• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Lalaki Dina Tungtung Peuting

Kénging Tiktik Rusyani
Kintun kana Facebook

Kira-kira duapuluh méteran sabada turun tina taxi, katingali nu mapagkeun. Nangtung dibarengan girimis ipis. Gagah. Dua dampal leungeunna nyumput dina saku calana. Sukuna rada ngajégang. Jangkung, ngageblég make baju hideung dina lalangsé poé katompérnakeun, mangsa layung geus mubus kateureuy sandékala.
        Leumpang digancangan, hayang geura nepi. Hayang geura ningali paromanna nu unggal usik kumalangkang na ciciptan. Asa leuwih sering teu apalna. Bangun nu ngahaja nyamuni, misterius. Sing sarwa teu kateguh.
    Barang anjog, imutna ngabagéakeun. Leungeunna nyolongkrong ngajak sasalaman. Lampu nu kahalangan ku Patrakomala, teu méré kasempetan pikeun nelek-nelek beungeut nu dipikasono dina unggal rénghap ambekan.
        “Hayu lebet, kabujeng ageung deui hujanna.” Sorana halon, teu ngumbang kana awakna nu jangkung badag. Nungtun asup ka jero imah.
         “Dugi oge. Macét meni matak kesel,” cékéng bari gék diuk dina sofa. Manéhna ngaléos ka tukang. Rada lila. Jol deui geus ganti baju, angger nu hideung. Kaos tangan panjang turtle neck, kéwes pantes, kasép.
“ Badé coklat panas atanapi citéh manis?” Nangtung hareupeun. Panonna nu salila ieu jadi daya tarik pangkuatna neuteup leleb.
          “ Coklat panas wé. Asik nuju tiris kieu mah.” Manéhna imut, léos deui.
           Rohangan tamu nu sempit, ngan ukur dieusian sofa bentuk L, ukuran dua ka dua. Ditambah ku méja konsol nu pinuh ku souvenir ti kota-kota mancanagara. Dina tembok rapang lukisan opat usum ti China jeung lukisan abstrak beunangna. Nyeni.
           Galuh Candrasukma. Seniman lukis nu geus moyan. Umurna tilupuluh lima taunan. Dedeg sampé rupa hadé. Profilna semu heuras, caréham siga urang Itali, pasagi dipapaés biwir nu ipis bari garisna tegas. Asa inget kana keureutan beungeut  mafioso dina pilem-pilem nu témana La Cosa Nostra. Potongan beungeut nu dipikaresep. Macho pisan. Matakan mun dina sms, sok remen disebut “Cara” atawa “Amare”. Anggap wé keur aya di Sicilia...
Wawuh basa panggih dina paméran lukisan di Galeri Azzura. Atoh pisan basa manéhna apal kana sababaraha carpon jeung novel kuring. Da puguh ngaidolakeun, basa manéhna ngadeukeutan téh maké jeung rampang-reumpeung sagala. Remen ningali manéhna dina unggal riungan, ngan teu wani ngedeukeutan. Leuwih ngeunah ningali ti kajauhan.
 “Hébat, yang muda yang berkarya. Novelna kerén. Réalis namung menggetarkan. Ungkarana éndah tur galura émosina pas.” Dikitukeun ku manéhna harita, awak asa harampang. Awéwé bodo mun teu kataji ku nu gagah tur kasép bari humble pisan. Biasana seniman sok rada urakan, sléngéan. Ieu mah rapih, sok sanajan ampir unggal pasarandog  tara leupas tina kaos hideung. Asa nambahan kharisma, manéhna uomo in nero. Kasebut teu loba omong, malah rada cicingeun. Tapi mun geus uplek ngobrol, ramé ogé. Teu matak bosen.
           Nu geus ti tukang asup deui mawa cangkir nu ngebul. Kaangseu aroma coklat nu khas. Sok diteundeun dina méja. Gék diuk hareupeun. Lucu ogé, ahirna nepi kadieu, ka imahna. Da biasana gé panggih ukur dina komunitas seniman. Atuh mun rék ngobrol sacara pribadi osok smsan atawa inbokan. Bisa jadi mémang cinlok, cinta lokasi. Kusabab remen panggih jadi aya rasa nu béda.
Teu kabayang nepi ka bisa deukeut. Dina harti séd saeutik tina sebutan babaturan. Da mun smsan atawa inbokan teu weléh maké “honey” atawa “dear”. Siga nu heureuy, tapi kana haté mah geus jadi harepan, mun hiji waktu manéhna baris wakca. Ngan kungsi kacatet, kalimah dina inbokna. Ningalikeun mun kuring teu nogéncang.
“Meni uleng nu ngalamun...” Manéhna seuri bari ngasorkeun cangkir. “ Meungpeung panas kénéh,” cenah.
“Kataji ku penataan ruangan nu basajan namung nyeni.”
“Ah, uyuhan tuda. Nu gaduhna kapan remen traveling. Bumi tara kaurus, matakan mending nu minimalis wé. Da nu pangpentingna mah kasur..hahaha.” Kuring milu nyakakak. Eta leuwihna manéhna. Joké-jokéna cerdas kadangkala satir, siga nu  hayang nyeungseurikeun kahirupanna sorangan.
Wawuh lumayan lila, genep bulanan. Tina panggih di galeri , tina heureuy, tina sili alokan komén dina fb, inbokan. Kabéhanana jadi galindeng kasono nu remen mapaésan impian. Ngan orokaya, wawuh jeung manéhna téh nyair protés nu lain meumeueusan ti sobat dalit.
“Manéh rék seriusan jeung Galuh Candrasukma? Nu baleg? Daék kitu ngan ukur jadi terminal perhentian? Sajorélat...putus ngoléang kakalayangan siga langlayangan kapakan. Geus loba korbanna. Casanova nu misterius.” Pancarini sobat dina komunitas pangarang bangun nu banget teu panuju.
“ Naha didinya meni apal nepi kadinya? Kapan didieu karék nyebutkeun ngaranna wungkul?”
“Euweuh nu teu apal, ka lalaki mantes bari flamboyan siga manéhna mah, diémbohan ku sikepna nu puritan, saha nu teu panasaran. Pokona mun teu hayang patah hati tong deukeut jeung manéhna.”
“Geus kagok asong. Urang geus mimiti bogoh. Baé rék nepi kamana, moal weléh diayonan. Da mun ningali sikepna mah siga nu tukuh kana jangji. Piraku sakitu performancé na alus ari kana komitmen teu tanggung jawab.” Ngomong bari netegkeun haté. Da puguh rada reuwas ogé ngadéngé omongan Rini nu siga kitu. Da saenyana mah kuring teu apal gosip perkara manéhna. Lain daérah kakawasaan kana ngagosip mah. Apal sotéh mun aya béja nu aranéh, pédah sok aya nu nganteuran.
“Ih, meni anteng. Asik pami dilukis, soca nu neuteup kosong kana kaca jandéla, panangan nyepeng cangkir nu ngebul, sakali-sakali diuyup lalaunan, bari paneuteup teu lesot, mokus. Janten aya naon dina saluareun lalangsé téh?” Sora Galuh ngagareuwahkeun. Ukur diwalon ku nyeuleukeuteuk. Boa ti tatadi diperhatikeun ku manéhna. Panonna nu seukeut neuteup anteb pisan siga ngahaja ngawurkeun pamikatna.
           Casanova ceuk Pancarini. Boa enya. Rindatna nu pinuh pangirut, aurana nu sanggup meruhkeun saban haté awéwé. Kapan kuring ogé keur kasengsrem, nepi ka daék diajak ka imahna. Hiji pacaduan nu mimiti dirempak ku sorangan. Ajeng Purwitasari, carponis jeung novelis nu moralis, asup ka imah lalaki.
Hawa mimiti haneut, sili témpas nepikeun pamadegan. Tina seni, tina kahirupan nepi kana kamandang pribadina kana perkara cinta. Horéng aya benerna omongan Rini sababaraha poé katukang. Galuh tipe lalaki nu teu resep katalikung. Hayang bébas siga heulang nu bisa eunteup na saban sayang.
            “Urang sili eusian jiwa nu kosong, hanaang. Namung teu aya iketan nanaon. Bébas wé, merdika. Sok sanaos ari rasa mah teu tiasa dibobodo. Pami urang maksakeun ngadamel kasapukan kanggopikapayuneun, hariwang pami teu kahontal, matak peurih tur sedih. Mending ngamalir wé, easy going.” Pokpokanana méré kacindekan nu teu bisa dipondah. Da naon atuh hak kuring? Kabogoh lain, teu pantes mun maksakeun kahayang sorangan.
Sabenerna hayang ngejat, amitan. Méméh kaeurad leuwih jero. Euweuh nu bisa dicepeng. Tina sakabeh carita nu diperelekeunana, hirup nu hédonis, nguyup sagala kasuka tanpa perlu mikiran akibatna horéng sisi peteng tina gulubur aura flamboyanna. Karak apal, tur matak hélok.
 Béhna mah lain ngejat, anggur ngahenén dina rangkulanana. Rumasa geus kabandang ku rasa nyaah. Da bongan diipuk ti mimiti panggih. Atuh sabataé genep bulan geus mimiti ngarandakah. Siga nu moal bisa pukah.
“Galuh, nyaah ka Ajeng?” Tanggah neuteup beungeutna nu nampeu.
           “Nyaah..”
 “Naha bet alim kaiket ku jangji? Naha alim ngucapkeun statement? Sieun ditagih nya?” Teu ngawalon, anggur mésem bari ngadekkeun tarangna kana sirah kuring.
“Ajeng hoyong nguping, urang kikieuan téh alesana naon pami sanés cinta mah? Atanapi mémang napsu wungkul?”
            “Raraoskeun wé ku haté, da éta nu bakal ngaweuhan kanyaah urang mah. Teu kedah ku cara verbal.”
“Pami teu dikedalkeun, naon atuh nu kedah dicepeng?”
“Kayakinan wé, yén kanyaah urang ageung tur manjang.”
“Anéh..!” Manéhna ngan tiba nyawél kana gado. Lila paheneng-heneng, anteng mireng keteg jajantung bari raket sili rangkul. Mémang karasa kanyaahna, perhatianana. Ngan keukeuh asa ngoléang. Boa enya ngan hayang nganggap halteu pangreureuhan sementara. Teu hayang salilana bumetah dina rasa cinta nu lana.
Ngabandungan lalakon hirupna, numuwuhkeun rasa empati nu jero. Hirup gedé di jalan, kaayaan kolot nu ngan sabeulah méré sumanget keur néangan kahirupan sorangan. Teu hayang ngabeungbeuratan. Lunta ti lembur bari ngan modal nékad jeung tékad.
Kuliah di jurusan senirupa, keur sapopoé teu kurangeun akal, sabisa-bisa ngagunakan tanaga sésa. Ngenekan, nyupiran, nyaloan di terminal. Wawuh jeung rupa-rupa kasangtukang jalma. Préman, penjahat nepi ka pengédar narkoba kelas kakap.
“Ngalaman janten pengédar ogé. Sakadar kanggo mempertahakeun hidup. Namung teu dugi ka ngiring ngaraosan obatna mah.”
             Kuring teu lepas mencrong beungeutna, mireng sorana nu kadangkala ngageter mesék sagala katunggara nu karandapan. Sabataé nguyup kaéndahan dina seukeut teuteupna. Tong nanyakeun kunaon rasa bogoh mingkin ngarandakah, da éta mah rahasia haté. Nu dihareupeun, nu cacarita bari ngeukeuweuk leungeun téh tempat nu léndo keur ngawurkeun binih kaasih.
Peuting beuki ngolotan, can béak nu dilalakonkeun. Kapan judulna gé“ Hoyong ngobrol nu nyalsé” cenah, nya ieu pisan waktu kuring nu kacida nyalseéa, ngadéngékeun sakabéh bangbaluh haténa, harepan-harepanna...jeung penolakkanna kana konsép rumah tangga. Aya sababna, kabuka éta gé. Yén manéhna teu percaya kana cinta jeung kasatiaan, sanggeus sababaraha kali dihianat. Da sarua lalaki gé boga tempat keur neundeun kacangcaya ka wanoja.
Teu kudu dikedalkeun ku manéhna, mun sabenerna hubungan ayeuna ngan sakadar “Mengisi kekosongan jiwa” tong hayang ngimpi ngapimilik manéhna. Man in Black nu flamboyan, casanova nu geus ngarogahala rasa nepi ka teu manggapulia. Manéhna leuwih misterius batan salahsahiji lukisanna nu ngagantung di kamarna, “ Labirin” kukurilingan teu manggih jalan.
            Biasana, unggal aya kereteg hayang meruhkeun lalaki, tara jeung makégagal. Sakali tebar pesona, kapéngpéongana gé mulan-malén. Lain bohong mun kuring kaasup nu bisa sakiceup meunang simpati. Tapi naha ka manéhna, ka nu kuring hayang enya-enya masrahkeun kanyaah, siga nu neumbag. Teu daékkeun léah, enya gémanéhna nyebut nyaah...
            Petualang, rebellious teu sieun ku résiko, jago narima tangtangan. Lalaki nu boga jiwa mafia, wani perang keur ngajaga kahirupanana, tapi teu hayang bogaeun cinta. Teu hayang katalikung ku jangji. Naon nu kitu ngaranna? Kecing atawa sakadar hayang bebas pipindahan tina rangkulan kana rangkulan bari teu kudu tanggung jawab? Hanjakal, kuring lain nu hak nalékna. Teu wani, géngsi...sok padahal hayang pisan meruhkeun manéhna nepi ka serah bongkokan. Tapi ayeuna kalah diri sorangna nu bobor karahayuan...kairid citrésna nepi ka nyangsaya na dadana.
          Dina haneutna rangkulan, hayang téh waktu ngadadak ngajeten eureun teu muter. Hayang téh kuring jeung manéhna bébas tina ruang jeung waktu. Duaan...ngararasakeun yén cinta téh aya sanajan teu dilisankeun. Hayang téh rangkulan teu pukah nepi ka yakin mun manéhna geus kajiret ku wisaya trésna sajati. Nepi ka moal lulumpatan nyingkahan nu hayang deukeut rék mikageugeut.
          Galuh Candrasukma, lalaki nu bisa meruhkeun Ajeng Purwitasari. High Quality Jomblo nu tampikan, nu can manggih layan salevel. Nu jago kana ngaréka ungkara nepi ka karyana abus kana sastra kelas atas. Nu ayeuna ngulahék, nyarandékeun harepan ka lalaki nu teu boga pamadegan dina perkara cinta...Ajaib.
          Ayeuna, dina hawa peuting ngagayuh ka janari, sababaraha kali ngulisik tina keukeupan. Hayang kaluar tina pangaruhna. Hayang lumpat, nyingkahan manéhna. Tapi kalah beuki maskét. Réma laluasa ngusapan halisna nu melengkung hideung, matana nu ngadadak linduh, pipina nu kasar tapak ngurud, biwirna nu....
           Lalaki panganéhna nu kakara kapanggih dina saumur nyunyuhun hulu. Padeukeut...nepi ka ambekanana kapireng haliwu. Tapi haté asa can nepi kana mamaras rasana. Sok sanajan pok pisan manehna ngaharéwos, “ Haté mah kedah dilélékan ku haté deui. Sanés ku statement.” Ngagantung, ayang-ayangan euweuh kacindekan.
“Tos wengi pisan, hayu sanés badé ngajajapkeun.” Ahirna sakuat tanaga ngagibrigkeun kahayang. Hawa geus mimiti nyongkab. Bisa leuwih ti ningalikeun kanyaah, sabab lamun geus keuna ku pasrah sadaya-daya, naon deui nu nyésa? Kapan kahormatan leuwih utama.
Manéhna cengkat. Nyepengan kana taktak, lalaunan ngadekkeun awakna, nangkeup tipepereket. Kapireng haréwosna, “ I Love You...” Kedal ogé, cukup...leuwih ti cukup. Da karasa antebna. Dunya nu ngadadak lega, ayeuna dipulas warna kasumba...
           Dina taxi, dua pasang leungeun sili ranggeum, népakeun sakabéh rasa nu teu eureun ngagalura. Sakali-kali ngusapan kana taktak...haté mingkin ngajaul apung-apungan kabawa ku caah na dada. Haréwosna sababaraha kali nompo kana ceuli, “ I’m gonna miss you!”
Ayeuna, geus aya dua bulan manéhna ngahiang. Teu méré iber, teu béja teu carita. Sms teu di bales, inbok sumawonna. Akunna sepi tina status. Ngan ngajéngjréng wé wall post ti sababarahaurang nu micangcam manéhna. Awéwé-awéwé gareulis jeung marodis.
           Kaleungitan pisan, kacida kaleungitan...sakabéh mamanisna jeung rasa cinta na dada keur manéhna jadi siksaan nu banget milaraanana. Boa manéhna keur aya di dunya beulahan mana, nyungsi sagala nu jadi angen-angenna. Tapi teu weléh digupay, dihiap ku asih nu ngamalir na ati. Muga gancang mulang deui kana sungapan rasa nu moal saat diteureuy mangsa.
           Lalaki dina tungtung peuting, nu kungsi mépéndé haté nu rungsing. Kiwari ninggalkeun jempling. Kacipta kénéh, gupayna di luareun pager. Ranselna, kaos turtle néck-na, Jéans jeung jékét hideungna. Amare,Galuh Candrasukma, di mana salira ayeuna...?***

Margahayu Kencana, Agustus 2013

 

Catetan tina bahasa Italia :
Amare               = Nu dipikacinta, Cinta
Cara                   = Sayang
Uomo in Nero  = Lalaki nu make baju hideung

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (2)

ade

hade euy carita teh

Willman

Sae pisan carios teh....

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: