• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Prof. Dr. Asep Kartiwa, SH., M.Si.;

Pamingpin
Mahing Kiruh ti Girangna

Kénging Rudi H. Tarmidzi jeung Ensa Wiarna
Kintun kana Facebook
Mangle
Bandung butuh pamingpin nu leber wawanén, jembar pangabisa [Potrét/Ilustasi: rudi]

Pilihan gubernur geus lila lekasan. Bulé hideungna geus puguh. Tapi, lain hartina réngsé pasualan, da nu penting mah, kumaha satutas kapilih tur mancén gawéna. Malah,  satutas gupernur jeung wawakilna diistrénan, rahayat loba nu nebarkeun harepan anyar.

Upama kapamingpinan tatar Jawa Barat jadi panalinga balaréa, tangtu lantaran tina pentingna kalungguhan pamingpin. Ku lantaran kitu, teu anéh, upama ketak jeung paripolah pamingpin téh pada moconghok, pada nalingakeun ku balaréa, kaasup ku para ahli pamaréntahan, saperti Prof. Dr. Asep Kartiwa, SH., M.Si., Guru Besar Universitas Padjadjaran (Unpad), Bandung.

Pamingpin, ceuk Prof. Asep samistina apal kana keteg haté masarakat. Apal kana harepan-harepan jeung impianana. Lian ti kitu, apal deuih kana pasipatanana. “Pasipatan urang Sunda umumna, hormat ka kolot, ngajénan kaum intelektual, ogé para inohongna,” pokna.

Pamingpin, keur urang Sunda mah, kaasup inohong hormateun. Atuh, pamingpin ogé kudu  jadi picontoeun. “Margi pamingpin mah gambaran sareng etalasena masarakat. Ku lantaran kitu, pamingpin mah kudu jadi conto, ulah nepi ka kiruh ti girangna mun dipapadékeun kana walungan mah,” pokna basa ngobrol sawatara waktu ka tukang di Kampus Pascasarjana Fisip Unpad, Dago, Bandung sawatara waktu ka tukang.

Mun pamingpin jadi gambaran masarakatna, ceuk ieu Dekan Fisip Unpad téh, paripolah jeung ketak éta pamingpin kudu mampuh nganteur kahontalna harepan masarakat. Pilihan masarakat, gambaran kapercayaan ka pamingpinna. “Jangji-jangji jeung kasanggupan calon pamingpin waktu kompanye, kudu dilaksanakeun satutasna kapilih!” pokna tandes naker.

 

Sarua Kuat

Pilihan langsung anu ‘sapaket’ jadi kakuatan keur éta papasangan pamingpin. “Boh gupernur boh wakilna ngagaduhan kakiatan anu sami,” pokna.

Kakuatan nu sarua kitu, najan béda-béda pancén, tetep geusan karaharjakeun masarakat. Atuh, masarakat gé satutas éta calon kapilih, baris mopohokeun asal-usul jeung kasang tukang éta pamingpin, kaasup teu masualkeun deui partéyna. Anggapan masarakat saperti kitu,  ceuk Prof. Asep, sawadina ogé jadi bahan tinimbangan daria pamingpin di Jawa Barat.

Pamingpin saperti gupernur jeung wawakilna, ngemban amanat balaréa. Atuh, jabatanana disebutna téh jabatan publik. Hartina, upama éta pajabat ngalaksanakeun kakawasaanana atawa wewenangna, hartina téh keur kapentingan balaréa, demi kamaslahatan saréréa.

Kumaha ari pamingpin nyurahan anggapan masarakat saperti kitu? Tangtuna ogé sagala rarancang jeung prak-prakanana mancén gawé kudu demi masarakat sakumna. “Tah, tumali sareng pancén gawé, apan aya aturan anu jinek,” pokna.

Patokan keur pamingpin, lian ti undang-undang jeung aturan, ogé aya étika. Tangtu wé papagon étika mah, lain bener jeung salah, lain hadé jeung goréng, tapi pantes jeung teu pantes. “Dina jabatan publik ogé kedah ngagaduhan étika anu tangtu,” cek ieu panitén politik jeung élmu pamaréntahan téh.

Nyaritakeun sual étika pajabat publik, obrolan Manglé gé ngalegot kana pamanggih masarakat ngeunaan Wakil Gupernur Jawa Barat, H. Dedi Mizwar nu masih kénéh jadi béntang iklan. Wagub masih kénéh remen midang dina layar kaca, ngiklankeun  ‘barang’ dagangan. “Taya ari aturan nu ngalarang mah, mung dumasar kana étika, pajabat publik mah teu pantes ngiklankeun barang dagangan,” ceuk H. Asep dibarung mésem.

Upama ketak wagub saperti kitu jadi bahan adu-rényom dina pakalangan balaréa, cek Prof. Asep kudu dima’lum. “Eta téh hiji kahariwang masarakat nu saleresna mikanyaah ka pamingpinna,” pokna.

Kumaha atuh mistina? Ceuk H. Asep Kartiwa, upama masih aya kénéh sésa kontrak, kari ngabadamikeun wé jeung méré kontrak téa. “Tiasa di négo ulang,” pokna tandes. Hartina, kontrak iklan antara pangusaha jeung wakil gupernur Jawa Barat kudu diimeutan deui. “Tangtos pangusaha gé bakal ngartos,” pokna. Hartina, pihak pangusaha ogé moal ngabangbaluhan wakil gupernur. Lantaran, masing-masing pihak geus silih percaya. “Ayana kontrak iklan téh apan hasil tina silih percaya. Hartina, masing-masing pihak gé kedah silih ajénan,” pokna.

 

Demi Kapentingan Warga

Pamingpin téh harepan masarakat. Nu milih jeung nu kapilih, geus ngalaksanakeun téken kontrak. Hartina, rahayat mikeun sabagian ‘wewenang’ jeung ‘kakawasaanana’ ka pamingpinna. Saterusna, nu ngurus ngatur kahirupan rahayat téh pamingpinna. Ku lantaran kitu, pancén-pancén nu lain keur kapentingan masarakatna, ulah nepi ka ngaganggu pancén nu samistina. Harepan kawas kitu, ogé lantaran masarakat hayang éta pamingpin ngalaksanakeun pancén gawéna kalayan gembleng.

Mangsa bakti lima taun ka hareup, ceuk tilikan Prof. Asep, lain hanca garapan nu eunteung. Komo deui, ditumalikeun jeung kasanggupan calon waktu kompanye. “Nu dijangjikeun kedah cumpon,” pokna.

Dina panitén ieu ahli élmu pamaréntahan, léngkah-léngkah mitembeyan nu digarap ku gupernur jeung wawakilna, kudu sareundeuk saigel, nuju kana visi, misi, katut, jangji-jangjina téa. “Sakur nu dijangjikeun kedah kahontal dina dangka lima taun pamaréntahanana,” pokna.

Geusan ngahontal kamajuan Jawa Barat, mémang lain pamohalan. Nilik kana poténsi nu nyampak apan teu kurang-kurang. Upamana waé butuh ku ahli dina masing-masing widang, Jawa Barat gé gudangna. Loba paguron luhur tempatna para inohong nu boga kamampuhan dina masing-masing widang paélmuan. “Kari ngamangpaatkeunana.  Ulah aya anggapan, ongkoh seueur ahlina tapi kirang dimangpaatkeunana,” ceuk ieu Guru Besar Unpad témbrés. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: