• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Basa Tarawéh Geus Lekasan

Kénging Nina Rahayu Nadéa
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1375419139.jpg [Potrét/Ilustasi: Agus Mulyana]

Bungah taya papadana. Kahariwang  jeung kamelang ayeuna mah sirna kaganti  bagja. tujuh taun ngadahup jeung Kang Danu, karék ayeuna Kang Danu boga paniatan rék lebaran bareng di lembur. Bareng dina harti  marengan kuring jeung nu jadi anak mapag lebaran datang. Alhamdulillah.

Haté mah ti baheula gé hayang. Saha anu teu hayang dina poé anu kacida sakral pikeun umat Islam, ngumpul ngariung jeung kulawarga. Pon kitu deui kuring. Sarua neundeun harepan anu pohara. Harepan pikeun babarengan jeung salaki iraha waé. Tapi kuring kudu ngarti, kudu nalipak manéh. Bonganna. Enya bonganna. Pan geus apal ti béh ditu mula, kuring téh ngan saukur pamajikan nu ngora Kang Danu. Pamajikan anu ceuk kabéh jalma mah meureun awéwé anu nyieun tunggara pikeun pamajikan nu kolot Kang Danu. Kuring gé sadar. Yén kuring ngan saukur pamajikan nu  ngora anu kudu ngawayahnakeun manéh,  kana naon rupa anu baris karandapan. Kitu deui dina urusan waktu. Kuring kudu narima poéan reureujeungan jeung Kang Danu teu bisa iraha waé. Samporét kacida. Dina sataunna bisa kaitung, sabaraha kali tepungna.

Sakapeung nganaha-naha ka diri sorangan. Naha bet bogoh ka Kang Danu anu geus rimbitan. Naha bet kapentang asmara ku Kang Danu anu geus kolot. Ceuk batur mah cenah kuring sérab ku kabeungharan Kang Danu. Padahal mah teu kitu. Enyaan kuring cinta ka Kang Danu teu mandang harta. Apanan basa tepung munggaran gé, kuring mah apalna Kang Danu téh guru di kota anu kabeneran keur ka dulurna di lembur. Tapi mungguhing tresna teu ningali nanaon. Apan cenah cinta mah buta, meureun kitu ogé anu karandapan ku diri. Kaasih geus matri, kanyaah geus ngaranjah nalar sadar. Kasuka euntreup na diri hamo ilang.

Kabehdieunakeun karék apal. Geuning Kang Danu ka lembur téh rék ngontrol tanah jeung sawah anu kacida legana. Mimitina mah enyaan reuwas sarta embung nepungan Kang Danu anu sakeudeung deui jadi salaki. Tapi Kang Danu angger nepungan, malah leuwih remen. Antukna kuring léah.

Ari nu jadi kolot?  Nyérénkeun sagalana ka kuring. Sanajan mimitina teu méréan lamun kuring ngarangkep jeung Kang Danu. Tapi sanggeus kuring ngobrol panjang lébar sarta ngeukeuhan rék kawin jeung Kang Danu. Aranjeunna sapuk, ngan méré kamandang kumaha hadé goréngna lamun kuring jadi pamajikan nu ngora. Ngan  ari kaputusan mah sagemblengna nyérénkeun ka kuring.

Cinta kuring ka manéhna ngéléhkeun sagalana. Kuring geus ngaridhokeun waktu, ogé kanyaah Kang Danu  anu kacida samporétna. Kuring gé ngarti pan Kang Danu mah nyekel kalungguhan penting di dayeuhna. Teu ieuh teuing hayang ngorék perkara pagawéan naon anu sabenerna jadi pacabakana Kang Danu. Anu penting keur kuring mah Kang Danu nyaah ka kuring ogé ka anak katut kulawarga besar kuring.

Sanajan panggih teu puguh waktu. Tara kaleungitan komunikasi, unggal poé mah sok aya waé manéhna nelepon atawa SMS.  Atuh dina sakalieun tepung teh, siga anyar panganténan waé. Totomplokan. Sanajan sok teu pati bébas sabenerna mah. Da éta lamun sakalieun panggih téh sok mawa waé pangawal. Najan enya lamun keur paduduaan mah pangawal gé sok leuwih ngarti, cicing wé di kamar tukang atawa nguriling kebon anu Kang Danu.

 “Ngajaga kaamanan,” ceuk Kang Danu dina hiji waktu. Pédah kuring nanyakeun  ku naon atuh teu nyorangan nepungan téh.

“Ehm. Muhun nya hilap. Pan akang téh pejabat. Héhé,” kuring sumolondo kana lahunan.

“Ah, teu kénging nyarios pejabat, Nung. Omat lamun tepung mah euihkeun tah babasaan kitu téh pokona, Akang mah hoyong sosonoan waé sareng Enung.”   

Ti harita mah tara piranjeunan  nanya, sanajan dina heureuy  perkara jabatan naon anu sabenerna dicangking Kang Danu. Ngan hiji, nu teu weléh jadi bahan obrolan, silih mercayakeun tresna jeung kanyaah sanajan arang tepung. Ngagedékeun parasaan sangkan kuring tong leutik haté lamun Kang Danu datangna telat atawa leuir dina waktu anu geus dijangjikeun. Pagawéan jeung kulawargana tangtu jadi tinimbangan utama manéhna.

Satutas ngarangkep ka Kang Danu kuring bumén-bumén di lembur batur. Ceuk urang dinya mah kuring téh awéwé bagja. Imah agréng, sawah lega, tanah di mana-mana. Enya gé aya di lembur anu jauh kamamana. Babari lamun hayang ka kota atawa balanja mah. Pan Kang Danu geus nyadiakeun supir katut pembantu, pikeun ngawulaan kuring. Tinggal nunjuk lamun hayang mah. Tapi kuring mah teu pati resep sabenerna. Sagala kaperluan keur di imah, mercayakeun wé ka pembantu.  

Osok éta gé jalan-jalan ngan tara remen. Éta gé  lamun budak ngarenghik hayang jalan-jalan atawa nongton. Tara mikir dua kali sok langsung wé dienyakan sarta harita gé langsung indit.

          *

Teu karasa Tujuh tahun dipihukum ku Kang Danu, salila  éta  can pernah Kang Danu datang dina poéan lebaran. Paling datangna téh saminggu satutas lebaran. Paling gancang dua poé sanggeus lebaran. Tatangga jeung nu lainna geus pada apal ka Kang Danu anu kacida sibukna. Boa kétang, maranéhna  geus apaleun lamun  kuring   jadi pamajikan nu ngora. Ngan meureun perkara éta mah teu waranieun nanya ka kuring. Da sakapeung sok katangen ku juru panon, maranéhna tingkecewis tigharéwos lamun kuring ngaliwat. Tapi lamun paadu jonghok mah tara waranieun, malah maranéhna  kacida ngahormat ka kuring. Enya meureun sérab pedah harta kuring ngaleuya.

Geus saminggu Kang Danu cicing di imah. Datang ka lembur téh nyorangan teu cara sasari jeung pangawal. Atoh jeung teu atoh. Perkara atoh mah geus teu kudu dicaritakeun. Komo barang manéhna nyarita seja lebaran bareng. Ari teu atohna, enya asa anéh  jeung pangpangna mah karunya ka pamajikan kolot pisakumahaeun meureun manéhna leungiteun.

“Kang, enyaan badé lebaran di dieu?” teuing geus sabaraha kali ieu pananya téh ditepikeun.

“Duh siga nu teu percaya waé. Enyaan. Naha ulah kitu akang lebaran di dieu?” panonna mencrong.

“Muhun atoh atuh. Tapi  kumaha?”

 “Kumaha, kumaha?”

“Muhun garwa Akang?” kuring tungkul. Teu wasa.  Dina nyebut garwa aya nu nyeletit kana ati. Ngajeletit pohara. Garwa. Enya pan kuring ge pamajikana. Tapi, ah teu kudu dicaritakeun deui kumaha peurihna haté. Da kahayang mah kuring gé normal cara batur. Boga salaki ngan sorangan teu didua-dua, kanyaahna. Tapi kapaur téh sieun pamajikan kolot datang, ngontrog ka dieu. Pan mindeng aya dongéng atawa carita nu ngalantarankeun baruntakna hiji rumah tangga pamajikan nu ngora lantaran diontrog atawa dijorag ku pamajikan nu kolot sabab geus dianggap hianat, ngarebut salaki batur. Hal éta pisan anu sabenerna dipahing. Pisakumahaeun wirang jeung nalangsa kulawarga katut anu jadi anak, ningali indung aya nu ngajejeléh.

 “Nung...”

Teu nyoara angger nyawang lamunan. Enya aya kahariwang anu kacida, pamajikan nu kolot Kang Danu datang.

“Kang. Sanés alim. Tapi  abdi téh sieun,” kuring beuki tumungkul.

“Sieun. Kunaon?”

“Sieun wé garwa akang nu sepuh ka dieu,” sora kuring méh teu kadéngé.

“Tos, tong ngemut nu kitu. Moal ieuh ditéangan rék sababaraha bulan gé. Nu penting mah materi. Duit salilana asup ka rekening manéhna. Perkara salaki meunang kasusah mah geuning haré-haré. Malah sigana horéameun pisan tepung,” Kang Danu humandeuar.

“Akang nuju kenging karerepet?”

“Ah, tong dipikiran. Akang embung Enung jadi paneumbleuhan. Pokokna ti wangkid ayeuna akang hayang babarengan di dieu, nepi ka iraha waé oge,” Kang Danu nangkeup kuring. Tipepereket. Ngagalémoh pinuh ku sono.  Tangkeupan Kang Danu ngeureunkeun sagala pananya kuring anu metet pajurawet.

         *

Harita tarawéh geus lekasan, waktu ka kuring aya nu noél ti tukang.

“Aya tamu. Ti pengker ti tadi ngantosan.”

“Saha?”

 “Duka tuh da saur Bu Érna nu calik pangpengkerna. Saurna aya tamu kanggé ibu penting pisan.”

 Gura giru kuring ngudar mukena anu keur dipaké. Leumpang rengkuh ngaliwatan jajaran ibu-ibu anu keur dariuk di masjid. Tatan-tatan ngadéngékeun ceramah.

Gok ka lawang masjid. Rada ngajenghok waktu ningali aya nu ngajanteng tiluan. Anyar pinanggih.

 “Sareng Bu Lastri?”

“Muhun. Ke ari sadérék?” tarang  kerung, nengetan nu anyar pinanggih bisi wé anu wawuh tapi kapopohokeun.

“Punten pisan Bu, ngaganggu. Dupi Pak Danu aya kitu?”

“Pak Danu...?”

 “Muhun Pak Danu carogé ibu.”

“Eu... muhun aya. Nuju di masjid. Hayu atuh urang ngawangkong di bumi waé heula, bari ngantosan heula pun lanceuk. Sakedap deui rupina.”

“Duh ibu. Punten pisan tiasa teu disauran ayeuna. Peryogi pisan,” omongna saklek.

Bari jeung teu puguh rasa kuring balik deui ka jero masjid. Ngaliwatan deui ibu-ibu anu katingali keur siliharéwos. Jep ningali kuring datang téh langsung jarempé. Kuring nepungan Kang Danu anu keur ngobrol jeung Pak RT.

“Kang, aya tamu,” kuring humaréwos.

“Oh,“ sakeudapan ngahuleng.

“Énggal,” kuring noél leungeunna.

“Enya geus waktuna meureun...,” manéhna ngagerendeng. Laju cengkat ninggalkeun masjid.

Barang kaluar.... Sémah anyar pinangih téa. Rikat nyekel leungeun. Siga nu kasieunan.

“Kéla...nanaonan,” kuring teu ngeunah ningali salaki dikitukeun.

“Enya sok leupaskeun. Moal kamamana, kuring rék nyerah. Percaya ka kuring,” omong Kang Danu tatag. Neuteup  nu anyar pinanggih.

“Nyerahkeun naon ari Akang?” kuring neuteup Kang Danu.

“Ibu, wayahna. Bapak kedah dicandak ayeuna. Bongana bapak susulumputan waé.”

“Ke...perkara naon?” pananya kuring dibaturan ku nyurucudna cipanon teu kaampeuh.

“Engké ibu terang ku anjeun. Ieu sadayana ti KPK.”

 “Hampura akang!” Kang Danu  nuturkeun sémah.***

          

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

anjar wasmara

aduh meni pi karunyaeun kieu carita teh.. sae lah seueuran deui we nya dina lebah carita misteri na. di antos!

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: