• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Si Munggah

Kénging Féndy Sy. Citrawarga
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1374648893.jpg [Potrét/Ilustasi: Agus Mulyana]

"MUNGGAH, munggah, insaalloh saum téh cios dinten énjing....," mani nongtoréng béwara tina sapéker di masjid. Duloh kalah nyocokan liang ceuli. Kolébat beungeut Ma Ojoh, pamajikanana, dituturkeun beungeut Si Onih, anak bungsuna. Berebey cimata maseuhan pipi, labas kana kumisna nu cokrom.
"Hampura Ema, hampura Onih," gerencemna, sumambat ka nu di imah. Taya nu némbalan. Panénjona nanceb kana jaruji beusi, ngulincer kana témbok beton, teup eunteup kana lalangit. Hayang berengbeng kabur seja marengan nu munggah di imah, pamohalan.
"Gara-gara si kurang ajar!" habek peureupna meupeuh témbok. Dua budak lalaki  nu carinekul di juru tangka ngarénjag.
"Enggeus Pa, tamaha urang," ceuk nu saurang ngupahan. Nu disebut si kurang ajar téh taya lian Si Mémét anak cikalna. Enya si éta nu nyababkeun Duloh jeung dua urang budak lalaki kiwari ngaringkuk di tahanan polsék téh.
Kedepruk-kedepruk sora sapatu ti jauhna, beuki deukeut beuki atra, lir atrana katunggara na haté Duloh.
"Ampun Pa ampun...," kabayang deui Si Mémét pupuringisan  ménta ampun. Saeutik gé harita mah teu hayang ngahampura. Ngan ayeuna karasa aya nu nyeuit na atina.
Nu ngedepruk jebul. Bréh, patugas ngaroris. Manéhna balik deui.
"Moal, moal kabur!" Duloh kekerot. Najan enya gé ayeuna téh usum munggah, usum suka bungah tatahar kadaharan saaya-aya keur kulawarga, apan isukan téh munggaran ngalaksanakeun kawajiban puasa Romadon. Hayang nyadiakeun dahareun rada istiméwa da kitu galibna ningan, sahenteuna si borontok mah kudu kaasaan. Mangkaning Si Onih mah siga taun tukang, saur gé caman-cémén. Tah lamun aya daging, rada moho.
Munggah, keur sakumna umat Islam di pilemburan sok ubyag ku pirang-pirang ritual, aya nu diangir mandi, aya nu nadran ka makam, aya nu sasadiaan keur dahar saur, malah di kota mah aya nu ngahaja balotram curak-curak da poé isuk mah puasa moal sukan-sukan barang dahar pajah téh.
Panon Duloh mindo teuteup kana lalangit, puriding, keueung. Teu nyangka sacongo buuk kudu ngalaman hirup di tahanan. Nyaan, paingan ceuk papagah kolot, napsu nu matak kaduhung badan anu katempuhan. Tapi deuih da teu napsu-napsu teuing atuh, awahing hayang ngadidik ka Si Munggah, enya Si Mémét téa anakna nu nyieun gara-gara.
Janari leutik harita téh keur meumeujeuhna ngimpi di alak paul. Tapi teu burung tingkoréjat basa kana panto aya sora ngagebrug. Geus apal kalakuan Si Munggah. Matuh, unggal mantog uluk salamna téh ku najong panto.  Kituna téh bari walahwah weuleuhweuh weureu arak. Boh Duloh boh Ma Ojoh taya nu teu kacugak mamaras haténa.
"Buka panto....!" Si Munggah ngowowong bari nyebutkeun ngaran hiji sato. Tara loba omong, nu pangheulana ngadéngé gura-giru muka panto.
"Buru kéjo, aing lapar!" Garawak deui. Ma Ojoh mani dagdag-dégdég. Ari rék diasongkeun, nu méntana geus nyegrék badis si bopih héés di kolong  golodog. Mun ngaguher kérék, méakkeun kasuka tas nginum alkohol Si Munggah tara hudang téréh-téréh.
Mun pareng nu muka tulak téh bapana, enya Duloh, kudu baé meunang panyacampah.
"Hararésé pisan muka panto téh?" Matana hurung. Jekuk sapatuna nu geus cewaw dipaké ngajablogkeun panto.
Duloh bati istigpar.
Angot mun nu mukana Si Opay atawa Si Didit mah kudu baé meunang oléh-oléh, sirahna didegungkeun.
"Munggah-munggah, énjing cios saum insaalloh," nongtoréng deui sora béwara ti masjid tonggoheun kantor polsék. Ngadéngé kecap munggah, Duloh sok inget ka Si Munggah minangka ngaran nénéhna Si Mémét, anal cikalna. Dimunggah-munggah gé apan Si Mémét téh ngajuruna pareng poéan munggah, tilu puluh taun kaliwat. Kolébat beungeut jenatna Yati, indung teges Si Mémét.
"Muga-muga baé budak téh sing walagri Kang, rék awéwé rék lalaki," ceuk Yati harita bari ngusapan beuteungna nu bulan alaeun. Duloh unggeuk. Ngarasa bagja sabab laki rabi geus lima taun can dipercaya boga turunan ku Gusti Alloh.  Kabiruyungan. Wancina gubrag ka dunya, enya poéan munggah tëa brol orok lalaki. Nyusurup jeung poéan munggah, indung Si Mémét méré ngaran nénéhna Si Munggah.
"Sugan wé jalu manéh téh hirup beresih siga bararesihna jalma-jalma nu munggah," ceuk indungna.
Bubuhan budak meunang tipepereket ngadunga bari ngan hiji-hijina, mokaha Si Munggah diogo pisan, pangpangna ku indungna. Sagala kahayang teu sirikna dicumponan, kalan-kalan saré gé dikeukeupan baé siga sieun  aya nu  nyulik. Mun aya nu barang geureuh, kolotna diontrog bari dicarékan.
"Warah budak téh, nyaho Si Munggah mah teu kaopan," pajah téh.
Duloh onaman biasa-biasa baé, ngenod teuing henteu, galak teuing henteu. Kuma umumna wé kolot ngatik anak sangkan daék sakola, ngaji, malahmandar  jaga hirup bener.
Sup ka SD. Kungsi deuih ngaji. Éta gé meunang diolo-olo ku Duloh da ku indungna mah tong dipaksa-paksa cenah budak embung sakola téh, karunya. Carékna téa mah asal hirup gé geus untung. Kitu pamikir  indungna baning nyaah ka Si Munggah téh.
Nincak rumaja, Si Munggah salin jinis jadi budak baragajul da puguh sakola teu junun. Nyaan  cééhan, teu kaop digeureuh-geureuh, teu kaop dihulag, teu kaop disisiwoan, langsung nyégag. Témahna mindeng galungan jeung babaturanana. Antukna sakola teu junun. Indungna kakara sadar, ning boga anak kitu laku téh malindes ka kolotna. Nu ngomongkeun tingkecewis, nu ngontrog  tipopolotot, angot basa Si Munggah urusan jeung pulisi nepi ka dibérokna mah, haté indungna asa diwewejét.
"Naha atuh manéh téh maké bijil poéan munggah ari laku lampah euwah-euwah mah?" Yati kagegeringan mikiran Si Munggah, nepi ka hanteuna pisan. Duloh pruk kawin jeung Ma Ojoh, boga turunan satilu-tilu, Si Opay, Si Didit, jeung Si Onih, budak awéwé hiji-hijina.
Ditinggalkeun indung, lampah euwah-euwah Si Munggah mungguh ngaguruh, siga euweuh pamuntangan. Kabur ti kolot, hirup lunta sakaparan-paran jadi préman. Puguh wé beuki ngajago. Basa gubrag Réformasi, mun baheula aya petrus loba karaman dikarungan, jaman Réformasi mucunghul amuk massa. Si Munggah, siga batur-baturna, ngistrika kokodna nu aya tatoan, teu beresih. Kapaksa disumput-sumput. Aya kasieun dirempug balaréa nu gangas kadongsok krismon. Ning mun aya préman beunang, laju dikerepuk teu meunang ampun, terus dibanjur minyak béngsin, gur diduruk. Si Munggah ngompod ogé. Nya ngulunu ka bapana. Duloh bati bingung, ditarima kumaha ditolak kumaha. Antukna léah, nya ditarima wé da burung palung bodo gélo gé anak sorangan. Hadéna Ma Ojoh gé léah. Mimitina mah Si Munggah katémbong lindeuk, sari-sari nyantri, kuma umumna préman usum Réformasi ningan. Béh dieu-béh dieu, euwah-euwah Si Munggah kanceuh deui. Teu bina ti korupsi, nu pajah Réformasi téh seja meresihan aparat korup, hih kénéh-kénéh kéhéd ningan, koruptor  kalah beuki ngaleuya. Nya ngapruk deui dunya peteng da ningan kasempetan keur kikituan gé nonggérak deui. Jaman Réformasi nu daragang inuman keras kungsi diubrak-abrik ku nu maraké sorban, pada nyeceléh, nya répéh. Kadieunakeun miras nerekab deui, malah aya sesebutan pésta miras, teu kalis weureu arak, hayang leuwih apdol meureun dioplos jeung naon ku hanteu. Puguh wé lauk keur Si Munggah mah. Jleg deui wé préman, batan babalik pikir kalah euweuh kagimir, batan kapok kalah gawok.
Nu digangguna lain baé urang luar, siga puras-peres, kulawargana gé dipajeg. Puguh deui ngadon dahar jeung héés mah.
Peuting kamari, janari leutik, saperti sasari Si Munggah balik. Siga biasana. sampurasunna téh  najong panto bari nyebutan ngaran si bopih. Teuing kumaha peuting kamari mah nu araya di imah asa kasirep jurig tunduh kabina-bina. Kakara harudang sanggeus Si Munggah najong panto sababaraha rintakan.
"Sétaaan..na malolor téh?" Si Munggah ngawakwak. Napsu ngagidir, tina sungutna meledos sésa urut mabok. Torojol bapana, karék gé hol  nu keur lulungu téh dipapagkeun tonjok. Jekuk, jurahroh.  
Koréjat Duloh maksakeun hudang bari nahan kanyeri.
"Na siah téh Munggah? Durjana kabina-bina?" Duloh dak dumadak boga kawani. Pudingding napsu. Teu ngabibisani, aya kénéh sésa jawara jaman keur ngora.
"Goblog!" Si Munggah geus teu boga wiwaha. Der galungan antara anak jeung bapa, ti jero imah ngagésér ka buruan. Najan ruruntuk jawara gé geus umuran mah teu burung kasoran. Nénjo kitu, Si Opay jeung Si Didit nu ti tatadi olohok mata simeuteun baning baluas,  sakilat duanana maju jurit ngaraponan  lanceukna nu geus kausap sétan.  Si Munggah pada ngahanca, saréréa geus kaleungitan kadali, tali pameungkeut duduluran ngajemprung, hayang pada-pada unggul. Ceg Duloh kana batu sagedé hulu domba paragi manéhna moyan. Teu antaparah deui, gejrot dipeupeuhkeun kana sirah Si Munggah. Kocéak....
"Ampun Pa, ampun Pa, ampuun....!" Na remeng-remeng peuting Si Munggah minangsaraya, kakara lilir tina impian euwah-euwahna. Tapi....Duloh geus kaleungitan rasa nyaah, durjana modél Si Munggah kudu dipérénan. Titis tulis ciri wanci, baheula Si Munggah gubrag ka dunya poéan munggah, ayeuna gé mulang na poéan  munggah.
Gujrud salelembur aya kajadian rajapati antara anak jeung bapa. Harita kénéh gé pulisi --sabada meunang laporan ti masarakat-- nyangkalak nu tiluan, Duloh, Si Opay jeung Si Didit terus dibawa ka kantor polsék, blus ka kamar tahanan, ngadagoan dijagragkeun ka pangadilan.
Gebeg, Duloh lilir tina lamunanana. Rét ka dua budak lalaki nu taya lian Si Opay jeung Si Didit, teup deui  kana lalangit, bréh Si Munggah nu keur ceurik ngagukguk ménta ampun.
"Munggah, munggah insaalloh énjing cios saum. Mangga geura beberesih," geus kadéngé deui béwara munggah ti masjid wuwuh matak ngagerihan batin Duloh.
"Munggah? Puasa? Ya Alloh, kanggo naon atuh paruasa ari gogoda hirup pada ngantep baé?" gerendeng batin Duloh siga nu ngarasula kana kaayaan rinéka jaman. Berebey cimatana ngabanjiran kumis, terus kana janggotna.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: