• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Dr.H.Isep Zaenal Arifin, M.Ag.

Nitenan Ciri Taqwa Hasil Puasa, Naha Geus Ngancik Dina Raga?

Kénging Rumpaka
Kintun kana Facebook
Mangle
Nu rek marulang deui dina solat Idul Fitri [Potrét/Ilustasi: istimewa]

Puji sausikna ati mung kasanggakeun ka Gusti nu Maha Suci, puja sapinuhna rasa mung kanggo Alloh nu Maha Kawasa. Shalawat tawis hormat mugia tetep di dugikeun ka panutan agung mata holangna manusa sa alam dunya habibana kakasih urang sadayana, Rasulullah Muhammad Saw.

Kaum Muslimin Rohimakumulloh,

Sa-warsih lamina urang parantos ngalaksanakeun ibadah puasa kalayan sagala daya upaya sakamampuhan urang, mugia sing janten ibadah puasa nu pang hadéna dina sajarah hirup urang di dunya. Salajengna hasilna urang pasrahkeun ka nu Maha Kawasa, mugia kalayan sagala sifat Rohman jeung Rohim Na, sagala ibadah urang salami puasa, solatna, zakat infaq sareng shidqohna, maca Qur’an kalayan ruku’ sujud na, kalih du’ana sing ditampi (maqbul) ku Alloh. Margi ibadah puasa di payuneun Gusti Alloh téh ngan ngamuara kana dua niléy. Kahiji ibadah puasa nu maqbul, kadua ibadah puasa anu mardud. Ibadah puasa anu maqbul tegesna ditampi ku Alloh, cirina sanggup méré tapak nu hadé dina kahirupan sapopoé saréngsé ngalaksanakeun puasa. Kadua Ibadah puasa anu mardud nyaéta ibadah puasa anu sah ceuk élmu syaré’at tapi di tolak ku Alloh. Cirina puasa nu mardud saréngsé ngalaksanakeun éta ibadah henteu méré tapak nanaon nu hadé dina kahirupan nana saba’da puasa.

 

Allohu Akbar, Allohu Akbar Walillahil Hamdu,

Kumargi kitu hayu urang titénan deui sing jero isyarat Gusti Alloh dina tungtung surat al-Baqoroh ayat 183 nu mangrupa saripati hasil tina puasa, nyaéta la a’llakum tattaqun), supaya aranjeun kabéh jadi jalma anu takwa.

Numutkeun pakar ahli bahasa al-Qur’an sapertos Ar-Raghib al-Asfahani, Alloh SWT. ngagunakeun kecap la a’llakum, nu hartosna mudah-mudahan, ngandung dua rahasia nu kudu di tafakuran ku urang. Kahiji, méré isyarat yén urang kudu caringcing pageuh kancing saringset pageuh iket, manahoréng teu sakabéh kaum muslimin anu tamat ngalakonan puasana otomatis meunang darajat takwa. Ieu pisan anu di wanti-wanti ku Gusti Rosul dina pangandika na: “Bakal loba jalma anu puasa, tapi hasilna ngan saukur meunang lapar jeung hanaang”. Kadua, ku alatan Alloh SWT ngagunakeun kecap mudah-mudahan, maksudna Alloh maparin kasempetan ka jalma nu puasa teu pilih bulu teu pandang baraya saha waé, rék ménak, pangkat, atawa cacah kuricakan, asal puasana didadasaranan ku iman, ihlas, jeung ihtisab nyaéta sanggup ngaji jeung ngajénan ngabebenah diri, Alloh baris méré mustika takwa. Terus dina tungtung éta ayat Alloh nutup ku kecap tattaqun dina adegan kalimah fi’il mudhori’, nu nuduhkeun katerangan waktu ayeuna jeung waktu anu baris kasorang kahareup (al-hal wal mustaqbal). Ieu téh nandeskeun yén niléy takwa tina hasil sabulan puasa kudu ka paké dina wujud adeg-adeg kalakuan hirup jeung huripna manusa ayeuna kénéh saréngsé puasa jeung kahareup minimal sawelas bulan nu bakal kasorang. Salajengan nu kudu ku urang rada jero di tafakuran téh hiji patarosan, sakumaha luhur, naha niléy takwa di payuneun Alloh SWT keur kapentingan hirup urang di dunya jeung engké di ahérat dugi ka Alloh ngahaja marentah puasa sabulan lamina, tujuan utamana ngan ngahasilkeun takwa? patarosan ieu pisan nu kudu di aji leuwih jero tinimbang di adurenyomkeun komo bari mung ukur dibibita ganjaran mah.

 

Hadirin Rahimakumullah

Alloh Swt. mémang parantos maparin jaminan, keur jalma anu kagungan mustika takwa dina awakna keur hirupna di dunya Alloh baris ngajamin yén, saha jalma anu takwa: (1) tiap nyanghareupan kasulitan dina hirupna Alloh baris méré jalan kaluar, (2) rejekina baris di jamin, (Qs. 65:2-3),  (3) bakal di béré kakuatan furqon, nyaéta kamampuhan ngabédakeun mana anu bener nu matak nyalametkeun, mana léngkah anu salah nu baris nyilakakeun, (4) sagala aib jeung borok hirupna baris ditutupan, (Qs.8:29),  (5) mun ngajerit ménta tulung harita kénéh ku Alloh ditulungan. Ngan, masalahna, naha éta mustika takwa tina hasil kuru cileuh kentel peujit puasa geus ngancik dina diri, jadi acina acining hirup urang? mangga geura titénan dina diri masing-masing.

Numutkeun para ‘alimil ‘ulama, dimana takwa geus ngancik dina diri manusa, mangka bakal timbul ciri wanci dina sikep hirupna:

1.       Istiqomah, ari sikep istiqomah téh nyaéta pancegna haté dina kalakuan jeung pamadegan anu bener karana Alloh dina kaayaan kumaha baé ogé, nepi ka geus teu nanaon ku nanaon. Dina lalakon hirupna manusa loba pisan  nu cilaka téh alatan hirupna teu istiqomah dina bener, ahirna loba ka tipu ku urusan dunya nu saliwat jiga nguntungkeun tapi akhirna ngabuntungkeun, jiga rék mawa ka istana padahal gubragna ka pangbérokan di panjara. Teu saeutik jalma béak umur dina kaayaan anu teu mangpaat lantaran teu istiqomah. Matak Kangjeng Rosul dugi ka maréntahkeun istiqomah dina pangandikana, nu hartosna: ”Pék geura istiqomah aranjeun, sabab hirup anjeun téh geus jauh, lamun aranjeun loba balangah ka katuhu, atawa loba ngagaléong ka kénca, mangka aranjeun geus loba sasab kasarung dina hirup anu kacida jauhna...”

Ieu hadits jelas mépélingan yén hirup urang ulah loba balangah tapi kudu istiqomah dina bener, anu éta sikep istiqomah téh persis jiga kalakuan jalma mun keur puasa. Tuang saurna kudu jam sakitu, bukana kudu dina waktuna. Nu puasa tara unggut kalinduan tara gedag ka anginan, éstu panceg teu ka goda lamun can waktuna. Matak puasa téh jelas ngajar ka manusa tata cara jeung ngadidik kumaha carana istiqomah.

  1. Ihsan, ciri sikep ihsan téh nyaéta ngarasa terus di pencrong ku nu Maha Kawasa arék lumpat ka mana ogé, sanajan rék nyumput di petian ku tujuh lapis beusi, sabab boga kayakinan yén Alloh Maha Uninga. Éta pisan maksud pidawuh Alloh ngalangkungan Rosulullah “Ari puasa éta keur Kami...., ibaratna puasa mah urusan Kami jeung anjeun” saur Alloh. Matak jelas pisan puasa ngadidik jalma ngabogaan sifat ihsan. Sabab sabenerna mun jalma puasa sacara lahir hésé katangen ku papada manusa, mungkin waé anak pamajikan jeung dununganana bisa dibohongan, tapi ari jeung Alloh nu Maha Kawasa? jati diri manusa pasti moal ngarasa bisa ngabohongan Alloh. Buah tina sikep ihsan bakal katingali dina laku hirupna sapopoé boga sikep ajrih ku Alloh nu terus muroqobah, mencrong bari niténan sagala gerak-gerikna nepi ka teu wasa arék linyok bohong komo bari ma’siat. Lamun sajatina tiap manusa boga laku ihsan, mangka insyaallah nagara ieu moal loba paling, badog jeung rampog, nu ngarampog nagara nyangsarakeun rahayat ku linyok bohong basilat létah padahal nipu bari awuntah.
  2. Al-ittiqo, nyaéta kamampuhan ngajauhan tina sagala rupa perkara nu haram jeung nyilakakeun. Keur jalma nu boga mustika Al-ittiqo hasil tina puasana, naon waé anu geus bau-bau teu bener komo bari jelas haramna pasti mangprét dijauhan. Pagawéan haram, duit haram, jabatan haram, bisnis haram, geus teu di dalilan jeung loba alesan deui pasti di jauhan sabab dibéré kamampuhan ka Alloh nyaéta kakuatan Al-ittiqo keur ngajauhanana. Sabalikna kana naon rupa perkara anu halal, duit halal, usaha halal, pergaulan halal, pasti di boro bari dijaga tata cara keur meunangkeunana. Didieu pisan ka tingal dina lakuning hirup manusa, lamun urang geus teu boga kakuatan keur ngajauhan naon rupa perkara nu haram, komo bari di dalilan ku sarébu alesan demi itu demi ieu, mangga wé geura ngeunteung kana kaca pangandika Alloh sareng Rosulna, ambéh katangen yén boa hasil takwa tina puasa téh mémang taya tapakna, iwal ti ngan saukur meunang lapar jeung hanaang wungkul.

 

Allohu Akbar, Allohu Akbar Walillahil Hamdu,

Dina al-Qur’an surat Ali Imran ayat 133-135, ciri manusa anu takwa ditandeskeun,

Kahiji:Alladzina yunfiquna fissarrooi waddorrooi

Ngabogaan kawani jeung kasanggupan ngabagikeun sabagéan harta hasil tina késangna ka nu séjén boh dina kaayaan keur sugih ogé dina kaayaan keur pas-pasan. Naon sababna basa Qur’an bet kitu? sabab jalma loba méré mawéh ka nu séjén dina kaayaan keur sugih mah disebutna wajar. Tapi keur jalma nu ngancik sifat takwa kajeun dina kaayaan tigerat bari pas-pasan manéhna wani kénéh ngaluarkeun shidqoh tina harta na pikeun jual beuli jeung Alloh. Méré mawéh dina kaayaan pas-pasan mémang lain pagawéan gampang, sabab umumna manusa bakal loba tinimbangan, mungkin waé kaluar kecap,”...boro-boro méré keur batur keur sorangan gé teu cukup..”. Poho yén shidqoh mah urusanana lain jeung manusa wungkul, tapi ogé langsung jual beuli sareng Gusti Alloh Swt. Dina salahsawios hadits Kangjeng Rosul dugi ka ngandika:” Yeuh manusa, shidqoh heula anjeun, kakara anjeun bakal dibéré ku Gusti Alloh...”.

 

Kadua: Walkaadhimiina Algoidho

Jalma anu tos ka ancikan mustika takwa ngabogaan dua kamampuhan, hiji mampuh ngadalian diri tina dorongan sagala hawa nafsuna, dua sanggup nahan diri dina kaayaan keur amarah atawa keur ngambek. Dua ciri ieu éstu keur ngajaga kahormatan jeung ajén harga diri manusa. Urang gé tiasa ningali dina kahirupan sapopoé, loba jalma nu coplok kahormatanana ku alatan teu mampuh ngadalian diri tina sagala dorongan hawa nafsuna, malah tungtungna manéhna nu jadi budak hawa nafsu. Dimana manusa geus di tumpakan ku hawa nafsuna mangka akal, élmu, kapangkatan, jeung ajén hirupna helas taya paédahna. Sabab élmu, pangkat, jeung jabatan bakal dipaké pipinding keur nedunan kahayang hawa nafsuna.

 

Katilu:Wal ‘Aafiina aninnasi

Kaancikan ku sifat gancang ménta hampura lamun ngarasa salah jeung gancang ngahampura ka nu boga salah. Éta dua sifat agung téh mémang lain perkara gampang ayana dina diri urang. Komo lamun jadi jalma anu gumedé bari teu rumasaan, dina salahna teu ngarasa salah, dina ngahampurana ka nu boga salah teu gampang, nu aya malah jadi “dendam kesumat”  karatan nepika yaumil kiamat. Keur jalma anu boga sifat takwa gampang pisan méré hampura, bari nuturkeun kumaha ceuk unggelna Qur’an saperti dina Surat al-Maidah: 13 : Fa’fu ‘anhum washfah, innalloha yuhibbul muhsiniin.

Ieu ayat méré tungtunan nu jéntré kumaha tata titi jeung carana silih hampura, sabab loba jalma anu arék sili hampura tapi teu nurutkeun tata cara nu gariskeun ku Qur’an antugna sia-sia. Numutkeun ieu ayat aya dua léngkah tata carana lamun urang rék silih hampura:

Kahiji: Fa’fu, tancebkeun heula niat rék ngahampura atawa ménta hampura, sabab lamun teu boga niat-niat acan arék ngahampura mangka pagawéanana moal jadi. Ngan niat wungkul can cukup, matak kudu terus ka nu langkah ka dua nyaéta: washfah. Numutkeun Ahli tafsir, washfah téh aya tilu harti:  (1) lapangkeun heula dada keur siap ngahampura kasalahan batur, sabab lamun teu lapang dada ibarat caang bulan opat welas balungbang timur jalan gedé sasapuan paribasana, loba jalma nu teu jadi silih hampurana, (2) Mushafahah, nyaéta kudu aya ciri silih hampurana, misal wujudna silih pataréma leungeun, (3) shahifah, hartosna kudu muka lamaran hirup anu anyar anu teu geuneuk teu meueleukmeuk éstu bodas ngagenyas bersih wening tina ati nepi kana lisan jeung kalakuanana.

 

Kaopat:Alladziina Idza faaluu faahisatan ao dholamuu anfusahum dzakarulloha fastagfaruu lidunubihim. Jalma nu tos kaancikan sifat takwa hasil tina puasana, dimana sakali waktu manéhna ti solédat kana kasalahan jeung migawé dosa atawa dolim kana dirina, geuwat inget jeung éling ka Alloh, di tuturkeun ku istigfar dina harti ménta pangampura ka Alloh tina sagala rupa dosa jeung kasalahan, bari jangji neukteuk leukeur meulah jantung, ngagurat jagat moal arék sakali-kali deui milampah kalakuan anu salah.

 

Allohu Akbar, Allohu Akbar Walillahil Hamdu,

Hadirin kaum muslimin rahimakumullah

Pamungkas dina khutbah ieu, hayu urang ngaji diri urang sorangan antara kuring jeung kurungna tegesna raga urang, naon hasil tina puasa nu geus ngancik dina diri, ngajengjen dina angen-angen, ngajentul dina qolbu, bari niténan pangandika Jungjunan urang Kangjeng Rosul nu ngandika: Li-kulli syae'in zakahwa zakatul jasad as-shaomu. “Ari sagala rupa perkara téh éta aya alat keur ngaberesihanana, mangka ari alat keur ngabersihan jiwa raga manusa nyaéta puasa”.

Kumargi kitu kahiji: muga-muga bati tina puasa ladang tina lapar jeung dahga urang nu di dadasaran ku iman jeung ihtisab, sing bisa ngabersihan sagala rupa panyakit jeung kokotor dina haté urang anu mémang teu aya obat dokter jeung rumah sakitna. Muga-muga sagala panyakit rohani, goréng haté, sirik, dengki, iren pinastren, dudupak, rurumpak, teu resep kana kahadéan, lulucon kana ibadah, campoléh kana perkara ahérat, sing diberesihkeun ku puasa urang.

Kadua, lamun mah tacan imeut kénéh ku puasa, muga-muga masing kasimbeuh kasampurnakeun ku zakat anu husus keur ngabersihan diri nyaéta zakat fitrah. Sabab ditilik tina harti zakat hartosna ngabersihan, fithrah hartosna; (1) asal kajadian, (2) kasucian, (3) agama nu lempeng bener. Tina makna ieu pisan atra tur tétéla zakat fitrah ngandung makna rusiah zakat anu bisa malikeun deui kana asal muasalna manusa nyaéta suci jeung dibingbing deui balik kana agamana anu jejeg bener. Ku sabab pentingna ieu zakat fitrah nepika teu ka uger ku nisab, malahan jabang bayi nu kakara bral lahir ka dunya ogé wajib di fitrahan lamun aya waragadna.

Katilu: dimana kurung jeung kuringna manusa tos diberesihan ku puasa jeung zakat fitrah, bisi kénéh aya pakuat-pakait kasalahan jeung papada manusa, maka Alloh maréntahkeun wajib silih hampura. Dipungkas ku kasampurnaan ngagungkeun Asmana Alloh dina Takbir, Tahlil, jeung Tahmid, isukna jalma anu kitu digambarkeun ku Rasulullah dina kalimat ‘Ka yaumin waladathu ummuhu’. Keureut beunget sopak awakna persis ibarat jabang bayi anu kakara lahir dina papada bersihna, sedengkeun poé éta di sebut ‘Idul fithri, nyaéta poénan sakabéh umat muslimin balik deui kana asal kasucian fitrahna hasil tina puasana, kalayan dipapaésan ku kalimah pamapag ‘minal ‘aidin wal faaizin’, nu mudah-mudahan sing jadi aleutan umat anu balik kana asal sajatina manusa anu suci bersih jeung jadi umat anu untung nyaéta salamet dirina jeung nyalametkeun ka batur mulya dunya ahérat. Insyaallah!. Ja'alanallahu wa iyyakum minal aidin wal faidzin waadhilna wa iyyakum fi ibadahishsholihin, waqul rabbigfir warham wa anta khoirurrohimiin. Amin. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

firdaus

hatur nuhun

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: