• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Kuntilanak

Kénging Andang S. Argayuda
Kintun kana Facebook

Peuting ka janarinakeun di astana Bulak Lega. Réhé combrék. Angin tiis ngahiliwir nembus kulit parat kana sungsum balung, bulu punduk ting puringkak, awak ngadégdég  kabulusan. Sakuriling bungking poék mongkléng, tatangkalan tingbelegbeg hideung matak keueung, sakapeung hawar–hawar sora anjing babaung ti béh anggang, sit uncuing disada dina tangkal kiara nambah kakeueung.

Tempatna haraharaeun, lain sabaeun jalma borangan. Tong boro ti peuting, dalah beurang ogé tempatna anu harieum caneom matak keueung, malah kabéjakeun di palebah tangkal rangru nu ngarampidak sisi jalan, cenah sok aya anu gagayabagan bodas, sakapeung nyikikik cicirihilan nyingsieunan anu liwat, antukna lamun reup peuting tara aya anu wanieun ngulampreng liwat ka palebah dinya.

Peuting beuki nyecep tiis, halimun turun mungkus peuting anu jempling, tetempoan beuki heureut, rarasaan beuki rus–ras kagagas, sagala barobéda pikir,  kasangsaraan hirup anu panjang, kasusah hirup anu lir taya tungtungna, pabaliut dina juru panon narémbongan. Hirup lir dibulen tarucing, rarasaan teu puguh kamana eunteupna, jiwa mangprung kumambang kabawa panglamunan.

Geus kumpul deui pangacian, gék sila andekak gigireun tutunggul, sarung dibeulitkeun kana beuheung, bisi kakotoran jang sholat. Gerencem babacaan ngadu’akeun bapa nu tos aya di alam baka, peupeuriheun keur jenengna kénéh di dunya teu kapareng bisa  mulang tarima, nya da puguh hirup katalangsara, boro bisa méré indung bapa, keur nyumponan beuteung sorangan ogé lolobana mah puasa nahan lapar, ayeuna bapa geus kari tutunggul, ngan cara kieu anu bisa dijalankeun, susuganan baé ari mindeng di dungakeun mah, arwah nu jadi bapa teh kenging rohmat pangampura ti gusti anu Maha Kawasa.

Kakara bérés do’a, keur ngusap beungeut gé can anggeus, ujug–ujug, gayabag ... gayabag ... jegug ... luhureun sirah aya anu gagayabagan, jaba disada jugag-jegug teuing nanahaon tah, ngarenjag kagét liwat saking, bulu punduk tingpuringkak... prak tanggah... teu aya nanaon, luak-lieuk... rarat–rérét ... dapuguh poék teu katingal nanaon, jempling deui réhé deui, ibun beuki ngandelan hawa beuki nirisan. Kuniang hudang..., jung nangtung, bismillah rék neruskeun lalampahan, geus meujeuhna sholat tahajud.

Karek ogé ngangkat suku rék ngaléngkah, beulah kidul sada aya anu humarurung ménta tulung, sada sora awéwé, halon naker, lah ririwa..., atawa dédéngéan meureun piraku aya jalma wayah kiwari di kuburan, ngaléngkah rék neruskeun lampah tampolan mah, tapi aya deui sora anu tadi ménta tulung, sorana tarik ayeuna mah.

“Tuluuung..., tuluuuung..., hiii.... hiii...”, ditungtungan ku seuri ngajérélé, ngahihih sada kunti. Panasaran ditempoan deui..., bréh... dina handapeun tangkal nu hieum, aya anu kokoléaban... bodas, camukmuk nangtung sagedé jalma, disampeurkeun dideukeutan ngarah jelas, hayang apal kana rupana, kumawani nyingsieunan kawas nu teu apal baé.

“Tuuluuung, tulung..., tulungan abdi Kang...”

“Saha andika..., kumawani ngajungjurigan kula kawas nu teu apal baé, kula mah tara sieun ku jurig, nyaho!” Rada kasar nanya téh bakat ku keuheul.

“Duh ampun paralun Kang..., abdi teu kumawantun seja nyingsieunan salira akang...”, lemes nyaritana téh aya ku anéh, dibarung ngeluk tungkul siga nu ceurik, rambutna anu ngarumbay panjang sabagian nutupan kana taktakna, ririakan ka anginkeun.

“Tulungan abdi Kang..., tos puluhan taun kumambang hirup di alam marakayangan, siksaan demi siksaan terus ngudag–ngudag diri,  abdi teu kiat ku lami nandang panyiksa anu rohaka, abdi hoyong leupas tina kaayaan anu karandapan saperti ayeuna, teu daya teu walakaya, teu bisa leupas tina siksa anu terus–terusan nyasaak diri.”

“Beu... deudeuh teuing Nyai... saha atuh anjeun téh? Naha tos sabaraha lami anjeun hirup di alam marakayangan?” Ngahelas ogé ngabandungan caritana, jadi panasaran hayang apal kana lalakon dirina.

“Nami abdi... Suharti, abdi maot dijaman gorombolan... layon abdi di kubur di tengah leuweung.” Luk tungkul... alum dumareuda... kaén bodasna ngageleber ka anginkeun, selengseng bau rampé nebak tungtung irung.

“Di jaman gorombolan... saumur jeung hirup akang atuh, naha maké dikubur di leuweung pédah naon atuh?”

“Abdi diculik, diperkosa... teras ditandasa... tulungan kang... abdi teu kiat nandang panyiksa anu rongkah.” Melas melis medar lalakon dirina, pikawatireun, hayang dipikarunya jigana mah.

“Euleuh kutan kitu Nyai, sabaraha umur anjeun waktu harita...?”

“Nuju yuswa dua puluh dalapan taun Kang.”

Dua puluh dalapan taun mah, keur sumedeng mangkak kembangan, jeung geulis jigana mah ieu awéwé téh keur di dunyana mah, kaciri gurat beungeut anu ngadaun seureuh, alus tangtung, hadé wanda, awak lenjang, irung mancung, pipi konéng, panon cureuleuk hideung.

“Ke, ieu téh beneran atawa anjeun keur ngaheureuyan?” Panasaran bisi ieu teh jurig nyiliwuri anu ningkahan.

“Duh... teu pisan–pisan seja kumawantun ngaheureuyan salira, abdi lumantung tinu jauh, kumalayang tinu anggang, seja nyusul–nyusul haréwos angin, ngawartosan cenah di ieu tempat, abdi baris tepung jeung jalmi anu bisa ngaleupaskeun diri abdi tina sagala panyiksa.” Dumareuda ngabéjér béaskeun pamaksudananna.

“Tos tepung sareng anu dipilari téh, Nyai?”

“Tos lami abdi aya di dieu, unggal wengi abdi  ningali hiji jalmi anu sok nyumpingan kuburan sepuhna, ceuk haréwos, cenah anu baris nulungan abdi téh hiji jalmi anu sok nyumpingan astana sanés mangsa, jalmina teuneung taya kasieun, tapi salami ieu sim abdi teu walakaya, teu tiasa némbongkeun diri ka salira, nembé ayeuna jirim téh tiasa atra katingali ku salira.”

“Ke... naon hubungana antara haréwos angin jeung diri Akang?”

“Duh... pan salira Akang anu dipilari ku diri abdi, mung salira anu tiasa ngabébaskeun diri abdi.”

“Jadi Nyai tos lami nya... aya di dieu?”

“Muhun... lami Kang.”

“Jadi anjeun atuh anu kabéjakeun sok ngajungjurigan, gagayabagan dina tangkal rangru nyingsieuna anu ngaliwat téh?”

“Rumaos... Kang.”

“Naha atuh rék ménta tulung kalah nyieun ulah, pédah naon atuh?”

“Iseng éta mah Kang, resep ngaheureuyan jalma–jalma héngkér borangan, ting kocéak, tinggorowok, alawah-euleuweuh  kawas anu owah, ongkohan mung ku jalan kitu abdi tiasa reureuh tina panyiksa, janten abdi mendak kasuka kabungah.”

“Ke... Nyai... titadi anjeun nyebut baé panyiksa... panyiksa modél kumaha atuh?”

“Duh Kang... unggal wengi abdi teu weléh diudag–udag panyiksa nu teu aya reureuhna, aya hiji barang kawas tongkat beusi, ujungna burahay beureum kawas meunang meuleum, éta tongkat nojosan kana sakur liliangan anu aya dina badan abdi, teu eureun–eureun... nyeri ..., panas jeung peurih nu taya hinggana. Tulungan Kang... abdi sakapeung ngarasula, aya pikir hayang balik deui ka alam dunya, tapi pan waruga tos sirna, nurutan ngiring jeung batur muru tempat anu tos diatur, teu walakaya, unggal rék lebet ka éta tempat, awak téh neumrag hahalang anu rongkah, antukna mental deui ka alam marakayangan.”

“Deudeuh teuing... tapi pan ceuk katerangan anu kapendak ku akang dina Al–Qur’an, mun disundakeun mah kieu, sing saha jalma anu nyieun kahadéan ka jalma anu lian, maka éta jalma bakal diganjar jeung dimulyakeun ku kahadéannana, tapi sing saha jalma anu nyieun kajahatan ka jalma anu lian, maka éta jalma bakal dihukum jeung dicilakakeun ku kajahatannana.”

“Leres... kahartos Kang....”.

“Dumasar kana éta katerangan, Akang rék tumanya, tapi ménta jawaban anu jujur!”

“Mangga Kang, badé tumaros naon?”

“Waktu keur hirup di dunya, ari anjeun jalma modél kumaha?”

“Tobaaat... duh... ampun Kang, rumaos abdi téh jalma doraka, hirup mamprung nutur–nutur napsu nu ngaberung, tunggul dirarud catang dirumpak, rucah... awuntah... poho kana ibadah, sagala paharaman dijalankeun, dudukun... sagala pamaké diterapkeun, kasuka diumbar teu dihiding... kaduhung abdi téh Kang.”

“Beu, paingan teuing atuh Nyai... kapan ceuk katerangan cenah sakumaha gedéna dosa anu dilakukeun ku manusa, langkung ageung kénéh rohmat ampunan Gusti Alloh, naha Nyai teu kungsi tobat?”

“Teu kabujeng Kang, ari sugan hirup di dunya téh bakal lila, ari sugan moal ngalaman tunggara siga ayeuna, reueus ku pangalem deungeun, majar abdi téh wanoja lenjang, alus rupa hadé wanda, geulis lain pupulasan, éstu geulis bawa ngajadi. Nu bogoheun paboro–boro, nu hayang paheula–heula, teu pilih–pilih lalaki, asal suka asal senang, asal gedé pamahugina, dilayanan, diayonan, sadaya karesep dianteur karep.”

“Euh... kalangsu anjeun mah Nyai.”

“Muhun... rumaos kang, tapi wayahna abdi tulungan.” Melas–melis pikawatireun, ménta di tulungan, hayangeun bébas tur bisa mulang ka alam anu sampurna, siga arwah batur.

“Insya Alloh, tapi anjeun kudu pasrah.” Dijawab bari unggeuk, méré pangharepan, jadi kawajiban salaku mukmin pikeun nulungan anu keur manggih tunggara, geus kuduna ditepungkeun ku anu ngatur bumi langit, pédah dina diri aya sampakna.

“Sumangga, abdi sumerah Kang.” Nyaritana daria naker, taya tanda–tanda jiga jurig nyiliwuri, nu katingali téh jirim anu keur sumerah pasrah.

“Sok atuh beresan tah rambut anu awut–awutan, katukangkeun.”

Rambutna disisir ku ramo, dibereskeun ka tukangkeun, panjang, jaba kandel hideung, nuruban tonggongna.

“Bissmillah, hassbunnalloh wannimal wakill, nimam maulla waniman nassirr, lahaulla walla quwatta illa billah...” ngagerendeng babacaan manjatkeun puji ka Gusti Alloh.

Ceg, rambut gimbal panjang téh dikeupeul pageuh, terus dicentok, diuleng sataker kebek bari babacaan, “Massya allohu khodirrunn abbadan abbada...”

“Tobaaat... ampuuun...” kocéak dengék, ngajerit maratan langit ngocéak maratan jagat, rumpuyuk éta jirim téh ambruk kana lemah. Teu daya teu walakaya, sot rambutna dileupaskeun, wusss... jirim tadi robah jadi haseup bodas. Les... éta haseup téh sirna ka anginkeun. Peuting réhé deui, jempling deui, tapi hawar–hawar ti kaanggangan aya sora meulah simpena peuting.

“Wilujeng kantun kKang... hatur nuhun...”

“Allhamdullillah... jung di jajapkeun ku pangdu’a, muga anjeun kenging pangampura...” Peuting beuki simpé, rét ka awang–awang, langit nu tadi reueuk angkeub kahalangan méga hideung, ayeuna geus cangra deui, béntang ting kariceup baranang, bulan nu kari sapasi ngagelenyu imut, kawas anu surti. Suku diléngkahkeun rék neruskeun lalampahan,  ngalieuk heula ka palebah tadi urut haseup ngiles, bet jiga aya anu ngolenyay semu konéng, panasaran balik deui diilikan, bréh aya anu konéng sagedé jarum, di cokot di teges–teges, beu geuning susuk emas, ieu jigana mah anu terus–terusan ngudag–ngudag arwah tadi téh. Ngoréhkeun taneuh saeutik, terus éta susuk téh dikuburkeun di éta tempat.

Tuturubun ka lebakkeun, terus meuntas walungan Cibantar, hanjat ka darat seseleket mapay–mapay galeng sawah nu paréna keur sumedeng bareukah, teu lila anjog ka tajug nu aya di tengah pasawahan luhureun balong, ucul–ucul, gebrus mandi ngerelepkeun manéh kana cai balong nu hérang ngagenclang, gado noroktok awak ngahodhod kabulusan bakat ku tiris, beres wudu, cat hanjat ka tajug nu aya di luhur balong.

Tiis tingtrim, haté sumelende, teu aya geuneuk maleukmeuk, balungbang timur caang bulan opat welas, jalan gedé sasapuan. Kiceup jeung renghap, jantung jeung endagna, diri jeung tangtungannana, sumerah pasrah.*** Désa Patakaharja - Rancah, Ciamis

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

Andang S. Argayuda

"Hatur nuhun Nyi Mangle, naskahna parantos di pidangkeun deui, mugia Nyi Mangle tambih seungit sareng mubyar cahayan ka saantero tatar sunda.

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: