• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Jurig Imitasi

Kénging Eddy Ruswandy
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1373989159.jpg [Potrét/Ilustasi: agus mulyana]

Sagala kapeurih asa can punah. Kasedih, nalangsa, tunggara masih gumulung jeroeun dada, teuing rék iraha musnana. Awak kuring nu kamari ieu ingsig, saeutik-saeutik karasa ngorotan. Sagala rupa taya nu mirasa, moal boa mun kurang-kurangna iman mah teuing geus  milu nuturkeun, ninggalkeun dunya nu ramé ieu, nu pinuh ku sagala kapalsuan jeung katunggaraan.

Do’a kuring salawasna marengan, mugia manéhna beubeulahan ieu haté sing meunang kabagjaan di jero kubur, sing ditarima iman islamna. Ogé kuring teu kendat nga’dua muga-muga keur diri kuring nu ditinggalkeunana sing kuat nandang sagala cocoba nu tumiba.

Ngalangkang kénéh kajadian dua minggu ka tukang. Kalayan haté teu tenang, antara bogoh jeung cangcaya nungguan manéhna. Ari pamajikan kuring nu rék ngalahirkeun turunan nu munggaran. Bet geuning kitu buktina, sagala kacangcaya ngabuah jadi tunggara. Hak kuring kiamah bareng jeung musnana sagala harepan. Ani mulang ka asal, dipundut ku Nu Kagungan, asal ti Anjeunna balik deui ka Anjeunna. Teu bisa majar kumaha ngan cimata nu bisa marengan jeung du’a nu nganteurkeun manéhna, ka tempat pangreureuhan nu panganggeusan.

Mun raheut téa mah asa can lipur, geus jol deui masalah nu matak nyeri haté, nyeri nu leuwih ti nyeri. Najan kuring gogoléran bari nyebut sarébu kali teu percaya, taya gunana, ngan haté baé nu tetep teu  ngeunah. Asa piraku Ani pamajikan kuring nu sakitu soléhna, migusti ka salaki, taat kana paréntah agama, awéwé nu apal kana haram jeung halal sarta  maotna bisa disebutkeun “mati sahid” diuar-uar majar maotna marakayangan jadi sétan panasaran. Kuring yakin sagala éta carita ukur jijieunan, ngan kuring tetep baluweng, kudu kumaha nyanghareupan masarakat nu masih kénéh kandel kapercayaanana kana soal nu kararitu. Naha kudu didatangan saurang-saurang dibéré panerangan? Mustahil! Hadéna di imah téh ngan duaan, kadua Mang Pardi badéga kuring, jadi sagalana masih kénéh bisa tenang enggoning nyanghareupanana.

“Ari Mang Pardi ti saha mimitina meunang béja téh?” cék kuring basa mimiti meunang béja ti Mang Pardi. Haté mah asa geus teu kuat nahan émosi, sok ku teungteuingeun nu ngamimitian nguar-nguarna.

“Satadina mah moal dibéjakeun ka Encép téh!” cék Mang Pardi bari ngarahuh. “Asa kieu salah kitu salah. Ku Emang geus dipaluluruh ti mimiti jalma nu nepikeun ka Emang, terus dipapay nepi ka sungapanana. Tapi buntu Cep!”

“Buntu kumaha Emang téh?” cék kuring panasaran.

“Ceuk nu pangpandeurina ditanya ku Emang téh, meunang béja ti Jang Unu cenah...”

“Kang Unu Mang...” Asa piraku ari Kang Unu nepikeun ka nyieun gara-gara deui mah. Baheula gé asa geus bébéakan sili hampura najan enya manéhna kungsi jadi maru kuring gé.

Kumaha atuh ari kieu Mang? Piraku kuring kudu maluruh nanyakeun soal nu kieu ka Kang Unu. Bisa-bisa urang disangka rék nyieun pucuk ti girang.”

“Nu mata oge Cep! Leuheung basa mun panarimaanana alus. Ongkoh sasatna ngaborétékeun étaeun urang...”

“Ari pamanggih Emang kumaha?”

“Maksad Encép téh?”

“Enya ari Mang Pardi percaya Ani jadi jurig?”

“Beu ari Encép, keur naon atuh Emang unggah-onggéng solat ari kana soal nu kitu masih percaya mah. Lain pédah hareupeun Encép ieu téh! Jeung mun enya ogé aya manusa nu jadi nu kitu lain modél Néng Ani bagéanana.”

“Sukur ari kitu mah, hartina Emang sanggup meureun ngabantuan kuring?”

“Maksud Encép téh rék néangan jurig bungkeuleukanana?” Mang Pardi malik nanya.

“Enya Mang! Emang gé meureun ngarasakeun kumaha rarasaanana haté kuring!”

“Tong boro Encép, dalah Emang sorangan gé milu teu ngeunah!”

“Kieu atuh Mang, keun ayeuna mah urang cicing-cicing baé heula sugan jadi tiis suasanana. Tapi lamun beui maceuh mah kari kumaha engké!” cék kuring tandes. Mang Pardi ukur unggut ngaenyakeun. Kuring yakin Mang Pardi mah bisa dibawa badami jeung bisa dipercaya.

Peutingna. Kaayaan di luar combrek, taya jelema liwat saurang-urang acan ka hareupeun imah kuring. Malem Jumaah kaliwon, katurug-turug keur meujeuhna poék bulan. Mang Pardi geus saré ti wayah isa kénéh di kamar tukang.

Sanggeus ngaji meunang sababaraha balikan gék diuk dina korsi di kamar hareup. Pitunduheun anggur ngajauhan, pikiran mancawura ka ditu ka dieu nyoréang alam ka tukang. Ku teu sangka kuring bakal ngalaman nasib model kieu. Kuring kudu ditinggalkeun ku manéhna dina mangsa keur meumeujeuhna sono-bogoh.

Lampu dileutikan. Ti kajauhan kadéngé sora anjing babaung. Golédag kekedengan susuganan bisa saré. Keretek di pipir aya sora nu kekeretekan. Teu jadi pikiran, paling-paling kalakay kabawa angin. Hiliwir bau menyan kaangin-angin paselang jeung bau minyak seungit. Geus teg na jero pikir moal salah hiji sandiwara bakal dimimitian. Kuring cicing. Lain sieun, tapi hayang nyaho satuluyna nu bakal kajadian. Kuring teu percaya kana sagala tahayul, jeung asa piraku tina asal dongéng-dongéng bohong kiwari bakal karandapan ku kuring.

Tina sora nu karasak-kérésék robah jadi sora nu ceurik bangun kanyenyerian. Ku lantaran imah kuring témbok, teu bisa noong ka luar. Cengkat lalaunan. Ngahuleng sakeudeung. Mani ngagebeg basa aya ramo nu nyolongkrong tina liang angin-angin, ramu nu dibungkus ku kapas nu ngeplak bodas. Pluk aya nu ragrag kana ubin. Panasaran jandéla dibuka, ngan sakolépat nu ngelemeng bodas geus ngiles dilegleg meredongna peuting. Kuring gogodeg jeung istigfar.

Nu ragrag kana ubin dicokot. Sacewir lamak bodas ditulisan beureum. Dibaca:

 

“Kang Handy!! Seratan Ani curat-ciret teu mirupa, diserat nganggo getih Ani pribadi. Kang Handy! Ani sedih! Kang  Handy karunya ka Ani? Pangmaoskeun Yasin kanggo Ani nya Kang Handy. Pileuleuyan!

Nu tunggara

Ani”

 

Isukna surat dibikeun ka Mang Pardi. Manéhna ukur gogodeg. “Lain antep-antepeun ieu mah Cep! Jeung piraku deui aya jurig bisa nulis sagala.” Mang Pardi ngomongna dibarung imut.

“Sing waspada baé Mang Pardi da tangtuna gé ieu téh aya tuluyna, jeung ulah kendat nya ngado’a baé, muga-muga sagalana téréh bérés!”

“Ceuk Emang mah mending ontrog ka imahna Cep, moal saha deui tangtu si Unu nu boga petana téh.”

“Ah, ulah waka nyangka ka si itu si éta Mang...”

“Ari geus... sidik béja téh asalna ti SI Unu, jeung Si Unu deui nu pernah paséa jeung Encép.” Mang Pardi keukeu dina pamadeganana.

“Curiga mah meunang, tapi nyangka mah ulah. Beurat jeung kudu aya buktina. Ari ieu...”

“Rék cicing baé nya Encép mah?” Mang Pardi malik nanya.

“Nya kudu kumaha atuh...”

“Encép apal henteu kana tulisanana?”

“Henteu, ngan nu jelas jurigna bodo. Piraku ditulisna ku getih ari bauna bau mangsi.” Salila-lila paduduan tingharuleng.

“Engké mah Emang cicing baé di imah bandungan sagala nu kajadian. Keun kuring mah rék liar, sugan bisa meunangkeun nu anéh-anéh.” Kuring ngabagi tugas.

Malem Saptuna, ti wanci isa kénéh kuring geus indit, maksud téh rék manggihan Kang Unu, bongan ceuk Mang Pardi béja téh asalna ti dinya. Lain rék ngontrog kuring gé, maksud téh hayang ngobrol baé, susuganan nyabit-nyabit soal pamajikan kuring nu cenah jadi ririwa.

Punten mah geus sababaraha kali, tapi euweuh baé nu némbalan sakitu lampuna mah caang. Imah Kang Unu teu pati jauh ti imah kuring ngan kaselang ku tegalana jeung kebon pandan. Imah leutik cukup keur imah-imah sorangan mah. Bubujangan kénéh Kang Unu téh.

Panasaran ditoong tina sela-sela bilik karancang, aya radio luhureun rak. Tapi... aya geuning Kang Unu gé keur ngajongkéng dina bangku kai di tengah imah. Panto imahna diketrokan deui antukna digedoran, nu ngajongkeng angger teu usik teu malik.

Kalah kesel. Maksus téh kuring rék balik deui. Basa ka luar ti buruan imahna ti kajauhan aya nu ngelemeng sagala bodas. Kuring nyalingker kana tukangeun rungkun pandan. Gancang pisan leumpangna, mun kuring jalma borangan moal teu sawan sigana mah, teu rék kitu kumaha geura nu liwat téh najan poék sidik maké popocong. Dituturkeun ti kaanggangan, ka imah Kang Unu geuning asupna téh. Ditoong deui tina sela-sela bilik. Porosot pakéan-pakéanana dibuka, Kang Unu geuning. Kuring gogodeg. Kahayang mah asup ka imah bari nyarekan laklak dasar, tapi kuring asa salah geus wani untap-intip ka imah batur. Bari haté pinuh ku kakeuheul jeung katugenah kuring maksakeun balik.

Datang ka imah geus jam duawelas leuwih. Mang Pardi masih kénéh cindekul ngadagoan kuring. Sok manéhan mikeun lamak nu modél kamari. Eusina:

 

“Kang Handy!

Ani tiris! Ani sangsara! Tulungan Ani Kang Handy! Upami Kang Handy karunya ka Ani, cobi Ani pasihan salin, Ani buligir. Sinjang sareng nu sanés-sanés sacékapna. Wengi énjing ku Ani dibantun. Simpen baé di juru kekebonan. Tong teuing ditungguan bilih Kang Handy teu kiat.

 

Nu tos lain-lainna deui

Ani”

 

Kuring ukur gogodeg.

“Jurig modern!” cék kuring bari ngalungkeun lamak kana méja. Mang Pardi ukur seuri konéng.

“Lain antepeun Cep!” Keun Emang bagéanana nyerek nu kitu mah. Tuman!” cék Mang Pardi sanggeus dibéjaan sagala nu kaalaman ku kuring.

Malem Mingguna. Ti soré kénéh Mang Pardi geus taki-taki di luar, nyumput tukangeun dapuran cai. Bubungkusan geus disadiakeun di juru kekebonan, tapi eusina lain pakéan, ukur bubututan nu dibungkus dihadé-hadé. Kuring teu hayang nyaksian sagala nu bakal kajadian, teu tega.

Mani, ngagebeg basa ngadéngé Mang Pardi sesentak di luar.

“Kurang ajar silaing Unu! Dikira déwék rék beunang katipu ku silaing Unu!” sora Mang Pardi munggah handaruan. Gura-giru kuring ka luar, sok ingis Kang Unu geus teu mirupa disiksa ku Mang Pardi.

“Geura ngalawan siah Unu!” Bari ninggang sirah nu dipopocong.

“Ampun Mang! Ampun! Sanes Unu abdi mah!” Sorana haharegungan nahan kanyeri.

“Tong loba tingkah siah! Kakara ampun ayeuna mah nya!” bari hiuk deui peureup Mang Pardi ngahanca sirah si jurig.

“Geus Mang karunya! Bawa ka dieu!” teu sirikna diséréd Si Jurig dibawa ka buruan. Tatangga nu padeukeut nungtutan nyalampeurkeun saoborna-saoborna.

Barang popocongan dibaruka, kuring mani ngagebeg. Teu sangka, nu dicipta téh beungeut Kang Unu nu pikarunyaeun, ari ieu bet Si Sarda, jelema baragajul tukang pulang-paling. Malahan sabulan ka tuakng kakara ka luar ti pangberokan.

Basa tatangga-tatangga jeung Mang Pardi ramé-ramé nganteurkeun Si Sarda ka  kantor pulisi kuring teu milu, ngan gék baé dina teras diuk bari ngahuleng salila-lila. Hampura Kang Unu kuring geus goréng sangka. Tapi naha geuning Kang Unu maké popocongan... pikiran jadi pabeulit teu puguh.

Kuniang hudang. Sup ka tengah imah. Teu lila Mang Pardi datang bari sura-seuri.

“Aya naon Mang...?” kuring nanya panasaran.

“Jadi dua jurig téh, Cep!” Mang Pardi teu weléh mesem.

“Ari kitu...?”

“Di kantor pulisi geus namprak deui jurig. Beunang néwak Mang Omo éta mah ti sawah. Keur nyingsieunan nu néang cai ngarah sawah manéhna kacaian terus, teu kasoro ku batur. Si Unu nu éta mah... kuring ngan ukur bisa gogodeg.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: