• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Dulag Pamungkas

Kénging Holisoh ME
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1376576595.jpg [Potrét/Ilustasi: agus mulyana]

Baju lungsuran bawa Euceu ngalumbruk dina luhureun samak.  Rupa-rupa,  aya erok,  kaméja,  calana panjang,  calana sontog,  ka kamprét kampret aya.

Éta kabéh téh bawa Euceu,  paméré dunungan Euceu di dayeuh.  Bagéur cenah dunungan Euceu téh,  mana ning teu pindah-pindah ngadununganana téh.  Padahal geus aya tilu taunna laladén di dinya téh.  

Da enya,  karasa ku kuring saréréa gé,  unggal lebaran saimah-imah kabagi papakéan.  Lain waé lungsuran,  tapi nu weuteuh gé,  aya.  Komo keur kuring mah aya meunang dua setél nu weuteuh wungkul téh,  tacan nu lungsuranana,  leuwih ti cukup.  Mana sataun campleng tara meuli-meuli pakéan.  

“Geura ajaran Ujang tah baju anyar téh,  cukup henteu? “ ceuk Euceu bari nyodorkeun kaméja weuteuh nu aya kénéh mérekan.  Kaambeu seungit toko.

Baju ditampanan.  Rap dipaké.  Ema mencrong kana beungeut.  Kuring ngabalieur.  Naon maksudna Ema nempo ka kuring? Kasieunan kuring nanyakeun deui Bapa kitu?

Moal,  kuring moal nanyakeun bapa.  Sabab geus rébuan kali nanyakeun bapa,  Ema kalah sok rambisak.  

“Iiiih ari Ujang kalah ngahuleng,  lain geura rap paké,  méh kanyahoan gedé leutikna. ” Ceuk Euceu teugéug.  

Gancang baju dipaké.  Pas pisan na awak.  Ema jeung Euceu marelong.

“Meujeuhna géuning.  Bisaan ngapasna lanceuk Ujang mah” ceuk Ema daria.  Euceu dipuji téh nyéréngéh wé.                                    

“Baju baju lungsuran mah teu kudu diajaran,  da pasti mareujeuhna,  apan anak dunungan téh awakna sarua jeung ujang.  Ngan itu mah kulitnaberesih teu hurik kawas Ujang. ” Ceuk Euceu ngabanyolan.

“Nya enya atuh béda nya,  Jang .  Itu mah ulinna gé moal leledugan moal papanasan kawas Ujang.  Cicing dijero gédong.  Mun kaluar kaiuhan da dimobilan.  Deuk hurik kumaha ?” ceuk Ema mangmeunangkeun.  Kuring seuri konéng.

Mun Euceu teu gawé mah,  kuring moal bisa maké baju weuteuh,  moal bisa boga salin lungsuran paranti ulin,  meureun kawas si Nana wé,  ukur mamaké calana rabet jeung kaos nu geus siga pangutahan lalay.  Tapi da Euceu mah bagéur ka si Nana téh,  sok méré baju lungsuran unggal lebaran gé.  Pikarunyaeun si Nana mah,  najan enya gé bapana aya tapi da tanpa daksa,  gémpor geus naunan.  Da asalna mah henteu kitu,  biasa wé jagjag belejag,  sok buburuh ngabedug.  Sok pada ngahiras ku nu jaregud,  da hampang birit.  Ngan basa si Nana karék sup ka esde,  bapana géring parna,  bulan-bulan.  Cagéur deui geus diubar aber téh,  ngan sukuna jadi lumpuh teu bisa leumpang.  Pajar ceuk si Nana mah kausap korod.  Ah,  naon patula patalina gémpor jeung korod? Ah dasar si Nana ka kolot téh.

“Ma,  kari meuli sarung jeung sendalna keur si Ujang téh.  Isuk wé Ema ka pasar,  bari sakalian meuli béas ketan hideung,  urang meuyeum.  Pas mun isuk meuyeum téh,  tilu poé.  Lebaran bisa didahar, “ ceuk Euceu bari ngajewang kantong leutik nu ditunda gigireun kuring.  Pasti nyokot duit.

Tuh da enya wé,  Euceu nyokot lokét tina kantongna.  Sok mikeun duit nu bareureum tilu lambar.  Mani ngadaregdeg Ema narimana téh.

“Syukur Nyai ,  mani sagala diurus ku nyai.  Ti mimiti dahar nepi ka kabutuhan lebaran,  Nyai nu nanggung.  Hampura Ema, “ ceuk Ema bari carinakdak.

 “Keun waé Ema tong jadi pikiran.  Da uing gé rido lilahi taala.  Meureun mana dunungan nyaaheun gé ka uing, éta téh du’a Ema.  Euwéuh du’a ti indung mah uing téh kawas si Cicah gawé pipindahan dunungan, da garalak. ” Ceuk Euceu daria.

“Heueuh da sakuduna mah Nyai téh lain bubujang. Kahayang mah Ema mah sakola.  Sugan wé ari pinter mah moal kawas kolot ukur tukang buburuh ngabedug. ” Sora Ema mani ngahelas kadéngéna téh.  Kuciwa ku dirina meureun, teu bisa nyakolakeun anak.

Da pasti lah Ema téh sarua jeung Ema Ema nu séjén, hayang kahirupan anak leuwih undak batan kahirupanana.  Hayang leuwih palinter méh bisa ngarobah nasib saréréa.  Ngan ku teu daya teu upaya angen-angen Ema téh teu kahontal.  Karunya.

“Aaah, keun baé Ema tong dipikiran. Geus nasib meureun urang mah hirupna kudu kieu.  Dipikiran mah ka géring géring awak. ” Sora Euceu kacida datarna. Bangun teu boga beban. Kadéngéna téh enya-enya pasrah kana perjalanan hirup.  Ema ukur ngarénghap.

“Hayang hayang teuing mah boga anak sakola, keun ku uing si Ujang urang sakolakeun sing luhur. ” Ceuk Euceu deui semu ngupahan Ema.

Leuh, mani bungah ngadéngé Euceu deuk nyakolakeun téh.  Bungah pisan. Irung gé asa deuk ngapung.  Sugan wé mun sakola luhur mah, bisa neangan bapa nu indit ti imah basa keur kuring umur sataun.                                    

Da bongan, mun nanyakeun ka Ema mah tara ngajawab, ukur dijawab ku cimata.  Nanyakeun ka nini sarua ukur dijawab ku cimata. Ari nanyakeun ka Euceu mah pasti ingét , da harita basa bapa ninggalkeun téh Euceu geus umur lima taun.  Ngan Euceu moal daék ngajawab, najan dipaksa paksa gé, kawas nu trauma. Malah jiga nu hayang mopohokeun kana éta kajadian.

Jadi bapa téh ninggalkeun ieu imah geus dua welas taun. Lin waktu saeutik welas-welas taun téh.  Pan ayeuna kuring geus kelas génep, geus tilu welas taun, Euceu geus tujuh welas taun. 

Nyaan geus lila nya. Mana pantes mun kuring nanyakeun bapa geus rébuan kali téh. Komo mun diitung jeung nu unggal lebaran kuring nanyakeun bapa mah, leuwih ti sarebu kali.  Pan unggal rék puasa atawa piisukaneun lebaran, mangsa dulag pamungkas pasti kuring nanya ka Ema, deuk balik moal si bapa téh? Sabab teu weléh nepi ka dulag pamungkas mah masih kénéh aya harepan Bapa balik.  

Tapi luput, diarep-arep nepi umur kuring tiluwelas taun, bapa teu datang waé.

Ah, boa lebaran ayeuna mah datang deui.  Saha nu nyaho,  si Bapa ngarasa sono ka kuring.  

Rébuan kabungah, kabagja, kasuka, pacampur na jero dada.  Tangtu lebaran ayeuna si Bapa datang.  Tangtu datang.

“Ku naon Ujang seuri sorangan?” ceuk Ema bari kerung.

Gebeg, haté ngaranjug.  Reyyy beungeut asa beureum, kaéraan.  Ngalamun téh jero-jero teuing, nepi ka asa enya, bapa deuk datang lebaran ieu.  Haté asa yakin pisan.  Kapédéan, awahing ku geus hayang geura gok jeung bapa. Hayang geura nempo beungeut bapa téh siga saha? Naha siga Euceu atawa siga kuring.  

Da mani sok kabayang-bayang , unggal detik unggal ngarénghap.  Na siga kuring? atawa siga Euceu?

“Bungah meureun Ema, meunang baju loba, ” Euceu nu nembalan téh.  Ema tarangna kerung bari panonna mani anteb neuteup panon kuring.

Kawasna Ema teu percayaaeun kana naon anu dilisankeun ku lanceuk kuring.

“Bener Ujang bungah pédah loba salin?” ceuk Ema daria nanyana.  Kuring ngahuleng.  Embung ngabohong ka Ema mah, sabab Ema mah sakti sok nyahoeun naon nu aya dina haté kuring.  Tapi haté asa teu wasa mun balaka, yén kabungah kuring téh pédah gedé haté yén lebaran ayeuna Bapa pasti balik.  Ngan teuing iraha. Na poé ieu, poé isuk atawa engké waktu dulag pamungkas ditabeuh dimana jelema-jelema tingaraleut ka lapang bal rék sarolat ied. 

Tapi naha luas kuring nepikeun naon nu aya na jero haté ka Ema? Kumaha lamun bapa teu datang? teu datang poé ieu, teu datang poé isuk teu datang ké dimana dulag pamungkas ditakol.  Kuciwa meureun saréréa.  

Jeungna deui, nyanyahoanan maké deuk datang sagala.  Apan nu nyaho dimana ayana bapa téh iwal ti Ema meureun.  Mana kuring sok nanyakeun gé dimana bapa iraha deuk datang ka Ema. Ari ayeuna sayong nyanyahoanan.  Padahal saukur ngandelkeun kereteg haté.  Bari teuing bener teuing hanteu.  

Ah, bingung, kudu ngajawab kumaha ka Ema.

“Enya, Ma.  Uing téh atoh, meunang baju loba.  Baju lungsuran ongkoh, baju weuteuh ongkoh. ” Tembal téh.

Tapi Ema mencrongna kalah beuki seukeut.  Sama sakali teu percaya.  Kuring samar polah. Tuh nya, ceuk kuring gé Ema mah sakti, bisa maca eusi haté kuring.

“Aya deui, Ma nu matak uing bungah “ nyarita téh rada asa-asa.

“Naon ?” tanya Ema daria.

Sakeudeung kuring ngahuleng. Ngumpulkeun kakuatan pikeun ngabudalkeun eusi haté.  Sabab keukeuh haté téh sieun, sieun Ema kuciwa.  Sieun Ema ceurik.

“Pok pok atuh Sujang deuk nyarita mah,“ ceuk Euceu bari nilepan deui baju nu wareuteuhna, nu keur kuring jeung Ema.

Panon ngarérét ka Euceu. Nu dirérét unggeuk.  Kawas méré kakuatan unggeukna Euceu téh. Timbul kawani.

“Lain, Ma. Uing téh boga kayakinan bapa dina lebaran ieu bakal datang.  Meureun geus welas-welas taun sono ka anak sono ka Ema. Pasti, Ma , bapa gé sonoeun ka urang. ” Ceuk kuring tatag nyarita téh.  Tapi Ema teu némbal, kalah carinakdak.  Euceu ngaheruk, tungkul.

Anggér Ema mah mun dibawa nyarita urusan Bapa téh sok léwéh. Pikakeuheuleun.  Mana lanceuk kuring mah tara pirajeunan nanyakeun bapa, da éta meureun sok gampil murubut cimata.  Atawa pédah teu penting meureun Bapa téh keur Euceu mah, sabab mangnyerikeun ka Ema.  Apan geus hideng basa bapa ninggalkeun imah téh, geus ngarti,  cenah mah méméh indit téh paséa rongkah alatan si Bapa kanyahoan kawin deui ka urang Cisayong.  Ema dicabok ku Bapa, jaba disuntrungkeun kana panto nepika Euceu gé milu tijengkang da puguh Euceu keur nanangkeup Ema.  Eta téh carita Euceu basa lebaran taun tukang,  pédah kuring maksa ka Ema ménta jawaban.  

“Sok sayong manéh mah Sujang.  Kumaha mun teu datang? “ ceuk Euceu bari kerung tarangna. 

“Bet barina gé sok ngahayal nu lain lain, Ujang.” Tempas Ema bari ngabalieur miceun beungeut. 

“Da ieu mah ceuk haté, Ma.  Ceuk haté Ujang,” témbal kuring daria.  

Ema kalah salah pelong jeung Euceu.

Taktak ditangkeup ku Euceu. Karasa ramo ramona ngusapan tonggong.

“Ngado’a wé ka Gusti Alloh. ” Euceu ngaharéwos kana ceuli kuring.  Lalaunan sirah unggeuk.  Tapi haté beuki sumangét, beuki yakin, yén bapa dina lebaran ayeuna bakal datang. Bakal ngariung di imah bari balakécrakan ngadahar kupat jeung opor.  Bakal ngariung bari ngaropi jajabur.  Heug ari lebaran mah sok loba dahareun.  Euceu sok olah-olah. Jaba sok dikaririn ku dulur dulur ti Ema jeung ti Bapa. Kararunyaeun meureun pédah bapa teu balik balik.

Peuting ieu mah saré téh tibra naker,  malah lin kuring waé, tapi Ema gé jeung Euceu sarua talibra nepi ka teu saur.

***

Pidua poéeun deui ka lebaran, di lembur haneuteun.  Nu digarawé di dayeuh geus mimiti jul jol marulang, bari angkaribung bararangbawa.  

Tukang ojég maréma. Ongkos gé ditaékkeun. Tapi payu wé taya deui piliheun.  Ongkos tihareup téh biasana mah sapuluh rébu nepi ka lembur téh, ayeuna mah limalas rébu.  Nengah naékna gé.

Tapi da taya nu protés, nu penting mah hayang geura tepi ka lembur, guguar oléh-oléh.  

Kuring mah ngadaweung wé di pos ronda, nu nyanghareupan jalan désa, lalajo nu lalar liwat dina ojég. Sakapeung sok ditempodimana turunna nu kana ojég téh, bisi turun di buruan imah kuring. Mun turun hareupeun imah kuring, tangtu éta bapa.  Ari nu tarumpak ojégna awéwé mah tara diperhatikeun. Haré-haré wé.

Euceu geus néang dua kali nitah balik, ménta dibantuan meuleuman opak. Teu didéngé.  Datang deui si Odang titahan Ema, nitah kuring balik, ménta dibantuan meresihan lauk keur paisan.  Teu didéngé kénéh.  Na teu nyaraho kitu maranéhna téh, yén kuring téh keur megat, sugan bapa datang.  Na teu arapaleun kitu maranéhna téh, yén kuring téh kacida pisan hayang tepungna jeung bapa.  Hayang mireungeuh beungeut Bapa, anu sama sakali kuring teu apal rupana.

Ku naon maranéhna bet teu ngarti kana haté kuring? Apan Ema téh sakti bisa maca haté kuring, bisa ngorobét haté kuring.  Na bet henteu surti waé?

Haté ngarakacak. Sedih pisan.  Ti kelas hiji esde kuring sok ngarep-ngarep bapa téh. Da geus ngarti, umur tujuh taun mah. Geus hayang hirup ngariung jeung kolot. Indung bapa jeung lanceuk.  Resep mun buka mun janari téh ngarariung balakécrakan, najan ukur jeung pais peda, sambel goang, seupan génjér,  tapi bakal karasa nimatna.

Padahal ti umur lima taun kénéh kuring geus diajar puasa. Geus kuat puasa. Tara batal sapoé gé.  Tapi tacan pernah ngariung mun buka atawa saur jeung nu ngaran Bapa.  

Matak meujeuhna mun ayeuna geus umur tiluwelas taun, haté ajol-ajolan hayang nyaho Bapa. Hayang ngasaan kanyaah bapa. Asa kumaha nimatna hirup ngariung jeung bapa.  

Ayeuna geus umur tiluwelas taun, haté marudah hayang geura nempo beungeut bapa.  Hayang ngasaan kanyaah bapa.  Geus sono kana rupa bapa jeung kanyaah bapa téh. 

“Ujang,  balik heula ceuk Ema.  Bantuan nyabutan bulu hayam cenah. ” Pikeun ngaopat kalian aya deui nu néang.  Si Ajid babaturan ngaji nu imahna ukur kahalangan ku dapuran cau.

“Béjakeun ka si Ema, Ajid.  Uing téh keur megat Bapa. Sugan wé balik mawa sapédah. ” Témbal téh bari dadapangan di jero pos kamling.

“Gundam manéh mah Ujang.  Lin geus paéh bapa manéh mah?” ceuk Ajid daria.  Kuring ngoréjat hudang.  Awak asa dipupul bayu.  

“Ceuk saha bapa urang paéh, Ajid? Ceuk saha?” sora kuring teugeug kajurung ku kareuwas jeung ambek.  

Si Ajid ngabéléhém.

“Ceuk saha siah bapa urang paéh?” tanya téh beuki panasaran.

“Teu kétang .  Teu paéh.” Ceuk Ajid bangun sieun.

“Ngareureuwas siah.“ Nyentak nyarita téh keuheul tuda.  Bapa keur dilamunkeun poé ieu atawa poé isuk bakal datang, derr disebut paéh.

Gék si Ajid diuk na balé-balé pos kamling. Peresis gigireun kuring. Sukuna ucang anggé.    

“Manéh geus boga baju lebaran Ujang?” tanyana bari ngarérét ka kuring.

“Enggeus,” témbal téh heureut. Rada keuheul kénéh, tadi ngareureuwas, nyebutkeun bapa kuring geus paéh.

“Sarua,  uing gé geus boga. Ku Apa dipangmeulikeun sasetél,“ témbalna.

“Ngan sasetél?  Éléh ku uing atuh nu euweuh bapaan, boga lima setél. ” Ceuk kuring daria. Bari rada mapanas.  Da enya,  ari nu boga bapa ukur dipangmeulikeun sasetél.  Sedeng kuring nu euweuh bapana, boga lungsuran tilu setél, boga nu weuteuh dua setél. Acan sendal, kopéah jeung baju koko.  Waaah kumplit.

Si Ajid mencrong beungeut kuring mani anteb. Na teu percayaeun kitu?

“Teu percaya, Jid? Tanyakeun wé ka si Euceu bisi manéh teu percaya mah.  Da bawa si Euceu ti kota kabéh gé, iwal ti sendal jeung kopéah nu meuli di dieu mah. Tapi da duitna mah ti si Euceu keur meuli sendal jeung kopéah gé. ” Ceuk kuring rada mapanas si Ajid.

“Boga loba atuh nya?” tempasna.

“Nya heueuh. Lumayan sataun mah teu kudu meuli baju.” Ceuk kuring daria.

“Digawé naon di kotana lanceuk maneh téh, Jang ?” tanyana. Kawasna waé panasaraneun, lanceuk kuring bisa makéan sakali lebaran lima setél.  Sedeng manéhna ukur meunang sasetél.  Éta gé boa meunang indungna kumpal-kempil, ladang buburuh bapana ngabedug.

“Ngasuh anak dunungan.  Nganganteur sakola, nungguan di sakola. Ngurus dahar pakéna. Husus wé budak éta.”

“Leutik kénéh ?” tanyana mani saregep.

“Pantaran uing. Matak bajuna gé sarua saawak. Kelas lima.” Kuring ngajéntrékeun. Tapi si Ajid kalah seuri.

“Naon maké seuri, Ajid? Teu percaya?” rada nyureng ngomong téh.

“Lain teu percaya, ngan anéh wé gedé-gedé ditungguan di sakola.  Di urang mah kelas hiji gé geus arembungeun ditungguan. Ieu mah kelas lima ditungguan. . . ? Anéh.” Ceuk Ajid bari kerung.

“Tong anéh di kota mah.  Ceuk Euceu gé, anak nu jegud mah bisi diculik, mana ditungguan. ” Ceuk kuring ngajéntrékeun. Si Ajid mani olohok ngadéngé carita kuring téh.  Teu héran kuring mah, da si Euceu unggal balik sok nyaritakeun anak dununganana.  Cenah mah tara ulin balantrak kawas kuring. Teu balantrak kawas urang lembur.  Cicing wé di imah, maén komputer. Maén gim.  Waktuna dahar gé kudu dihuapan ku Euceu.  Mana Euceu gé senang, da ukur nungguan jeung milu aktipitas anak dununganana.  Saminggu sakali sok ulin ka toko gedé nu sagala aya.  Kawajiban Euceu mah nutur nutur anak dununganana.

Ngan anéh cenah anak dunungan Euceu mah teu siga urang lembur. Pan di lembur mah alakur, leut kaditu leut kadieu téh silih sampeur.  Arulin babarengan. Ari ieu mah hésé akurna jeung batur téh. Mun sakalieun ditanya gé ku kolotna, sok rada haré-haré.  Akurna saukur jeung komputer, jeung cocooanana.  Anutna téh ka Euceu. Bubuhan sagalana diurus ku Euceu.  Da nyebutnaa gé cenah Euceu.  

Heuheuy deuh hayang seuri, anak dunungan nyebut Euceu ka lanceuk kuring.  Cenah mah ceuk dununganana kudu daék disebut Euceu, méh budak nu diasuh téh teu leungiteun.  Apan lanceukna éta budak nu maot alatan kanker uteuk téh, saumur jeung Euceu.  Paingan nyaaheun ka si Euceu.  Mani bro broan barangbéré mun rék balik ka lembur téh. Jeung tara meunang lila mun ka lembur téh paling lila tilu poé.  Ayeuna gé sakitu lebaran si Euceu mah ukur dibéré peré opat poé.  Kudu gancang balik deui, da budak leungiteun ditinggalkeun téh cenah.

“Aya kénéh culik nya di kota mah ?”ceuk Ajid daria.

“Heueuh meureun,” témbal téh heureut.

“Sugan téa culik téh pacul dina bilik,“ ceuk Ajid bari seuri.  Kuring gé nyéréngéh.

Nepi ka reup Magrib nagog di pos Kamling téh.  Tapi nu diarep-arep teu jol waé.  Kawasna moal poé ieu meureun.  Sugan wé engké peuting atawa janari.  Piraku apan engké peuting téh maleman takbir.  

Kuring masih tetep neundeun harepan. Gedé harepan malah yén bapa bakal datang sabada welas-welas taun ninggalkeun kuring.  

Mun datang téh kuring deuk ngarangkul awakna. Deuk nyarandé kana taktakna. Deuk neuteup beungeutna jeung deuk nanyakeun, ka mana waé salila ieu téh,  nepi ka welas- welas taun ninggalkeun kuring.

Baé lah nanya kitu gé, moal ambek meureun.  Kuring ngarénghap. Rénghap nu pinuh ku pangharepan. Rénghap nu pinuh ku kabungahan sabab sakeudeung deui bakal tepung jeung bapa nu nyababkeun kuring bisa kumelendang di alam dunya.  Bapa nu ngayuga.

 

***

Buka pamungkas téh mani euyeub deungéuna.  Da puguh keur nyadiaan isuk lebaran.  Aya opor hayam. Si Jago tatéh, hayam inguan kuring dipeuncit.  Mun lain si Euceu nu méntana mah, moal dibikeun.  Aya pais lauk emas, mani pinuh ku surawung jeung céngék.  Sarua ta gé sasadiaan keur isuk.  Tapi ceuk euceu, keun waé sawaréh keur ayeuna, da loba cenah.  Lauk emas gé mais dua kilo. Bérés buka, jul-jol nu nyampeur ka tajug.  

“Urang takbir Ujang “ ceuk si Kundang bari kalacat unggah kana golodog.

Puguh horéam takbiran téh.  Horéam pisan.  Bisi bapa datang, kuring teu nyaho, kabongohan.  Sabab kuring mah hayang nu pangheulana ngarawu leungeun bapa, nyium leungeun bapa.  Embung kapiheulaan ku Euceu.

“Urang mah deuk takbir di imah.” Ceuk kuring bari nyampeurkeun ka balé.

 “Teu ramé di imah mah euy.  Di tajug mah bari ngadulag sakali séwang,“ témbal Gani bari ngosom.  Teuing keur ngadahar naon.

“Baé lah lebaran taun ieu mah deuk takbiran di imah wé.“

“Eééh, na teu kabita ngadulag ngurilingan lembur?” keukeuh wé Gani mah maksa.  Tapi kuring gé keukeuh wé embung. Bisi bapa datang.

“Baé Gan lah, meureun si Ujang mah hayang takbiran jeung lanceukna.  Sonoeun. Apanan pagéto gé lanceukna balik deui ka kota.  Hayu lah, urang wé, ” ceuk Kundang bari ngaléos.

“Hééh bener Ndang .  Uing téh hayang sosonoan jeung Euceu,“ ceuk kuring mani asa dibantuan ku Kundang.  

Kundang nyéréngéh seuri bari ngagupay ka kuring.  Kuring gé ngabales, ngagupay.

Enya wé teu kungsi lila di tajug ramé ku sora bedug jeung sora nu takbir.  Mani ramé.  Allohu Akbar, Allohu Akbar, Allohu Akbar, Lailahailalloh huwalloh hu Akbar.  Allohu Akbar walilahilham.

Biwir ngunyem nurutan. Mani asa tingsérését haté. Asa jauh panineungan. Na éta kitu pédah takbir bari aya nu didagoan?

Gusti, mudah-mudahan datang nu didagoan téh.  Mudah-mudahan nu salila ieu kapicangcam dina implengan téh, ngawujud hareupeun kuring.  

Gusti, dangu atuh kahayang abdi.  Hayang bapa datang peuting ieu kénéh. Méh kuring apal rupana. Méh kuring bisa salam pataréma dampal leungeun.

Tapi luput, nu diarep-arep ti mangkukna, euweuh datang.  Padahal peuting ieu téh peuting pamungkas anu dipiharep pisan, bapa bakal datang.

Beuki ngagayuh ka janari, panon beuki leplepan, tapi ceuli jeung haté dipasang, bisi aya nu keketrok kana panto tepas.  

Aaah, nu diarep-arep keketrok, nu diarep-arep gegeroan téh euweuh,  lapur nepi ka dulag pamungkas euweuh jol.

Haté kacida sedihna. Mun teu éra mah hayang ceurik jejeritan, hayang gogorowokan, ngabéjaan batur, yén haté kuring kacida peurihna, geus dibobodo ku angen-angen.

Indit ngabring ka lapang maén bal gé, asa lalungsé, asa horéam, najan maké kopéah anyar, baju koko anyar, sendal anyar gé.  Da géuning hayang panggih jeung bapa mah teu kaupahan ku paké sagala anyar. ***

*) Keur incu-incu kuring. Kiki, Vivi, Ratu, Damar. 

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (2)

ASEP ADIWINATA

Hatur nuhun ka Ibu Holisoh ME, carponna sok dipilari upami mangle medal. wireh eusina teh sok leleb pisan. Sanaos ME teh wartosna Mojang Elodan?

gugum nyunda

matak watir kagagas, sakapeung siga nu rekngumbar cimata. cirambai panon sok sanajan ieumah mangrupa carpon. kumaha sono hayang panggihna budak kanu jadi bapa. pedah ceunah bp-na kawin deui. nepika embung panggih, nyangsarakeun anak pamajikan. omat ka para bapa anu tos boga kulawarga. omat sing nyaah cinta kanu anak pamajikan. minangka tanggung jawab kanu jadi kulawarga.......

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: