• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Kalangsu

Kénging Tiktik Rusyani
Kintun kana Facebook

Elékésékéng nungguan nu boga imah kaluar ti kamarna. Teu bisa kukumaha da puguh ukur sémah jaba anyar pinanggih, nya kudu rido miceun waktu keur huleng jentul teu puguh cabak.

Sanggeus aya sajamna nungguan, nu di kamar kaluar. Buukna karusut, baju ngaliglag némbongkeun harigu nu éxtra large. Awakna sampulur sanajan kaciri geus umuran tapi masih geulis kénéh.

“Lisna?” tanyana bari mencrong semu nyidik-nyidik kana beungeut. Gék diuk dina sofa hareupeun kuring. Sukuna ditumpangkeun nepi ka pingpingna nu ngagelempong téh ngaboléklak da puguh bajuna pungsat, lain gé baju kétah tapi lingerié wungu térong nu carang.

“Muhun, Bu. Nepangkeun,” walon téh bari nyolongkrong.

“Alah, tong ibu-ibuan di dieu mah, mani asa terhormat siga ka ibu pejabat waé. Tanteu Mary kituh. Saréréa gé nyebut kitu teu kolot teu budak.”

“Mangga, Tanteu.”

“Kumaha cenah pamaksudan téh?” Tanteu Mary nyerebungkeun haseup rokona, panonna peureum beunta.

Kuring kalahka tungkul, bingung rék ngajawab kumaha. Da nepi ka imah ieu gé asa ngimpi, kawantu kakara pisan nincak kota nu ramé kawas Bandung. Ti leuleutik nepi ka rumahtangga teu incah balilahan aya wé di lembur, paling ulin gé ka kota kabupatén da teu ramé cara didieu.

“Sabenerna Tanteu geus apal pamaksudan Lisna. Da rék naon los-los ka karaton ieu ari lain rék jual beuli mah. Ngan Tanteu asa teu méréan mun hidep rék ancrub dina dunya ieu. Dunya peteng nu pinuh ku dosa. Tapi tanteu teu bisa ngahalangan kana karep Lisna, da matak datang gé meureun geus apal résikona jeung sanggup narimana,” cenah. 

Kuring masih ngabetem bari ngucel tisu. Tina dendam jeung kabutuh nu teu bisa ditunda diisukpagétokeun, lahlahan narima tawaran ti Bi Ratna. Da geus biasa manéhna mah sok néangan nu daék digawé hampang tapi duitna mucekil.

“Sok atuh pikiran sing leuwih asak, da teu bohong lamun lebar ku hérangna mah. Tapi Tanteu masih méré kasempetan ka hidep keur nimbang-nimbang. Sabab mun geus kokojayan dina dunya ieu, bakal hésé rék hanjatna. Ku Tanteu ditinggalkeun heula nya, si Om rék mangkat, kudu dibaturan heula,” nu ngalanggéor téh aya ku mantes, nu kieu meureun nu séxy téh. Awak ngareusi bari alus bentukna, paingan jadi simpenan pangusaha da puguh euweuh cawadeunana. Nyaho sotéh pédah Bi Ratna wé méré info.

Mimitina mah tina obrolan minggu kamari jeung Bi Ratna nu ngahaja nepungan, nawaran digawé. Apal éta gé gawé modél kumaha da kapan geus nyaho kabéh saha ari Bi Ratna. Katelah makelar cinta da puguh sok nénéangan awéwé nu daék ngajual diri. Ngan kelasna geus mércy, dina harti sakabéh nu diajakan gawé ku manéhna pasti keur langganan nu marerekis duitna. Diajakna gé lain di hotél kelas melati tapi di hotél berbintang. Atuh tempat matuh ogé aya di imah sigrong nu pernahna di jalan élit tengah kota.

Cenah tara nepi ka diudag-udag ku dinas sosial da puguh dibékingan ku nu boga pangkat. Teu siga-siga da nu ngokolakeunana ogé ngakukeun boga salaki. Panjang lebar Bi Ratna ngadongéngkeun kumaha Tanteu Mary ngogo barudak asuhanana. Tara elat dipariksa ku dokter langganan, awak diomé di salon tina luluran nepi ka mani pedi. Semu ngabibita nyebutkeun mun sababaraha budak asuhna geus barisa nyicil mobil jeung imah.

“Teu sagawayah tuda, nu bisa asup ka karaton mah kudu nu rancunit, sampulur bari berpendidikan, paling henteu SMA. Da ieu mah lain ngan sakadar keur ulin dina ranjang, tapi kalan-kalan sok jadi tempat curhatna langganan. Matak kudu nu pinter jeung loba kanyaho.” 

Enya rumasa bet kalahka rék méngkol ka dinya, alatan tunggara dinyenyeri ayeuna rék nyébakeun awak. Enya, baé wéh kétang da gantina ogé bakal kurup. Keur memener hirup pikahareupeun. Geus gilig na haté, rék nékad rék ngamimitian wani nyanghareupan hirup nu teu adil.

Asa dibobodo, diléjokeun, nyaah ka salaki tamplok teu nyésa ari pék kalahka dipilaraan. Gunta-ganti awéwé, ngahaja siga boga harem. Nu kira-kira hérang mah tara diengkékeun deui. Nu pangpeurihna mah basa mawa awéwé ka imah pédah ditinggalkeun ngurusanan Ema nu keur nombro di lembur. Horéng lalaki nu salila ieu dipigusti téh leumpeuh yuni. Teu kaur kacangreud ku rindat jeung imut langsung teu manggapulia, serah bongkokan daék bébéakan.

Disabaran, sugan jeung sugan hiji waktu mah aya insapna, tapi batan kapok kalah gawok. Ladang usaha lain keur babanda, kalahka dipaké begér unggal waktu. Mun diingetan ngajawabna téh tara jeung adeuh.

“Bonganna manéh gabug, jadi di imah euweuh cooeun. Keun da moal aya nu dikawin, ngan didinya hiji-hijina nu resmi mah.” Kituna téh bari sosoloyongan mabok, balik peuting ti tempat ngadu.

Ti saprak sok teuteunggeul, geus aya niat dina haté rék ménta ditalak. Da ditagenan gé kalahka matak rompal huntu atawa apesna nepi ka diduruk atawa dimutilasi. Geus loba contona, teu gancang nyingkahan nu sok bengis téh akibatna kalahka tiwas dirogahala ku salaki sorangan. Komo kuring mah euweuh kabeurat, hampang-himping teu ridu ku budak.

Sanggeus meunang talak hiji, merdéka ari haté jeung awak mah, ngan balik ka imah kolot téh éstu ngaligincing teu mawa nanaon. Meureun geus kagok jadi raja téga, nyerahkeun téh teu mekelan pisan. Untung boga kénéh perhiasan, lumayan cukup keur sabulaneun mah. Jeung kuringna gé geus teu hayang uras-urus masalah campurkaya deuih, haroréam. Geus daékeun ngaragragkeun talak gé untung.

Kari kuring nu bingung pilampaheun da bulistir pisan, jaba Ema kudu diubaran rutin, kasakit jantungna sering anfal. Bapa geus teu bisa diandelkeun, da tani jaman ayeuna mah nu nyésa kari daki. Kapan salila ieu gé ngandelkeun paméré ti kuring jeung lanceuk-lanceuk nu sabenerna mah hirupna raripuh. Minangka nu pangonjoyna téh nya kuring pisan. Tapi ayeuna mah kalahka leuwih ripuh ningan.

Bingungna mah nataku, tapi teu apal kudu kumaha. Rék digawé  teu gampang da ijasah SMA jaman ayeuna mah ampir teu payu ka duit. Kajaba mun daék asup ka pabrik. Tah keur mikiran pilampaheun kitu, Bi Ratna datang. Aya hariwang jeung sieun ngadéngé tawaranana téh ngan kajurung ku butuh nya rada dipikiran. Da lain perkara gampang, komo mun bapa jeung Ema apaleun mah, meureun moal diampihan-ampihan acan. Enya gé lain kaasup anu taraat kana agama ari anak kudu nepi ka ngajual diri mah tangtu moal nyaluyuan, jauh tangéh. Tapi ayeuna mah darurat, perlu biaya keur hirup jeung modal keur usaha da piraku rék jadi mangandeuh onaman.

Sing demi, haté mah murengked. Geus kajudi kumaha résikona, utamana résiko panyakit, jaba meureun awak digilir ku saha waé nu sanggup mayar. Can nanaon gering haté mah enggeus. Pagawéan nirca, maksiat nu can tangtu bisa ditobatan, ayeuna rék dilakonan.

Ngalamun kagebah ku nu kalaluar  ti kamar bari patingcikikik. Tanteu Mary nu pagéyé-géyé jeung lalaki nu saumur jeung Bapa, tapi gagah kénéh. Duanana ngarérét ka kuring terus ngadeukeutan.

“Ngenalkeun, ieu Om Irwan. Salaki Tanteu. Tah ieu Lisna téh, Pap. Geulis pan?” Om Irwan ngan ngajawab ku manggut jeung imut. Sanggeus sasalaman Om Irwan langsung pamitan dituturkeun ku Tante Mary. Nu teu lila geus asup deui, gék diuk. Kop kana mild méntol, nyokot sabatang, sut disundut, nyot diseuseup bangun nu ni’mat.

“Ari Tanteu mah bungah wé nu aya lamun Lisna geus panceg patékadan hayang milu usaha di dieu. Moal disumput-sumput, pasti bakal jadi primadona. Urang bisa papada siliuntungkeun. Da di dieu mah puguh itunganana. Kumaha?”

Ditanya kitu kuring lalaunan unggeuk. Geus kagok asong, jeungna euweuh deui panglumpatan. Digawé beurat da can kungsi, komo hasilna teu kurup mah. Jaba Ema ubaraneun, biaya rumah sakit ayeuna téa lain bantrak-bantrakeun. Kapan cenah nu miskin mah ulah gering. Matakan kuring hayang loba duit hayang beunghar ngarah bisa ngubaran kolot.

“Sabenerna mah Tanteu gékapaksa ancrub kana usaha ieu téh, bakat kajurung ku karerepet nu lain meumeueusan. Kolot kajiret hutang nu ngunung-ngunung, usahana bangkrut. Tanteu kudu daék jadi pamayar hutang keur salah sahiji kolehana. Pangusaha non pribumi nu kacida telengesna. Keur ngabantuan kolot, Tanteu rido dijadikeun istri simpenan. Ti dinya mimitina hirup tanteu teu puguh adeganana. Geus teu ngambeu bebeneran, awak diasaan ku saha waé da puguh si nurustunjung téh teu bogoheun, kapan loba sisimpenanana nu lain. Matak Tanteu sok dijadikeun susuguh keur sobat-sobatna. Antukna bari sembah kuriling tanteu ménta dibébaskeun. Geus kajudi, bébas téh ningan teu bisa langsung bébas tina dosa. Der wé pangalaman digilir téh jadi usaha.” Tanteu Mary eureun cacarita, kaburu aya telepon.

Cakakak-ceukeukeuk bangun nu rarangu. Ditungtungan ku nyebut “I love you, muah!” Geus kitu pelenyun deui udud. Kuat pisan ngarokona. Satungkulan bisa méakkeun sabungkus. Majarkeun téh cenah hayang lugina haté mah ngaroko wé, da euweuh nu nyaho iraha pipaéheun. Nikmati hidup! Kituna téh bari ngusek-ngusek roko kana asbak, sut deui nyundut nu anyar. Uyuhan!

“Ceuk Bi Ratna, Lisna téh dinyenyeri ku salaki, enya tatéh?”

“Muhun Tanteu.”

“Kumaha nganyenyerina téh? Dipangnyandungkeun atawa disiksa?”

“Kitu wé, guntas-gentos istri. Malihan aya nu dicandak ka rorompok, saré sagebrug di kamar abdi. Jabi méh di unggal péngkolan gaduh bébéné.”

“Kasép teu salaki téh?”

Kuring gideug.

“Surup ka patutna atuh! Beunghar teu?”

Kuring unggeuk.

“Rada leuheung beuki awéwé gé ari beunghar mah, moal nepi ka nyangsara pamajikan teuing. Kumaha tah ka urang sikepna? Nyaah teu? Sok teuteunggeul atawa ngahina teu?”

“Kapungkur mah tara, namung saatos sering karoroncodan pédah éléh ngadu mah nya kitu wé. Sok aya nampiling atanapi hahaok mah. Numawi abdi teu tahan gé. Tos mah disiksa batin, katambih lahir ogé dikakaya.”

“Heueuh, batan dijadikeun kékéséd mending di dieu wé. Ngeunah-ngeunah nawuan duit ukur gawé hampang. Keun da ku Tanteu gé dijaga pisan supaya ulah keuna ku panyakit. Sing betah. Atuh lamun dina teu betahna gé hempék bisi rék mundur mah. Ngan peupeujeuh, mun rék mundur ti dieu téh omat tong malikan deui hirup cara di ieu tempat. Kahayang mah sakabéh nu pernah jadi widadari di dieu, dina balikna ka lembur atawa ka kolotna téh rék babalik pikir. Diidinan pisan. Milaur Tanteu guyang salilana dina geugeuleuh,” sorana rada ngageter, katingali paromanna rada alum. Meureun da jero-jeroanana mah sarua wé ngarasa ketir mikiran kalakuan maksiat nu geus ngabaju.

“Muhun, da abdi mah mung hoyong gaduh bekel kanggo lalandong pun biang sareng gaduh modal kanggo usaha. Ieu gé meni rumegog, inggis ku akibatna. Namung abdi teu gaduh jalan nu sanés deui. Da pami carogé abdi teu nirca mah, moal dugi ka pipisahan kieu.”

“Keun waé nu geus kajadian mah, matak kitu gé geus galur nasib urang kudu ngalaman peurih. Engké deui mah ka lalaki téh tong percaya teuing. Sarebu hiji nu satia téh, pasti hésé néanganana. Jadi kudu ditarimakeun mun bagéan urang mah lalaki nu teu satiana. Loba kapan sésana, salapan ratus salapan puluh salapan. Eta bagéan urang meureun. Barina gé teu kudu jadi pikiran da geus kitu kodratna, lalaki mah tara wareg ku awéwé hiji. Urangna wé nu kudu kuat. Mun teu kuat, nya tinggalkeun. Tah ayeuna mah waktuna males kanyeri, Lisna gé bisa meruhkeun puluhan lalaki. Sakali séwang...sok sanajan lain ku cara nu hadé. Keun baé da sagala gé dina hirup mah papasangan, susah jeung senang hadé jeung goréng, heuheu....” Tanteu Mary ngagekgek seuri bangun lugina. Komo basa nyebutkeun sésa tina sarébu mah, tangka ngusek.

“Muhun, kahartos pisan.”

“Sok geura bébérés kadituh, ké dianteur ku si Mba.” Tanteu Mary nangtung terus nyalukan badégana.

Kamar nu genaheun. Lampuna reyem-reyem, korsi, tempat tidur jeung sagala pernak-pernikna kawas nu ngahaja diatur, dialus-alus. Abong kéna lain tempat samanéa. Tangtuna kudu bisa ngahudang gairah ngarah nu natamu uduh eusi pésakna.

Gék dina sisi ranjang, teu kacipta kumaha rarasaan mun engké kudu ngalayanan lalaki nu lain muhrim. Naha bakal kuat nahan rasa dosa dina haté nu pangjerona. Nirca kalawan aya dina kasadaran. Darurat...nyumput dina kecap éta. Naha enya darurat? Naha teu usaha satékah polah heula dina tempat anu halal? Ngajual diri, ngurebkeun awak kana leutak nu pinuh ku dosa. Naha pédah embung hésé kitu, nepi ka daék jadi runtah?

Suku asa hayang ngaléngkah ka luar, asa hayang balik deui ka lembur. Ema, Bapa, lanceuk-lanceuk, ajengan Iding, babaturan ngaji...kumalangkang dina ciciptan. Pisakumahaeun lamun maranéhna nyarahoeun, Lisna nu alus ngajina jadi awéwé bangor? Lisna nu embung hirup sangsara, daék ngahilian kahormatan ku duit gepokan. Can meureun mun keuna ku panyakit. Leuheung basa mun bisa diubaran, kumaha lamun beunang ku AIDS?

Enya gé hirup di kampung, ari palebah trénd kahirupan mah apal. Da kapan kuring téh wedalan SMA jaba boga préstasi, sahanteuna resep ari kana maca-maca waé mah, boh koran boh majalah ngarah uteuk teu cupet teuing. AIDS? Awak ngabirigidig... ngabayangkeun digaganggayong alatan leungiteun imunitas. Maot anu nyeri bari awak pinuh ku dosa....

Heueuh, kumaha mun diazab ku Allah, nyandingkeun panyakit nu euweuh ubarna ieu? Korbanna geus loba di sakuliah dunya. Nerekab akibat saresmi jeung saha waé. Tapi kumaha tuda, Ema lain antepeun, kudu diubaran sangkan teu kasiksa ku panyakitna.

Daék waé kitu dicandung ku Haji Mahpud? Kapan ti barang diserahkeun ogé meni hol deui hol deui, datang ka Ema, ménta kuring keur ngajangkepan pamajikanna jadi opat da cenah nu kadua rék diserahkeun. Lega takajarna, bréh sawah bréh kebon, Elf-na aya lima, tacan lio nepi ka sababaraha hiji, aya di unggal kampung. Enya mending daék waé kitu? Baé geus tawéhwoh ogé, batan digawé ngeunah tapi engkéna picilakaeun mah.

Atawa ngilu waé kitu ka si Risma, nu geus jadi pemandu lagu di Batam? Ngeunah éta gé, unggal balik teu weléh gaya. Sagala nu dipakéna pasti buatan Singapura, jaba duitna merekis. Enya da bisa “all in” cenah, lain ngan saukur nyanyi tapi bisa diajak ngamar. Gampang éta mah, ulah daék nepi ka dinya wé. Da cenah teu jadi kawajiban. Tina jadi pemandu gé bisa leuwih ti cukup keur ngiriman ka kolot.

Baluweng. Jadi nu ngora... sangeuk ningalina, aki-aki tujuh mulud tapi gojéh. Boa geus bosen mah ditokér deui. Da kitu katingalina, mun aya nu leuwih hérang, salahsahiji diéliminasi. Nu penting tetep jangkep, opat. Jadi pemandu lagu, jauh teuing kudu ka Batam. Bakal aranglangka balik ka lembur, karunya ka Ema jeung Bapa.

Tapi di dieu, di karaton Tanteu Mary, aya nu leuwih pikahariwangeun.... Balik heula waé kitu? Dipikiran heula kumaha hadéna, rék milih nu mana? Enya sigana mah mending balik heula, da bongan atuh mani rusuh. Padu hayu waé basa diajak ku Bi Ratna téh. Teu maké pikir rangkepan bakat ku hayang geura ingkah tina kasusah. Keun da aya kénéh duit sésa ngajual geulang. Cukup keur ongkos jeung hirup saminggueun di lembur.

Lamunan kagebah ku nu ngetrokan panto. Geus dimanggakeun mah bray panto muka. Tanteu Mary asup bari mawa dus warna kasumba jeung botol minuman. Nyéh seuri bari ngiceupan, antaré diuk dina korsi. Terus nyicikeun eusi botol kana gelas, kabaca ngaranna, Chivas Regal. Pasti mahal, botolna gé alus. Mun diimah mah kalan-kalan aya Johnnie Walkér jeung Jack Daniels. KW na nu imah mah boa, da aslina mah tangtu mahal.  Atawa mun keur teu boga duit mah salaki sok nyekék botol bir bintang, tangka kaangseu hangru napasna mun keur gédég téh.

“Tah engké mah kudu diajar  wanoh kana nginum cara kieu téh. Keur pergaulan. Teu kudu nu beurat, ku wine ogé cukup. Nyaho wine meureun? Hasil tina perméntasi anggur. Nu sohor mah wine ti Pérancis, katelahna Champagne atawa sampanyeu. Moal matak lendeng teuing. Da kaasup inuman nu sopan, malahan berkelas pisan. Geus jadi kabutuhan utama dina gaul para jét sét mah,” ceuk Tanteu.

Dina haté rada bungah, pédah resep maca ti bubudak, jadi apal kana saniskara rarangkén kahirupan di kota. Sok jadi kahélok saréréa, torojogan mojang dusun tapi karesep kana ngagulanggapér koran, majalah jeung ningali berita.

Baheula téh hayang pisan neruskeun kuliah ka paguron luhur, tapi kaayaan kolot nu sakitu waluratna teu méré kasempetan keur ngaléngkah ka dinya. Sakola nepi ka tamat SMA gé geus pirang-pirang nuhun. Kasebut nyongcolang wé da babaturan ulin mah loba nu ngan ukur tamat SD atawa SMP. Matakan basa kuring sakola kénéh téh geus loba nu ngangais budak, randutdut, kolot méméh waktuna. Tapi sigana mending maranéhna, leuwih térhormat. Sakola teu pati luhur tapi hirup normal da saluyu jeung ugeran moral. Sedengkeun kuring, nya pinter nya nyoncolang, tapi kalahka rék jadi dagangan. Hina pisan.

“Bangénan, Lis. Ké peuting rék aya nu datang. Paus ieu mah lain kakap deui. Bos besar ti Jakarta. Langgananana gé artis, rada pipilih nu ieu mah. Jeung tara di kamar waé deuih, kalan-kalan sok ngajak kaluar. Karesepna téh méakeun peuting ku ngobrol di café. Matak sok diasongan nu katingalina pinter ku Tanteu mah. Tadi dikirim poto Lisna tina BB téh langsung kabitaeun. Aurana alus cenah, boga séx appéal nu bakal nyugemakeun, padahal can didangdanan nya? Mani telik abong geus ahlina ngagulanggapér wanoja.. heu heu. Tuh Tanteu mawa lingerié nu bakal mantes di Lisna mah. Omat kudu méré sérvicé nu alus, nya? Béréhan nu ieu mah, jaba kasép deuih,” cenah bari imut. Jung nangtung, leungeun kéncana nyepeng gelas minuman. Laju mukaan lomari nu kabéh pantona tina kaca eunteung.

“Ké dipinuhan ku lingerié nu aralus. Di dieu aya si Miming nu bisa ngajarkeun kumaha dangdan nu élegan, teu moronyoy murahan. Sakeudeung deui ka dieu, rék ngalulur Lisna ngarah ngabaranyay hérang. Anggap wé peuting munggaran keur pangantén. Kudu harérang, sareungit. Sing betah nya? Da Tanteu mah moal ngakaya,” pokna bari muka panto kamar mandi.

“Tuh aya jacuzzi, teu kudu néangan hotél. Di dieu gé sagala aya, rék ngeueum duaan, rék ngaguyer sababaraha peuting gé moal kudu mikir nanaon. Ké gé apal kana kabiasaan di dieu jeung fasilitasna. Kumplit pisan. Untung Lisna dibawana ka dieu, karaton nu sampurna keur widadari nu siga hidep.”  Gék deui dina korsi, melong kana beungeut, kerung sakedapan.

“Kunaon siga nu alum? Can panceg patékadan boa?”

“Muhun,” cékéng téh halon. Sirah tungkul, kabingung asa beuki ngunung-ngunung. Asa teu téga kana diri mun kudu dimurah-maréh mah. Kahormatan jadi dagangan. Tapi euweuh deui panglumpatan.

“Lain Tanteu teu karunya, tapi bos besar geus di Cipularang. Sanggeus meeting  jeung pingpinan cabang di Bandung langsung ka dieu.“ Tanteu Mary cengkat tina korsi, “Engké gé moal geura, komo geus nampa gepokan duit mah. Da harga Lisna mah langsung kaliberna emas. Sok siap-siap, sakeudeung deui luluran,“ pokna bari ngaléos.

Nu kaluar  ti kamar diiringkeun ku cipanon nu ngagaréndang na kongkolak mata. Bongan sorangan, mun geus kieu rék kumaha bisa hojah deui.

Enya kasép, ngalémpéréng konéng. Umurna paling ogé karék opatpuluhan. Nécis, seungit. Panonna kaciri liuh basa neunteup kuring nu maké lingerie marun, ngabigeu diuk dina korsi. Diuk upat-ipet hayang nyumputkeun, nu masih bisa disumputkeun. Muriang asa panas tiris, angen ratug tutunggulan. Duh, kudu kumaha nyingkahanana.

“Lisna? Nembéan aya di dieu nya? Nepangkeun, Dindin. Kawit mah ti Bandung da. Ngalih ka Jakarta sotéh pédah usaha nu ageungna aya di ditu. Sebat wé Kang Din, teu kedah nyebat bapa nya?” cenah bari imut, leungeunna ngudaran dasi jeung kaméja. Ningali adégan éta, tuur nyorodcod, leungeun ngeleper... moal lila deui. Duh Gustii.. abdi tulungan! Teu sanggup geningan, nyaan teu sanggup!

“Tong murungkut kitu atuh, da akang mah bageur moal ngerekeb,” manehna seuri, terus ngadeukeutan, awak beuki tingsariak. Barang leungeunna antel kana taktak, teu kaampeuh ngan segruk wé ceurik bari meungpeunan beungeut.

“Akang ngartos, biasa pami ngabalakan mah sok kieu. Keun da teu rusuh. Urang ngobrol wé heula,” cenah bari diuk gigireun, ngusapan kana tonggong bangun nu surti kana sakabéh rasa nu keur perang campuh na jero dada.

Teuing saha manéhna téh, nu pasti lain lalaki satia. Nu pasti resep ngumbar cinta ka unggal wanoja. Tapi peuting ieu saregep ngadéngékeun dongéng kapeurih hiji awéwé ti kampung meledug nu geus kalangsu rék asup kana ulekan napsu.

Kang Din nu kasép, nu tangtuna geus pangalaman meruhkeun awéwé. Tong waka ku dunyana, dalah ukur ku usapan ramona nu pinuh geter rasa, awak asa kokoléaban kabawa caah. Kabandang kana sagara nu asa karak ayeuna kaanjangan. Cimata saat, kalangkang Ema, Bapa, ajengan Iding, Kang Iwan, Ceu Euis, Ceu Wati, Ceu Ade... samar-samar tinghayungkung dina reup brayna lampu kamar. Peuting nu panas jeung peteng na haté kuring, dengdem jeung kanyeri nyamuni dina rénghap nu beurat... pegat-pegat. Tapi peuting tadi can sampurna.

Basa hudang isuk-isuk, manéhna geus saged. Kaméjana geus ganti ku kaos warna biru langit nu maké kerah. Beuki kasép. Seungit parfum meleber ngahudang rasa. Manéhna imut bari ngalieuk ka kuring nu nyarandé kana héadboard ranjang bari disisimbut. Leungeunna muka seléting tasna, sok neundeun duit sagepok dina lahunan.

“Naha? Kapan teu acan....” Teu kebat da manéhna kaburu ngantelkeun curukna kana biwir. Kuring neuteup kana panonna nu liuh, kana biwirna nu ngarenyu. Dikeukeupan, dirungrum, diajak ngapung ngawang-ngawang ku manéhna tadi peuting, diusapan buuk basa keur nyegruk ceurik, disimbutan basa morongkol katirisan ku hawa AC. Asa manggih rasa nu matak tingsérédét. Kanyaah téa kitu? Atawa mémang kabiasaanana keur nyombo jeung ngawurkeun léléwa asmara sageprakan? Boa kuring jol bogoh? Love at the first sight? Enya kitu? Bogoh pédah beunghar... pédah kasép, atawa pédah geus sanggup ngahéabkeun sakujur awak ku motahna galura birahi? Da geuningan ayeuna hayang manéhna aya, ulah kaluar ti ieu kamar. Hayang dirungrum, hayang nyacapkeun nu tadi peuting can sampurna.... Lat poho mun kamari hayang  balik.

“Uih deui wé ka lembur,” cenah bari terus ngusap kana sirah, ngambung kening. Gék diuk dina sisi ranjang. Neuteup leleb lila pisan. Terus gogodeg bangun rék nyieuhkeun nu kumalangkang na pikiranana. Kuring gé ngarti, ngarti pisan. Da awak jol asa muriang deui.

Kawasna nu disieuhkeun tina pikiranna teu daék ingkah, da leungeunna kalahka ngarangkul kana beuheung. Ramo-ramona, biwirna, awakna.... Simbut ngalumbuk na ubin, lingerie... ti peuting kénéh gé geus dialungkeun kana korsi.

“Kang Din..! Tong ngantunkeun Lisna!” Haréwos nu pinuh ku momot rasa ditompokeun kana ceulina, “Ayeuna mah...mangga....”

Koréjat, manéhna siga nu reuwaseun. Panonna neuteup bangun nu teu percaya kana pangdéngéna. Teu lila manéhna gideug terus nyepeng kana gado.

“Akang teu téga, teu kedah ku cara kieu ka Lisna mah...” Manéhna gancang cengkat, nyokot simbut terus diasongkeun ka kuring. Matak hélok. Kapan manéhna téh buaya, lalaki nu halabhab ku cinta instan. Nu resep ngarempak papagon agama, purah ngaberung napsu. Kapan ucing garong, naha teu kebat murak paisan nu geus nyanding hareupeunana? Haté ujug-ujug nyeri.

“Akang nu rék pupulihna ka Tanteu Mary,” cenah bari kaluar ti kamar, teu ngarérét deui. Ngungkug, ninggalkeun kapeurih na jajantung nu masih ratug, nyésakeun héab na awak  nu masih tingsariak. Ayeuna kuring hayang manéhna... *****

Margahayu Kencana, Mei 2013

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: