali jeung koperasi téa.

 

 

Akar Ékonomi Rayat

Panalinga pamaréntah ka koperasi  kudu diingetan ku gerakan koperasi saperti Dekopin di saban tingkatan. Kitu téh tumali jeung harepan sangkan koperasi tetep jadi tatapakan kamandirian ékonomi. “Dekopin saban daérah kedah tiasa gawé bareng sareng pamaréntah,” pokna.

Nguatan karep masarakat sangkan napak kana koperasi, teu babari. Da, galibna, masing-masing nu usaha téh miharep kauntungan. Buktina, pangusaha jugala gampangeun naker ngéléhkeun pangusaha leutik. Mahabuna  budaya kapitalis, individualis, munculna rentenir di saban daérah, jadi mamala keur masarakat. “Tah di dieu, Dekopin saban daérah kedah engeuh kana rupa-rupa kawijakan sarta mampuh nyegah satiap kawijakan nu ngaruksak kamandirian ékonomi masarakat,” ceuk H. Rully Indrawan.

Geusan napakkeun gerakan koperasi di masarakat, pihak Dekopinwil Jawa Barat gé, ngayakeun rupa-rupa léngkah jeung tarékah. Di antarana, nguatan deui KUD, KOPTI, Koperasi Konsumen jeung sajabana. Kamekaran éta koperasi gé jadi tanggung jawab Dekopinwil/Dekopinda.

Koperasi kudu jadi cukang lantaran karaharjaan. Ngan, kana kitu téh, jauh tangéh. Anggota koperasi nu umumna mah masarakat leutik, ogé pangusaha leutik, dina émprona mah, ukur ripuh jeung ripuh. Contona, patani apan mimindengna mah rumahuh.

Patani di pasisian, arang kabagéan kauntungan. Usum nyawah ukur ripuh. Atuh dina  usum panén gé patani mah arang kabagéan untungna. Remen kasaksén, misalna, waku harega hasil tatanén undak,  patani teu kabagéan untungna, lantaran barangna euweuh.

Ngabebenah koperasi, butuh kadariaan. Kitu téh, lantaran koperasi mah tumali jeung kahirupan jalma réa nu ogé lolobana mah kaasup palaku ékonomi nu héngkér kénéh. “Bangbaluh patani kalebet nu tumali sareng komunikasi,” ceuk H. Rully Indrawan. Ku lantaran kitu, palaku koperasi téh kudu engeuh kana kaayaan nu tumali jeung usahana. Hartina, nu icikibung dina koperasi kudu wanoh kana kaayaan jeung kamekaran  pasar.

Keur ngungkulan bangbaluh ‘komunikasi’, Dekopinwil Jabar gé maké Cyber Koperasi. Ngan, cenah, tacan walatra keur sakumna kabupaten/kota. Éta téh sarana sangkan palaku koperasi di jauhna, bisa apal kana kayaan nu tumali jeung kapentingan pihak koperasi.  ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: