• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Warisan nu Moal Cocéng

Kénging Tuti
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1374651641.jpg [Potrét/Ilustasi: Agus Mulyana]

GEUS ti béh ditu hayang nyarita ka Emah, naha henteu capé ngasuh Si Jalu anak kuring. Mangkaning bari ngantunkeun Apa di lembur, ampleng-amplengan. Hayang sapok-pokeun nyarita, keun baé da ayeuna mah Si Jalu geus sakola, bisa ditinggalkeun jeung pangasuh. Tapi létah téh asa beurat waé unggal rék nyarita. Sakitu deudeuhna Emah ka anak kuring. Kacipta lamun kudu dipegatkeun téh.

Kuring ngarasa dosa ngandelkeun Emah terus-terusan nungguan budak, sabot kuring jeung salaki digarawé. Tapi leuheung basa lamun ku anjeunna katampi perasaan asa dosa kuring téh. Kumaha lamun kalah ngaraos diusir? Naha henteu leuwih dosa ngajaheutan manah anjeunna? Tungtungna ukur rumandeg waé.  

“Iraha budak téh peréna?” saur Emah bari ngarérét ka Si Jalu, nénéhna anak kuring, nu keur anteng ulin diriung ku cocooanana. “Ngadéngé budak tatangga  cenah mimiti peré tanggal opat welas nincak poé Saptu, biasana ari peré naék kelas mah sok akur ti mimiti sakola TK nepi ka SMA, lamun sarua tanggal opat welas si Jalu ku Emah rék diajak ka lembur sakalian ngalongok Abahna,” saur Ema deui. Ema nga-Abahkeun Apa ka anak kuring.

“Karunya geus tilu bulan teu dilongok. Ari ukur dikiriman artos bekelna wungkul  mah bisi boga rasa ditambélarkeun. Sanajan henteu ari pok kitu mah ngan urangna wé meureun nu kudu hideng.”

Meg kana dada asa aya nu nonjok. Ras ka Apa, beuki  nambahan lamun inget ka lebah dinya. Emah jeung Apa patebih nyasat lantaran melaan kuring. Emah di Bandung sabumi maturan kuring. Ari Apa di lembur nyalikan bumi nyalira, ditalingakeun ku lanceuk nu cikal, bari sarua boga budak leutik anu masih kénéh sakola SD satilu-tilu. Boh tuang, boh kaséhatanana, maklum tos sepuh tiktikbrek, gohgoy téa kalingsir téa. Tacan  panyakit  lianna nu sok biasa karaos.

 Sanajan lain kahayang kuring tapi asa dosa kacida ku kaayaan Emah sareng Apa ayeuna. Kuring salaku anak ukur sarwa salah kitu kumaha kieu kumaha nu tungtungna ukur bisa ngamuhun-keun kana cariosan Emah sareng Apa, sok sajan jadi beungbeurat  haté. Sanajan diomongkeun ku batur, ku dulur, kuring nongtorékkeun manéh waé. Da aya benerna atuh omongan batur téh. Tapi kuring teu bisa baha atawa teu sanggup kudu ngaraheutan manah indung jeung bapa mah. Apan sok loba nu nyebuteun yén lamun nu jadi anak ngahésékeun atawa ngagawékeun kolot, sanajan kolotna rido tetep bakal jadi dosa. Wallahualam, tapi rumasa kuring gé ngarasa dosa. Sanajan kuring teu rumasa miwarang Emah. Anjeunna linggih di Bandung, éstu kapalayna ku anjeun. Maenya ku kuring kudu ditolak.

Si  Jalu nu ayeuna geus umur tujuh taun dirorok, diasuh nyasat digedékeun ku Emah. Kuring digawé, jadi teu bisa nalingakeun sapopoé. Boh mandina, boh dahareunana, kitu deui papakéanana, nyusuna nyasat kabutuhan sapopoé pikeun si Jalu. Harita gé geus kapikir,  kuring kudu boga pangasuh. Bari nungguan cuti sabulan deui  ka béak panceg ka tilu bulan, Emah kaburu sumping ka Bandung ka imah kuring angkaribung sagala dicandak.  Sampeu, kasreng, rangginang, wajit, opak, cau jeung nu lianna sabangsaning kadaharan séjén oléh-oléh ti lembur hasil tatanén. Saurna sono ka si Jalu.

 “Nyai cenah dek nyiar pangasuh? “ saur Emah bari ngeyong-ngeyong orok. Kuring ukur ngaenyakeun ku unggeuk.

“Keun baé teu kudu hésé-hésé nyiar pangasuh, ku Emah wé. Asa teu mikeun lamun budak diasuh ku batur, teu percaya Emah mah.  Geuning réa contona, ceuk béja tina tipi ogé loba pangasuh nu teu balener, teu kabéh éta ogé. Tapi Emah mah tetep cangcaya, komo Nyai gawé ari budak ditinggalkeun jeung batur, keun tong jadi pikiran. Keun baé Emah nu pindah ka Bandung saheulaanan nepi ka Si Jalu sakola, Ké lamun geus sakola kakara ku Emah rék dileupaskeun jeung batur. Meureun Emah ogé rék balik ka lembur. Apa Nyai nu ngeukeuhan Emah indit ka dieu téh. Saur Apa, piraku teuing asa teu téga ari ninina genah-genah moyan, incuna diasuh batur. Jung ka ituh bisi kapiheulaan ku batur geura indit ka Bandung. Keun baé Apa mah da bisa ngurus sorangan pilakadar dahar sapiring menta wé ka si Teteh,” saur Emah. Teteh téh lanceuk kuring nu cikal.

“Saur Apa téh, Nyai, nyeusuh baju sasetél mah bisa ku sorangan. Atuh lamun purun Apa nu nuturkeun ka Bandung  sakapeung-kapeungeun, da lain teu hayang cicing di Bandung téh. Éta teu betah asa teu pararuguh, ukur dahar, ulin, ka masigit, lalajo tivi, kaluman,” saur Emah ngadugikeun cariosan Apa.

Kabiasaan Apa di lembur sagala dicepeng, ka kebon, ka ditu ka dieu  ngabangbrangkeun rasa kaluman. Saur Emah, Apa ridoeun ditinggalkeun, Emah rido kacida, lamun diijinan ngasuh anak Nyai  Si Jalu. Keun  tong jadi pikiran, Nyai jeung salaki mah sing soson-soson digarawé nyiar pibekeleun hirup. Atuh Nyai ogé sing rido ngurus beaya hirup Emah jeung Apa.”

Enyaan haté téh ngarasa reugreug, Si Jalu aya nu nalingakeun sagala rupana. Malah jadi leuwih apet kénéh ka ninina batan ka kuring. Teu kitu kumaha da sapopoéna loba jeung nini batan jeung indung bapa, da puguh ditinggalkeun gawé. Tepi ka ayeuna Si Jalu geus sakola, Emah angger calik di Bandung. Sakalieun ka lembur nyalira, tara lami ukur saminggu.

“Gandeng! Ceuli asa rawing, dijurung-jurung wae ku Abahna. Karunya ka Si Jalu cenah jeung saha ulinna pan ditinggalkeun gawé piraku dék dibabawa ka pagawéan onamanan teu puguh atuh gawé bari ngasuh. Saleuheung mun pingpinanana ngamalum. Karunya Si Nyai ke bisi bolos gawéna,” saur Emah.

Taun tukang usum peré sakola Emah ngeukeuhan badé ka lembur tapi hayang jeung Si Jalu, ambeh lila di lemburna, meungpeung peré sakola. Inget kénéh, beres netepan subuh Emah ngahudangkeun Si Jalu nu masih ngageubra. Geus hudang terus ditamasan didangdanan, bekel dahareun jeung bekel baju salin tos ditembrak-tembrakeun dina lawang panto, ngarah teu tinggaleun. Ngahaja indit nyubuh, ambeh elfna kosong kénéh, bisa milihan tempat diukna di hareup. Ongkoh di jalan tiis kénéh jeung teu macét. Di lemburna rék dua minggu. Ambéh Si Jalu bisa istirahat di Bandung saméméh asup sakola. Lamun sabulan di lembur bisi capéeun teuing da loba ulin. Ma’lum ari geus di lembur téh Si Jalu mah siga kuda leupas ti gedogan, ka balong, ka susukan, milu ka kebon, milu ancrub ka sawah, ber kaditu ber kadieu matak capé nu mapay-mapay. Tapi teu hariwang ulin jauh ogé di lembur mah. Sanajan Si Jalu ngariweuhkeun, nyapékeun tapi Emah hoyong waé nyanyandak. Kitu deui Si Jalu teu kaop Emah angkat sok ngingintil waé. Kanyaah Emah, kabéla Emah ka kuring, ka anak kuring, ka kulawarga kuring, moal kabayar. Pikeun kuring, kanyaah Emah jeung Apa téh lir warisan nu moal cocéng saumur hirup.

Dua minggu di lembur awak Si Jalu mani lintuh. Pipi camihmil, leungeun tareuas siga sampeu, ngan pakulitanana rada hurik. Pédah mandina ku cai nu ngocor langsung ti gunung meueunan. Teu kawas di Bandung make cai hasil ngolah. Ku lantaran diwowoy, sagala digugu, ulin sakarepna, dahar rewog, saré tibra, ti sareupna magrib, dug sek. Hudang- hudang geus beurang. Pantesna urang lembur mah geus meunang hanca ngarambet sakotakan sawah. Hudang saré Si Jalu geus disampakeun sarapan bacang jeung bala-bala meunang mesen ti tukang sayur nu unggal isuk sok ngaliwat ka hareupeun imah. Beres sasarap terus dimandian ditampian, mani ngoyok  mandi ku cai nyurug. Geus mandi Si Jalu moyan di golodog imah bari dibuntel anduk ngahodhod tapi katinggalina seger.

Ras inget kalebah dinya kuring teu bisa nahan cipanon. Rasa syukur ka Pangeran tan wates wangen, boga kolot nu sakitu jembar manahna melaan anak incu, namplokkeun kanyaah ka kulawarga sanajan diomongan dipoksangan ku dulur ku batur tapi Emah panceg.

 “Emah rumasa teu bisa méré harta, dina mikanyaah Nyai. Keun baé batur mah da batur ngaranana ogé. Saha nu wawanianan nyebutkeun dosa da nu meunteun dosa henteuna mah, anging Gusti Alloh lamun méngpar tina ajaranana, kakara dosa.” Saurna.

 Tapi kuring tetep asa dosa ka kolot, lamun Emah terus ngurus Si Jalu. Tapi lamun ngawagel Emah ngasuh Si Jalu, sieun dipajarkeun embung kacicingan. Kapan jadi ngaraheutan manahna. Meureun ayeuna waktuna kuring males kanyaah Emah. Keun bae diomongkeun batur pajar ngagawekeun kolot, batan kuring ngaraheutan manah Emah.

“Lila kénéh peréna budak téh. Apa geus nanyakeun waé, sonoeun meureunan,” soanten Ema ngahudangkeun lamunan kuring. Kumaha atuh nyaritakeun ieu perasaan dosa téh.

“Ngawitan énjing, Mah, “ témbal kuring.

“Pageto we atuh Emah ka lembur jeung Si jalu, nya,” saurna. Kuring unggeuk. Haté ngarakacak. Lalanyahan waé kitu, nanyakeun naha Ema teu capé ngurus Si Jalu. Naha Ema teu capé uah- uih ka lembur. Kakara miwarang lirén maturan kuring.  Tapi biwir téh teu kelu cacarita.

“Geus meujeuhna adian, budak teh Nyai. Ulah hiji teuing, karunya. Meungpeung Ema jagjag keneh, “ saur Emah. Piceurikeun nyelek kana tikoro. Rasa kagagas séséléké sumeleket kana dada, jero pisan. Duh indung.***    

Panglawungan 13, Juni katompérnakeun.

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: