• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Perang Potrét

Kénging Holisoh ME
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1373649716.jpg [Potrét/Ilustasi: ]

Mang Iding jeung baturna tiluan, keur husu masang-masang spanduk nu dipakukeun kana tangkal mahoni sisi jalan. Éta spanduk potrét Ibu Hajah Anis, tatangga kuring nu salakina juragan tanah. Sawahna satungtung deuleu. Kebonna upluk-aplak, ceuk tukang rahul mah moal kakuriling dua poé dua peuting. Atuh bu Hajah Anis gé pupuhu hiji partéy anu béréhan, ahli tutulung. Cenah éta gé ceuk batur, da kuring mah tara pirajeunan kalayang koloyong ka dinya, najan teu boga béas gé. Éra. Aya pangabutuh mah kajeun ka si Koyah wé, sapantar jeung kuring  pangabogana. Pajenggut-jenggut jeung dugul. Tapi sugema.

“Tah kadé, Nyai, engké mun milih pamingpin téh, tah ieu Ibu Haji, sarua salembur.”  Ceuk Mang Iding bari sirahna dangdak-déngdék neges-neges sepanduk nu geus napel dina tangkal mahoni, kawas nu kurang sugema. Padahal geus merenah ceuk kuring mah. Pas. “Nya enya atuh. Asal bageur wé ka urang lembur,” témbal téh.

“Ti ayeuna wé omongkeun, naon kahayang Nyai téh! Ké ku uing dibéjakeun.”

“Nyaan?” témpas téh daria.

“Nya heueuh, apan uing mah beurang peuting idek liher di Bu Haji, ngatur ngatur sétratégi,“ témbalna daria. Baturna silih rérét. Séréngéh sareuri. Tim suksésna  meureun. Da loba ti lembur kuring gé nu jaradi tim suksés téh, lain ka Bu Haji waé, tapi         ka calon nu séjén gé loba nu jaradi tim suksés. Cenah ceuk batur. Tapi percaya, da geuning ayeuna geus mimiti calon-calon narémbongan téh, urang lembur kuring loba anu absén tara ka sawah. Kaharti meureun mana kitu gé. Gedé buruhna. Malah deuih ceuk béja mah tim suksés téh bakal diburuhan ku jabatan mun nu didukungna meunang. Resep.

Nya dibaréré duit, nya bakal dijaradikeun pajabat. Boa engké mah mun Bu Anis meunang téh, mang Iding moal  buburuh ngabedug deui? Tapi lamun éléh kumaha?

Teu kabayang haranjelueunana! Ngaruyung! nu dijagokeunana éléh. Komo meureun Bu Anis mah, nya duit wowotan, tanaga wowotan, haté wowotan. Karunya. Ah, naha maké kudu karunya, mana miluan pamilihan gé meureun geus siap meunang siap éléh. Ari duit mah teu katempo, ngan lamun tanaga sok katempo, bu Anis dialeut-aleut ku tim suksésna baralik peuting atawa tengah peuting, teuing entas tingalider ka mana. Capé pastina gé. Ngaluarkeun tanaga.

“Iraha Mang Iding pamilihanana téh?” tanya téh daria.

“Bulan isuk! Kade, Nyai milih téh kudu ka batur salembur!” teu éléh daria mang Iding ngajawabna téh. Hayang suksés meureun jagoanana. Kuring nyéréngéh seuri konéng. Bingung. Da najan salembur gé teu pati wawuh ka Ibu Anis téh, béda kasta. Kuring mah jalma leutik, manéhna mah juragan tanah. Sakalieun tepung di jalan pasampangan gé sok éra parada. Mun manéhna ngarérét, kuring mah paling manggut. Da manéhna gé tara omhang tara uah aéh tunyu tanya. Béda lamun kuring pasangrokna jeung si Koyah jeung si Emeh, najan bobolokot ku leutak gé uplek heula wé ngobrol.

“Insya Alloh, Mang Iding.”

“Naha Insya Alloh?” tanya mang Iding bari kerung. Kuring seuri.

“Nya enya atuh Insya Alloh, Mang! Kumaha mun isuk uih paéh? Meureun moal milu pamilihan. Piraku milih ti alam kubur mah!” témbal kuring  bari ngaléos.

Di warung bi Ecin geus loba jalma nu keur baralanja. Kuring nyelendep ka hareup. Ukur rék meuli asin sepat jeung sambéleun. Teu pira.

“Mani seselendep ieu mah nu anyar datang!” ceuk Ceu Yoyoh bari nepak taktak.

“Ninggalkeun si Ujang meureun, bisi aya nu ngiwat!” témpas Bi Anah bari nyeukeukeuk seuri.

“Heueuh, heug ayeuna mah aya tukang ngiwat salaki batur. Tuh ning si Hasanah keur aleuk-aleukan wé ceurik, da salakina kaperego di pangkalan ojég keur otél jeung randa urang  Girang,” ceuk Ceu Sopiah bari jeba-jebi. Sieun pasti manéhna mah, da salakina kadal. Teu kaop nempo bikang. Jeungna deui geus heubeul kuring ngadéngé aya randa di Girang anyar pindah, meuli imah mang Saju, tapi rada tolohéor cenah. Ah, teu sieun kuring mah, najan aya randa rancunit ge, pédé wé moal daékeun ka salaki kuring nu bulukutupuk ukur  purah guyang na leutak sawah batur.

“Uing mah teu sieun diiwat, Euceu! Kadar salaki tukang guyang na leutak. Ari Ceu Hasanah mah da salakina gé gaya waé, momotoran, ngojég,” témbal téh bari milihan sepat nu geus dipalastikan na ayakan. Rupa rupa lauk asina téh, peda beureum gé aya. Ngan horéam dahar jeung beuleum peda téh, ngeunah keur didaharna, da ari enggeusna mah sok rada lieur. Mana dieureunan wé kana peda mah.

“Waspada mah kudu, Nyai!” Bi Ecin nu dagang mairan. Nu séjén sareuri bari ngarérét ka Bi Ecin.

“Lain Nyai, ari bieu basa kadieu di jalan tepung jeung si Iding ?” ceuk Ceu Yoyoh bari ngalieuk ka kuring.

“Tepung. Malah uing mah eureun heula da keur masang masang potrét Bu Anih! Lalajo heula.” Témbal téh datar.

“Heueuh, pan si Éta mah tim suksésna.” Ceuk Ceu Yoyoh daria.

“Geus mimiti ramé ayeuna téh. Geura tempo di jalan ka Girang, potrét-potrét geus mimiti minuhan jalan. Sawaréh dipaku dina tangkal. Sawaréh dipajang maké awi galedé, ditangohkeun, da potrétna gé sagedé-gedé panto. Malah aya nu duaeun panto!” ceuk bi Anah nyaritana mani ngoncrang. Aral cenah. Geus lima kali milu milih tapi hirupna angger waé teu undak-undak.

Da éta cenah jarangji arék ngarobah kahirupan rahayat leutik tara bukti waé. Geus nyaréngclé mah jaradi, sok pararoho.

“Éta téh perang potrét! Komo geus deukeut mah, waaah teu sirikna panto urang geura ditarapelan potrét.” Ceuk Koyah bari  ngasupkeun balanjaan.

“Perang potrét jeung perang jangji!” Bi Ecin mairan bari nyodorkeun pamulangan ka si Koyah. Saréréa sareuri.

“Kudu pédé wé, piraku ti nu potrét sakitu lobana, taya hiji-hiji acan nu bakal nedunan jangjina. Pasti aya lah, ngan teuing nu mana! Bingung.” Ceuk Koyah, bari kerung kerung wé tarangna téh. Teuing naon nu aya na uteukna. Kakuciwaan kitu pédah unggal pamingpin nu dipilih sok carulas, tara aringet kana jangjina? Atawa neundeun harepan gedé ka nu rék tarandang ayeuna?

“Tuh ampir poho, tadi mang Iding talatah ka uing.” Reg heula ngarandeg. Rada asa-asa deuk nepikeun talatah ti Mang  Iding téh, sieun salah, sieun diseungseurikeun. Nu keur ngariung di warung  malencrong kana beungeut kuring. Panasaran meureun.

“Talatah naon si Iding téh Nyai!?” Ceu Sopiah nanyana daria.

“Enya cenah mun engké milih téh, kudu milih Ibu Anis batur salembur urang,” ceuk kuring  datar.

“Heueuh da si Iding mah pasti nitah milih kadinya, apan tim suksésna. Mun meunang  jagoanana, pasti bakal dibéré jabatan. Ukur untung keur dirina sorangan.” Ceuk ceu Sopiah.

“Ari dijawab ku Nyai kumaha?” Bi Ecin milu nanya.

“Enya Insya Alloh wé,bisi teu kaumuran.” jawab téh bari seuri. Rét ka Bi Ecin, duit sapuluh rébu disodorkeun.

“Tah Bi Ecin, balanjaan uing sabaraheun? Sepat sabungkus, sambeleun sarébulimaratuseun, gula bodas saparapat jeung bako molé  sabungkus.” Ceuk kuring. Bi Ecin gegereyeman.

“Kurang sarébu lima ratus, Nyai!” ceuk Bi Ecin bari namprak. Sok duit rébuan jeung kencring lima ratusan, dibikeun. Rék ngaléos,leungeun dikenyang ku Bi Anah.

“Ke heula, jadi engké téh érék milih saha?” omongna bari seuri.

“Kateuing atuh!” témbal téh bari ngahuleng. Enya, rék milih saha atuh?

Tempoan heula waé kitu potrét-potrét nu ngajéngjréng saparat-parat jalan, pilih. Mana nu pas jeung haté, éta nu kudu dipilih.

“Lieur-lieur teuing Nyai! Saha nu méré duit, nu méré sembako, éta nu dipilih! Teu kudu bingung!” ceuk Bi Ecin bari nyeuleukeuteuk seuri.

Ceu Sopiah ngadilak. “Montong kitu Nyai milih pamingpin mah! Montong beunang disogok, da lain sapoéeun mingpina téh. Kudu maké haté milihna. Da bongan urang mah teu arapal  teu wawuh wawuh acan.” Kuring ngaléos, horéam ngadarongéngkeun waé calon-calon pamingpin nu kadang-kadang tara maliré ka nu leutik ari geus jadi mah. Ngiciprit wé balik téh, ari sugan téh taya nu nuturkeun, Koyah jeung Ceu Yoyoh tukangeun.

“Sugan téh moal bareng!” ceuk kuring bari ngendoran léngkah.

“Da enggeus balanjana gé. Lin, nu bener Nyai, endeuk milih saha engké téh?” tanya  Ceu Yoyoh daria.

“Urang nempoan gambar nu ngajajar wé lah! Nu narik ati, éta nu dipilih!” témbal téh bari nyikikik seuri.

“Heueuh mending kitu nya! Alus tah ideu ceu Sopiah téh.” Ceuk ceu Yoyoh bari seuri. Tiluan pairing-iring laleumpang mapay-mapay jalan jajahan, bari panon lalajo potrét-potrét nu rék tararung nyalonkeun pamingpin nu ngajajar saparat parat jalan.*** (Sukasari awal 2013)

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: