• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Hj. Lilies N.S. Budiman, SH.,MH.;

Rayat Sangsara
Balukar Teu Narima Hakna

Kénging Rudi H. Tarmidzi jeung Ensa Wiarna
Kintun kana Facebook
Mangle
Dina acara Hari Anak Nasional (HARNAS) sareng Gupernur Jabar [Potrét/Ilustasi: dok.pribadi]

Harepan hirup jeung huripna jauh tangéh. Nu écés mah, kasangsaraan téh nyampak di mana-mana? Naon sababna? Naha enya balukar rahayat teu narima hak-hakna? Hj. Lilies N.S. Budiman, SH.MH., medar pamanggihna. ***

Mun kaparengan ngaliwat ka lebah dinya, leumpang gé kudu nyangigir, lantaran heurin. Dimana éta téh? Di salah sahiji tempat di kota Bandung. “Kumaha mun nu maot kudu digotong ka lebah dinya?” kitu pananya Hj. Lilis ka urang dinya. Jawaban padumuk éta tempat téh, ”Kapaksa wé layon gé digotong heula ku samak!”

Hirup walurat kawas kitu, remen kasaksén ku Hj. Lilis mah. Malum, da remen kekeleyengan ngalanglang lembur luyu jeung kagiatanana. Kituna téh, lantaran ieu ‘aktivis’ wanoja téh icikibung dina rupa-rupa widang kamasarakatan. “Nyaksian kahirupan kawas kitu, tangtos matak ngahelas,” cek Hj. Lilies N.S. Budiman, waktu tepung ditengah-tengah kasibukanana minangka ketua panitia HUT Ikatan Persaudaraan Haji Indonesia Jawa Barat sareng mieling Isro Mi’raj di gedung Bhayangkara Bandung.

Rasa tugenah kawas kitu, ku inyana mah teu ukur disidem. Da, upama kaparengan aya waktu ngobrol jeung ‘pajabat’ ogé sok dicaritakeun ditepikeun deui sangkan nu kasaksén goréng téh aya parobahan. Ngan, mémang, ukur saran jeung kahayang, da teu bisa maksa jeung teu boga kakutan keur ngalarapkeun kahayangna.

 

Balukar Salah Sok

Kamiskinan loba sababna. Ngan, da rahayat mah kumaha nu ngurusna. Geusan ngaraharjakeun masarakat, kudu aya waragad, di antarana téh. “Ngan, upama waragad salah sokna, tangtos wé moal seueur mangpaatna,” cek ieu Magister Hukum téh.

Kahayang rahayat mah basajan. Asal cukup pangan, sandang, jeung boga padumukan. Eta atuh nu pokona mah. Isedna ti dinya, katalingakeun kasehatan katut bisa nyakolakeun barudakna. Ngan, kahayang nu basajan kawas kitu téh, ku rahayat leutik mah hésé pisan kahontalna. “Bantuan-bantuan sosial gé apan loba kénéh nu salah sokna. Nu mistina kabagéan teu narima bantuan,” pokna.

Salah sok, gambaran nu boga wewenang teu daria ngalaksakeun pancenna. Kanyataan kitu, balukarna mah manjang. “Antukna, nu ripuh gé mingkin ripuh,” pokna semu hanjelu.

Urusan karaharjaan, mémang loba patula-patalina. Lebah dinya mah gumantung kana masing-masing kaayaan masarakatna. Upama rahayat purah tatanén, apan karaharjaan téh miang tina upaya ngolah lahan, nyadiakeun tatanénna.  Upama hasil tatanén sangkan hadé, ngarap patani mucekil hasilna, sagala rupa kabutuh patani gé kudu kacumponan. Bibitna kudu hadé, nyaian sawahna cukup, bibitna sadia, ogé gemukna luyu jeung kabutuhan. “Tah, hal-hal anu sapertos kitu téh kedah janten panalinga pamaréntah,” pokna.

Kitu deui mun nu dumuk di pakotaan, tetep butuh rohang-rohang geusan mekarkeun poténsi dirina. Nu daragang, butuh tempat jeung jaminan dagangna untung. Atuh kitu deui nu ngajual jasa, misti meunang kauntungan geusan karaharjaan hirupna. “Pasualan-pasualan nu tumali sareng kabutuh masarakat kedah janten panalinga daria pamaréntah,” pokna deui.
Harepan Hj. Lilis saperti kitu, mémang lain pamohalan.  Da, éta mah angen-angen sakumna masarakat. Lantaran, nu boga kakawasaan matéahkeun sakumna poténsi masarakat katut sumber daya nu aya téh pamaréntah nu dilaksanakeun ku masing-masing pajabatna.

Ngabebenah kahirupan masarakat, ceuk ieu ketua  Biro Hukum  jeung pulitisi Partéy Golkar Jawa Barat téh, kudu ‘ngaréformasi’ birokrasi! Lantaran, aturan-aturan mah kurang kumaha alusna jeung kumplit deui. Hartina, kari prak ngalaksanakeunana.

Ngalaksanakeun pancén gawé, butuh pasaratan anu jinek sangkan éta wewenang téh neueul kana kabutuhan masarakat. Cindekna, pajabat téh kudu ‘amanah’ dina ngalaksanakeun pancénna.

Pajabat nu hadé, lian ti mampuh ngalaksanakeun pancén gawéna, ogé mampuh nempatkeun pihak séjén dina tempat anu merenah. Maksud Hj. Lilies mah, mun ogé nempatkeun pihak séjén dina hiji jabatan, ogé kudu dumasar kana kamampuhanana, lain titimbangan séjénna.

Pajabat nu boga wewenang ogé ulah kéna-kéna boga kakawasaan. Kudu tetep ngukur ka kujur. “Ulah atuh rangkep-rangkep jabatan téh,” pokna.

 

Acrub kana Pulitik

Icikibung dina rupa-rupa organisasi, Hj. Lilies engeuh kacida, mun hayang boga pangaruh nu ‘matih’ mémang kudu boga wewenang. Geusan mémérés paripolah eksekutif, hartina gé butuh legislatif nu bener-bener mampuh ngalaksanakeun pancénna. “Kudu boga legislatif nu bener-bener ngarti tur mampuh ngalaksanakeun pancén gawéna,” pokna.

Upama ieu aktivis wanoja ahirna léah haté ancrub kana pulitik, ogé lantaran kajurung ku kanyataan anu kasaksén ku dirina. Kakawasaan eksekutif kudu ditalingakeun ku legislatif. “Hartosna, kamampuhan legsilatif janten bagian nu utami dina upaya ngahontal karaharjaan masarakat,” ceuk ieu urang Bandung bibit buit tatar Sunda téh.

Ngurus daérah, teu cukup ngandelkeun eksekutif. Lantaran kawijakan, saperti Perda, apan kudu bener-bener keur kapentingan masarakat. Hartina, ceuk ieu direktur utama PT. Garuda Wahana  Rizky téh, para wakil rahayat tingkat propinsi téh kudu bener-bener boga kamampuhan ngalaksanakeun pancénna. “Nu milih gé kedah pinter milihna, ulah salah milih,” pokna dibarung mésem.

Antara nu dipilih jeung nu milih, ceuk Hj. Lilies mah, kudu silih pikawanoh. Nu milih kudu wanoh kana adeg-pangadeg jeung jenglengan calon nu rék dipilihna. Kitu téh sangkan teu nyalahan, teu matak kaduhung ahirna. Nu gamapang cirina keur nu milih, piliheun téh kudu dititénan sagala rupana, kamampuhanana, ogé tapak lacak (track record-na) dina ngabdikeun diri di masarakat. “Ulah milih ukur kabibita ku jangjina wungkul,” pokna semu ngawawadian.

 

Ngabdi keur Masarakat

Suksesna Hj. Lilies N. Budiman, keur dirina mah éstuning kurnia Alloh Swt. Hususna, upama nineung ka mangsa keur budak. Kanyaah indung, kaheman bapa, karasa pisan ku Hj. Lilies. Kénging atikan ti sepuhna H. Sulaeman sareng Hj. Hindun, keur Lilies mah éstu nu nguatan pisan dina lalampahan hirup saterusna. Mana nu pimaslahateun mana nu pimadoroteun keur Lilies harita, sepuhna kacida nalingakeunana. Sapertina waé, basa Hj. Lilies keur leutik, keyeng hayang jadi Hakim, sepuhna mah ngarasa teu cocok. Lantaran Lilies kaasup wanoja nu teu wasa ngalawan rasa. “Kapungkur mah hoyong pisan janten hakim, namung sepuh teu ngawidian, lantaran abdi mah, cenah, kalebet teu wasaan,” saurna nineung ka mangsa keur budak.

Upama kiwari Hj. Lilies suksés dina sababaraha widang, mémang apal pisan kana jurusna. Inyana téh pangusaha sukses nu bisnisna terus mekar. Ngan usahana teu sing keur sadirieun, tapi teu weléh méré mangpaat keur balaréa. Ku kituna, lian ti kagiatanana kana bisnis, Hj. Lilies ogé loba aktip dina widang sosial jeung kagamaan. Ieu carogé Budiman deuih resep deui kana organisasi jeung pulitik. Nya ku lantaran kitu, deuih jadi loba baladna. Malum, organisasi nu diurusna ogé téh rupa-rupa naker. Di antarana waé dina widang sosial, Hj. Lilies aktip di Kaukus Perempuan Politik  Indonesia  Provinsi  Jawa Barat, Laskar Ampera Arif Rahman Hakim (LARH 66) Provinsi Jawa Barat, Dharma Wanita Provinsi Jawa Barat  Unit Industri Pesawat Terbang Nusantara (IPTN), wakil ketua IPPRISIA Provinsi  Jawa Barat, jeung widang sejenna. Kitu deui dina widang kaagamaan, aktif di Ikatan Persaudaraan Haji Indonesia (IPHI) Provinsi Jawa Barat, Dewan Masjid Indonesia (DMI) Provinsi Jawa Barat, jeung widang séjénna. Di widang politik, aktif di Kesatuan Perempuan Partai Golkar (KPPG) Provinsi Jawa Barat. “Insya Alloh, sanaos seueur kasibukanana, tapi nu penting mah hoyong ngabdi keur masarakat,” saurna ieu politisi Golkar téh daria.  

Kitu deui dina widang bisnis, ieu politisi wanoja Sunda, kiwari mancén Direktur Utama PT. Garuda Wahana Rizky, wakil direktur utama PT.  PUTRADHARMA CIPTA ADILAKSANA ogé di widang Tecnical Assisten, nyaéta ngokolakeun kaasup ngadatangkeun tanaga ahli pesawat terbang ti luar negeri keur nyieun Pesawat Terbang N-250 di PT. IPTN (Industri Pesawat Terbang Nusantara) nu kiwari jadi PT. DI. Keur Hj. Lilies, karepna ngajalankeun widang kitu, lantaran kajurung ku hiji-hijina pausahaan Indonesia (Pribumi) dina widang tanaga ahli pesawat terban. Lian eta, nu leuwih penting hayang némbongkeun kamampuh kaum wanoja. “Alhamdulillah, ti antara padamelna pameget, abdi ngan hiji-hijina. Ieu buktos wanoja ogé mémang mampuh,” pokna.

Sanajan Hj. Lilies kiwari sibuk mancén jeung pangabdianana ka saban wilayah, tapi dirina teu weléh tibelat ka sarakan Garut. Atuh keur ieu Hj. Lilies nu pernah jadi pangurus  koperasi ‘terbaik ‘ Jabar gé, dina waktu rinéh mah sok tibelat ka lembur pamatuhanana, kaasup nalingakeun lembur karuhunna. *** 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: