• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Pamingpin Kudu Ngarampa
Kereteg Haté Masarakat

Kénging Ensa Wiarna
Kintun kana Facebook
Mangle
Kota-kota tatar Jabar loba keneh nu kudu dibebenah [Potrét/Ilustasi: ]

Nu diasongkeun ku pamingpin, can tangtu kalandep ku masarakat. Ku lantaran  kituna, program nu baris dilaksanakeun ku pamingpin  gé kudu dumasar kana kabutuh masarakat. Kitu ceuk  Dr. Ir. H. Juniarso Ridwan, SH., MH., M.Si. 

Batu turun keusik naék, ceuk paribasa gé. Tepungna pakarepan masing-masing pihak, kudu kawas kitu. “Ulah pakia-kia! Atuh, mun dina ngungkulan masalah ge, ulah nimbulkeun pasualan atawa masalah anyar,” ceuk Dr. Ir. H. Juniarso Ridwan, SH.,MH.M.Si., budayawan nu dumuk di Bandung.

Ku lantaran kitu, ceuk Kang Yuni (kitu katelahna), pamingpin kudu getol silaturahmi ka handap. Nalingakeun kahirupan masarakat sarta neuleuman kereteg haté masarakat. Tah, nu kawas kitu, cenah, nu dipikabutuh ku masarakat mah. “Cindekna, kedah ngarampa kereteg haté masarakat,” pokna.

Kitu deui nu tumali jeung pangwangunan pisik, saperti sarana jeung prasarana, ceuk ieu Dosen Pasca Sarjana Universistas Islam (Unisba) Bandung, sawadina ogé kudu dumasar kana tinimbangan dangka panjang. Contona, ngababenah jalan, ogé kudu jeung tinimbangan ‘daya tampung’ kandaraan di hiji tempat. “Ayeuna kajantenan, lobana kandaran ti Jakarta ka Bandung, lantaran ayana tol Cipularang, balukar sejenna apan kota Badung jadi macet ku kandaraan,” pokna mere conto.

Dina nitenan kahirupan kiwari,  Kang Yuni gé teu meungpeun carang. Memang nembrak kasaksén ku balaréa, yen loba pihak nu geus ‘horéam’ ngabandungan pasualan pulitik. Ngan, kaayaan kitu teh, teu hadé diantep, lantaran kangaranan kahirupan kanagaraan mah, moal tuna tina pasualan pulitik. Hartina, daék teu daék sasaha gé, kaasup masarakat kubra, kudu engeuh kana kahirupan pulitik.

Upama loba pihak nu teu ‘kataji’ ku pulitik ogé sawadina jadi bahan tinimbangan para pulitisi nu ancrub dina partey. Lantaran, samistina mah, partey pulitik téh ngatik masarakat sangkan ngarti jeung engeuh kana pulitik. Carana, nya ku mindeng silaturahmi antara masarakat jeung pangurus partey pultik. Kitu ceuk pamanggih Juniarso Ridwan mah.

Ceuk tilikan Kang Yuni, masarakat kiwari, teu gampang karampa kahayangna. Da, bisa jadi rupa-rupa kahayang jeung impianana. Ngan, ku cara remen silih kolongan kahayang, teu mustahil ‘patepungna’ harepan masarakt jeung nu bisa nangtukeun kawijakan.

Dina mangsa pamingpin ditangtukeun ku sora masarakat, ceuk ieu Ketua Partai Amanat Nasional (PAN) Kota Bandung téh, memang masarakat kudu ‘cerdas’ milih pamingpinna.  Mun ceuk kekecapan kolot mah, kudu asak-asak ngejo bisi tutung tambagana! Hartina, ceuk Kang Yuni, nu kapilih teh sawadina nu apal kana kahayang masarakatna, ogé apal kana wewengkon nu dipingpinna. “Kedah nu ngartos kana pasualan anu nuju disanghareupan, sarta mampuh maparin solusi kanggo ngungkulanana,” pokna.

Juniarso nu kapapancenan jadi calon legislatif ku parteyna keur DPR RI, boga pamanggih, masing-masing partey kudu bener-bener ngutus calon nu panghadéna di masing-masing daérah. Lantaran, pangwangunan nu samistina digarap di daérah, saperti di kabupaten/kota, kudu sareundeuk saigel boh jeung propinsi boh jeung pamaréntah puseur. “Nu misti nataharkeun para calon legislatif kalayan daria di sakumna tingkatan teh partey pulitik,” ceuk Kang Yuni.

 

Pangrojong Legislatif

Pangwangunan nu dilaksanakeun ku eksekutif (rengerengan presiden/gupernur/walikota/bupati), kudu bener-bener keur kabutuh masarakat. Nya di dieu,  pancen gawe  legislatif teh, luyu jeung pungsina, nyieun aturan, ngontrol, jeung nganggarkeun waragad, demi kapentingan masarakat. Hartina, kalungguhan wawakil rahayat saperti kitu, sawadina jadi kakuatan keur masing-masing anggota dewan. Pakakas nu tilu rupa bieu, bisa mangpaat keur balaréa, upama para anggota dewan  boga karép jeung kamampuhan ngalaksanakeun pungsina tea. “Kakuatan legislatif bakal gumantung kana kamampuhan pribadi-pribadina,” ceuk Juniarso Ridwan.

Tumali jeung kakuatan legislatif,  Ir. H. Sjamsuridjal, M.M., Direktur Eksekutif  Amal Salaman ITB, boga pamanggih,  sakuduna legislatif mampuh ngontrol garapan gawé eksekutif. Contona, cenah, waktu gupernur kompanye apan loba jangji nu ditepikeun ka masarakat. Atuh, satutas mancen gawé, samistina éta jangji téh ditedunan. Ngan, tangtu rahayat najan boga hak nagih jangji, tetep moal ‘peurahan’ lantaran teu bisa maksa ka eksekutif. “Pancen nepikeun kereteg haté masarakat, samistina  ditepikeun ku anggota dewan,” pokna.

Ku lantaran kitu, ceuk H. Sjamsurdjal nu oge aktif di partey pulitik, sawadina masarakat gé dina nangtukeun anggota dewan téh kudu asak tinimbangan. “Upama salah milih, apan rahayat kénéh nu rugi,” pokna tandes.

H. Ridjal percaya, kakuatan eksekutif nu ditalingakeun  ku legislatif, bakal mawa mangpaatna keur balaréa. Anggota dewan nu jadi wawakil masarakat, kudu  engeuh jeung apal kana kabutuh masarakatna. Eta kabutuh, saterusna dilaksanakeun ku eksekutif kalayan kontrol legislatif.

Jawa Barat, ceuk panitenan Ridjal, bisa leuwih maju. Kitu téh, lantaran poténsi nyampak, pangpangna sumber daya manusa. Ngan, cenah, memang nu boga karep milu matéahkeun Jawa Barat gé teu gampang, lantaran  loba keneh masarakat  nu daek mamrih nu saharitaeun. “Padahal, upama hayang boga pamingpn nu maslahat keur balaréa, nu pangpentingna mah, tinimbangan kamampuhan masing-masing calon pamingpin téa,” ceuk ieu alumni ITB téh  neundeun harepan. *** 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: