• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Urang Sunda nu Ngumbara
di Sota—Merauké

Kénging Cece Sobarna
Kintun kana Facebook
Mangle
Dibagéakeun ku dulur salembur nu aya di Sota Merauké [Potrét/Ilustasi: dok.pribadi]

Harita, pertengahan taun 2011, basa keur mancén tugas di Badan Bahasa Jakarta, lamun keur teu pati riweuh ku urusan administrasi kantor mah, sok ngahaja ngilu ka lapangan pikeun panalungtikan. Kuring sok ngadon papadon ka staf anu mancén tugas, ulah jadi kagok pédah kuring salaku kepala pusat ilubiung, da dina hal ieu mah naluri panalungtik teu bisa ditahan, éstu hayang apal kumaha prak-prakanana mupu data nu lain basa sorangan. Enya gé di Jurusan Sunda Unpad unggal taun aya Kuliah Kerja Lapangan (KKL), tapi ieu mah séjén deui, boh udaganana boh lokasi sarta masarakat anu disanghareupanana.

Ari nu jadi tujuan nyaéta pikeun motrét kumaha sikep masarakat perbatasan nagara Indonésia--Papua Nugini kana basana. Harita anu jadi pangjugjugan téh nyaéta Kabupatén Merauké. Sanggeus sagala kaperluan jang ka lapangan téa sadia, utamana mah bahan-bahan panalungtikan, kuring jeung staf saurang miang make pesawat Garuda ti Jakarta tujuan Jayapura, minangka ibukota Papua. Di Jayapura reureuh heula sapeuting. Isukna kakara ka Merauké maké pesawat nu leuwih leutik. Ti awang-awang katingali sakuriling bungking héjo ngémploh leuweung jeung pagunungan. Komo pas pesawat rék turun mah ngaliwatan Dano Santani, pemandangan éndah pisan, tinggarunduk pulo-pulo leutik. Pon kitu deui beungeut cai tinggurilap katojo ku panon poé nu harita keur meujeuhna manceran.  

Reureuh sapoé pikeun aras-urus admnistrasi. Datangna kuring ka Papua téh minangka anu kadua kalina. Nu munggaran mah harita basa meunang pancén ti Fakultas Sastra Unpad (Fakultas Imu Budaya ayeuna) gawé bareng jeung UNICEF dina taun 2008. Harita mah ngan ka Kota Jayapura jeung perbatasan, bubuhan kasengker ku samporétna waktu.

 

Lalampahan ka Distrik Sota

Ari nu jadi tujuan utama pikeun panalungtikan téh nyaéta Distrik Sota. Ieu distrik téh minangka wewengkon anu langsung wawatesan jeung nagara Papua Nugini. Ayana di wewengkon sabudeureun Taman Nasional Wasur. Jauhna ti Kota Merauke kurang leuwih 80 km, maké mobil pribadi mah aya kana sajam satengahan mah. Éta ogé aya beus Damri, ngan sapoé sakali operasina. Kaitung gancang sajam satengah téh sabab jalanna geus diaspal mulus.  Kacida hawa nyongkab panasna. Sok sanajan sapaparat jalan kénca katuhu rajeg tangkal kai bus, ngan teu pati iuh bubuhan jadina di tanah rawa, teu iuh siga di jalan perbatasan Jayapura--Papua Nugini. Sepi pisan arang mobil nu ngaliwat, komo jalma  nu pirajeunan ngulampreng mah.

Di sela-sela tangkal kai bus téa aya pemandangan nu teu biasa. Katingali tingarenclo gundukan taneuh nu jangkungna kira-kira satangtungan jelema dewasa, malah mah aya anu nepi kana tilu lima meterna sagala. Taya lian gundukan taneuh éta téh nu disebut  sayang sireum (rumah semut), musamus nyebutna urang dinya mah.

Anjog di Distrik Sota wanci asaran. Sanggeus lapor ka aparat, kuring jeung staf téa  dipernahkeun di wewengkon transmigrasi.  Nu nempatan perumahan transmigran téh lolobana mah asalna ti Pulau Jawa. Kaayaan perumahan téh bet asa Cijerah baheula taun 80-an keur mimiti diwangun. Listrik geus aya, ngan hurungna  ti mimiti magrib nepi ka jam sabelasan peuting. Pon kitu deui sinyal telepon, ayana mareng jeung hurungna listrik. Kitu gé ngan di puseur distrik bari radiusna ngan 100 méteran. Ari dur magrib téh, jalma ti sabudeureun éta distrik ting kurunyung bari marawa handphone moro sinyal téa. Geus manggih mah sinyal aya nu nelpon aya nu sms, marangpang-meungpeung. Ngan tampolana sok ngenesna téh keur ngeunah-ngeunah neleponan atawa sms-an lep ngaleuit sinyal téh. Atuh obrolan téh buntu, diteruskeun deui isukna. Kadang-kadang aya ogé sinyal tipu, ongkoh aya sinyal, tapi  teu bisa sms-sms acan.

Bada subuh, sanajan hayang kénéh reureuh, ngahaja leuleumpangan pikeun ngarasakeun  panon poé isuk-isuk anu munggaran nyaangan tungtung Indonésia wétan. Jam genep isuk-isuk  geus mimiti karasa ngaheab hawa téh. Sabot tanggah ningali langit nu beresih kénéh jauh tina polusi, inget kana lagu “Dari Sabang sampai Merauke”, nu sok dinyanyikeun jaman SD. Bet jadi boga pikiran, boa éta lagu téh kuduna mah ti balik.

 

Panggih jeung urang Sunda

Urang Sunda di Ditsrik Sota, aya kana opat puluh urangan mah. Basa dikumpulkeun, kacida maranéhna aratoheunana. Langsung wéh alakrab, asa panggih jeung dulur salembur meureun. Beuki peuting beuki pogot obrolan gé. Maranéhna panasaraneun kana kaayaan lemburna ayeuna. Sok sanajan geus puluhan taun ngumbara, ari dina soal basa mah maranéhna  ingeteun kénéh bubuhan sok diparaké di lingkungan kulawargana, utamana nu kulawargana pituin Sunda. Atuh pon kitu deui barudakna masih aya kénéh nu wanoh kana basa Sunda. Sawaréh deui mah lebeng da kawin campur téa, jeung urang Jawa atawa Sulawesi. Malah mah aya oge urang Sunda anu kawin ka suku asli di dinya.

Maranéhanana kacida nineungna ka lemah cai Sunda. Mun diitung-itung mah  di Sota téh geus aya kana dua puluh taunna leuwih. Ngumbarana ka Sota téh lain ngahaja, tapi milu program transmigrasi. Jeung deuih pamaréntah harita teu ngabéjaan yén maranéhna  rék ditempatkeun di dinya. Maksud pamaréntah mah alus na kituna mah, sangkan penduduk téh rata sumebarna,  sakabéh pulo kaeusian. Ahirna mah maranéhna narimakeun kana nasib, nganjrek di Sota kalawan dibéré imah jeung lahan garapan ku pamaréntah. Ari asal lemburna rupa-rupa, aya nu ti Tasik, Garut, Cianjur, jeung Sukabumi. Éta ogé harayang ari balik mah ka lemburna séwang-séwangan, ngan dalah dikumaha  ongkosna beurat kudu naék pesawat atawa kapal laut. Kudu boga duit jutaan pikeun nepi ka Pulau Jawa téh.

Taun-taun ka tukang di Sota aya pukumpulan husus urang Sunda ngan ku sabab pupuhuna ngumbara ka tempat lain éta pakumpulan téh pugag. Padahal keur aya kénéh mah pakumpulan Pasundan pirajeunan sok aya hiburan kasenian Sunda. Maranéhna ogé masih kénéh ingeteun kana majalah Manglé. Ngan hanjakal harita teu mawa. Pikeun ngalubarkeun rasa sono ka bali geusan ngajadi, paling maranéhna nyetel lagu-lagu Sunda dina CD anu ngahaja dipesen ka urang Sunda séjénna.

 

Tapel Wates

Ka tapel wates teu pati jauh, aya kana dua kilo méter mah. Ti kajauhan geus katingali gapura anu éndah, aya gambar Garuda di handapna aya tulisan “Good bye and see you again another day”. Di handapna dilengkepan ku basa daérah di dinya nu pihartieunana ‘sahaté, satujuan’. Atuh di tukang gapura aya tulisan ‘Welcome to Republik Indonésia”.  Tapel wates teu pati ketat dijaga. Malah mah aya taman asri sagala, dipapaés ku slogan-slogan nu ngahudang sumanget kaIndonésiaan, “Bahasa Indonésia Penjaga Persatuan dan Kesatuan NKRI”. Aya ayun-ayunan, deplang, sasaungan ala Papua pikeun reureuh. Teu jauh ti dinya aya musamus téa. Ari poé Minggu mah sok rada ramé éta taman téh, jadi tujuan wisata. Nu ngabaladah nyieun taman sarta ngariksana kalawan daria nya éta Aiptu Ma’ruf dina taun 2004. Aiptu Ma’ruf éstu anggota Polri nu matak jadi tuladan, pangabdianana ka nagara kacida gedéna tur ihlas sok sanajan ditempatkeun di tempat nu jauh pisan tungtung Indonésia bari jeung walurat, tapi sumangetna kacida ngagedur pikeun mertahankeun nagara Indonésia.

Urang Papua Nugini, hususna ti Désa Wariaber, sok balanja ka Sota naék sapedah atawa laleumpang. Daratang ka Sota téh barangbeuli kaperluan sapopoé da jarak ka kota di nagarana mah leuwih jauh. Malah mah aya nu sakola ogé sabab sarana jeung prasarana di Distrik Sota leuwih onjoy ti batan di daérahna. Saliwat mah teu pati béda dina dedegan, ngan bédana dina pakulitan leuwih meles jeung warna papakéan awéwéna leuwih moronyoy  urang Papua Nugini mah. Basana maké basa Inggris Papua Nugini, aya ogé nu bisaeun basa Indonésia. Atuh urang Indonésia gé aya nu sok nganjang ka Papua Nugini. Kuring sorangan harita ngan ukur ningali ti kajauhan kaayaan nagara Papua Nugini da teu bisa asup leuwih jero ti perbatasan.

Penduduk Distrik Sota aya kurang leuwih kana 1.000 jiwa. Suku aslina nya éta di antarana Marind kanum. Pacabakan urang asli di dinya lolobana mah moro babi ka leuweung, patani sagu, malah aya ogé anu PNS. Ari pendatang mah lolobaba dagang jeung tani. Distrik Sota dibagi dua blok. Unggal blok dibagi jadi genep jalur. Pribumi jeung pendatang nyicingan masing-masing blok.

Urang Sota saroméah. Ka tamu ari panggih isuk-isuk di mana waé teu weléh nanya jeung méré salam, “Selamat pagi, Bapak” bari logat nu has Papua. Ku sabab sapopoé loba campur gaul jeung urang Sunda,  maranéhna ogé ngarti kana kekecapan Sunda, saperti naon, éta, euy, awéwé, geulis. Malah mah arapaleun ka ngaran Kota Bandung téh. Ngadéngé tina siaran TV transmigran sigana mah. Basa diobrolan kuring ti Bandung, maranéhna hookeun da saméméhna nyangkana Cina Jakarta. Sorot matana nyawang, pikiranana ngareka-reka siga kumaha meureun ari kahirupan di Kota Bandung téh. Puguhna ogé jauh pisan bédana, sagala nyampak di Bandung mah. Na jero haté kuring ngucap sukur ka Nu Mahakawasa geus lahir jeung hirup di Bandung. Tagiwur jeung rasa nalangsa ari ras inget ka nagara nu geus rék tujuh puluh  taun merdéka, tapi tacan walatra kaasaan pangwangun ku masarakatna, cag heula. (Bandung, 20 Juni 2013)

*) Prof. Dr. Cece Sobarna, Guru Besar Linguistik Universitas Padjadjaran (Unpad)

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

ilsa

wargi2 jatining sunda...aya kareueus, waraas, lemah cai dina ati sanubari...

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: