• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Hideung Jeung Bodas

Kénging Yosef M. Ibrahim
Kintun kana Facebook

Jaman ayeuna mah lamun bulan puasa téh sok ramé. Sagala aya. Ti mimiti nu jualan dahareun nepi ka baju. Atuh aya ogé nu maké papakéan sarwa bodas nu ngamang ngamang awi atawa paneunggeul bari gogorowokan nyebut asma Alloh. Mani sok resep lalajona téh. Maraké motor tiluan. Tara maké helm. Marawa bandéra deuih. Siga nu pawéy ék kampanyeu.

Ari nu didatanganana téh tempat dahar nu buka tengah poé dina bulan puasa. Atawa tempat hiburan. Ah uing mah resep wé lalajo peuntaseun jalan wé. Embung ari ngadeukeutan mah da sieun diségag. Sieun disangka pipilueun urusan maranéhanana. Padahal sidik maranéhna nu sok pipilueun urusan batur mah. Keun wé da saupama dibéjakeun, diobrolkeun ka maranéhanana gé moal rék katarimaeun.

Sakali mah uing téh keur ngabuburit. Panon poé téh keur meujeuhna nyeletot kana embun-embunan. Keur na motor. Ari béak pengkolan breng téh aya jalma nu maké kampret hideung dina motor meni rabul.

“Alah, nya aya naon ieu?” ceuk haté. Motor geuwat dikasisikeun, sieun. Sararua ieu ogé teu maraké helm. Maraké iket nu ieu mah. Asa teu biasa, kapan biasana gé maraké papakéan sarwa bodas. Béda sigana, nu ieu mah da teu gogorowokan nyebut asma Alloh. Béda komunitas meuruen. Béda kartél mun di Méksiko mah.

“Pajajaran anyar.” Saliwat uing maca bandéra nu di kélébét-kélébétkeun ku nu keur abring-abringan. Hantem dipikiran, kapan Pajajaran mah ngaran karajaan Sunda, jeung asa kakara ngadéngé aya istilah ‘Pajajaran Anyar’. Sarua kitu éta ogé ngaran karajaan, tapi da asa euweuh.

Belenyeng wé indit deui téh, muru magrib. Uing eureun hareupeun pasar, rék meuli nu amis niatna mah, keur tajil. Keur resep milihan keur tajil, ti kajauhan aya nu gogorowokan, teuing naon lah da teu pati jelas. Ari diteang ti mana-mana éta sora, katempo loba jalma nu papakéanana barodas keur ngacak-ngacak warung sangu. Geus biasa ari nempo nu kitu mah.

“Astagfirulloh.” Uing ngagerendeng sanggeus nempo jalma nu digusur ti jero warung sangu, terus dikakaya. Kapan bulan puasa ieu téh! Naha jalma téh teu bisa nahan émosi? Uing onaman jalma nu teu eucreug ari nahan-nahan émosi keur bulan puasa mah sok bisa. Nahan lapar wé nu kadang lasut mah.

Teu eureun semet dinya, warung sangu téh diacak-acak. Dahareunana diawur-awurkeun ka tengah jalan. Nyaah eung. Kapan loba kénéh jalma kalaparan di urang téh, ieu mah kalah diawur-awur?

Geus bérés tah warung éta, belenyeng wé arindit. Euweuh kahanjakal geus ngaruksak tempat batur téh. Kalah terus gogorowokan nyebut asma Alloh. Enya kitu Alloh nitah kitu?

Geus arindit tah jalma téh, ngan nu boga warung keur ngagukguk hareupeun warung na. Ras inget ka kolot babaturan nu sok dipéntaan dahar ku uing, sarua pisan atuh da kolot si Jamal  gé dagang sangu hareupeun imahna. Teu nyarahoeun wé jalma nu tadi mah, manéhna téh geus maéhan usaha batur. Geus nyieun dulur sorangan usahana bangkar. Sok rajeun ngusap dada uing mah. Astagfirulloh.

Sababaraha poé ti harita, uing ulin ka Gedung Saté. Keur aya démo cenah, lumayan keur bahan réportase tabloid kampus. Nepi ka hareupeun Gedung Saté, nu démo téh maraké papakéan sarwa hideung. Sirahna diariket. Persis jeung nu kungsi kapanggih harita téa. Padahal keur tengah poé, jaba bulan puasa. Ku karuatan!

Sanggeus ngabandungan nu démo, nepi ka wawancara jeung salah sahiji tokoh éta komunitas, cenah mah ayeuna téh geus manjing waktu keur urang Sunda nyieun Pajajaran anyar keur mingpin di Indonesia, malah mah dunya. Da cenah kabéh jalma nu aya di sabudeureun dunya gé asalna ti Parahiangan. Malah ceuk nu keur orasi di hareup mah Nabi Adam téh turunna di Sunda, sanggeus diusir ku Alloh ti sawarga.

Jadi ayeuna téh geus kudu nyieun karajaan anyar. Malah pamaréntahan gé kudu ulubiung dina nyieun éta karajaan. Karajaan Pajajaran Anyar. Kaditunakeun mah pamaréntahan gé kudu tuhu ka karajaan. Sapoé ti harita réportase téh geus dijieun malah geus dimuat.

**

Balik kuliah ayeuna mah, nongkrong di hareupeun toko buku jeung si Jamal. Keur maca wé duaan bari nempoan jalma nu lalar liwat. Teu lila, kadéngé aya sora jalma siga nu keur pawéy di kajauhan.

“Tah, aya nu keur kampanyeu.” Ceuk uing, bari tetempoan mah angger kana buku nu keur dibaca.

“Miluan yu ah!” Ceuk si Jamal mani tarik.“Lumayan sok dibéré duit euy.” Tambahna.

“Ah piraku?” Ceuk uing rada héran, da can milu kampanyeu sakali-kali acan.

“Heueuh. Sok dibéré duit, lumayan. Aya nu méré dua puluh rébu malah nepi ka aya nu limapuluh rébu. Yu ah miluan.” Si Jamal meni daria ngajelaskeun téh.

“Yu atuh!” Lumayan, pikir téh.

Uing jeung si Jamal kakara cengkat rék megat nu kampanyeu. Torojol téh nu pawéy maraké papakean hideung. Sidik pisan, éta kelompok nu rék nyieun karajaan téa. Pajajaran Anyar, nu harita démo hareupeun Gedung Saté.

“Lain kampayeu ieu mah.” Ceuk si jamal ka uing. “Nu kampanyeu mah bajuna gé sok warna-warni euy.” Uing ék ngajawab geus dipotong mantén ku si Jamal téh.

“Balik wé yu, ka imah manéh. Tapi uing milu dahar ké magrib.” Ceuk uing bari nyéréngéh.

“Ah sia mah.” témbalna.

Sajajalan, loba pisan nu keur pawéy téh. Sarwa hideung. Sigana mah jadi nyieun karajaan téh, da mani rabul. Kumaha atuh uing, meureun kudu nyieun KTP deui. Sakitu lilana pan nyieun KTP nu kamari ge.

Nu maraké papakéan hideung téh katingalna mani sarumanget pawéyna, siga nu nyuhun harepan nu leuwih ka karajaan nu cenah rék jadi nanjeur, enya karajaan Pajajaran Anyar téa. Pantes wé malikir kitu gé da meureun teu manggih anu matak pihadéeun keur maranéhna. Pamingpinna nya kitu wé ti baheula gé ngan diuk luha-léhé. Dungdak-déngdék dina korsi. Paling banter nya saré. Mun keur purun nya nempo heula pilem porno tamba kesel. Teu mikiran maranéhna, nu ayeuna keur pawéy rék nyieun karajaan. Ayeuna mah rajana gé geus aya pan. Prabu nanahaon kitu da titatadi digorowokkeun ku jalma nu maraké papakéan hideung téh. Prabu nu bakal nyieun parobahan jeung prabu nu baris nyaah ka rahayat. Saliwat mah siga nu kampanyeu partai ieu gé, kampanyeu partai hideung. Teuing partai naon?

Jauh imah si Jamal téh. Panonpoé geus rék tunggsng gunung. Lampu jalan hiji-hiji geus harurung. Sosolawatan geus silih raéng di masjid. Motor ngalaju na sela-sela gang, tapi can kénéh nepi. Sapéngkolan deui sigana mah? Parat péngkolan geus loba deui jalema ieu téh. Keur usum pawéy boa ieu téh? Nu maraké papakéan sarwa bodas ieu mah, mamawa bandéra, awi jeung nu séjén nu bisadibabukkeun ka batur. Iih..,

**

Panon uing geus teu puguh tetempoan. Sirah asa rék peupeus. Asa aya nu ngaley na embun-embunan. Barang dirampa, geuning beureum. Bau hanyir. Getih saha ieu? Na nu saha deui ari lain nu uing mah? Rék nangtung tapi suku asa teu daék usik. Nu katempo ngan Si Jamal keur ngagolér. Dina sirahna ngaley nu hanyir beureum. Digeroan teu waé ngajawab.

Teu jauh ti Si Jamal, Indungna masih kénéh nyegruk ceurik. Beuki lila beuki teu kadéngé lantaran kasilep sora asma Alloh nu silih téma ti jalema nu maraké papakéan sarwa bodas. Uing maksakeun nangtung nempo Si Jamal nu ngalumbruk hareupeun warung indungna.

Leumpang téh kokoloyongan, tetempoan asa beuki burem. Hayang lumpat ka jalma nu maraké pakéan bodas. Hayang mawa bedog rék dikadékan hiji-hiji. Tapi bororaah rék kitu, leumpang gé puguh asa totolonjongan.

Leumpang saeutik-saeutik ka tengah jalan. Sakuriling mah pinuh ku jalma nu maké papakéan sarwa bodas téa. Asa bareuki bodas waé tetempoan téh. Bajuna siga nu harurung. Hayang ngagorowok, hayang maksakeun ngagorowok.

“Gandéng siah kéhééééédd..!!!”

Jedak, aya nu mabuk ti tukang. Beuki bodas waé tetempoan téh. Bodas. Bodas. Bodas. Bruk. Hideung.

***

Al-Furqon, 21 Juli 2013

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: