• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

68 Taun

Kénging Abdullah Mustappa
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1376794381.jpg [Potrét/Ilustasi: ]

Salila 3,5 abad dijajah ku Walanda (jeung Jepang) leuweung di Sumatra weuteuh, di Kalimantan weuteuh, di Sulawesi jeung Papua nya kitu deui leuweung-leuweungna tetep gerotan. Tapi salila 68 taun merdéka éta leuweung anu tadina geledegan téh geus salin jinis jadi tanah anu ngahgar.

Naha bisa saperti kitu dipapandékeunana lamun arék balitungan salila urang 68 taun merdéka téh? Tangtu teu bisa ngan semet kitu. Jakarta ayeuna geus jauh bédana jeung Batavia harita. Kitu deui kaayaan di Sumatra, Kalimantan jeung di sakuliah nagara séjénna. Ngan bakal leuwih matak reueus lamun majuna kaayaan di sakuliah lemah cai téh henteu ditebus ku ruksakna lingkungan.
Geus kurang kumaha anu ngiritik mah. Pamaréntahan anu dipingping ku Presiden Yudhoyono ayeuna dituding néoliberal. Ari anu néolib di mana teuing maké balitungan kana urusan nu kararitu. Malah apan karaharjaan rayat gé dinomersabarahakeun. Nu jadi udaganana semet nu ngaranna tingkat pertumbuhan ékonomi anu taya patula-patalina jeung nedunan sakumna pangabutuh rayat bari teu diiwal-iwal.
Ari di urang apan geus sakitu lilana ngawilah-wilah warga nagarana sorangan téh kalah dihanakeun ku pamaréntah. Rupaning istilah ngahaja dijieun-jieun. Rayat baé apan kalawan tandes aya anu digolongkeun miskin sarta ku pamaréntah siga anu ngahaja disina aya. Dina APBN kalawan pasti aya anggaran pikeun mantuan anu mariskin. Nepi ka aya anu nuding pajar rayat nu miskin téh geus jadi komoditi pulitik. Cindekna mah keur kapentingan pencitraan.
Di sagigireun ngadagangkeun tingkat pertumbuhan ékonomi, anu keur hangkeut ditatawarkeun ayeuna téh démokratisasi jeung hak azasi manusia. Padahal teu kurang-kurang paraahli anu ngingetan yén nyanghareupan nu kararitu téh urangna kudu taki-taki jeung ati-ati. Taki-taki dina nyanghareupan akibatna, bari ati-ati dina lebah nerapkeunana.
Sanajan sistem pamaréntahan anu démokratis ampir jadi cita-cita sakumna manusa di sakuliah dunya, lain hartina taya mamalana. Pikeu nagara-nagara anu geus puluhan taun mraktékkeun sistem démokrasi, apan henteu sarimbag. Démokrasi nu hirup di AS béda jeung nu dijalankeun di Inggris. Kitu deui démokrasi di nagara-nagara Skandinavia. Lamun dadasarna démokrasi sok dikantétkeun jeung liberalisasi, di jojontor Skandinavia mah nu dijalankeunana téh justru sosialis. AS sorangan, anu geus puluhan taun ngagung-ngagungkeun liberalisasi, ayeuna keur maju ngadeukeutan sosialis. Pangna kitu, lantaran geus kabuktian sistem liberal téh teu kurang-kurang mamalana.
Ti mimiti merdéka, urang geus mecak-mecak sababaraha sistem. Dina mangsa-mangsa awal nu dipraktékkeun téh sistem liberal. Tapi lantaran loba teuing debat nepi ka mangtaun-taun, ahirna ditutup ku Dékrit Presidén dina taun 1958. Ti harita ni dipaké téh sistem terpimpin. Ékonomi terpimpin, pulitik terpimpin, anu ahirna tikusruk kana otoritér. Lantaran keuheul kana sistem nu saméméhna, Orde Baru siga anu kokomoan nerapkeun liberalisasi, sanajan henteu terang-terangan.
Sikep pamaréntah anu semu-semu nyamuni téh terus lumangsung nepi ka kiwari. Lain pamaréntah wungkul deuih anu kitu téh, ieu mah kaasup sikep partéy pulitik, anu engkéna nyoko kana kawijakan parlemen, anu di urang mah éstu ngan nganomerhijikeun kapentingan parpolna masing-masing. Nu keur kaalaman ayeuna téh suasanana saperti kitu.
Dina nyanghareupan néolib upamana, ongkoh loba anu ngiritik, tapi taya hiji gé anu wani ngasongkeun sistem séjén anu papalingpang jeung néolib tapi aya kapercayaan bakal leuwih alus. Dina patalina jeung pamaréntaha Yudhoyono upamana, sanajan PDIP milih jadi oposisi tapi sikepna téh ngan semet henteu miluan kana kabinét. Di luareun éta mah henteu nepi ka ngasongkeun alternatif.
Anu pantes jadi oposisi téh sabenerna parpol-parpol Islam. Kitu soténan lamun bener maranéhanana aya karep anu daria hayang némbongkeun prinsip-prinsip Islam dina enggoning ngokolakeun pamaréntahan. Apan cenah, boh dina widang ékonomi boh dina urusan pulitik, prinsip-prinsip Islam téh henteu sajalan jeung néolib.
Sanggeus 68 taun merdéka, meujeuhna lamun soal-soal kitu téh dipikiran kalawan daria, babakuna ku anu salila ieu kokotak harayang mingpin ieu nagara. AM

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: