• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Supata

Kénging Ensa Wiarna
Kintun kana Facebook

Dina carita baheula, supata téh mujarab pisan. Kitu téh prah di mana, mana. Kajadian nu ngalegénda, remen kénéh kacatur  nepi ka ayeuna, saperti Malinkundang, Rorojongrang, jeung sajabana. Nu nyupata, boga peurah, saciduh metu, saucap nyata.

Ku lantaran supata peurahan,  kalakuan gé teu bisa sagawayah. Mun embung katulah, paripolah jeung caritaan, misti titih-rintih, ulah matak aya nu teu genah. Ku cara kitu ogé, pager-pager moral teu gampang rebah!

Pager kalakuan, mémang bisa tina kasieun. Sieun ku supata, sieun disapa, ogé sieun doraka. Umumna, nu kabéjakeun bisa nyupata atawa nyapa téh, golongan nu lain joré-joré, da kaasup jalma hormateun. Jalma biasa gé bisa nyupata, cara supata indung ka anak saperti nu didongéngkeun dina Malin Kundang. Doraka ti indung mah,  bisa katulah! Da, mémang indung téh hormateun anak.

Manjurna supata, tumali jeung ajén hiji jalma. Nu mujarab mah, pangpangna kaasup jelema linuhung, saperti pandita atawa resi. Ku luhungna élmu éta golongan, raja atawa nu boga kakawasaan gé kacida ngajénanana. Kalungguhan kawas kitu, bisa  jadi panyaimbang kapentingan kakawasaan jeung kapentingan balaréa. Pandita, bisa jadi tuturus nanjeurna kakawasaan sangkan teu dipaké sakama-kama.

Naha unggal jalma bisa disupata?  Dina carita-carita baheula témbrés.  Bisa sotéh disapa kalayan jadi mamala, upama nyimpang tina ‘bebeneran’. Nu teu tuah teu dosa, umumna, teu keuna ku supata.

Dina kapustakaan Sunda, kalungguhan nu linuhung, saperti resi gé écés. Di antarana, saperti nu kacatur dina wawacan Purnama Alam. Di dinya,  aya resi teureuh pasantrén. Éta padepokan téh tempat balaréa, kasup anak raja nyuprih élmu pangaweruh.

Dina carita séjénna, ka béhdieunakeun, kalungguhan kaum intelektual gé tembres, jadi bagian masarat nu hormateun. Kitu teh, saperti nu kagambar dina carita Mantri Jero, karya R. Memed Sastrahadiprawira. Nu boga karep hayang nambahan élmu, bisa ngulik di pasantrén.

Mun pandita saciduh metu saucap nyata lantaran élmuna, kaum intelektual gé kitu, apal kana kajadian lantaran maca  bihari jeung kiwari. Ku cara kitu, pungsi atawa pancén kaum intektual kiwari sarimbag jeung pancén pandita baheula.

Upama pandita bisa jadi mitra raja, kaum intelektual gé bisa jadi mitra  nu boga kakawasaan. Pungsina, sangkan éta kakawasaan téh mangpaat keur balaréa, lain keur golongan pangawasa wungkul.

Antara kalungguhan pandita jeung raja, aya gurat anu écés. Najan aya hubungan anu ‘deuheus’, masing-masing pihak ngarasa ‘bebas’. Raja bebas ngalaksanakeun pancén nu tumali jeung kakawasaanana, pandita bébas mekarkeun élmuna.

Hadirna kaum intelektual, lir pandita atawa resi jaman baheula. Ieu golongan téh nempatan kalungguhan nu hormateun. Kitu téh, lantaran ketak jeung paripolahna mihak kana bebeneran. Tinimbanganana tara cueut ka nu hideung tara ponténg ka nu konéng.

Kaum pandita jeung resi, masagi. Teu silo ku kakawasaan, lantaran tujuan hirupna ngan ukur ngabdi kana bebeneran. Ku cara kitu, masarakat téh, lian ti ngarasa  aya dina pangaruh kakawasaan,  ogé ngarasa katalingakeun ku pandita atawa resi.

Kiwari, kaum intelektual téh loba naker. Ngancik dina saban tempat kalayan kampuhan dina rupa-rupa widang. Atuh, meujeuhna, mun dina kaayaan kumaha waé ogé, masarakat  masih kénéh boga gunung pananggeuhan, kaum intelektual. Ngan, kétang, da ayeuna mah, lain jaman dongéng, komo jaman pawayangan.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: