• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Ecep Yuli Sukmara;

Dongéng na Sawangan Budak

Kintun kana Facebook

Mangsa budak mangrupa mangsa nu keur meujeuhna penting jeung strategis pikeun nyiapkeun generasi keur ka hareup. Disebut penting alatan, nya mangsa ieu pisan manéhna keur aya dina tahap “Golden Age” ceuk basa deungeun téa mah. Sajaba ti éta na mangsa ieu pisan manéhna nyerep informasi saloba-lobana, rasa hayang kanyahoan ogé eukeur undak. Disebut strategis sabab nangtukeun kamekaran intelegensi dasar manéhna. Mun seug urang nu jadi kolot kurang perhatian dina mangsa budak umur sakitu, urang nu jadi kolot kudu ngarasa rugi jeung lebar bisa jadi éta tahapan téh sigana ukur dapon ngaliwat.

Ku penting-pentingna umur budak mangsa sakitu, urang bisa nyokot gambaran jeung pangalaman nu kaalaman ku urang mangsa keur leutik baheula, atra na ingetan jeung sok hésé dipopohokeun nepi ka gedé. Waktu keur budak urang sok tetelepék hayang nyaho “naon itu” “kunaon bisa kitu?” “kunaon bisa kieu” jste. Cindekna dina perkara ingetan mangsa keur budak mah, lir ibarat geutah sok napel pageuh, mana geus gedé téh aya kalana masih inget kénéh saha guru keur TK, saha nu mimiti ngajarkeun maca, saha nu ngajar ngaji, jeung kajadian-kajadian nu kaalaman mangsa keur budak.

Barudak bakal niron-niron nu nyampak sarta deukeut nu kaalaman ku manéhna, sabab geus jadi watek alamiah budak boga sipat polos, jujur, saujratna, lir ibarat tempat nu teu acan aya naon-naon, dieusian téh ku kajadian nu karandapan jeung kaalaman sarata ningali conto laku lampah jalma déwasa di sabudeureunna, kaasup kolot jeung dulur-dulur manéhna. Lakulampah goréng nu dipilampahkeun ku jalma déwasa kayaning sipat tukang ambek, tukang bohong atawa kasar bakal diinget-inget pamustunganna ngajadikeun imej, sarta pasipatan nu goréng pikeun dirina.

Atikan “Budi Pekerti” nu boga ajén-inajén luhur bisa miceungceum na diri maranéhanana ku maké carita suri tuladan, dongéng jeung basa visual, carita gambar, komik, alat peraga, jste. Adat kabiasaan kolot urang mun budakna rék saré sok mangdongéngkeun heula itung-itung mépéndé. Lantaran manusa mah disebut “Home Fobula” mahluk pinutur tukang ngadongéng, sedengkeun barudak kaasup tukang ngadangukeun nu saregep tur iatna. Budak umur taunan kahandap. Konsetrasina keur meujeuhna hadé pikeun ngaregepkeun dongéng nu keur dicaritakeun ku guru atawa kolotna.

Dongéng-dongéng saperti monyét jeung kuya, kancil jeung buaya, si lengli. Éta dongéng-dongéng téh kebek ku atikan moral jeung amanat sangkan jadi jelema silihpikanyaah, silihasih, tulung-tinulung, jeung sabar. Dina tungtung carita tokoh nu bageur bakal meunang kabagjaan, sabalikna tokoh nu jahat, antagonis, saperti sipat hawek, sarakah, jail deleka geus tangtu meunang kacilakaan jeung kasangsaraan. Pesen moral tina carita dongéng téh manpaat pikeun nuyun budi parangi budak, sangkan mibanda sikep béréhan, resep milampah kahadéan, jeung mikaresep kana tokoh-tokoh protagonis.

Dongéng nu dicaritakeun ku kolot ka budakna téh leuwih hadé, batan budak diantep sosorangan pikeun lalajo pilem kartun, maén game, atawa maen PS. Ku jalan mangdongéngkeun budak, tangtuna ogé bisa ngaronjatkeun kaakraban jeung tali asih antara kolot jeung budakna bakal terus nganteng, moal laas. Suasana kaakraban samodel kitu téh, geus jadi barang mahal pikeun jaman ayeuna mah, sabab kolot loba teuing kagiatan di luar, ngaping ngadidik budak jadi ka luli-luli malah sigana mah dijadikeun urusan nomer kadua.***

*) Nu nulis guru di SDN Ciparay 06, Kecamatan Ciparay - Kabupaten Bandung

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: