• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Tati S. Hartati;

Marhaban Ya Romadon

Kintun kana Facebook

Dawuhan Alloh Swt. : Yeuh jalma anu ariman! Geus diwajibkeun ka aranjeun paruasa, sakumaha geus diwajibkeun ka jalma-jalma saméméh aranjeun supaya aranjeun tarakwa. [Al-Baqoroh: 183]

Teu karaos, geuningan urang téh tos tebet deui kana sasih Romadon 1434 Hijriyah. Para ulama nyebatkeun Romadon teh kelebt sayyidus syuhur, rajana bulan, lantaran dina bulan ieu, sadayana amal ibadah jalmi nu iman mah bakal  dipasihan ganjaran nu manglipet-lipet. Ku kaagungan bulan Romadon ogé, para ulama nerangkeun sababaraha gelar keur bulan Romadon. Diantarana wae, Syahr al-mubarok, bulan anu pinuh ku barokah, Syahr al-fath, bulan anu unggul, Syahr al-ghufran, bulan anu pinuh ku pangampura Alloh Swt., Syahr al-huda, bulan turunna pituduh Alloh (al-Quran). Syahr al-ibadah, bulan ibadah, Syahr al-jihad, bulan perjuangan, Syahr Allah, bulan Alloh, Syahr al-Quran, bulan diturunkeuna al-Quran, Syahr al-najah, bulan kasalametan, Syahr al-rahmah, bulan pinuh rohmat Alloh, ogé Syahr al-tilawah, bulan pangajian, maksadna dina ieu bulan kedah mémang nyeueurkeun ngaos, neuleuman elmu pangaweruh agama Islam.

Margi ieu bulan ageung pisan kamulyaanana, hayu urang papagkeun ieu sasih ku kabingahan sareng medar deui élmu pangaweruh, hususna dina kautamaan sasih romadon sareng kawajiban puasa. Marhaban Ya Romadon, wilujeng sumping sasih Romadon.

Kawajiban puasa dituduhkeun pikeun jalma anu ariman. Naon atuh Romadon téh? Saur katerangan, Romadon nurutkeun basa mah hartosna meuleum.  Ku kituna naon waé anu dibeuleum, tangtos karaosna  bakal panas. Ku kituna, lantaran Romadon téh proses meuleum nu saterusna nimbulkeun panas, nya dina ngalaksanakeun puasa oge lir keur manaskeun diri sangkan leuwih asak, leuwih deukeut, mahabbah ka Gusti Alloh Swt.

Naon anu dibeuleum téh? Kantenan dina hal ieu gogodan manusa nu bijilna tina hawa nafsu, anu biasana ngajurung kana kajahatan atawa kana kagoréngan. Ngan, sayaktosna henteu sadaya  napsu  ngajurung kana kajahatan, lantaran aya ogé napsu anu anu dipiridho sareng dipaparin rohmat ku Alloh SWT. Sakumaha anu ditétélakeun dina Alqur’an: Jeung kuring henteu (ngarasa) diri bébas (tina sagala kasalahan) lantaran saéstuna napsu éta salawasna ngajurung kana kajahatan, kajaba (napsu) anu anu dipaparin Rohmat ku Alloh. Saéstuna Alloh téh Maha Jembar Pangampura, Maha Asih. [QS Yusuf: 53]

 

Ngadalikeun Napsu

Diantawis pidawuh Alloh Swt. dina Alqur’an nu nétélakeun napsu, ebreh aya dina surat Yusuf ayat 52, nu hartosna kirang langkung kieu: Jeung kami henteu ngutus saurang Rosul  jeung henteu (ogé) saurang Nabi saméméh anjeun (Muhammad) kajaba upama manéhna ngabogaan hiji kahayang, sétan ogé ngasupkeun sagala godaan-godaan kana jero kahayang éta. Tapi Alloh ngaleungitkeun naon anu diasupkeun ku éta sétan, Alloh baris nguatkeun ayat-ayat-Na, jeung Alloh Maha Uninga, Maha Wijaksana.

Sakumaha katerangan di luhur, yén ngontrol sareng ngadalikeun hawa napsu téh mangrupa tugas manusa salila hirup dialam dunya. Kumaha carana? Nya dina sasih Romadon ieu, diantara cara ngadalikeun hawa napsu téh, nyaéta ku  nyumponan ngalaksanakeun puasa.

Istilah puasa nu sok dibasakeun di urang, ari dina basa Arabna mah nya disebatna shaum téa. Puasa mangrupa latihan pikeun ngadalikeun napsu anu dilakonan dina bulan Romadon sabulan campleng. Atuh tujuanana ogé sakumaha dawuhan Alloh di luhur, sangkan jalma geusan jadi takwa, jeung jadi pibekeleun hirup saatos bulan Romadon.  Ku kituna, upama puasa dina bulan romadon disebatna latihan keur ngalaksanakeun takwa, mémang manusa ogé henteu mung cicing dina bulan Romadon wungkul. Dina hartos, umat Islam ogé henteu saukur mampuh ngadalikeun napsuna teh dina bulan Romadon wungkul, tapi mampuh dilampahkeun dina bulan-bulan séjénna. 

 

Kaimanan Mangrupa Sarat Utama

Jalma anu diwajibkeun puasa ku Alloh, nyaeta jalma anu iman. Margi kitu upama urang tepung jeung jalma nu henteu puasa, sabenerna henteu perlu diupat, atawa dipoyok. Lantaran anu wajib  puasa mah mung jalma anu iman. Hartina jalma nu teu puasa mah, mémang teu kaasup jalma anu iman, anu meunang panggero sakumaha Alqur’an téa. Sapertina waé, di antaran ciri jalma iman téh, salah sahiji sok maos Alqur’an. Tah, jalma nu tara maca Alqur’an téh henteu kagolongkeun jalmi nu iman. Lantaran badé terang kumaha kana élmu Alqur’an, sedeng dirina ngajauhan al-Qur’an. Alloh Swt. ngadawuh:  Jeung nya saperti kitu, kami ngawahyukeun ka anjeun (Muhammad) ruh (Alqur’an) kalawan paréntah kami. Saméméhna anjeun henteu nyaho, naha naon ari kitab (Alqur’an) jeung naon ari iman téh. Tapi kami jadikeun Alqur’an téh cahaya, nya ku cara éta kami méré pituduh ka singsaha anu ku kami kersakeun di antara abdi-abdi kami. Jeung saéstuna anjeun téh bener-bener nuduhkeun (jalma) kana jalan anu lempeng. [QS. Asy-Syura: 52]

Sanajan puasa diparéntahkeun ka jalma anu iman, tapi upama henteu kuat ngalaksanakeunna, atawa  lantaran kasehatanna kaganggu mah, bisa diganti ku bayar fidyah, nyaéta masihan tuangeun ka jalma miskin, sakumaha anu dijelaskeun dina surat Al-Baqoroh :(Nyaéta) sababaraha poé anu geus ditangtukeun. Ku sabab kitu, sing saha di antara aranjeun aya anu gering atawa nuju musafir (nuju dina perjalanan) (tuluy henteu puasa) nya (wajib kodo) salila sapoé (anu henteu puasa) dina poé-poé lian. Jeung pikeun jalma-jalma anu ngarasa beurat ngalakonanna wajib mayar fidyah, nyaéta méré dahar jalma miskin. Tapi sing saha anu ihlas rék méré leuwih ti kitu nyaéta leuwih hadé pikeun dirina, jeung puasa aranjeun éta leuwih hadé pikeun aranjeun lamun aranjeun nyaraho mah. [QS. Al-Baqoroh: 184]. Iraha dibayarkeunna fidyah téh? Fidyah dibayarkeun saban dinten waktu urang henteu puasa, atanapi dibayarkeun sakaligus di awal-awal bulan puasa ka jalma miskin atawa jalma-jalma anu di aya dina perjalanan (musafir). Tapi poma,  kudu ati-ati ulah nepi ka awuntah, sakumaha dawuhan Alloh : Jeung geura bikeun hakna ka kulawarga deukeut, nya kitu deui ka jalma miskin, sarta jalma anu aya di perjalanan jeung poma maranéh ulah awuntah (kana harta banda maranéh) kalawan boros. [Al-Israa : 26] Kitu deui: Saéstuna jalma-jalma awuntah téh dulur-dulurna sétan. Ari sétan téh ingkar pisan ti Alloh. [Al-Israa: 27].

 

Dosa dibeuleum saluyu jeung pituduh Alloh.

Alloh Swt. maparin pituduh dina Alqur’an, kumaha carana meuleum dosa. Carana, nyaéta ku sedekah, amalan soléh, nyieun kahadéan, sabar nyanghareupan musibat sarta ngaleupaskeun hak qisos. Dawuhan Alloh:  Lamun anjeun némbongkeun sedekah-sedekah aranjeun, éta alus, jeung lamun aranjeun nyumputkeun sedekah-sedekah, sarta dibikeunna ka fakir miskin, nya nyumputkeun éta leuwih alus pikeun aranjeun, jeung Alloh baris mupus sawaréh tina kasalahan-kasalahan aranjeun. Jeung Alloh Maha taliti tina sagala rupa anu dipilampah ku aranjeun. [Al-Baqoroh: 271]. Kitu deui dina Surat Hud ayat 11, : Kajaba jalma-jalma anu salabar (tina musibat), ngajalankeun amalan soléh, maranéhna baris meunang ampunan sarta ganjaran anu gedé. Anapon meuleum atanapi mupus dosa ku cara ngaleupaskeun hak qisos, sapertosna wae nu ditetelakeun dina surat Al-Maidah ayat 45, nu kirang langkung kieu pihartoseunana: Jeung kami geus netepkeun pikeun  maranéhna dijerona (At Taurat), yén nyawa dibales ku nyawa, mata dibales ku mata, irung dibales ku irung, ceuli dibales ku ceuli, huntu dibales ku huntu, jeung tatu dibales ku tatu, ogé aya qisosna (balesan anu sarua). Sing saha anu (ngaleupaskeun hak qisos)na, nya éta (jadi) panebus dosa pikeun manéhna. Sing saha anu henteu mutuskeun perkara anu diturunkeun ku Alloh, nya maranéhna kasebut jalma-jalma anu darolim.

Tepung jeung Idul Fitri

Nincak bulan Romadon, pasti sok aya ahirna atanapi sok disebut lebaran atanapi Idul Fitri téa. Tah, sanaos urang lami kénéh ogé, tapi pami dina urusan élmu mah kedah terang ti ayeuna, yén sadayana amal nalika puasa sabulan campleng dipiharep bakal  balik deui kana kasucian, lir orok nu kakara gubrah lahir ka alam dunya, teu kapécrétan dosa saaalit-alit acan. Fitri atanapi fitrah, asal kecapna tina fataro. Hartosna hukum Alloh.  Fitrah Alloh tetep moal robah. Fitrah Alloh anu geus nyiptakeun jalma nurutkeun éta fitrah, sakumaha anu dijelaskeun dina dawuhan Alloh: Ku kituna prak geura sanghareupkeun beungeut aranjeun sing lempeng kana agama (Islam) sakumaha fitrah Alloh, ku sabab Mantenna geus nyiptakeun jalma nurutkeun éta fitrah. Henteu aya parobahan dina dadamelan. (Tah éta téh) agama anu lempeng, tapi kalobaan jalma henteu nyarahoeun. [Ar-Rum: 30].

Margi kitu, dina ngeusian ngawitan sasih Romadon ieu, mangga kandelan kaimanan urang jeung paburu-buru ngahontal ampunan Alloh Swt, kalawan nyeueurkeun amal ibadah ka Gusti Alloh Swt. Mugia sagala tarékah urang sadaya kénging rido Alloh Swt, urang tiasa ngahontal kabagjaan dina saum taun ieu.  Marhaban ya Romadon! Wilujeng sumping sasih anu mulya ieu. Mugia  amal ibadah urang sadaya ditampi kalayan satemenna aya dina panangtayungan Alloh SWT. Amin Ya Robbal ‘Alamin. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: