• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Prof. Dr. H. Asep Muhyiddin, M.Ag.;

Kagiatan Da’wah
Antara Ngigelan Jaman jeung Tinggal Igel

Kénging Rudi H
Kintun kana Facebook
Mangle
Tableg, élmu agama ulah éléh ku hiburanana [Potrét/Ilustasi: dok. pribadi]

Pangpangna di bulan Romadon, kagiatan da’wah téh matak pikareueuseun. Ngan hanjakalna, réngsé Romadon mah, kagiatan da’wah téh, sok cul dogdog tinggel igel. Di mana nu kitu téh? Prof. Dr. H. Asep Muhyiddin, M.Ag., Dekan Fakultas Dakwah & Komunikasi UIN SGD Bandung, nepikeun pamanggihna ka Manglé.

Reueus kabina-bina. Di bulan romadon mah, kagiatan kaagamaan téh mémang jadi pangabutuh umat. Boh mangrupa kagiatan da’wah bil lisan, boh da’wah bil mal. Geus puguh ari unggal tivi mah, dalah disaban tempat jeung unggal lembaga ogé, teu weléh aya pangajian jeung kagiatan sosial.  “Saé kacida upami ninggang dina sasih romadon mah. Ngan hanjakal, pami séép romadon, pangpangna di kota, sok cul dogdog tinggal igel. Ieu rupina peryogi perhatosan pamaréntah, sangkan sumanget da’wah téh henteu saharitaeun,” cek Prof. Dr. H. Asep Muhyiddin, M.Ag. waktu ngobrol rinéh dikantorna di kampus UIN SGD Bandung.

Kagiatan da’wah mémang teu weléh jadi perhatian jeung pangabutuh. Lantaran, da’wah  sabenerna teu béda jeung tugas sapopoé pamingpin dina saban tempat jeung posisi. “Unggal dinten saleresna urang da’wah, unggal pamingpin, pamaréntah, sadayana da’wah, nepikeun kahadéan,  geusan ningkatkeun karaharjaan nu leuwih mangpaat. Ngan carana nu béda,” cek ieu Profesor nu sababaraha taun mancén di Majlis Fatwa MUI Jawa Barat téh.

Ku kituna, kagiatan da’wah mah ambahanana lega kacida. Saur Prof. Asep, da’wah kedah adumanis dina opat bentuk kagiatan. Kahiji kagiatan Tableg. Kadua, kagiatan Irsyad, saperti panyuluhan jeung bimbingan Islam. Katilu, Tadbir, saperti manajemen sarta ngadegkeun sarana lembaga-lembaga da’wah. Kaopat, kagiatan Tathwir, nu langkung mekarkeun da’wah dina ékonomi kaumatan. “Lantaran cakupan da’wah mah kacida legana, teu cekap ku kagiatan tableg. Ku kituna, peran pamaréntah kalintang pentingna. Utamina dina nangtoskeun pemetaan wilayah da’wah sareng obyék da’wah sanésna,” cek ieu doktor wedalan IAIN Syarif Hidayatullah Jakarta témbrés.

Kamekaran da’wah perlu pangrojong balaréa. Ku kituna cek Prof. Asep deui, pamaréntah perlu ngamenej deui pola jeung metakeun wilayah da’wahna. “Kalebet metakeun kagiatan da’wah di jajaran struktural pamaréntah, supados  leres-leres da’wah janten pangabutuh unggal waktu,” cek ieu carogé Dra. Hj. Akah Kahmaeni, M.Ag. téh.

 

Tableg lain Hiburan

Bentuk tableg dina kamekaran da’wah mémang keur masarakat nganggap leuwih penting. Lantaran, cek ieu Guru Besar UIN SGD ogé, geus jadi pangabutuh balaréa nu leuwih pragmatis. Ku kituna, para mubalég ogé sok jadi perhatian. Boh dina soal élmuna, tempat diajarna, dedeganana, ogé nu penting sabaraha keur ongkosna. “Saleresna wajar, upami masarakat milih-milih mubalég. Ngan lepat upami urusan ongkos janten ukuran pilihan umat. Ieu rupina nu kedah dirobah deui. Lantaran da’wah mah geus jadi kawajiban,“ cek Prof. Asep tandes.

Rupa-rupa tablég ogé méh béda-béda. Lantaran kitu, unggal mubalég ogé ngahaja ningalikeun modél nu béda jeung nu séjénna. Kituna téh, di antarana sangkan narik perhatian jeung ningalikeun ciri mandiri. Ngan kumaha dina da’wah, naha hal saperti kitu dianggap penting? Cek ieu Dekan Da’wah jeung Komunikasi UIN SGD mah, nu hayang da’wah teu kabéh bisa disebut mubalég.  “Sarat mubalég mah, saleresna abot kacida. Lian ti nu tafaqquh fiddin, nu paham kana agama, mampuh nepikeunana, ogé nu saé ahlakna, leres-leres jadi picontoeun,” pokna. Ku kituna, cék ieu Profesor, palebah mubalég, mémang aya nu pikareueuseun aya ogé nu pikahariwangeun. Nu matak reueus, tangtu nu paham kana agama. Ari nu paham agama, tangtu loba élmu agama nu ditepikanana. Sabalikna nu matak hariwang mah, masih loba nu pesan agamana kaéléhkeun ku hiburanana atanapi bodorna. Nu ahirna, tina da’wah tablég, teu saimbang. Mubaligna beuki kawéntar, tapi élmuna mah teu nyerep, teu mampuh dijadikeun tatapakan bekel hirup mustamina. “Rupina istilah mubalég téh kiyai, tiasa dijantenkeun dasar deui, yén mubalég kedah saé ahlakna ogé luhung élmuna,” pokna.

Nu paham agama, tangtu loba. Ngan deui-deui dina da’wah mah kudu mampuh nepikeun ku cara nu hadé. Tah, palebah saha nu nepikeun jeung kudu ka mana nepikeunana? Cek ieu paniten da’wah, mémang perlu dihangkeutkeun deui tur perlu kawijakan pamaréntah. Contona waé, kumaha carana sangkan mubalég nu kawéntar tur paham agama, tiasa da’wah ka saban daérah. Ieu penting, lantaran kiwari mah di daérah  ogé geus karasa pangaruh globalisasi téh. Atuh da’wah teh perlu mubalég nu bisa ngigelanana. “Patarosanana, naha para mubalég kondang, wantun dibayar haratis ka daérah nu rawan akidah? Rupina, di dieu pentingna peran pamaréntah ngalangkungan Departemen Agama. Sanaos éta ogé aya patugas Penerangan Agama Islam, tapi tarekah da’wah modél kitu saé kacida,” saur Prof. Dr. H. Asep Muhyiddin, M.Ag. daria pisan.

Upama ieu Profesor apal pisan kana kamekaran da’wah, da mémang pakarna. Saban waktu, boh dina seminar boh dina diskusi, nalungtik da’wah nu leuwih ngindung ka waktu mibapa ka jaman. Sapertina waé, ieu alumnus pasantren Cintawana Tasikmalaya, teu weléh niténan da’wah di pakotaan jeung di padésaan.  

 

Kamekaran Da’wah Sunda

Nepikeun agama tangtu kudu apal ka mustamina, ka jalmi nu rék ditepikanana. Carana ogé, lian ti mentingkeun kamaslahatan keur tempat sabudeureunana, ogé sangkan nambah élmu pangaweruhna. Kumaha ari da’wah di Jawa Barat? Pangpangna dina bentuk tablég mah, cek ieu teureuh Garut, kamekaran da’wah ulah jauh tina kultur budayana. Sapertina waé, dina cara nepikeunana, tangtu basa Sunda, tiasa dihangkeutkeun jadi basa da’wah. “Kantenan di tatar Sunda mah, kedah ku basa Sunda. Sanaos, upami téa mah masarakatna campur, urang Sunda ogé kedah nampi nganggo basa Indonesia. Namung intina kedah nganggo basa Sunda,” cek Prof. Asep jinek.

Kamekaran da’wah Sunda mémang kiwari lain bihari. Bihari mah, geus biasa para ajengan di saban pasantrén jeung saban tempat, ngaji téh atawa ngawuruk ka santrina  téh ku basa Sunda. Kitu deui, loba pasantrén nu ogé nyunda-nyundakeun kitab konéng. Hutbah Sunda, pupujian ku basa Sunda, solawatan ku basa Sunda jeung sajabana. Kumaha kiwari? Cek Prof. Asep mémang da’wah dina basa Sunda perlu kasadaran masarakatna. Sok sanajan, éta ogé loba kénéh para mubalig nu biasa nyelapkeun basa Sunda. “Perkawis tablég ku basa Sunda, kantenan penting kanggo urang mah. Ka para mubalig ulah ngaraos isin, kitu deui ka pamaréntah kedah langkung nyontoan,” pokna deui.

Mekarkeun da’wah Sunda, mémang perlu pangrojong ti pamaréntah. Hartina cek Prof. Asep, reueusna masalah basa Sunda, henteu dina da’wah baé tapi ogé dina nepikeun pasualan séjénna. Contona, dina biantara boboran siam ka saban masjid ti bupati di Jawa Barat, kedahna maké basa daérahna. “Sapertos keur urang Garut, Tasik, Ciamis, Sumedang jeung sajabina, kantenan biantara bupati saéna nganggo basa Sunda. Sapertos di daerah Jawa, apan teu weléh sok ditepikeun dina basa Jawa,” cek ieu guru besar Islam méré sumanget.

 

Adumanis Sakola jeung Pasantrén

Asep Muhyiddin lahir di Garut, 07 Juni 1957. Ieu putra H. Muhmudin sareng Hj. Siti Aminah, ti leuleutik diasuh dilingkungan agama. Indung tunggul rahayu bapa catang darajat, keur Asep mémang karasa pisan. Teu weléh sepuhna mapatahan sangkan Asep pengkuh agamana ogé luhung pangabisana, nu ahirna kudu junun. Ku kituna, waktu Asep sakola di SDN Pasirwaru Limbangan ogé, sepuhna mah teu weléh nalingakeun, pangpangna dina sual ngaji agama. Pangaping kitu, ngabuahkeun hasil. Asep gé, sakola satuluyna ditarima di PGA 4 taun bari nyiar élmu agama di pondok pasantren Pulosari Limbangan Garut. “Pun Bapa kalintang disiplin sareng teu weléh masihan papatah nu saé,” cek ieu bapa Fila Hikmaturraahman, Syafwan Nugraha sareng Putri Nabhani N. nineung ka mangsa keur budak.

Asep beuki déwasa beuki buleud cita-cita. Lantaran meunang élmu adumanis sakola jeung pasantren, atuh nuluykeun gé ka SP IAIN Ciwaringin Cirebon, nu teu lila ogé pindah ka Fakultas Tarbiyah Paguron Islam di Cipasung Tasikmalaya taun 1976. Keur Aseo di Cipasung cocog pisan, lantaran bisa bari masantrén di pasantren Cintawana Tasikmalaya.

Nyiar élmu nu béda tempat keur Asep mawa sumanget jeung karasa nambah élmu pangaweruhna. Ku kituna, waktu kuliah, taun 1981,  Asep ogé pernah kuliah di Fakultas

Ushuluddin Riyadhul Alfiyah Sadang Garut milih Program Sarjana Muda. Geus réngsé di Garut, ahirna Asep pindah ka Bandung, ngajar di Pondok Pasantren Al-Jawami Bandung.  Ahirna di Bandung, Asep ngaréngsékeun sarjana lengkepna ti Jurusan Dakwah Fakultas Ushuluddin IAIN Bandung Tahun taun 1983.

Di IAIN SGD Bandung (ayeuna mah UIN), singhoréng jadi tempat keur neruskeun karirna. Kaayaan kitu, H. Asep Muhyiddin ogé sadar tur teu weléh muji sukur ka Gusti Alloh Swt. Lantaran, satutas di Bandung beuki nambah élmu pangaweruh, beuki loba kawawuh, beuki loba lolongkrang keur ngamalkeun élmu pangaweruhna. Ngan nya kitu, sual élmu pangaweruh mah, keur Asep, beuki nambah téh, singhoréng asa beuki ngurangan. Ku kituna, saterusna mah miang ka Batawi, kuliah deui ka Program Magister (S2) Pascasarjana IAIN Syarif Hidayatullah Jakarta, réngsé taun 1995. Atuh Program Doktor (S3) masih di Pascasarjana IAIN Syarif Hidayatullah Jakarta.

Makalangan di dunya kampus, Asep gé teu ujug-ujug. Ti mimiti nyaking pagawé administrasi, ngadosenan, ogé pernah nyangking Sekertaris Jurusan Tafsir Hadits Fakultas Ushuluddin, nyangking Sekertaris Jurusan Aqidah Filsafat Ushuluddin, Pembantu Dekan III Fakultas Dakwah. Pangalaman kitu, ahirna Prof. Asep dipercaya mancén Dekan Fakultas Dakwah  & Komunikasi UIN SGD Bandung nepi ka kiwari.

Nyangking di kampus, dian sual élmu mah, kudu karasa mangpaatna keur balaréa. Ku kituna, Prof. Dr. H. Asep Muhyiddin, M.Ag. nu kiwari nganjrek di Cibiru Hilir Cileunyi téh, ogé loba aktif di sababaraha organisasi kagamaan, saperti di MUI Jabar jeung nepikeun pamanggihna dina saban seminar, boh lokal boh nasional.

Sanajan sibuk ku kagiatan, tapi ieu pituin Sunda teu weléh tibelat ka lembur di Limbangan Garut. “Kantenan, émut baé ka lembur mah. Ku kituna, saban boboran siam, teu weléh tibelat. Nineung sareng hoyong pisan nepangan wargi-wargi di lembur,” pokna nutup obrolan. *** 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: