• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Léptop jeung Éntog

Kénging Holisoh ME
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1371496765.jpg [Potrét/Ilustasi: ]

Ngaéh wé incu téh hayangeun léptop. Meusmeus kurunyung ka imah. Teu beurang teu soré. Eukeur mah kana sapédah moal capé, tambah-tambah da teu pati anggang teuing ti  imahna téh ngan pédah di perum. Ari kuring pan  masih angger bumén-bumén téh di sisi  lembur, nu ngawates jeung perum.

Basa anyaran perum dibuka mah, kudu nguriling  jalan téh da dihalangan ku bénténg nu kacida tohagana. Ngan duka teuing kumaha ka béhdieunakeun dijebol bénténg téh. Atuh bisa larsup boh urang lembur, boh urang perum ka lembur. Asa jadi leuwih deukeut ayeuna mah tinimbang baréto basa masih kudu jalan ka gerbang perum.

Matak teu anéh mun incu kuring bulak-balik naék sapédah maké jalan meunang ngajebol téa. Meusmeus puncengis meusmeus puncengis bari késang luut-léét na beungeutna. Jeungna deui, budak téh deukeut ka kuring jeung ka ninina batan ka indung bapana. Tuda ti keur orok kénéh  diurusna téh ku kuring jeung ninina. Indung bapana mah digarawé, baralikna tabuh lima soré.

Da éta wé hayang sapédah téh méntana ka kuring. Tangka ngajual ségon sapuluh blék. Heueuh da karunya, ngagalekan wé tacan dibéré mah. Éléh déét, kuring ngajual ségon meuli sapédah keur incu. Lin nanaon, ari ngandelkeun indung bapana téh karunya, apan unggal bulan téh kudu mayar cicilan imah, mangka sapuluh tauneun cenah.

Kajeun karung ségon di goah ngurangan gé, suka wé ati téh. Kahayang incu geus kacumponan. Ngan orokaya, ayeuna mah mun datang téh beuki remen. Kalan-kalan nepi ka aya lima kalina dina sapoé téh. Meusmeus jol meusmeus jol. Lamun kuring jeung ninina suwung, disusul ka sawah atawa ka kebon. Cicingna di imah teh ari geus daratang indung bapana.

Ku kuring jeung ninina, budak téh dipénta ka si Ujang, ka anak kuring. Jawabna téh, ké wé bébéja heula ka indungna, da ari alusna mah mending cicing di Abah di Ema, méh katalingakeun sapopoéna.

Geus bungah haté téh. Geus yakin deuih, indungna bakal ngidinan. Tapi  jauh ti sangkaan, indungna teu ngidinan. Cenah ari peuting tara bisa saré euweuh budak téh. Teu pararuguh.

Ngan poé Saptu mah sok dipapagkeun ka perum ku kuring jeung ninina. Mani sok angkaribung sagala dibawa. Baju dua setél, papan catur leutik, da incu teh resepeun kana catur. Atuh kantongna téh mani metet, ditaklokkeun na tonggongna, ditungtun ku ninina. Ari kuring kabagéan nunungtun sapédahna. Da embungeun numpakan incu téh, hayang ngaleut cenah tiluan. Jaba kudu sumpang-simpang heula ka warung nu rayap di jero komplék, meuli keur opieun engké peuting.

“Mending ditumpakan ku Aki nya sapédah mah, Jalu!” ceuk kuring daria.

“Entong, pan méh dugina sareng ka bumi Aki,” témbalna kalem. Kuring jeung ninina ukur nyéréngéh.

Resep di imah aya incu téh. Cacak ukur saurang, da puguh turunan nunggal. Kuring anak nunggal, anak gé nunggal. Teuing yeuh incu, boa nunggal deui waé, da geuning si Jalu geus umur sawelas taun, can adian deui.

Ari aya incu ngéndong téh jadi sok taranginas, boh kuring boh ninina. Bada salat Subuh téh Ninina langsung mirun seuneu. Ngahaneut-haneutkeun dahareun. Ari kuring mah sok langsung naék tarajé, nyokot endog tina paranjé. Ukur dua siki, keur incu. Da karesepna téh endog digoréng satengah mateng dikécapan. Kitu wé ari mumulukna téh. Teu ngarudetkeun. Talunganan kuring, mumuluk gé kudu waé aya angeun. Butuh caina ari geus kolot mah dahar teu maké kuah téh sok asa melag waé na tikoro. Nya pama euweuh angeun mah, sok nyagigirkeun cai na emuk gedé. Dibantuan ku cai neureuyna.

Bérés mumuluk, karék kuring ngurus ingon-ingon. Hayam, éntog, domba, ngajajar di tukangeun dapur kandangna téh. Incu sok resepeun mun geus nempo kuring ngurus ingon-ingon téh. Sok milu maraban. Komo ayeuna éntogna keur kajadian. Ampir ngaratus ayeuna éntog téh. Kandang gé méh pinuh. Geus diajam ta gé, deuk nyieun deui kandang dua petak mah khusus keur éntog. Da énténg nyieun kandang éntog mah teu kudu maké tihang, asal aya cai kokocoran wé. Ngan tacan aya waktu, da puguh keur ngaseuk kacang jeung jagong minggu-minggu kamari mah. Ké sugan minggu isuk, da geus nitah nuaran awi mah ka si Nono.

“Aki, éntog téh mani jadi nyeueuran?” ceuk incu bari ngawurkeun beunyeur ka éntog nu karék sagedé-gedé peureup manéhna.

“Apan sababaraha hiji nu malegarna gé. Kéh minggu isuk aya dua bibit deui nu malegar sugan wé kajadian,” témbal téh bari ngurah-ngaréh parab nu meunang nyampur jeung beunyeur dina panci butut.

“Meuncit, Ki?” tanyana bari seuri.

“Luas kitu Jalu ngadahar dagingna?” kuring malik nanya.

“Aaah, entong kétah, Ki! Karunya! Keun wé sina baranahan, méh buruan Aki téh pinuh ku éntog! Jadi lautan éntog!” ceuk incu bari nyeuleukeuteuk seuri. Kuring gé seuri. Ninina ngelol tina panto dapur. Kapiasem meureun ngareungeu omongan incuna.

“Naon nu jadi lautan éntog téh, Jalu?” ceuk ninina bari seuri.

“Enya, pakarangan Nini! Engké téh lamun éntogna geus ngarébu, bakal jadi lautan éntog. Wah resep meureun, Ni! Mun maraban téh récok, paboro-boro,” omong incu mani sumanget kawas nu enya.

“Lain resep, Jalu! Bingung marabna kudu kumaha? Ieu gé ukur saratus punjul saeutik, sakarung huut téh ukur dua poéeun,“ témbal ninina.

“Ngagodogna dina naon? Dina dreum?” tanya téh. Ninina jeung incu sareuri.

“Kadé, Jalu, tong tarik teuing ngeukeuweuk anak éntog téh, bisi paéh,” ceuk kuring barang karérét incu keur ngeukeuweuk anak éntog nu sagedé peureup.

“Leupaskeun, Jalu! Bisi dilodok kéh ku indungna,“ ninina mairan.

Geuwat anak éntog téh diécagkeun. Tereleng lumpat muru indungna nu keur jongjon lolodok dahareunana .

Nepi ka panon poé geus karasa rada panas, maraban ingon-ingon bérés.

“Nam, Jalu urang ka imah! Boga opieun si Nini mah geura!” ceuk kuring bari cengkat. Da enya, apan kamari ninina téh nyieun ulén mani sanyiru. Ngahaja nyadiaan incu. Pan incu téh karesepna kana ulén, wajit, bugis, peuyeum ketan. Sagala rupaning kadaharan nu bahanna tina ketan. Geus puguh opak ranginang mah, kudu aya sapopoé. Mana sawah téh nu dua kotakan galedé mah ngahaja dipelakan ketan.

Ninina jongjon wé ngagoréngan ulén. Nu geus asak mah ditunda na luhur piring léah.

“Tah geuning, sok kainyah, Jalu! Ngopi heula meungpeung haneut,” ceuk ninina bari ngalieuk ka incu. Teu kudu ngaduakalian, kedewek kana ulén, belewek, ngan dua kali ngégél. Béak. Kari cupak capékna wé. Peresis bapana, kana ulén téh leuwih-leuwih ti manggih bolu.

“Deuk tas lohor wae mulang téh, Jalu? Keun wé dianteurkeun deui ku Aki jeung Nini ka Perum mah. Ulah nepi ka dipapagkeun ku mamah, karunya capéeun!” Ceuk kuring bari ngoérkeun lebu nu geus numpuk na liang hawu.

“Da moal ka Perum! Rék ngéndong deui di dieu!” omongna daria. Kuring jeung ninina silih pelong. Na kunanon tara-tara, pan biasana gé sok sieun ku bapana mun dék undang-endong téh kudu kuring jeung ninina nu menta ijinna.

Ninina surti, rét ngarérét ka kuring bari seuri konéng.

“Uluh, sukur wé Jalu deuk ngéndong di Nini mah! Atoh Nini mah.”

“Keun bé, bébéja ka si Apa mah ku Aki ka perum,” akina mairan.

“Naha teu gugur teu angin bet hayang ngéndong, Jalu?” tanya ninina.

Incu tungkul. Tapi teu lila pok ngomong, bari mencrong ka kuring.

“Kaka téh hayang léptop, Ki! Da Kaka téh geus kelas lima ayeuna téh. Geus tiasa Kana komputer. Réréncangan Kaka teh tos seueur nu garaduheun. Ari Kaka teu gaduh,” omongna daria.

Sok digeroanana téh Kaka ku indung bapana atawa ku babaturanana. Ukur kuring jeung ninina nu nyebut Jalu téh. Tapi da manéhna geus ngeunaheun disebut Jalu téh.

“Ari ceuk Apa kumaha? Rék dipangmésérkeun moal?” tanya téh panasaran. Sabab kuring teu pati ngarti, naha ari léptop diperlukeun pisan kitu keur budak saumur si Jalu? Kuring teu apal. Da puguh éta mah barang  kiwari. Baréto mah taya léptop taya komputer. Mana ngeusian waktu téh ukur ku ngurus ingon-ingon wé. Domba, hayam, éntog, atawa ngurus palawija jeung sawah.

“Moal cenah, Ki! Da awis léptop mah,“ témbal incu.

“Sabaraha ratus rébu?” tanya téh panasaran.

Keun waé keur kasukaan incu mah deuk meuli wé najan kudu ngajual paré gé. Ongkoh bakal agul incu bogaeun léptop. Jadi kuring nyaho, nu kumaha ari léptop téh, da tacan pernah nempo jungkiringna. Ngadéngé gé ngaranna karék ayeuna. Ari ngaran komputer mah geus wawuh, da kungsi nempo di imah anak di perum. Léptop mah lebeng, can kabayang, kumaha rupana kumaha bungkeuleukna.

“Sanés ratus rébu, Ki! Jutaan.” Ceuk incu bari kerung, kawas nu geus putus harepan. Kuring silih pelong jeung ninina. Ninina unggut-unggutan. Kuring surti.

“Enya atuh rék mondok mah, Aki deuk laporan ka perum ka Apa. Bisi deudeupeun.” ceuk kuring datar. Incu unggeuk semu atoh.

Sapeupeuting badami jeung ninina. Da incu mah geus ngageubra saré di enggon hareup paranti baheula bapana. Hasil kuring tadi soré ngobrol jeung anak dibéjakeun ka ninina, yén léptop téh mémang kacida dipibutuhna ku barudak téh. Barudak bisa nempo dunya tina léptop. Bisa diajar sagala tina léptop. Ngan teu dipangmeulikeun téh cenah taya duitna. Kitu ceuk anak téh.

“Jadi penting  léptop téh?” tanya ninina panasaran.

“Nya heueuh! Ngan pédah anak urang wé teu bisa mangmeulikeun da teu bogaeun duitna,” témpas téh.

Sajongjongan duaan ngaharuleng. Mani simpé pisan, da puguh geus peuting. Ukur sora sasatoan wé nu jéntré kadéngé téh.  Komo sora jangkrik mah mani écés naker, da tukangeun, gigireun imah téh kebon sampeu wungkul.

“Kumaha atuh lamun éntog wé urang jual ka bandar! Kabéh wé jual bisi teu cumpon keur meuli léptop mah. Rido kami mah! Rido da keur incu!” ceuk ninina bari neuteup kana beungeut mani seukeut. Sieun teu diidinan meureun.

“Nya panuju kami gé! Pék waé. Ngan urang teu nyaho, di mana kudu meulina, naon mérekna? Teu apal!” jawab téh. Katémbong beungeut ninina nu tadi salempang téh jadi béar marahmay.

“Sukur lah ari di dinya panuju mah! Isuk kami deuk ka si Gagah bandar éntog urang Girang.” Ceuk ninina mani haget.

Kuring ukur unggut-unggutan. Teu kacipta, ti mimiti poé isuk, kuring bakal bébas tina ngolah parab éntog. Moal maraban éntog! Moal ngagiring-giring éntog, ngandangan! Bakal bébas. Tapi naon gawé atuh? Ukur maraban hayam mah da ukur hayam salikur siki. Ganti waé kitu pagawéan téh ku mukaan léptop, méh bisa nempo dunya? Pan kitu lin ceuk anak kuring gé, léptop téh lawang keur mukakeun panto dunya. Na bisa kitu ngagunakeun léptop? Nyaho rupana gé hanteu!” biwir nyéréngéh sorangan. Nini si Jalu ngarérét.

“Naon sura-seuri?” rada teugeug nanyana.

“Lain nanaon, kabayang mun éntog geus jadi léptop téh, kami kaleungitan pagawéan maraban éntog!”

“Bé lah! Nu penting incu urang pinter, bisa nempo dunya tina léptop,” mani sumanget ninina téh ngajawab. Kuring nyéréngéh seuri.***

Sukasari  2012

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (2)

aang dhanie

Waas,emit ka pun biang srg pun bapa,hatur nuhun carpona Teh Holisoh ME...

Pandu Pinuji

Sae pisan,,,leresnya kanyaah sepuh mah sagalarupi oge pasti ridho dikorbankeun kangge anu jantn putu atanapi putra

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: