• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Edi Heryadi;

Jurus Ampuh
Ngahijikeun Kakurangan Jadi Kapunjulan

Kénging RH. Tarmidzi
Kintun kana Facebook
Mangle
Edi Heryadi (tengah); calon pamingpin perlu disiapkeun ti anggalna [Potrét/Ilustasi: ]
Niténan nu boga karep jadi pamingpin jeung calon anggota législatif dina mangsa réformasi, kacida euyeubna. Para calon pamingpin saban daérah jeung Pileg (Pilihan Legislatif) téh ngajénggélék lir ibarat ‘bursa kerja’. Geus puguh ari anggota atawa kader partéy mah, nu lain kader atawa anggota partéy gé euyeub nyalonkeun. Naha démokrasi kiwari bakal pihadéeun? Bapa Edi Heryadi, Ahli Manajemen wedalan Universitas Indonesia bruk-brak ka Manglé.
***
 
Dina mangsana réformasi, nu harayang jadi pamingpin téh kuduna mah ngarasa sieun. Lantaran diperedih pamingpin téh kudu daria jeung siap didodoho KPK (Komisi Pemberantasan Korupsi). Tapi geuning buktina mah teu kitu. Beuki dieu beuki murudul loba nu harayang jadi pamingpin, harayang boga kalungguhan, nu cenah siap merjuangkeun rahayatna. 
Loba kabandungan deuih, kayaning artis, jalma jegud, pensiunan pagawé nagri,  kepala desa, pemborong,  nu ngaligeuh, preman, calo, lir lauk mijah hayang nyaralonkeun jadi anggota legislatif. Tangtu upama ditanya, naon kasang tukangna boga karep jadi anggota legislatif ? Tangtu garis badagna mah, jawabanana, hayang babakti ka rahayat, hayang babakti ka nagara, hayang ngaronjatkeun pangwangunan pikeun ngahontal karaharjaan rahayatna. “Mémang kiwari aya kénéh dina masa transisi. Kitu deui lolongkrang saluran aspirasi gé kacida legana. Ngan hanjakal teu dibarengan ku sistem nu hadé,” saur Edi Heryadi, ahli manajemen teureuh Bogor téh. 
Ku kituna, upama ngabandungan kahirupan kiwari, jadi loba nu rumahuh, mémang wajar. Lantaran ceuk ieu panitén manajemen, nu jadi pamingpin masih jauh tina harepan masarakat. “Nu haroyong janten pamingpin, saukur paboro-boro hayang meunang. Henteu dibarung ku ngukur kamampuh jeung élmu pangaweruhna,” cek Edi Heryadi nu remen jadi nara sumber jeung surveyor riset sababaraha lembaga di Indonesia.  
Nyaritakeun kapamingpinan, cék Edi enas-enasna mah neueul kana urusan kamampuh jeung moralna. Sual kamampuh, tangtu nu bisa ngahijikeun poténsi nu aya. “Pamingpin téh kedah mampuh ngahijikeun kakurangan jadi kapunjulan, kedah cerdas sanés pinter wungkul.  Penting kacida pamingpin nu visioner tapi ogé ngakar di masarakat. Pami paribasana mah, ‘Aset paling bernilai bukanlah kepala penuh ilmu, melainkan hati yang penuh cinta, telinga yang siap mendengar dan tangan yang siap menolong'.” Cek ieu panitén manajemen alumnus Universitas Indonesia. Nu kumaha pamingpin nu boga kamampuh ngahijikeun poténsi téh? Cek Edi bisa wae ngeunteung nu alusna keur mangsa éra Orde Baru. Pa Harto, keur ngamimitian ngajabat, nu pangheulana téh ngumpulkeun para ahli. Lain waé ahli ékonomi wungkul, tapi ogé sosiolog, teknik jeung ahli-ahli séjénna. “Janten teu sagawayahna jalmi dipapancénan ngurus ieu bangsa,” pokna tandes. 
 
Balukar Sistem 
Dina mangsa kapamingpinan nu ditangtukeun ku sora formal individu-individu, tarékah meunang dukungan ogé bakal saloba-lobana, malah jadi bagian nu utama. Tarékah ngirut calon pamilih jadi bagian pangpentingna dina prosés kapamingpinan. Nya tangtu wé, masing-masing pihak gé moal weléh néangan tarékah jeung cara geusan ngirut haté pamilih saloba-lobana. Kitu di antara sistem milih pamingpin kiwari, nu teu leupas tina ketakna individu-individu sok sanajan jolna ti partéy. “Mémang sistem di urang kirang anteb. Balukarna loba calon pamingpin atanapi caleg dadakan. Padahal saé kacida pami aya prosés 'pemilihan pendahuluan' sakumaha biasa diterapkeun di nagara-nagara séjén,” pokna deui. Edi Heryadi nyontokeun, para caleg nu nyalonkeun taun 2014, ti mimiti taun 2013 kedahna mah tos aya kontés di DAPIL pikeun 'caleg',na. Atuh masarakat ogé bakal bisa nganiléy, saha nu pantes jadi caleg ngawakilan engkéna. “Kedahna aya pamilihan keur saban Dapilna. Janten teu tiasa dadakan cara nu kasaksian ayeuna,” cek Edi Heryadi témbrés. 
Sanajan tujuanana jadi caleg hayang babakti ka nagara, hayang ngaronjatkeun pangwangunan pikeun ngahontal karaharjaan rahayat, nu teu jauh sakumaha nu diébréhkeun dina mangsa kampanyeu, nu ditémpél mapaésan potrét diri bari méjéng pahadé-hadé, lain hartina cukup ku hayang, tapi ukuranana mampuh jeung teu mampuh. “Kasadaran ieu nu kedah diwangun ti anggalna. Kedah diwangun sistem paniléyan ti anggalna,” cék Edi Heryadi téh. 
Mangpaatna? Cék ieu panitén manajemen, sahenteuna nu jadi wakil téh bener-bener mémang geus ‘asak’, geus biasa ngahiji jeung masarakatna. Tangtu, lantaran kitu, merjuangkeun nasib rahayatna ogé moal codéka. Lian ti kitu, nu leuwih témbrés mah, bisa mahing mahabuna oknum anggota legislatif nu kajiret nyalikong atawa korupsi.
 
Ngukur Kamampuh
Upama kamampuhan jadi pasaratan, mémang aya ukuranana anu jinek. Nu kawas kitu mah ébréh dina ‘rékam jejakna’ atawa ‘trak record’-na. Ngukur kamampuh keur pipamingpineun, mémang béda jeung mangsa baheula. Upamana waé, baheula mah kamampuh téh aya nu bijilna ti birokrat jeung TNI, apan kiwari mah henteu kitu, jeung deui henteu penting. “Nu penting mah, ayeuna mah pamingpin nu apal kana masalah, bisa ngaréngsekeun masalah henteu nambah masalah,” cek Edi deui. 
Ngukur kamampuh keur calon pamingpin penting kacida. Komo deui upama dipatalikeun jeung mangsana Otonomi Daerah. Ayana OTDA, dina panalinga ieu ahli manajemen, sabenerna lian ti ningkatkeun karaharjaan masarakatna, ogé ningkatkeun ajén pamingpinna. Ngan deui-deui, cék Edi para pamingpin di daérah kurang bisa ngalarapkeunana. “Hanjakal kirang sinkronisasi aturan, balukar masih nerapna sikep ‘ego’ masing-masing pamingpinna,” cék Edi nu sababaraha kali ngalakukeun audit investigasi ka saban daérah. 
Upama Edi Heryadi apal kana kapamingpinan di daérah, da mémang iyana loba nalingakeun pamaréntahan ka daérah. Sapertina waé Edi Heryadi pernah ngalakukeun audit investigasi sual 'Pendapatan Negara Bukan Pajak, pungutan tanaga kerja asing'. Nu hasilna, teu aya sinkronisasi kasadaran NKRI, kasadaran keur ngaraharjakeun masarakatna, keur ngajaga lingkunganana ogé teu matak ngahudangkeun sumanget pahadé-hadé. “Kedahna mah nu bangor dipotong bagianana,” cék Edi Heryadi tandes. 
Kaayaan kitu, cék ieu nu resep macaan sajarah-sajarah Sunda, tangtu bakal mangaruhan kana ajén pamingpinna. Upama pasualan kapamingpinan jadi gambaran kapunjulan, nya nu kapilih mingpin gé kudu bisa ‘nyerdaskeun’ cara ngokolakeun pamaréntahanana. 
 
Hirup Mandiri
Edi Haryadi, pituin Bogor. Ti leuleutik  ku sepuhna diatik sangkan bisa mandiri. Réngsé sakola ti SD Huttabarat Bogor taun 1967, Edi neruskeun ka SMPN 1 Bogor. Lantaran kasibukan sepuhna, Edi ogé kudu pindah sakola deui, nyaéta ka SMPN 2 Bogor. Réngsé SMP, neuleuman élmu pangaweruhna dituluykeun ka SMA Regina Pacis Bogor. Lantaran Edi disakolana kaasup rada nyongcolang, sepuhna boga kahayang sangkan Edi neruskeun kuliah ka paguron luhur nu hadé. Nya blus waé ka Fakultas Ekonomi Universitas Indonesia, lulus taun 1975. 
Lantaran ti leuleutik diajar macakal jeung hirup mandiri, ti harita jadi Edi gé jadi resep neuleuman élmu ékonomi dibarung jeung élmu manajemen. Nu ahirna mangtaun-taun jadi ahli manajemen, loba jadi narasumber jeung konsultan manajemen di lembaga pamaréntah jeung pausahaan. Keur Edi Heryadi, neuleuman hirup mandiri, mémang artos téh lain sagala-galana. Aya nu leuwih penting nyaéta nyiptakeun kamandirian nu keyeng dina nyiar tarékahna. Sapertos nu kaalaman di kulawarga. Waktu taun 2005, nu kasebutna taun krisis ékonomi,  ibaratna milarian dua rebu rupiah kacida héséna, harita nu cikal keur kelas 2 SMA, ngayakeun 'bimbel'. Muridna dua taun mimiti ngan dua urang, tapi anjeunna teu ngarasa hariwang, terus keyeng, méré pangajaran kaasup dina sual pangajaran karakter. Ahirna sanggeus 7-8 taun,  muridna terus ngaronjat, nepi ka aya 12 kelas. “Alhamdulillah, lantaran keyeng, disiplin, rajin, masihan nu mangpaat, silih tulungan ka sasama, ahirna tiasa janten modal kamandirian nu ngabuahkeun hasil,” saur Pa Edi gedé harepan. 
Neuleuman hirup, keur Edi mémang kudu napak kana prinsip jeung tékad nu bener.  Ku kituna, waktu kuliah ogé, kagiatan naon waé leuwih mentingkeun kapunjulan ‘high quality. “Dina widang naon waé, kedah mentingkeun kapunjulan’, saurna. *** 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: