• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Juniarso Ridwan;

Al-Qur’an Jadi Pépéling
Sangkan Aréling

Kénging Rumpaka
Kintun kana Facebook

Tos pada kauninga wireh ayat Alqur’an anu munggaran dilungsurkeun dina sasih Romadhon, hal eta dumasar kana ayat Alloh surat Al-Baqoroh ayat 185: “Bulan Romadhon teh bulan diturunkeunna Alqur’an, mangrupa pituduh pikeun manusa tur anu ngajelaskeun ngeunaan pituduh eta, sangkan ngabedakeun antara hak jeung batil”

Sanaos teu aya ayat atanapi hadist shahih anu sacara langsung nuduhkeun ayat Qur’an anu munggaran teh lungsur dina tanggal 17 Romadhon, atawa laelatul qodar teh tanggal 17, tapi kalolobaan kaum muslimin mieling lungsurna Alqur’an saban tanggal 17 Romadhon. Tapi oge deuih palebah laelatul qodar teu aya saurang oge anu sacara tandes nangtukeun tanggalna, padahal sidik dina ayat sanes dawuhan Alloh:  “Saestuna Kami nurunkeun (Alqur’an) dina hiji peuting anu mulya (laelatul Qodar).” (Al-Qodr: 1).

Pedaran ieu lain rek madungdengkeun beda pahamna para ulama ngenaan poe laelatul qodar jeung nuzulul Qur’an, sabab bawiraos aya hal langkung penting batan sakadar mieling atawa ngarayakeun mangsa nuzulul Qur’an nu ilahar sok dipieling saban tanggal 17 Romadhon.

Hal anu langkung penting teh nyaeta, kumaha eusining Alqur’an ngawujud jadi pepeling. Momentum bersejarah lungsurna Alqur’an anu pasti dina bulan Ramadhan sapertos anu digambarkeun di luhur, hadena ngageuing diri pikeun malikkeun laku kana eusi kandungan ayat Alqur’an, malar teu kajadian antara urang jeung Qur’an ibarat cai jeung minyak, atawa ngaku kana linuhungna Alqur’an salaku papagon hirup tapi cul dogdog tinggal igel.

Alqur’an diturunkeun pikeun jadi panggeuing anu sampurna keur saban manusa taqwa (Al-Baqoroh ayat 2), sarta jadi pituduh anu nuduhkeun jalan titincakan laku lampah. Allah parantos maparin jaminan kasampurnaan Alqur’an geusan ngatur perkara syare’at jeung prakprakanana (Al-Maidah: 48,50),  pon kitu deui orisinilitas ajaranana (Al-Hijr: 9).

Ngan hanjakal dina emprona, kacida lobana kaum muslimin teu pati mirosea kana ayana Alqur’an, dibaca soteh mun pareng keur tunggara, atawa hirup keur katideresa bari teu apal kana hartina, komo pimaksudeunana. Rajeun diampihan ukur sakadar hiasan, dipusti-pusti ukur kawatesanan dianggap karamat, padahal bakal soteh jadi rohmat lamun daek macana atawa neuleuman eusina.

Nuzulul Qur’an anu kamari waktu Romadhon geus sabaraha kali karandapan ku urang, ari mieling namah meureun geus aya likur kalina, ngan saumur hirup asa can kungsi boa tamat macana komo kacangkem eusina. Lamun kaayaanana sarupa kitu, tangtu kadatangan Nuzulul Qur’an taun ieu lain sakadar di pieling, tapi sakuduna jadi pepeling. Manahoreng hirup teh geus lila nyicingan dunya, da geuning geus puluhan kali nyorang Nuzulul Qur’an.

Naha naon sababna urang kudu ngajadikeun Alqur’an salaku papagon hirup?

Kahiji, lantaran eusina Alqur’an ngawengku sagala aturan tur jawaban saban pasualan kahirupan manusa, perkara eta kacida kahartina, sabab kapan Alqur’an teh dilungsurkeun ku Alloh Ta’ala anu nyiptakeun sagala rupa kajadian dina kahirupan, nya tangtuna Manten-Na Maha nguningakeun kana naon-naon anu parantos diciptaNa sinareng nangtukeun sagala aturan pikeun mahluk ciptaanana. Ibaratna hiji pausahaan anu nyieun laptop, tangtuna pausahaan eta anu ngarancang, nangtukeun cara operasina, cara miarana,  jeung anu bakal leuwih apal di mana aya karuksakan, kalayan leuwih nganyahokeun kumaha ngomekeunana.

Kadua, Alqur’an minangka juklak kahirupan anu dijamin orisinalitasna. Salaku papagon hirup Alqur’an minangka hiji-hijina kitab anu tahan uji, jeung tahan tina sagala upaya jalma dzolim anu boga niat nyelewengkeun atawa mengkolkeun eusina. Lebah dieu Alloh parantos jangji pasini geusan salamina ngariksa kamurnian ayat-ayat Alqur’an sakumaha dawuhanana:

Kami geus nurunkeun Alqur’an jeung ku Kami dijaga salawasna (Al-Hijr: 9).

Dina ayat sanes:

“...Anu moal datang kana eta Alqur’an teh kabatilan, boh ti hareup atawa ti tukang” (Fushilat: 42).

Komitmen Gusti Alloh ngariksa kamurnian Alqur’an kabuktosan ku ayana mujizat kaanehan anu jarang kapirosea ku manusa. Buktina Alqur’an, babari diapalkeun, gancang kaharti lamun dibaca tur babari ngamalkeunana. Lamun di hiji lembur geus ngurangan anu apal kana Alqur’an, buru-buru datang generasi anu ngagantina, barudak TK, TPA paheula-heula ngapalkeun Alqur’an, jeung beuki dieu asa beuki loba lembaga pendidikan Alqur’an ti mimiti usia dini tepi ka nini-nini dialajar maraca quran saban pangajian. Loba pihak, rek lembaga atawa perorangan anu nalingakeun kana kamurnian ayat-ayat Alqur’an, upama aya salah citak atawa ngahaja diselewengkeun sanajan saayat, tantu bakal gancang kanyahoan.

Katilu, Alqur’an minangka hiji-hijina undang-undang kahirupan anu paling pas pikeun manusa jeung alam sakuliahna, lantaran baris ngajamin pikeun saha anu ngagemna salawasna moal sasab. Pidawuh Alloh Ta’ala:

Saestuna ieu Alqur’an mere pituduh kana (jalan) anu lempeng (Al-Isra: 9).

Rosululloh oge ngadawuh:

Kuring mere titinggal dua perkara pikeun aranjeun, lamun seug aranjeun muntang pageuh kana dua perkara eta, moal sasab salawasna, nyaeta Alqur’an jeung Sunah

Alqur’an baris bisa mere jawaban pikeun sakumaha rohakana pasualan anu pagaliwota dina pikiran manusa. Min aina..ilaa ainaa...limadza (ti mana, rek ka mana, jeung keur naon urang hirup nyicingan dunya) sadaya patarosan ngeunaan tujuan hirup manusa, asal-usul sajarahna tur gambaran kahirupan anu bakal kasorang, kajadian-kajadian leutik atawa badag, naon wae perkara anu diperlukeun manusa aya jawabanana dina Alqur’an.

Kautamaan-kautamaan Alqur’an anu sakedahna dikanyahokeun ku kaum muslimin malar bisa ngaronjatkeun kaimanan tur katakwaan bari micinta Alqur’an di antawisna:

1.      Alqur’an kitab anu pinuh barokah (mubarok), nyumiratkeun cahaya (nuur), ngabedakeun haq jeung batil (furqan), obat panyakit hate jeung jiwa (syifa’ul limaa fis-shudur), ngajelaskeun sagala pasualan (al-bayan), pituduh (al-Huda) jeung rea deui nami-nami Alqur’an anu luyu jeung fungsina.

2.      Pang hade-hadena manusa nyaeta ahli Qur’an. Pidawuh Rosululloh : Khoerukum man ta’allamal Qur’aana wa ‘allamahu (Panghadena di antara aranjeun nyaeta anu neuleuman elmu Alqur’an jeung ngajarkeunana-HR. Bukhori).

3.      Generasi anu diajar jeung ngajarkeun Alqur’an disebut pang hadena generasi. Pidawuh Alloh Ta’alaa: “Anjeun kudu jadi generasi rabbani (generasi anu sampurna) lantaran anjeun salawasna ngajarkeun Alqur’an kusabab ajeun teu eureun diajarna (Ali-Imron: 79).

Lungsurna Alqur’an (Nuzulul Qur’an) tiasa disebat kajadian agreng, margi sanes mung wungkul pangalaman spiritual aheng anu kaalaman ku Kanjeung Nabi, tapi minangka titimangsa gumelarna papagon hirup manusa anu ngajamin kasalametan kahirupan dunya akherat.

Lamun ditakdirkeun poho iraha, tanggal sabaraha, jeung wayah kumaha Alqur’an diturunkeunana, asana moal leuwih cilaka tibatan poho kana eusina, poho ngajalankeun parentah jeung laranganana, poho yen Alqur’an teh papagon hirup anu ngudukeun saban manusa mutlak ta’atna.

Wallohu’alam bissawab.

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: