• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Jurig Beungkeut Tilu

Kénging Emha Ubaidillah
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1376576970.jpg [Potrét/Ilustasi: agus mulyana]

Teuing ti iraha jeung saha mimitina nu méré ngaran éta tegal ku ngaran Tegal Mati téh. Teuing duméh lahan pangureban, teuing cenah baheula mah taya nu wani cacab-ceceb tutuwuhan kajeun ngajejembrung paselang reujeung tutunggul.

Heueuh mati tea, alias teu ngahasilkeun. Manasina ayeuna moal-moal acan wawuh ka nu ngaranna amit sun. Ketang dirarab mah teuing ku sarerem ngaran wewengkon Bandung pawetanan harita. Coba wé Leuwi Boéh, Seke Jurig, Bojong Dedemit, Bojong Podol jeung naon deui lah.

Harita usum katiga, reup peuting tangka comrék. Salelembur numpi taya nu pirajeunan ngulampreng, kalah ka pos ronda wéh ngajalegir tengah lembur jeung di wates tungtung lembur. Ari simanahoréng aya anu maot anyar dikurebkeun di Tegal Mati. Nu matak hélok tur ngondang kapanasaranan téh cenah saban tos ngurebkeun kudu wé kabéjakeun némbonganana jurig beungkeut tilu. Kitu baréto mah nelahna, mun ayeuna mah pocong tea.

Jurig béntang filem pangngetrenna, sumber bobojegan dunya bobodoran malah jadi bobondelan dunya intertainment nu boéhna waé dijarieun busana pikalucueun carek maranéhna mah. Padahal naon pikalucueunana? Nu sidik mah nyiptakeun borangan massal ti kelas bebenjit tepi ka aki-aki jeung nini-nini. Teuing kumaha pipikiranana.

Lembur sabudeureun Tegal Mati harénghéng cakueum, Mang Ejeng teu sirikna neumbrag panto imahna bari walahwah-weuleuhweuh moal ngaliwat deui ka jalan Tegal Mati da katangen pisan dina saung pasaran aya nu sidengdang ucang-ucangan, makhluk sarwa bodas kukuncungan.

Mang Jamprang kitu deuih. Mas Nasro tukang baso nyakitu dipegat jurig kukuncungan cenah. Atuh Kang Juju ginggiapeun tepi ka ayeuna, cenah pas nyukang sasak awi anu nepungkeun Tegal Mati reujeung palemburan. Dina tangan-tangan sasak kasampak jurig kuncung beungkeut tilu keur ucang anggé.

Malah kungsi geunjleung basa jalanan Tegal Mati dipaké shooting filem horor peuting-peuting, ana diroris dina monitor bet aya anu aclok-aclokan nutur-nutur artisna. Isukna gancang pupuhu kru filem ngadatangan Bah Aih sabalad-balad nu kapeto kuncén ngarangkep pawang lelemes alias dunya lain. Ku kituna pésak si Abah tangka merekis, encan peperet sasajén nu disayagikeun sababarah nyiru mah. Ditambah sasajén karuhun modern kayaning inuman teurab, inuman nyereng jeung ci enen sapi.

Si Abah gé tara hawek, urusan peperet mah sok diémbratkeun ka para anak buahna; Kang Oyong, Kang Saridi jeung Si Obos, grup lengger ‘pembasmi’ sasajén. Lumayan kaala tanaga maranéhna téh disagedéngeun kurad-koréd ogé biro jasa dunya lian. Ngan nyéta ku ngalalonyéngna, Kang Oyong dititah adan mapag mayit kalah ka ngaréngkol di jero bangkarak pasaran.

Kang Saridi masket pisan kana kuda lumping. Aturan keur ngali kuburan gé, ngaliwat wéh abringan kuda lumping, na da ngabelecet nuturkeun, ngadon ririgigan sajajalan. Atuh Si Obos nalika bapana sorangan keur papanganténan jeung indung téré anyar teu kireum-kireum ngadon ngintip, ngahéphép di kolong risbangna.

Enyan aya ku leuwih Si Obos mah, éta wé basa keur kerja bakti padat karya, kurumuy ti nu bala diabring balad-baladna bari ngagigiwing cenah ceuk manéhna anak kelenci beunang bebedil, mémang enya da bari nyorén bedil cuklis. Geus disisit jaba geus euweuh huluan diasongkeun ka ibu-ibu sina disiksikan laju ditaliiran ajangkeuneun bapa-bapa nu keur digarawé ngecor jalan kampong. Sawatara kaom ibu ngagebér saté, nu digarawé arerror pating laliud. Kang Otoy tangka ngacay bakat ku uruy, Kang Moses nu geunteul tikorona elok-elokan, kari ngadudut gé piraku teu ngagorolong.

Bayangkeun wé, keur capé bari lapar tengah poé éréng-éréngan ngambeuh girinyih saté, piraku teu kokosodan. Teu salabar, brak wéh dalahar dina daun cau. Kéjona beunang ngeduk ti dapur RW, da pan prinsip rayat Endonésia mah; banda RW banda rayat, banda rayat cadu banda RW.

Ana soréna sanggeus leleson di arimahna masing-masing, sakur nu ngahempol sate taya nu babalongkéngan da sihoreng nu disaté téh… beurit.

Peuting keur reyem-reyem , Bah Aih rerencepan ka pakuburan Tegal Mati, ngingkig sorangan teu mawa balad. Biasa job nyekar pleus nyebor hirasan kulawarga nu kapapaténan tilu poé katukang. Lain teu ngadéngé harénghéng isu jurig pocong, lain pédah teuneung ludeung  ogé lain teu ngahodhod katirisan duméh tukuh wé kana pancén. Ari srog ka jajalaneun lebah saung pasaran. Gebeg ! sidik pisan hareupeunana aya nu ngagaclok sing sarwa bodas lebah sirah wéh kukuncungan.

“Deuleu ituh, ieu geningan jurig kuncung téh!” kagét-kagét ogé Bah Aih ngagerenyem. Teu burung jantungna eundeur, guyan gayun badis jam bandul buatan Walanda. Sakilat awakna malik bari matek aji lengkah sarébu ngan teu sadar botol orson nu dieusi cai kapangpengkeun meneran pisan kana beungeut si jurig beungkeut  tilu. Bareng jeung soara ngowowong, Bah Aih ngabelesat di tempat alias kokoséhan.

Pangrasana geus dina  golodog imahna. Jigahna ajian léngkah sarébuna teu metu, camal gara-gara tamarakan ngahakan saté beurit. Bah Aih ngarandeg, anéh… aya jurig bet ngagoak? Pudugdug kawanina bijil, serebét jekok-jekok peureup kahotna ngareuceuh awak jurig si kuncung, teu kaliwat beungeut jeung palangkakanana. Enya gé peureupna teu sagedé peureup Chris Jhon tapi ari mindeng kaasahna ku citakan bata mah, jurig beungkeut tilu gé tangka ngarihreuh kocéak dengék.

“Ampuun… ampuun, uing ieu mah!”

Bah Aih teu ngawaro beuki wani, posisina asa di atas angin. Ceuk pikirna éta si jurig kuncung téh geus leungit kasaktianana. Heueuh pan meureun bisa ngaleungit pantesna gé, cenah ditonjok gé sok ngeplos jaba kudu cicikikikan lain aduh alah. Si jurig kuncung dadayagdagan, kudawet gebru weh nambru. Sedeng Bah Aih ngawangun kuda-kuda ala si Burusli, kadé lain pamajikan Pa Rusli.

Aing moal méré hojah deuleu ceuk keretegna. Da jeung enyana peresis Mik Tisen ngaragragkeun si Toni Tubb atawa Muhamad Ali nganfaskeun si Joe Norton. Kerewek kana talutug nu nanggeuh dina tihang saung bari kabayang isuk beurang baris guyur salelembur éar sajajagat; Bah Aih pawang sakti nalukkeun jurig pocong Tegal Mati. Dina kover Koran Pe er jeung Gala baris ngajeblag panggedena; Bah Aih penakluk pocong. Atuh Kang Eca ti Mangle moal cicingeun bakal ngamuat carita silat jawara sakti ti Tegal Mati. Kang Aan MP geus pasti nulis sasakala Pocong Keok. Jigana Ceu Aam ge moal kakantun ka-inspirasi nyieun novel; Cinta Dalam Seutas Tali Pocong. Paling heunteu upama si jurig kuncung geus teu walakaya rék digusur ka buruan imahna dibeungkeut dihijikeun jeung tangkal kalapa sedeng si Rw Fajar sina ngumumkeun kana sapiker masigit tapi saméméhna geus disiapkeun kéncléng saridona lima rébu ka luhur. Teu kabayang mun sapoena saratus pangunjung kali lima rébu, saminggu sabulan sataun kali lima rébu, samilieur wé pokona mah. Komo ayeuna usum internet, kari ngiklankeun. Kabina-bina teuing, moal éléh ku si Ponari urang Jawa. Inget ka dinya, Bah Aih teu ngengkékeun, rikat ngaheumbatkeun talutugna. Tapi….

“Ampuuun Bah!... Ampuuun, ieu mah uing!”

Si jurig kuncung ngaweuleuhweuh kenceng naker bari nguniang hudang, leungeunna pakupis ngudar taregos kuncungna. Bah Aih ngarego, nyentok paneunggeulna ngan baé rada nyangkiweng, gebro weh kana tangkal jarak.

“Hahh!... Silaing Obos?”... pokna reuwas kareureuhnakeun, bréh beungeut si Obos, tarangna nu nongnong ti kudrat tangka nyorondoy sababaraha senti, atuh irungna jadi mancung ka jero. Biwir wéh ngabulaéh kawas keur nyeupah, nya teu aya kajaba korban “keganasan” peureup kahot bogana Bah Aih.

“Jadi…jadi…nu geus ngageunjleungkeun lembur téh, silaing nyah?”

Nu ditalek merekpek unggeuk. Kituna bari lewa-lewé sawatara leungeun kéncana nyangkéh palangkakan, paur ngageclik sigana mah.

“Ari silaing… Obos… Obos!” ***

Panglawungan 13, Juni 2013

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: