• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Kakawihan

Kénging Dede Syafrudin
Kintun kana Facebook

Enduy cinutrung di juru stasion, niténan jalma-jalma nu pabaliut ka ditu ka dieu bari rébo ku sagala rupa babawaan. Di hareupeun lokét, antayan jalma kacida panjangna, lir nu keur arulin oray-orayan. Ari di handap, ngabarak jalma jeung barang-barang. Sawaréh guntreng ngobrol, sawaréh deui anteng nongton pilem India dina tévé anu aya di rohangan stasion. Enduy gé biasana mah sok nagog ngadon lalajo tévé, bareng jeung jalma-jalma nu keur ngadagoan lokét dibuka. Ayeuna mah perhatianana lain kana tévé, tapi kana jalma-jalma nu ngaliud di statsion. Manéhna banget ku héran, naha bet sababaraha poé ieu statsion téh pinuh pisan ku jelema.....

            “Deuk ka marana batur téh, mani ramé kieu? Boa deuk parindah, da marawa barang sakitu lobana? Naha bet réa-réa teuing nu rék pindah...?” haténa norowéco.

            “Perhatian! Perhatian! Jalan tiga dari arah Barat segera masuk Keréta Ékonomi tujuan Surabaya....”

            Enduy nangtung. Ninggali kajero, ka tempat rél lintasan karata nu ngajajar. Ti Kulon, karéta nu warnana gading polét bulao maju lalaunan ngadeukeutan statsion. Di sisis rél, jalma-jalam pahibut, teu salabar ngadagoan karéta nepi. Keamanan statsion sibuk ngatur jalma-jalma da loba nu kawas poho kana kasieun, teu mikir kasalametan diri, pada-pada hayang nangtung panghareupna ngarah bisa pangheulana asup kana gerbong.

            Ti jauhna Enduy ningali Kang Mamat sarta dua urang baturna milu paciweuh jeung para calon panumpang.

            “Wah ramé kieu mah pasti Si Kang Mamat bakal réa beubeunanganana, bakal réa duit. Keun ah engké ku uing rék dioloan.” gerentesna deui.

            Tacan gé karéta bener-bener eureun, loba nu geus tinggarajleng kana panto gerbong. Itu ieu pada-pada hayang pangheulana asup. Silih sedek, silih séréd, silih idek, katurug-turug bari barangbawa, atuh jadina teh metet dina panto.  Macét, teu bisa asup. Kaamanan statsion beuki sibuk ngatur.

            “Itu geura, kuat ka pasedek-pasedek kitu...,” Enduy molohok.

            Karéta téh bener-bener lébér ku panumpang. Nu teu kabagéan tempat tingkalacat kana luhureun gerbong, teu beunang dicarék. Karéta lir digembrong ku rébuan manusa.

            Parat nepi ka Isa Enduy lalajo jalma-jalma di statsion téh. Manéhna balik, lain pédah bosen ningali jalma-jalma nu ngagimbung,tapi beuteungna geus pupurlitian ménta dieusian. Manéhna leumpang mapay-mapay jalan nu rada sepi, léok méngkol ka gang. Palebah gang nu rada poék aya tilu urang lalaki keur ngariung. Ti kajauhan ogé Enduy geus sidik lamun nu ngariung téh Kang Mamat jeung batur-baturna keur ngudaran eusi dompét.

            “Anjir loba beubeunanganana, bagi euy!” Enduy satengah ngagorowok.

            Nu keur ngariung tingrarénjag.

            “Saha?!” sora Kang Mamat.

            “Uing, Enduy!”

            “Goblog, sugan téh saha! Ngareureuwas waé siah mah, Senduy!” Si Arab, batur Kang Mamat, muncereng bari nyoo gadona nu bala ku bulu.

            “Geus ti mana manéh, Enduy?”

            “Ti Statsion....”

            “Deuk nanahaon manéh maké ka statsion sagala?” Sarkabo, batur Kang Mamat nu saurang deui, kerung.

            “Ningali jelema.”

            “Ningali jelema?” beuki kerung.

            “Enya. Mani loba-loba teuing nya nu naék karéta téh, caba bari marawa barang. Deuk parindah kitu?”

            Nu tiluan téh batan ngajawab pananya Enduy mah kalah tingcakakak.

            “Na manéh téh belegug-belegug teuing, Senduy!” Si Arab ngadegungkeun sirah Si Enduy, “Yeuh, tangtu baé di statsion téh ramé lantaran réa jalma nu rék mudik, kapan téréh lebaran. Ari mudik kudu loba barang bawa!”

            “Ulah sok dugang-degung kana sirah budak téh, Arab!” Kang Mamat muncereng.

            “Heueuh, nyaho éta téh pianaktéréeun Si Kang Mamat...,” Sarkabo mairan bari nyengir.

            Dikitukeun teh Kang Mamat kuram-kireum. Gancang manéhna nyokot duit sarébu, song diasongkeun ka Enduy.

            “Yeuh, jang jajan manéh, Enduy. Jig geura balik ka ditu!”

            “Adoooh Si Kang Mamat ngajajanan anak teréna euy!”

            Si Arab jeung Sarkabo tingcakakak.

 

***

            Wanci janari leutik, tina spéker masjid mimiti raéng sora nu ngahudangkeun saur. Enduy ngulisik, nyah beunta. Katangen ku manéhna indungna keur nilepan keretas semén urut.

            “Ma...,” Enduy ngomong lalaunan.

            Indungna angger anteng nilepan keretas semén urut.

            “Ma!” leuwih tarik.

            Indungna ngarérét, “Geuning geus nyaring....”

            Enduy neuteup indungna, “Ma, ari ema iraha deuk mudik?”

            Indungna ngalieuk. Kerung, “Manéh téh ngalindur, Enduy?”

            Kuniang Enduy hudang. Gigisik. Terus diuk, nangkeup tuur.

“Tadi uing ulin di statsion, Ma. Mani pasedek-sedek nu deuk naék karéta api téh. Cenah ceuk Si Kang Arab mah éta téh nu deuk marudik. Ema, ari mudik téh naon sih?”

            Méméh némbalan indungna Enduy ngahuleng heula.

“Mudik téh..., Enduy, balik ka lembur.... Ngadon lebaran di lembur...,” pokna.

            “Kudu mawa barang anu loba mudik mah nya, Ma?”

            “Enya. Keur bagikeuneun ka baraya di lembur kapan.”

            Oh...,” Enduy garo-garo teu ateul, “Ari uing naha tara diajak mudik ku Ema? Isuk mah urang mudik yu, Ma! Uing mah hayang ngajaran mudik!”

            Indungna Enduy ngabigeu. Bet laju karasa aya nu nyelek dina tikorona.

            “Ma, uing hayang mudik ka lembur. Hayang panggih jeung baraya...!”

            Indungna Enduy ngarahuh. Leungeunna nu keur nilepan keretas semén urut téh ngadadak kandeg. Tina juru-juru matana merebey cipanon.

            “Yéh Ema mah kalah ceurik....”

            “Geus sia ah gandéng...!” cenah, bari nyusutan cipanon ku dampal leungeunna, “Geura saré deui kadinyah!”

            “Da uing mah geus teu tunduh.”

            “Dahar atuh jig. Tuh aya kénéh liwet sésa peuting.”

            “Teu lapar deuih. Barina ogé uing mah lain hayang dahar atawa saré, uing mah hayang mudik...!”

            “Mudik ka mana, Enduy...?”

            “Nya ka lembur. Kapan ceuk Ema gé mudik téh balik ka lembur. Ngadon lebaran di lembur. Manggihan baraya....”

            Merebey deui cimata indungna Enduy téh.

            “Yéh kalah ceurik deui....”

            “Urang..., urang mah, Enduy, geus teu boga lembur teu boga baraya....”

            “Har...?”

            “Lembur urang mah geus jadi lapangan golep. Atuh dulur-dulur, baraya, kabéh gé transmigrasi ka Sumatra, meuntas lautan...,” cenah. Leungeuna pakupis nyusutan cimata anu teu eureun-eureun ngalémbéréh maseuhan pipina.

            “Ari Ema naha bet teu milu transmigrasi?”

            “Ema mah kapan nungguan bapa manéh, Enduy.”

            “Har, na ka mana kitu bapa uing téh?”

            “Di bawa ku aparat basa ngahalangan buldoser nu rék ngarugrug imah urang. Tangtu manéh mah moal inget da harita téh burey kénéh pisan....”

            “Di bawa ka mana bapa téh, Ma?”

            “Teuing, teu nyaho Ema ogé....”

            Jempling. Duanana taya deui nu nyarita. Di luar, sora nu ngahudangkeun saur beuki raéng....

            “Ma...,” Enduy ngangsrod ngadeukeutan indungna, “Uing mah hayang mudik....”

            “Ari manéh, Senduy, can ngarti kénéh baé. Mudik teh mudik ka mana? Kapan tadi gé geus dicaritakeun urang mah geus teu boga lembur teu boga baraya!”

            “Nya ka mana wé.... Uing mah hayang ngajaran mudik...,” Enduy mimiti ngarenghik.

            “Sok nu lain-lain waé sia mah!”

            “Uing hayang mudik...! Hayang mudik...!” cenah, bari ngenegnyang baju indungna.

            “Hih ku teu beunang diomongan bebenyit téh, sugan kudu ku ieu yeuh!” peletrak ceuli Si Enduy disintreuk.

            Enduy ngaleupaskeun leungeunna tina baju indungna, tuluy ngaringkuk di juru bari ngadingdiut ceurik.

            Indungna Enduy neruskeun deui hancana nilepan keretas semén urut. Cipanonna angger merebey.

            “Éha! Éha...!” kapireng sora nu ngageroan.

Kalayan teu ngadagoan ditémbalan, nu ngageroan téh mukakeun panto, tuluy asup.

            “Euh..., Kang Mamat...,” ceuk indungna Enduy, laju rikat nyusutan cipanonna.

            “Aya naon ieu téh? Ku naon ceurik?”

            “Éta atuh da bebenyit pikasebeleun, kahayangna téh nu lain-lain baé...!”

            “Hayang naon cenah Si Enduy téh?”

            “Hayang mudik!” Enduy nu keur ceurik nyelang heula némbalan.

            Kang Mamat kerung sakedapan, laju ngagakgak seuri, genah naker.

            “Ngarana oge budak atuh, Éha, dianggap teuing...,” ceuk Kang Mamat sanggeus reureuh tina seuri.

            “Éta atuh da mani ku keukeuh-keukeuh teuing berenyit téh, sakitu geus dijelaskeun yén kuring mah geus teu boga lembur, teu boga baraya. Aya ogé baraya da di ditu, di Sumatra, teuing di mana di Sumatrana ogé....”

Kang Mamat unggut-unggutan, gek diuk gigireun indungna Enduy, “Nya lamun Si Enduy hayang mudik mah, kumaha lamun urang ka lembur akang baé. Kieu-kieu gé akan téh boga kénéh kolot. Atuh baraya aya hiji-dua baé mah. Sakalian urang tetep-tumetep di lembur wé, tibatan cicing di dieu kadungsang-dungsang. Akan deuk diajar deui tani. Si Enduy kapan sakeudeung deui gé kudu disakolakeun meureun. Uang sakolakeun di lembur baé....”

Indungna Enduy tungkul, neuteup tungtung bajuna. Taya sora nu kaluar tina biwirna....

“Ceuk akang mah....” Kang Mamat neruskeun deui omonganana, “Éha teu bisa salalawasna nungguan Kang Ujang. Boa aya kénéh dikieuna boa henteu Kang Ujang téh. Dina aya kénéh dikieuna ogé boa di mana ayana, kangaranan geus mangtaun-taun téa atuh.... Ayeuna mah geus mangsana Éha mikir ka hareup. Mikiran masa depan Éha jeung Si Enduy...,” nyelang heula ngarénghap Kang Mamat téh, “Kumaha, Éha, daék milu ka lembur Akang?”

Indungna Enduy unggeuk lalaunan, laju nyusutan cimata ku tungtung bajuna....

“Nya sukur atuh ari Éha geus daék mah.... Engké pabeubeurang urang balanja keur bawaeun ka lembur. Tah isuk, isuk-isuk pisan, urang ka lembur téh, muru karéta pangisukna.”

“Geus tong ceurik baé, Enduy! Isukan urang mudik tumpak karéta api!” ceuk Kang Mamat deui.

“Nyaan?” Enduy curinghak.

“Enya.”

“Asiiik.”

“Jung ayeuna geura jajan ka ditu!” Kang Mamat ngasongkeun duit rébuan dua lambar ka Enduy. Ngan sakilat duit téh geus pindah kana leungeun Enduy.

Sanggeus Enduy ka luar, golédag Kang Mamat ngagolédagkeun sirahna kana lahunan Indungna Enduy.

“Yéy...! Nanaonan Kang Mamat...,téréh imsak kapan ieu téh!”

“Baé wé da can adan ieuh....”

Ti luar kapireng sora Enduy kakawihan:

“Naik keréta api tut tut tut

Siapa mau ikut

Ke Bandung Surabaya....”

***

 

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: