• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Nuzulul Qur'an 1434 H;
Miéling Sangkan Manusa Areling

Kénging Abdul Khalik
Kintun kana Facebook

Pidawuh Allah Swt. “Dzaalikal kitaabu laa roiba fiihi hudan lil muttaqin,” hartosna, Ieu kitab (Al-Qur’an) téh, henteu aya kamangmangan dina eusina, pituduh (hidayah) pikeun jalmi-jalmi takwa.

Alhamdulillah, ayeuna urang tiasa deui miéling nuzulul qur’an dina taun 1434 H. Teu di kota teu di désa, umat Islam teu kendat ngagungkeun Allah ngalangkungan aosan-aosan kalam illahi. Mudah-mudahan, urang kalebet golongan jalmi takwa nu salawasna ngagungkeun al-qur’anul karim.

Dina acara miéling nuzulul Qur’an atanapi turunna al-Qur’an, biasana sok direuah-reuah ogé ku rupa-rupa kagiatan kaagamaan. Ngan naon sababna, saréngséna miéling, kaimanan umat, seueurna mah sok angger, teu aya robahna? Miéling nuzulul Qur’an lekasan, tapi nu maca Qur’an, nu paham lain kalah nambahan. Rupina, ieu nu kedah janten eunteung urang sadayana. Boa-boa, alatan kitu téh, loba jalmi nu miéling tapi haténa mah teu éling.

Sangkan urang éling, mangka Al-Qur’an jadikeun minangka hudan, pituduh, sangkan hirup urang henteu sasar. Naon sababna manusa perlu pituduh? sabab hirupna manusa, éstu moal cicing dina hiji kaayaan, aya kalana dina senang aya kalana dina susah. Geus jadi sunatulloh. Laqod holaknal ingsanaana fi kabad. Saéstuna manusa téh ku Kami diyugakeun dina kaayaan susah. (QS. Al-Balad: 4). Kitu deui henteu waé nerap di pajabat atawa nerap di nu masakat. Nu humandeuar teu kurang-kurang: di warung, di huma, di sakola, di pabrik, di kantor, teu pilih bulu. Margi kitu, al-Qur’an masihan waleranana, sangkan nu bagja kudu syukuran, nu tunggara kudu sobar. Keur bagja kudu béréhan, tutulung ka nu butuh. Atuh nu masakin ogé henteu kudu leutik harepan nepi ka jadi kufur. Sabab jalmi kufur mah, lamun seug hantem diantepkeun, kurang-kurang temah wadi mah éstu matak musyrik kana takdir. Témahna nganaha-naha ka Nu Maha Kawasa, naha iraha datangna kabagjaan anu sajati? Kalan-kalan, lain waé nu ripuh ku haleuah dunya, dalah lamun geus nguruskeun hirup mah, rata-rata jalma jiga sok nu nanya; saha atuh jalmana anu kasinugrahan bagja-bagjaning hirup? Lamun mah satiap jalma nu kumelendang di alam dunya ieu, teu leupas tina pasualan, lésot hiji jol deui pasualan séjén.

Tah, dina sasih Romadon ieu, nu mumutkeun dawuhan Kangjeng Rosul ogé 'gufirollohu maa taqoddama min danbih', bakal dihampura dosa-dosa nu geus kaliwat, tangtos ulah dimomorékeun. Ngan saha jalmina nu iman tur ihlas? gambaran sadayana aya dina al-Qur’an.

Ku margi kitu, dina miéling nuzulul qur'an, tangtos momen ieu kedah janten pikeun ningkatkeun pangaweruh agama Islam jalan keur muhassabatun nafsi. Tos dugi ka mana urang nempatkeun Al-Qur'an? Naha leres jadi cepengan hirup urang? atanapi bujeng-bujeng jadi cepengan, pituduh, dalah kanyataan mah dibumi nyalira ogé teu aya al-Qur'an-al-Qur'an acan. Euh, biheung temenan Alloh masing rohmat-Na. Aya deui, saurna ari al-Qur'an mah gaduh, malahan Qur'anna saé, kaligrafi hérang lir emas 24 karat, tapi duka kumaha maosna. Nu aya mah, resep kana hiasan Al-Qur'an nu mantak adem cenah. Pas sumping ka pa Ustad, saurna hoyong pangwurukan murangkalihna, margi ramana teu tiasa iqro-iqro acan. Kumaha upami kitu?

Mangga urang uih deui kana Nuzulul Qur'an. Naon atuh nu tiasa janten palajaran kanggo urang? Seueur pisan, diantarana :

Kahiji, terang kana agama sareng tauhid. Jalmi tiasa to'at sareng fasik téh gumantung kana terang sareng henteuna kana pituduh-Na. Ari pituduh Alloh ngalangkungan al-Qur'an sareng hadits pikeun mageuhan manusa sangkan nyekel agama Islam. Inna dinna indallohil Islam. Saéstuna agama nu diridoan ku Alloh téh mung Agama Islam. Islam hiji agama ngagaduhan dasar-dasar pokona, nu disebat rukun Islam téa, syahadat, solat, zakat, puasa, sareng munggah haji. Kitu deui, tina al-Qur'an urang bakal terang kana eusi agama, mana nu meunang rido Allah, mana anu hanteu. Sakumaha tadi ogé, ngan agam Islam wungkul nu dipikarido ku Alloh Swt. Dawuhan Allah Swt. : “Wa angjalna 'ilaikal kitaba bil haqqi musoddiqol lima baena yadaihi, Jeung kami nurunkeun ka manéh kitab Al-Qur'an anu mawa haq anu ngabenerkeun kana kitab anu saméméhna. (QS. Al-Maidah 48). Nu dimaksad saméméhna téh nyaéta Taurat, Injil sareng Zabur.

Kadua, dumasar kana surat al-Alaq, ayat 1-5, Iqro bismirobbikal ladzii kholaq, baca, kalayan asmana-Na Alloh Pangeran manéh anu geus ngayugakeun. Ieu nuduhkeun sangkan milari élmu. Margi ku élmu, hirup bakal caang. Kangjeng Rosululloh SAW negeskeun, Thalabul ilmi faridotun 'ala kulli muslimin wa muslimat" Milari élmu téh wajib pikeun tiap muslim jeung muslimat, "Uthlubul ilma wa lao bish shin", prak paluruh élmu sok sanajan nepi ka nagri Cina. Kitu deui, "Uthlubul ilma minal mahdi ilal lahdi", téangan élmu ti mimiti brol lahir nepi ka liang kubur. "Innamal ulama warasatul anbiya", anu baroga élmu, éta téh ahli waris para Nabi. Dina dawuhan séjénna, Rosul SAW kantos nandeskeun, yén dina poé kiamat téh bakal ditimbang mangsi ulama sareng getih syuhada, kabuktian mangsi ulama leuwih beurat tinimbang getih syuhada. Katerangan séjénna, darajat manusa gumantung kana al-Qur'an. Dawuhan Rosululloh SAW nu hartosna kieu : Innaloha yarfa'u bihaadal kitaabi aqwaama wado'u bihi aahorin. Hartosna : Alloh bakal ngangkat darajat sababaraha kaum ngaliwatan kitab ieu (al-Qur'an) jeung Alloh bakal nurunkeun (darajat) sababaraha kaum séjénna ngaliwatan kitab ieu (Al-Qur'an).

Katilu, manhaz al-Hayat sareng washilah al-hayat. Ngalangkungan al-Qur'an urang tiasa terang kana manhaz al-hayat, aturan naon nu wajib, naon nu haram, makruh, sunat, mubah, batal, syah jeung sajabana. Intina ku aturan, manusa bakal terang mana nu kudu dilakukeun mana nu kudu ditinggalkeun. Margi tadi téa, senang jeung susah, hadé jeung goréng boh sipatna boh tempatna, éta mémang tos sunatulloh. Ngalangkungan Al-Qur'an urang bakal terang kana hukum-hukum Alloh. Hukum bisnis, aya hukum muamalah, badé solat, zakat, thaharoh jeung sajabana aya hukumna. Badé ancrub kana dunya politik, aya hukum siyasah. Kanggo kulawarga, aya akhwalusy syahsiyyah, badé kana perang, aya élmu jinayah, kitu deui sareng nu sanésna, sadayana aya dina al-Qur'an.

Lian ti Manhaz ogé, al-Qur'an ngajelaskeun yén urang téh dipaparinan al-washilah al-Hayat, sarana hirup, tempat saeusi alam ieu. Bumi, langit, lautan, daratan, pepelakan, ingon-ingon,  hawa, nafas, anggaota badan jeung sarana séjénna nu moal kaitung, éta sadaya anugrah Alloh Swt. Lain syakartum la ajiidannakum walakin kafartum, inna 'adzabil laasadiid. Kitu deui, washilah ieu ogé, henteu cukup ditempatan wungkul, tapi kudu dipiara ulah diruksak. Dhoharol Fasad fil barri wal bahri bima kasabat aidinnas. Kasuksakan di daratan jeung di lautan téh karana leungeun manusa kénéh.

Kaopat, amaliah. Al-Qur'an disebatna ogé hudan, pituduh sangkan manusa ulah tigebrus kana picilakaeun, ulah kabawa, kaséréd kana jalan pidorakaeun. Ngalangkungan al-Qur'an tiasa terang, golongan mu'minin, golongan muttaqin, muslihin, solihin, sobirin jeung sajabina. Kitu deui aya golongan munafik, fasik sareng golongan sasar sanésna. Sadayana golongan éta, tiasa kauninga tina sajarah-sajarah manusa dina Al-Qur'an, sapertos nalika Nabi Adam, Nuh, Musa, Isa dugi ka jamanna Nabi Muhammad SAW, kalebet urang sadayana.

Lian kitu, du'a-du'a, sami éta ogé kalebetna amaliah. Kumaha du'a nabi Adam, du'a Nabi Ibrohim, Allohuma robbi habli minas solihin, dua nabi Musa, du'a Nabi Dawud dugi ka du'a Nabi Muhammad SAW. Éta sadayana pituduh nu kedah janten amaliah urang sadaya. Al-Qur'an dikawitan ku surat Al-Fatihah ngawengku tauhid kaimanan, élmu kaagungan Alloh, hukum syari'at, washilah al-Hayat sareng dasar amaliah. Syirotol ladziina an'amta 'alaihim ghoiril maghdubi 'alaihim waladdooliin. Nu hartosna, (Nyaéta) jalmi-jalmi anu parantos dipaparin ni'mat ku Gusti, sanés jalan jalmi-jalmi anu kénging bebendon ti Gusti, sareng sanés jalan jalmi-jalmi anu salasar.

Ku margi kitu, mangga urang ngeunteung diri, tos dugi ka mana urang ngajadikeun Al-Qur'an. Naha tos janten dasar pikeun ningkatkeun élmuna, ahlakna sareng kaimannana?  Margi, jalma nu pengkuh nyepeng al-Quran (jeung hadis) tanwandé salila hirupna moal pinanggih jeung sasar. Mun kahirupan henteu undut kalinduan gedag kaanginan satuhu ngajalankeun paréntah al-Quran dijamin saratus persén, naon anu jadi udagan kahirupan bakal kahontal. Upama kitu, jelas, Qur'an téh teu kénging kaéléhkeun ku koran. Ari koran pangheulana dibaca, ari Qur'an mung sataun sakali, kitu ogé dina tadarusan. Jéntré tur écés, Al-Qur'an téh pituduh sareng al-furqon, nu ngabédakeun mana nu haq mana dolim. Atuh dina sasih Romadon ayeuna, hayu urang mimitian deui, urang resep maca sareng milampah sakumaha pituduh al-Qur’an. Kitu deui, mudah-mudahan, dina Romadon taun ayeuna, urang salawasna dipasihan nur kamulyaan, dipasihan marfiroh sareng inayah sareng diluhurkeun darajat kahirupan. Mudah-mudahan Alloh Swt. dina Nuzulul Qur'an ieu salawasna masihan pituduh sareng hidayahNa. Amin Ya Robbal 'Alamin. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: