• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Nyingkahan Godaan Sétan

Kénging Mahmud Yunus
Kintun kana Facebook

Najan jero bulan Romadon sétan katut kulawedetna dicangcang sapageuh-pageuhna rupa-rupa kamasiatan kawas taya sudana. Upamana warung nasi, rumah makan jeung réstoran angger réa nu muka usahana ti isuk-isuk. Tempat-tempat hiburan loba nu teu nolih kana aturan agama sarta darigama. Tempat-tempat nu nyéwakeun kaulinan saperti ‘play station’, ‘games online’, jeung sajabana teu saeutik nu ngahaja dibuka ti wayah duha. Atuh puguh baé keur nu kurang iman mah aya cukang komo meuntas.

Godaan sétan mémang luar biasa. Dina Al-Quran dijelaskeun Adam AS kungsi katalikung ku iblis, dedengkotna sétan. Balukarna Adam AS diusir ti Sawarga. Keun sual aya perbédaan paham ngeunaan ma’na Sawarga mah. Sabab saéstuna nu leuwih penting, urang salawasna kudu iatna tina sagala rupa kamungkinan godaan sétan. Lantaran nurutkeun Al-Quran sétan téh musuh bubuyutan nu nyata. Nyata hartina lain fiktif. Bungkeuleukan. Aya jirimna. Iwal ti kitu sétan mah tara “neuleu beungeut”, kakolotan, kalungguhan, popularitas, jeung saterusna. Nu geulis, nu kasép, nu goréng (patut), nu geus cukup umur, nu ngora kénéh, nu katelah bangsawan, nu katelah kuricakan, nu kawentar, nu teu kawentar, jeung saterusna kabéh ogé baris digoda. Didagoan balangahna. Salilana!

Al-Quran ngagambarkeun godaan sétan ka manusa téh lumangsung terus-terusan nepi ka poé Kiamat. Ngagodana ti saban madhab; ti katuhu jeung ti kénca, ti hareup jeung ti tukang, ti luhur jeung ti handap. Ti mamana jeung ti saban waktu. Éstuning urang téh didodoho iraha bongohna. Kajaba ti éta sétan ngararancang strategi nu kaitung beurat ngungkulanana. Nurutkeun Al-Quran sakurang-kurangna aya salapan rupa strategi nu digunakeun sétan keur ngagoda manusa. Naon baé? Kahiji, strategi waswasah. Hartina diharéwosan supaya poho. Béh dituna diharéwosan supaya mopohokeun kana migawé kahadéan. Datang waktu salat Lohor majar téh kagok keur ngahangkeutkeun laporan keuangan. Datang waktu salat Asar majar téh kagok keur kapegat ku macét. Datang waktu salat Magrib majar téh kagok da kakara nepi ka imah. Datang waktu salat Isya majar téh kagok da kaburu tunduh. Datang waktu salat Subuh majar téh kagok da tunduh kénéh. Tungtungna kapopohokeun. Kaluli-luli teu kapigawé. Kadua, strategi tazyin. Hartina dibungkus ku kaéndahan atawa ku kani’matan. Sakur kamasiatan katénjona éndah sarta karasana sugema turta ni’mat. Umumna nu keur bobogohan katempo sugema sarta ni’mat. Moal pamohalan ceuk rarasaana dunya téh milikna duaan. Najan kudu ngaluarkeun duit mangratus-ratus réwu malah boa mangjuta-juta sakali jalan-jalan arang langka nu ngarasula. Geura bandingkeun jeung nu geus jatukrami. Umumna nu geus resmi jadi salaki jeung pamajikan katempo kurang layeut. Témpona kudu ngaluarkeun duit najan diasongkeun jeung dompétna bisa jadi duit nu bareureumna mah geus disumputkeun. Kétang najan teu disumputkeun ogé, kadang-kadang sok ditalék mun pamajikan tas balanja raratusan réwu téh. Naha paké meuli naon? Katilu, strategi tamanni’. Hartina diwujuk ku angen-angen jeung harepan rék hirup lana. Bisa jadi urang kungsi ngarencanakeun rék salat Tahajud. Malah wéker ogé geus disetélkeun. Ngan waktu wékerna “ngahudangkeun” kalah buru-buru dipareuman. Ceuk jero haténa isukan baé. Bisa jadi urang geus tatan-tatan rék ngalaksanakeun tobat nasuha. Ngan waktu tinemu deui jeung pidorakaeun urang angger teu bisa nyingkahan. Rupaning kahadéan ku urang sok diéngké-engké. Padahal saha nu nyaho? Boa teuing kaburu ngajadi bangké? Kaopat, strategi a’dawah. Hartina dijongklokkeun kana ‘perangkap’ mumusuhan jeung papadana. Umumna dimimitian ku sakwasangka goréng. Atawa suudon. Kahadéan papadana disumputkeun sabuni-bunina. Sabalikna, kagoréngan papadana dibolékérkeun sapuratina. Mun urang geus kakeunaan ku sipat suudon éta hartina geus abus kana ‘perangkap’ sétan. Kalima, strategi takhwif. Hartina dibangbaluhan ku kasieun, kamelang, kahariwang, karémpan, jst. Bisa jadi urang kaasup jalma aya. Ngan nalika aya dulur-dulur urang nu merelukeun bantuan, urang teu wani ngaluarkeun bantuan ka maranéhna. Lantaran sieun kacocéng téa. Malah dipapagahan kudu ngaluarkeun zakat ogé mumul. Lantaran ngarasa harta beunangna téa. Kagenep, strategi shaddun. Hartina tarékah ngahalang-halang ngalaksanakeun paréntah Alloh SWT jeung Rosul-Na. Saban aya kasempetan keur ngalampahkeun kahadéan aya baé halangan-harungana. Rék salat barjamaah majar téh jalana leueur. Rék sidekah ka pakir miskin majar téh anakna geus teu bogaeun pulsa. Rék daptar ngalaksanakeun kawajiban haji majar téh kaburu aya tatangga nu nawarkeun sawahna. Rék diajar ngaji majar téh éra da puguh geus tamat paguron luhur. Mun ngagugu kana alesan-alesan bieu, hartina geus katalikung ku sétan. Katujuh, strategi wa’dun. Hartina tipu daya palsu. Sétan lihéy ngobral jangji palsuna. Bisa jadi loba jalma nu kabéngbat ku jangji palsuna. Upaman, cawéné nu diosolan ku sétan sangkan geura-geura masrahkeun dirina ka bébénéna. Sanggeus masrahkeun dirina malah geus kakandungan ternyata bébénéna kabur teuing ka mendi. Kadalapan, strategi kaidun. Hartina tipu daya. Strategi kaidun ieu digunakeun keur ngagoda jalma nu kabeneran dibéré amanah. Upamana baé, panitia pangwangunan masjid dipeto kudu ngawangun masjid jero dua taun. Taun kahiji inyana haré-haré teu ngalaksankeun tugasna kalawan daria. Disangkana dua taun téh lila. Kocap taun kadua beuki nyantek, inyana kakara katémbong sibuk. Pigawéeun gurunggusuh dianggeuskeun. Dikebut. Pamustungana hasilna teu optimal. Malah bisa jadi pagawéana cacag nangkaeun. Kasalapan, strategi nisyan. Hartina poho. Hususna poho kana kawajiban. Mémang poho téh awalna mah normal. Dina Islam ogé dima’lum jalma nu poho mah. Upamana najan urangna barangdahar ti beurang padahal urangna keur saum Romadon, ari bener-bener poho mah saumna teu batal teu sing. Ngan mun remen jangji jeung remen sulaya tina jangji ieu hartina kudu waspada. Boa-boa urangna geus kaeurad ku strategi nisyan téa. Na’udzu billaahi min dzaalik. Kumaha carana mun urang hayang lulus banglus, salamet jeung lungsur langsar nyingkahan godaan sétan?

Kahiji, ihlas lillahi ta’alaa. Sahébat-hébatna sétan serah bongkokan ka jalma-jalma nu ihlas. Salihéy-lihéyna sétan boboléh ka jalma-jalma nu ibadahna lillahi ta’ala. Kaunggel dina pidawuh Alloh SWT: “Pok manéhna nyarita: “Ku kituna, demi kamulyaan Gusti, sayaktosna abdi badé nyasarkeun maranéhna sadaya. Kajabi abdi-abdi Gusti nu arihlas ti antawis maranéhna” (QS Shad [38] : 82-83). Syaikhul Islam Ibnu Taimiyah nyarios: “Alloh SWT nguji ka abdi-abdina nu ariman ku rupa-rupa ujian. Tegesna ku rupa-rupa godaan. Ngan Alloh SWT ogé ngalélérkeun rahmatna mangrupa kaihlasan. Ku kaihlasan maranéhna kaduga nyingkahan rupa-rupa gogoda téa (QS Yusuf [12] : 24). Kadua, ngabiasakeun maca Al-Quran beurang jeung peuting. Dijelaskeun dina hadits nu dikaluarkeun ku Abu Dawud ti Abu Qatadah RA, Rosululloh SAW kantos ngalangkung ka bumi Abu Bakar RA sareng Umar RA, harita duanana nuju sarolat Tahajud. Dina tungtung hadis dicarioskeun Rosululloh SAW tumaros ka Umar, kunaon pangna anjeun ngajaharkeun/ngabedaskeun maca Al-Quran? Anjeuna ngawaler: “Ambéh nu sanés garugah sarta sangkan sétan sarieuneun”. Hadis bieu diniléy sahih ku kersana Syékh Al-Albani. Katilu, maca Surat Al-Baqoroh. Dina salasahiji hadis nu asalna ti Abu Hurairoh RA, Rosululloh SAW ngadawuh: “Anjeun ulah ngajadikeun imah-imah anjeun saperti kuburan. Saéstuna sétan baris ngabecir lumpat ti imah-imah nu di jerona dibacakeun Surat Al-Baqoroh” (HR Muslim). Kaopat, maca Ayat Kursi saméméh saré. Neueul kana hadis sahih nu diriwayatkeun ku Bukhori, Abu Hurairoh RA hiji waktu néwak jin. Satuluyna dijelaskeun, jin ngajarkeun ka Abu Hurairoh RA cara-cara nyalindung tina godaan sétan. Ceuk jin, anjeun kudu maca Ayat Kursi saméméh saré. Sakur nu maca Ayat Kursi saméméh saréna baris dijauhan ku sétan nepi ka isukna. Nalika Abu Hurairoh RA pependak sareng Rosululloh SAW, perkara bieu ditaroskeun ka anjeuna. Saur Rosululloh SAW: “Nu diobrolkeun ku manéhna bener, najan manéhna remen ngabohong” (HR Bukhori). Kalima, maca Surat Al-Falaq jeung Surat An-Nas. Nyindekel kana hadis sahih riwayat Abu Dawud, Uqbah bin Bari RA disunahkeun maca “al-mu’awwidatain” (Surat Al-Falaq jeung Surat An-Nas) ku Rosululloh SAW. Rosululloh SAW ngadawuh: “Yeuh, Uqbah! Anjeun kudu nyalindung tina godaan sétan ku cara maca “al-mu’awwidatain”. Lantaran euweuh deui tempat nyalindung nu leuwih tohaga ti batan éta” (HR Abu Dawud). Surat Al-Falaq jeung Surat An-Nas disunahkeun dibaca: isuk-isuk, pasosoré, saméméh saré, saentasna salat, (saban) ngarukiyah nu katarajang sihir, (saban) ngarukiyah nu gering, jsb. Kagenep, ngucapkeun Tahlil 100 kali. Dina hadis sahih Bukhori jeung Muslim dijelaskeun Rosululloh SAW ngadawuh: “Saha nu maca “Laa ilaaha illalloohu wahdahu laa syariikalah. Lahulmulku wa lahulhamdu wa huwa ‘alaa kulli syaiin qadiir” 100 kali jero sapo sapeuting, pikeun manéhna (dicatet) ganjaran nu sapadan jeung ngabébas-merdékakeun sapuluh hamba sahaya jeung baris dicatet saratus kahadéan jeung baris dipupus saratus kagoréngan. Satuluyna baris dibénténgan tina (godaan) sétan ti isukna nepika soréna” (HR Bukhori jeung Muslim).

Kajaba ti nu geus dibéréndélkeun bieu, sétan jeung kulawedetna ogé teu wanieun nyanghareupan jalma nu sok maca basmalah (bismillahirrohmanirrohiim). Basmalah disunahkeun dibaca saban rék migawé kahadéan. Upamana baé mun rék ka luar ti imah, mun rék dahar, mun rék ngarot, mun rék sapatemon, jsb. A’udzu billaahissami’il ‘aliimi minasyaithoonirrojiim***

                         

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: