• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Béja Ti Pasir Tarajé

Kénging H. Usep Romli, HM
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1372124338.jpg [Potrét/Ilustasi: Agus Mulyana]

Geleger! Geleger!

Sora dinamit bitu. Bitu tarik pisan.

Dituturkeun sora sawur. Séah. Aweuhan nu nambag kana lamping-lamping sakurilingeun pasir di éta wewengkon.

Sora dinamit bitu. Bitu tarik pisan. Nurih langit. Ngacak méga.

Karasa pisan oyagna kana dada Hadma, nu keur rénghap-ranjug nandangan mengi nu beuki dieu beuki mindeng kanceuh. Komo kamari, basa ngadéngé  béja, batu-batu kéndan tarahal di Pasir Taraje, rék mimiti ditugar. Didinamit heula ambéh ka dituna gampang ngali ku linggis katut ku paparabotan hampang séjénna.

Béja nu nepi kana ceuli Hadma, karasa matakna. Lain baé panyakit mengi nu ngadadak kanceuh kabina-bina. Tepi ka rék kawas sahoseun. Tapi deuih, lir nurihan ati. Ngajejewét haté nu geus rajét ti béh ditu mula. Ti barang aya wawaran Pasir Tarajé rék dikakat. Diala batuna. Diala keusikna. Cenah di dinya, aya bibit inten berlian. Aya piemaseun, pitambagaeun.

“Urang bakal kabawa hojih. Milu lubak-libuk ku ayana bahan mineral berharga di Pasir Taraje,” Jonih, minantu Hadma, cacarita bari pepeta. Dibandungan teleb pisan ku Dadi jeung Odah, adi beuteungna.

“Enyaan, Kang?” cék Dadi tamba teu nanya teuing.

“Ih, ari manéh. Tara percaya ka dulur. Yeuh, akang geus dicantél ku Pa Kohar, jalma nu ngaluarkeun modal keur ngokolakeun kakayaan Pasir Tarajé. Pokona, akang dijadikeun kokojo di dinya, sangkan rencana mulus. Ulah aya gangguan ti sisi ti gigir,“ Jonih semu nyureng. “Pokona maranéh kudu milu hirup. Kudu milu sugih. Apan Pasir Tarajé teh sasat warisan luluhur urang. Kitu lain, cék Abah oge. Éh ku naon Abah teu milu masamoan?”

“Panyakitna karasa deui,“ walon Dadi jeung Odah mani bareng.

“Euh, boro rék méré kabungah, béja-béja baé mah. Tapi, tepikeun wé ka bapa. Darajat hirup urang bakal kajungjungkeun ku ayana mineral Pasir Tarajé nu isuk pagéto mimiti dibaladah. Manéh Dadi, Odah deuih, jeung salaki, geura tatan-tatan wé milu ngeduk untung. Rék muka warung sangu, rék dadagangan kadaharan séjén keur capék rahém, teu burung payu. Ké ku akang dipangyiriankeun tempat nu merenah,“ Jonih ujub pisan.

“Nuhun atuh, Kang. Sugan uing bisa dagang bajigur di dinya. Ambéh teu kudu iang jauh ka kota,” beungeut Dadi ngolébatkeun harepan. Ngan sakedapan tapi. Ukur sakiceup geus ngungun deui. Ras kana nasib dirina. Ti keur bubujangan, dagang bajigur. Nepi ka prukna kawin ka Nyi Umiatun. Angger dagang bajigur. Mulang saminggu sakali. Nepi ka boga budak hiji. Mulang dua minggu sakali, da kudu kukumpul duit rada ngalilaan jeung kudu ngaréaan, lantaran huapaneun geus nambahan hiji. Tungtungna mulang sabulan sakali.

Nepi ka hiji waktu, geus dua taun rumah tangga, kabéjakeun Umiatun nyéléwér. Ukur didéngé saliwat. Nepi ka kabuktian, hiji peuting mulang ngadadak. Nyampak di imahna aya lalaki séjén. Keur guley jeung pamajikanana. Nepi ka bubak-babuk. Pamajikanana ceurik jejeritan. Budakna milu ceurik jejeritan. Lalaki nu téga ngajinahan pamajikan batur, ngalumbruk dina ubin. Kapaéhan sanggeus dihabek sirahna tilu kali ku rancatan.

Nepi ka urusan ka pulisi. Dadi dituding ngarogahala. Dijagragkeun ka pangadilan. Divonis opat bulan panjara, lantaran jalma nu ngajinahan pamajikanana terus tanpa daksa. Sanajan jagjag waringkas, sirahna jadi déngdék, jeung létahna ngelél terus bari camutak ku aday. Ngomongna balélol.   

Geus puguh ka KUA mah. Ka pangadilan agama. Ragrag talak tilu sakalian. Teu ngarasa lebar teu sing ku Umiatun nu hideung santen, nu pipina kempot sabeulah. Duriat beurat kacangcang ku anak, musna sapisan, mun inget kana téténjoan nu nampeu hareupeun. Umiatun keur murangkél pageuh kana punduk lalaki layanna ngalambangsari. Awakna motah dibarung ku sora kedaling birahi. Nu matak duanana teu engeuheun ka Dadi nu nangtung dina lawang tuluy ngaheumbatkeun rancatan kana sirah éta lalaki haramjadah.

Beuki keuheul jeung ngunek-ngunek, sanggeus batur-baturna mapanas. Cenah, Umiatun jejeritan téh, lain reuwas atawa sieun. Tapi hareneg kapegat kasumegaan.

“Témpo ngangsit, ngabulasin!” cék batur-baturna, ngangsonan Dadi, nu beuki nguatan tékad ngaragragkeun talak tilu ka Umiatun.

Nu matak, meunang jangji ti  Jonih, semu-semu bungah. Sugan bisa maju dagang bajigur di lembur. Sugan ari boga deui pamajikan, moal kudu jauh-jauh ninggalkeun. Bisi kawas Umiatun.

Sakabéh obrolan tadi, écés pisan kadéngé ku Hadma nu keur rénghap-ranjug ngararasakeun mengi. Beuki beurat karasa panyakitna. Beuki ngondéal kakeuheulna ka minantu nu biluk ka batur. Ka anak-anakna nu ngahaénan omongan Jonih.

“Ari sia teu malikir pisan, deuleu! Ukur harétop kana teteliheun wungkul!” Hadma murang-maréng, bari teu walakaya. Dada beuki eungap. Ambekan beuki sesek.

Angin keri nebak ti jauhna. Garing kelang. Ngabrulkeun kekebul. Hadma ukay-ukey hudang. Sabisa-bisa nutupkeun jandéla. Ulah ngablak teuing. Jeung kekebul ulah ngambrul teuing ka jero kamar.

Hirup nyorangan, sabada Nursih, pamajikanana, maot tilu taun ka tukang. Sasat taya nu ngurus. Ukur ngandelkeun kahaat anak. Ka Odah nu salakina teu puguh cabak. Ka Dadi nu keur tunggara dihianat ku pamajikan. Ka Nani,pamajikan Jonih, nu leuwih mindeng ngingilu ka salaki batan cicing di imah.

Sumber kasab naon deui iwal ti tanah satapak peucang? Di léngkob kalér Pasir Tarajé. Sawaréh disawahan. Pédah kawilang subur. Tara kendat ngumplang ku pangpalidan cinyusu nu bijil tina cadas gantung luhureun suku pasir. Cinyusu lélébéran ti dinya, terus jadi solokan nu ngocor ka pilemburan. Nyaian sawah jeung balong di dinya. Pangpalidanana ka wahangan Cihonjé, nu ngamuara ka Cimanuk. Walungan badag pangalaan lauk, keusik, batu pékprék jeung rupa-rupa kahasilan  séjén nu bisa dipaké pangupa jiwa.

Basa aya kumpulan, ngabadamikeun panawaran rék ngaropéa Pasir Tarajé, Hadma nyoba-nyoba milu nyarita. Bari ambekan huk-hék, sora peuyeuh, awak rangkebong, leungeun ngadégdég, Hadma satékah polah medar kagunaan Pasir Tarajé ayeuna keur balaréa. Ti mimiti cinyusu, tutuwuhan, sasatoan, ditataan. Lamun seug digunasika, urang lembut baris kaleungitan sagala rupa nu kungsi dipibanda mangtaun-taun ti jaman karuhun kumereb di dieu. Ngawangun hirup kumbuh nu runtut raut, sahakan sainum, sakanyeri sakapeurih.

Sababaraha kali diingetan ku panumbu catur, sangkan eureun, Hadma terus bée ngadungdu. Hayang ngabudalkeun sagala uneg-uneg. Hayang ngakurkeun jeung nu béja saluwat-saliwat nu kacangkem ngeunaan piengkéeun nasib Pasir Tarajé.

“Naha maké kudu ditugar? Naha maké kudu dikali? Ceuk saha ngandung inten berlian. Ceuk saha aya emas aya tambaga? Naha pibalukareun ka balaréa geus kapikiran?” Hadma beuki rénghap-ranjug. Napasna beuki sesek. Ngan sumangetna beuki  hurung.

Puguh baé rea nu hayangeun ngajawab. Ti mimiti Kadés, utusan ti kacamatan, LSM, nepi ka jalma nu cenah rek ngamodalan pikeun ngolah Pasir Tarajé jadi tempat usaha nu maju. Satata jeung tempat-tempat galian mineral séjén nu kamashur. Jeung Freeport. Jeung Néwmont. Katut réa-réa deui nu Hadma teu nyaho, jeung teu hayang nyaho. Sabab sakumaha kanyaho manéhna sapopoé idek-liher di Pasir Tarajé, di dinya aya cinyusu badag. Caina canébrang hérang, tiis nitis kana batin. Matak ngarerepkeun késang lamun keur digawé satengahing poe nongtoréng.

Béh lebakeunana aya tajug leutik. Paranti nyirep kamarudahan balukar pepelakan ku hama, kurang gemuk, kurang piara. Hég beberesih. Wudu. Terus ruku sujud. Madep ka Nu Murbéng Alam. Ka nu ngatur gulak-gilukna mahluk. Ka nu ngatur rejeki, keur sing saha baé, nepi ka walatra kabagéan. Ka sakur jalma nu daék ojah nyiar kipayah.Ka manuk-manuk nu tinggeleber sabudeur pasir. Ka kadal, ka éngkang-éngkang. Malah ka kalakay nu murag kana émpang cinyusu. Kabéh papada meunang rejeki nu luyu jeung kabutuhna séwang-séwangan. Taya nu diwilah-wilah.

Béda jeung nu dipedar ku para kekentong nu rék  ngabedah Pasir Tarajé. Ceuk Kadés cenah keur karaharjaan rahayat. Ceuk utusan kacamata,cenah keur nambahan PAD. Ceuk nu boga modal, cenah keur ngalegaan lahan pakasaban. Keur ngungkulan pangangguran nu beuki dieu beuki pikahariwangeun.

Teu kaharti saeutik-eutik acan ku Hadma. Ku nu séjén ogé, sasama patani leutik nu nyambung hirup ti poé ka poé, koréh-koréh cok di Pasir Tarajé. Teu kaharti deuih ku sikep Jonih. Minantuna nu ngadadak bérégégéh. Asa heueuh jadi kapercayaan nu boga modal. Teu kaharti ku LSM, nu cenah paéh poso ngabela kalanggengan lingkungan alam. Ku nyebakeun Pasir  Tarajé ka nu rék ngali eusina, naha lain ngaruksak lingkungan alam? Kalah kumaha waé ogé, cinyusu hiji-hijina di sadésa, malah boa sakacamatan, bakal milu kagunasika. Cadas gantung tempat cinyusu bijil, tangtu bakal kagadabah. Kagiridig ku galian. Da sakuriling bungking Pasir Tarajé, mangrupa patempatan bahan-bahan mineral berharga nu dijadikeun inceran.

Séahna sora nu keur rapat, bareng jeung  séahna angin garing usum halodo, geus teu kabandungan deui ku Hadma. Napasna beuki sesek. Tanagana beuki suda. Inget-inget geus ngagolér dina pangsarean di kamar. Keur diceuceuhan ku Odah nu nyarita tandes pisan :

“Abah mah tos tong pipilueun kana urusan Pasir Tarajé. Komo ngiluan pacéntal-céntal mah.”

Hadma teu némbalan. Panonna mélétét. Tina jandéla, katémbong ponclot Pasir Tarajé. Butak, lantaran mangrupa amparan batu kéndan. Ka handapna, nepi ka léngkob nu aya cadas gantung huluwotan cinyusu, karék ngémploh héjo. Pinuh kakaian kahot titinggal karuhun baheula nu haat melak kai rupa-rupa. Warisan kaasrian alam keur anak incu buyut bao.

Beuki sahéng béja, beuki hangkeut proyek Pasir Tarajé. Jonih beuki cuhcih. Dipercaya ngatur patempatan keur nu rék daragang. Odah jeung salakina dipernahkeun deukeut ka bédéng. Nyieun saung keur dagang sangu katut deungeunna sapuratina. Padeukeut jeung pitempateun Dadi masang tanggungan bajigur. Engké dina waktuna.

Nya ayeuna waktuna. Mangsa geus tumiba. Dicirian geleger sora dinamit. Ngageterkeun langit. Ngagederkeun dada Hadma. Napas sesek. Ambekan ngahanju.

“Ba-ru-daak!” tina pangsaréan Hadma ngagero. Sora peuyeuh. Peura. Haroshos. Kasilih angin panas nebak ti luar. Mawa kekebul. Kasilih ku sora hawar-hawar nu keur pidato di tempat upacara ngabeledugkeun dinamit. Jonih milu surak. Odah jeung salakina ijigimbrang méréskeun paparabotan. Dadi nyumputkeun beungeutna nu alum tukangeun tangkal, barang awas ka Umiatun diuk ngaréndéng jeung jalma anyar pinanggih. Anakna dilalahun. Leungeunna ranggém ku peremén loli jeung balon gas.

“Ba-ru-dak….” sora Hadma beuki haroshos. Pipikiranana kumalayang ka sawah sacangkéwok. Ka cinyusu subur di girangeunana. Ka tajug leutik pangreureuhan lebakeunana. Tempat ruku sujud nuduhkeun sukur ka Nu Maha Agung. Maca dzikir jeung solawat, minangka panyelang tina kasibukan narutus jalan kahirupan nu kawasna moal kasampak deui sabada beledug dora dinamit tadi.

“Allohu Robbi,”Hadma ilang tangan pangawasa. Taya pamuntangan iwal ti Alloh Nu Maha Welas tur Asih. “Ya Hayyu ya Qoyyum !”

Tumiba mangsana, meneran plang proyék pangalian mineral Pasir Tarajé dipasangkeun. Dituturkeun ku keprok jeung surak ayeuh-ayeuhan. Kagiringkeun ku angin keri ka lebah Hadma ngalempreh dina pangsaréan. Taya tangan pangawasa Nyawa ninggalkeun raga. Kawas rek neang beja ti Pasir Tarajé..***                                  

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (2)

kang engkos koswara

sae pisan, kang

ajat sudrajat

Beja ti Pasir Taraje, ngahudang deui ingetan kuring kana kajadian anu meh sarupa nyaeta pangalian mineral "bijih besi" di lembur Ceuri anu ayeuna katelahnya Dusun Sukamanah di Desa Cidolog wewengkon Ciamis kidul, Pasir Ceuri anu baheula subur, tangkal rambutan "si oray" anu jangkung ngarandakah, tangkal jati jangkung ngajulugjug, sumur anu caina canebrang herang paragi urang lembur mandi jeung sajabana... tajug leutik paragi solat ayeuna ngan tinggal carita. Sabab Pasir Ceuri geus bulistir, taneuh beureum anu subur geus disasaak tinggal batu cadas anu tarahal, proyek batal teu di teruskeun sabab "kandungan bijih besi"-na teu "memenuhi standar anu di penta ku invsetor". Urang lembur anu boga kebon ngegel curuk, sabab ganti rugi kakara "uang muka", investorna kabur jalir jangji..... deudeuh teuing lembur kuring.... cadas tarahal jadi saksi ku sarakahna manusa......

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: