• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Anugerah Budaya Kota Bandung 2013
Panyungkal Kreativitas Seni

Kénging Dian Hendrayana
Kintun kana Facebook
Mangle
Anugerah Budaya Kota Bandung 2013 [Potrét/Ilustasi: rudi]

Jam satengah dalapan, malem Kemis (28/8). Pendopo Bandung geus gegek ku ondangan. Sawaréhna mah bangun aruplek jeung baturna. Sawaréhna deui aya kénéh nu ngarantay mapay méja idangan kaléreun pendopo. Ari di jero pendopo, Mae Nurhayati (Juara Cianjuran Damas 2006) keur anteng ngalaeu ngahaleuang cianjuran; sorana saweur ka luareun pendopo.

Di jajaran ondangan nu keur aranteng diuk di jero pendopo, horéng geus nyampak H. Rukruk Rukmana, juru pirig seni cianjuran. Ditakwa, disamping, jeung dibendo. Rukruk bangun nu keur anteng ngabandungan pidangan cianjuran, nu ku panitia éta pidangan téh tangtu baé diperenahkeun di awal acara sina ngeusian suasana saméméh acara resmi dibuka. Bisa jadi, salaku juru pirig cianjuran, Rukruk keur saregep ngabandungan pirigan kacapi indungna. Peuting éta mah, Rukruk téh henteu midang di hareup, metik kacapi indung. Tuda ieu juru kacapi senior nu kungsi rékaman Lutung Kasarung, Guguritan Laut Kidul, jeung album mandalungan Sumanding Asih téh dibenum jadi salah sahiji seniman nu baris nampa anugerah budaya téa.

“Alhamdulillah, taun ieu akang kasinugrahan (Anugerah Budaya ti Disbudpar Kota Bandung),” pokna ka Manglé, “Mugi-mugi baé ieu pangajén téh sing teras manjang, utamina kanggo para seniman tradisi.”

Basa dijojoan kumaha harepan ka hareupna tina éta pangajén ka seniman tradisi, ieu juru kacapi nu nyanggi lagu panambih Bangbaluh Haté téh gasik nuluykeun, “Ka payunna, para panembangna gé peryogi diperhatoskeun. Kantenan, tos kaétang seueur panembang nu payus dipaparin anugerah sapertos kieu.”

Ku kabeneran, teu jauh ti dinya, aya panembang cianjuran H. Yus Wiradiredja keur sarua anteng ngabandungan haleuang cianjuran. Basa ditanya ngeunaan pamasrahan Anugerah Budaya, ieu panembang nu ogé ngajabat jadi Pembantu Ketua STSI Bandung téh daria ngawalonan, “Saleresna sanés baé ku hadiahna anu prestisius, nanging ogé ku pengakuan ti pamaréntah ka seniman tradisi anu teu kinten ageungna.”

Ceuk Yus deui, kréativitas seniman dina ngagelarkeun karyana ulah ngarasa sugema ku ukur semet cacap tepi kana pementasan. Tapi kudu dideudeul ku pangjurung moral ti pamaréntah jeung masarakatna.

“Nya ngaliwatan pangajén sapertos kieu (Anugerah Budaya Disbudpar Kota Bandung, red), kreativitas seniman téh bakal langkung-langkung ngaraos kasungkal sina langkung kreatif,” ceuk Yus nu ogé mangrupa Juara Cianjuran Damas 1984.

 

Nu Kabiruyungan

Aya sapuluh seniman (budayawan, pemerhati budaya jeung lingkungan) anu kabiruyungan nampa Anugerah Budaya 2013 ti Disbudpar Kota Bandung. Éta seniman (budayawan) anu sapuluh téh nya éta Abdullah Mustappa (sastrawan), Dindin S. Maolani (praktisi hukum), Dr. Harastoeti, MSA (pemerhati cagar budaya), Indrawati Lukman (penari), Solihin GP (pemerhati budaya jeung lingkungan), Melly Goeslaw (penyanyi jeung pencipta lagu), Paguyuban Pasundan (organisasi kasundaan), Rachman Sabur (teaterawan), Rukruk Rukmana (seniman tradisi), jeung Tisna Sanjaya (pelukis).

Sakumaha nu dibéjérkeun ku wawakil juri, Arthur S. Nalan, dina milih seniman nu sapuluh téh geus tangtu hasil ngayak tina sakitu nominasi nu diajukeun ku Disbudpar. Ngan baé réngréngan juri nu diwewegan ku Adjie Esa Poetra, Cecep Burdansyah, Etti RS, jeung Herry Dim téh mutuskeun pilihanana dumasar kana pengabdian, dedikasi, jeung loyalitas para seniman kana widang garapanana séwang-séwangan.

“Karya-karya aranjeunna (para seniman) mibanda kualitas anu henteu dipihamham ku balaréa. Nu langkung utamina deui mah nyaéta karya-karya aranjeunna karaos pisan ayana, sareng katingal pisan ajénna, dugi ka mawa seungit ngaran kota Bandung ka jauhna,” cek Arthur.

Sastrawan Abdullah Mustappa upamana. Dina palataran sastra Sunda mangrupa kritikus anu dipikasérab ku para pangarang. Tulisanana mangrupa kritik teu wudu mucunghulkeun sastrawan nyongcolang pantar Godi Suwarna. Atuh dina karya fiksina, Abdullah gé kungsi nampa hadiah Samsoedi pikeun bacaan barudak, Taréh Rosululloh. Karya petingan Abdullah séjénna kayaning Ringkang (carpon), Nu Teu Kungsi Kalisankeun (kumpulan carpon), jeung Lembur Singkur mangrupa bacaan sastra nu kaasup kana karya-karya sastra Sunda petingan. Dina widang jurnalistik, Abdullah kungsi nampa hadiah Zulharmans, sarta dina saémbara nulis essey Abdullah kungsi kasinugrahan Juara III ti Pusat Bahasa.

Naon rupa nu disebutkeun ku Arthur dina nangtukeun saha-sahana nu kudu kabiruyungan nampa pangajén Anugerah Budaya ti Disbudpar Kota Bandung, dienyakeun pisan ku salah saurang nu nampa Anugerah Budaya 2013, Dindin S. Maolani. Ceuk Dindin, para juri katangén kacida obyéktif dina nangtukeun putusanana. Lain pédah para jurina mangrupa insan anu kacida kredibel jeung kapabel, tapi dina lebah nangtukeun pilihanana éstu geus diwewegan ku sagala rupa pertimbangan.

“Kantenan, para juri sanés baé mung kagungan pertimbangan nu asak dina nangtoskeun si A jeung si B, nanging ogé dieunteupan ku kawani anu bisa dipertanggngjawabkeun,” ceuk Dindin deui. Éta hal utamana mah katangén lebah milih individu tina widang lingkungan hidup, nu dina taun ieu katampa ku Solihin GP, salah saurang aktivis lingkungan hidup.

Perkara miara lingkungan hidup, tayohna jadi visi pikeun Disbudpar dina agénda Anugerah Budaya taun 2013. Ku kabeneran, pelukis nu kungsi nampa sababaraha pangajén (boh regional boh internasional) Tisna Sanjaya gé, mangrupa aktivis lingkungan hidup. Dina saban kagiatan nu aya patalina jeung pasualan lingkungan hidup, ieu seniman lukis jebolan FSRD ITB téh teu weléh jadi luluguna. Ku kabeneran pisan deuih, dina Anugerah Budaya 2013 ieu gé Tisna jadi salah saurang seniman anu kabiruyungan téa.

Perkara kawani ti para juri sakumaha nu dilanglaungkeun ku Dindin téa, katangén ogé lebah milih Melly Goeslaw. Pada terang, Mélly téh artis wedalan Kota Bandung anu mibanda prestasi nyongcolang tingkat nasional. Lagu-lagu karya Melly teu wudu jadi lagu populer nu dipigandrung ku masarakat Indonesia. Geus teu kaitung lagu-lagu sanggian Melly anu jadi theme song film. Anu kajojo pisan mah di antarana nya lagu Ada Apa dengan Cinta jeung Ayat-ayat Cinta. Éta film nu dua bieu, éstuning mangrupa film nu kacida dipigandrungna di Indonesia.

Tangtu baé, dina milih Melly téh lain pédah di réngréngan juri aya Adjie Esa Putra, nu mangrupa penyanyi (jeung guru nyanyi) pop Indonesia. Tapi nu leuwih nyosok deui mah pédah lagu-lagu pop Indonesia gé mangrupa produk budaya. Tur kabeneran deuih, anu nyanggina urang Bandung pisan.

“Cara ngémutna ulah kasungkeret teuing ku pasualan karya lokal Sunda, nanging kedah dijembaran deui. Mung nu tangtos, éta senimanna kedah urang Bandung,” ceuk Adji dina hiji mangsa wangkongan jeung Manglé.

Nu pasti, sakumna nu kabiruyungan Angerah Budaya mangrupa entitas anu nyongcolang. Turta henteu kudu dipihamham deui. Utamana pikeun Paguyuban Pasundan, agénda Angerah Budaya 2013 téh éstuning mangrupa kado milangkalana anu saabad. Wilujeng.

 

Hanjelu Teu Aya Dada

Dina biantarana, Kadisbudpar Kota Bandung Drs. H. Herry M Djauhari MM, manghanjelukeun dumeh éta acara n diluuhan ku Wakil Walikota Bandung Ayi Vivananda, Wakil Ketua DPRD Jabar H Uu Rukmana, seniman katut budayawan Sunda, sarta insan pers téh, henteu diluuhan ku Walikota Bandung Dada Rosada. Pangna kitu téh duméh éta agénda Anugerah Budaya ditaratasna nya dina mangsa pamaréntahan Dada Rosada pisan.

“Mugia baé naon rupi nu nu tumiba ka anjeunna (Walikota Bandung, red) sing digampilken bérés roés deui. Sareng mugia anjeunna dipaparin kakiatan,” ceuk Herry.

Papadaning kitu, Herry gé jangji seja ngaronjatkeun deui ajén Anugerah Budaya dina taun-taun ka hareupna, boh dina acarana boh dina nominal pangajénna. Dina taun ieu, saban seniman nu kabiruyungan Anugerah budaya baris nampa piagam, tropi, sarta duit nu pangajina Rp. 15 juta. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: