• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Basa Sakola Kabanjiran

Kénging Holisoh ME
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1379138685.jpg [Potrét/Ilustasi: agus mulyana]

Dur subuh téh geus hudang, da diguyah-guyah ku Ema. Padahal panon mah hayang peureum kénéh. Tuda wayah kitu mah keur meumeujeuhna disimbut buni, bari ceuli ngadédéngékeun nimatna si jago kongkorongok di pipir. Sorana mani ngoncrang, bubuhan hayam pelung hadé piara. Pangirim Mang Tatang ti Lembur Babakan. Ngajimatan cenah, da sajodo méréna téh. Ngan édas nu bikangna mah ukur tilu poé umurna aya di kuring téh, da kagiles ku ojeg nu lalar-liwat.       

 “Hudang, Jalu! Geura ka pancuran, si Apa bisi ngambek,“ ceuk Ema bari nyokot anduk  nu disampaykeun tukangeun panto.

“Tiris, Ma!” témbal téh ti jero simbut belang.

“Sétan éta téh! Maenya éléh ku si jago! Wayah kieu geus kongkorongok ngageuingkeun batur,“ ceuk Ema  teugeug.

Éléh déét, kuniang hudang, gap kana sarung nu ngalumburuk na palupuh, disalindangkeun ngabunian awak, méh teu tiris teuing. Komo di luar cacak di jero gé sakieu tirisna. Abong imah di sisi gunung.

Sabada meundeutkeun panto dapur, kuring ngiclik nuturkeun Ema nu angkaribung ngakeup said ku pangais, dieusi piring kumbaheun, urut peuting dalahar ngariung. Rada loba kumbaheunana, da puguh aya Amang jeung Ibi saborondoyot. Nyimpang. Cenah mah tas ti anakna nu ngadon bubuara deukeut lembur kuring.

Lebah pudunan, geus méh deukeut ka pancuran, pasangrok jeung Apa. Da Apa mah mun ka pancuran téh méméh adan subuh, méh bisa salat berjamaah di tajug jeung pancuranana lowong. Iy… teu sieun-sieuneun sosoranganan di pancuran. Sakitu geueumeunana. Apan pancuran téh diiuhan ku tangkal caringin nu kacida gedéna, akarna gé geus ngarambay siga janggot aki aki.

“Gura-giru Ujang ka cai téh, bisi teu kabagéan berjamaah!” Sora Apa teugeug.

“Heug!” témbal téh bari ngarérét.

Saenyana mah rada horéam salat ka tajug téh, sok lila jaba tiris. Da bilik tajug téh mani cararang pisan. Anéh, tara diaroméan tajug téh, padahal urang lembur ieu mah sarolat téh ka tajug. Atawa meureun acan kaburu ngaroméan da keur rariweuh ku nguruskeun binih paré nu kakareueum baruruk. Sabalikna, mun usum halodo tara kari binih téh, da gararing taya cai. Bet taya mendingna. Komo ayeuna, ngijih geus sababaraha bulan, bari jeung taya poé nu kalarung. Dur lohor, cur hujan. Kalan-kalan mah adan awal wayah  janari téh geus ngecrek hujan, parat nepi ka wanci  haneut moyan.

“Panto dapur ditulakan, Iyeung?” ceuk Apa bari ngareret ka Ema.

“Iraha teuing nulakan panto. Blung-blong gé moal aya nu asup, ari lain si Jago mah,” ceuk Ema bari seuri. Da enya di lembur kuring mah tara aya maling tara aya bangsat. Aman lain bobohongan. Kajeun dipolongokeun ti isuk nepi ka magrib gé tara kaleungitan piring songhék–songhék acan.

“Heueuh bisi ditulakan, nanya téh.” Ceuk Apa bari ngingkig ka tonggoh. Ema teu némbalan. Kuring gé cicing teu milu ngomong. Ngingkig wé nuturkeun Ema bari nyéréngéh. Na bet barina gé iraha teuing imah ditulakan atawa dikonci gamlok. Ditutupkeun gé geus untung. Ulah teuing hayam marodol di jero imah.  

Datang ka pancuran brus  mandi. Karasa tiisna nembus kana tulang sumsum. Awak dikasay ku daun seureuh, puguh rada arateul. Tuda geus dua poé dibéré waé pais hurang ku Ema téh. Awak asa renyem. Tapi da teu bisa protes, da puguh saenyana mah beuki kana hurang téh, komo  mun dipais. Matak sok  segut ari dahar hurang téh. Apa gé sarua beuki naker kana pais hurang téh. Ngan ari Apa mah tara nanaon enggeusna téh, kuring mah  sok buntutan, arateul.

Réngsé mandi, gancang kuring indit rék muru tajug, milu amum salat Subuh. Ema ditinggalkeun da gegeroh kénéh piring.

“Kadé ka tajug, Ujang! Bisi si Apa ngambek!” ceuk Ema bari jongjon meresihkeun sabun nu narapel dina baskom.

“Enya eudeuk, mana rurusuhan gé!“

“Heueuh, kudu sieun ku pangrangkét.”Ceuk Ema daria. Nya da Apa mah galak, utamana urusan ngaji, urusan salat, urusan sakola agama, euweuh ampun keur si Apa mah. Apan pokna gé, “Kajeun teu dibantuan ngarit, batan manéh teu sakola agama!”

Lamun hujan gé kudu waé indit ka tajug, bélaan dianteurkeun ditiung ku daun cau. Hiji séwang. Ka sakola gé kitu, mun sakola kabanjiran, pasti wé ku Apa kuring diakeup, da buruan sakola téh kakeueum ku cai nepi kana bitis Apa. Tatéh ti kelas hiji nepi ka kelas dua; mun sakola kabanjiran, pasti dianteurkeun bari diakeup. Teu meunang peré pisan, ari lain gering mah. Pajar téh ulah dibiasakeun peré, kéh bisi jadi kabiasaan. Eutik-eutik peré, eutik eutik peré. Ayeuna kuring geus kelas genep, sakeudeung deui gé ujian, kaluar ti ieu sakola nu remen kabanjiran mun usum ngijih.

Lamun keur banjir kuring  jeung babaturan laleumpang téh pacekel–cekel, kawas nu rék ngepung lauk. Pan basa keur kelas opat mah kungsi ti buruan sakola meunang lauk emas. Aya tiluna. Kabawa caah ti balong nu gigireun sakola. Karunya nu boga balong téh, béak kabéh laukna da mudal caina. Kawasna sawaréh ka walungan nu hareupeun sakola. Untung wé nu sok ngaruseup sisi walungan mah.   

Kuring ogé mun balik sakola osok  ka walungan ngala kijing atawa tutut jeung babaturan. Kitu gé tara lila geus meunang sakaléng. Geuwat balik. Sieun dicarékan ku si Apa, pan kudu sakola agama di madrosah. Mun henteu sakola agama pasti dirangkét. Nepi ka ayeuna sakola téh sok kabanjiran waé. Padahal ku pamaréntah téh geus diluhuran. Pas panto gerbangna lian ti dipager beusi téh, ogé diluhuran lebah lawang asupna, maké beton da aya solokan. Tapi angger wé  unggal taun gé, pakarangan sakola téh kabanjiran. Malah ayeuna mah cai téh sok asup ka kelas, ka kantor. Anéh. Na éta kitu pédah solokanana jadi ngaheureutan? Katambah-tambah di landeuh aya wangunan  kandang hayam  nu jumlahna ngawelas. Da hayamna gé ngarebu. Cenah mah pamiceunan caina teu bener. Mana mun  usum ngijih téh cai tamplok ka lembur nu deukeut sakola, malah sakola gé pan kabagéan geuning caahna.

Ti  mimiti  kadéngé adan awal, hujan geus turun. Lir nu dicicikeun ti langit. Meujeuh, da meuyeum pihujaneunana gé ti  kamari  mula. Tambah ngeunah ngaringkuk disimbut. Reup deui panon peureum. Tambah rapet. Tambah tibra saréna gé. Beunta-beunta téh diguguyah ku Apa.

“Sujang, Sujang, hudang! Tuh wudu wéh dina émbér, na golodog dapur. Ku Apa bieu  dipangjingjingkeun ti pancuran.” Sora Apa mani ngoncrang, da nampeu kana ceuli. Kuring ngulisik.

“Keun waé Apa, uing deuk ka pancuran.”  Témbal téh bari nguliat. Jurungkunung hudang. Heg nangkeup tuur. Ngararasakeun haneutna dikarimbun simbut.

Laaah, da mun teu kudu salat subuh mah, horéam hudang téh. Hayang ngaringkuk wé nepi ka panonpoé bijil nalobros sela-sela bilik.

Tapi Apa jeung Ema sok ngaguguyah waé unggal waktu salat. Tara meunang bolong salat lima waktu sapoé téh. Lima kaliananana kudu kaeusian. Malah engké mah meureun geus  ka és ém pé kudu ditambahan ku rupa-rupa salat sunat. Pan ayeuna gé geus diajarkeun ku Ustad, rupa-rupa do’a solat sunat. Rupa-rupa babacaan nu parondok. Méh geus cangkem kabéh gé. Kari prakna.

“Sujang! Sujang! Na kalah ngajentul waé di enggon?” sora Ema mani ngoncrang alah batan éngang.

“Enya  enggeus. Ieu gé deuk ka pancuran!” témbal téh bari nyénglédkeun sarung nu dikarimbunkeun kana awak.

“Montong! Geus dipangjingjingkeunku Apa bieu. Leueur di jalanna. Komo lebah tanjakan mah, Apa gé bieu méh-méhan tiseureuleu,” témbalna daria.

“Nya atuh!” témbal téh bari léos ka dapur. Enya wé dina golodog dapur geus sadia cai beresih na émbér jeung panyiukna. Bageur si Apa téh. Tapi ogé galak. Teu kaharti. Geus bérés wudu kuring nyampeurkeun deui bapa.

“Hayu Sujang ka tajug!“ ceuk bapa daria.

“Hujan kénéh, Apa?” témpas téh.

“Miripis!”

”Kerep kénéh!” ceuk kuring. Puguh rada wegah salat ka tajug téh, sok jareblog di jalanna. Jaba kacida tirisna. Angin subuh di lembur téa atuh, tirisna alahbatan alahmanan.

“Aaah, hayu! Apa geus ngala daun cau dua ponggol. Hiji séwang!” ceuk Apa bari ngaléos ka hareup. Kapaksa kuring nuturkeun, bari sarung dibeulitkeun kana awak, méh teu tiris teuing. Jeung méh teu cérét, da dipayung ku ponggolan daun cau mah, ukur sirah nu teu kahujananana da awak mah angger wé sok baraseuh.

Di tajug mani coréngcang, ukur aya genepan. Kolot opatan, barudak duaan. Haroréameun ka tajug meureun, atawa haroréameun ngala daun cauna. Ngan nu tara absén téh Ustad Usep wé, deuk hujan girimis deuk hujan ngagebrét gé, pasti geus siap sila dina paimbaran. Kacida ngéstona kana kawajiban. Keur sagala pinter téh. Hadis, dalil, kabéh geus ngolotok, aya di luareun sirah. Piraku wé atuh puluh-puluh taun ngalap élmu di pasantren.

Méh nepi ka tabuh genep, hujan masih ngecrek. Cileuncang di mana-mana, di unggal buruan ngabaralong. Puguh hujan ngagebrét ti dur adan awal. Sabaraha jam atuh nepi ka wayah kieu can deuk raat-raat? Atoh teu atoh ari hujan isuk-isuk téh. Atohna mun hujan téh bisa mangkir sakola, asal Apa euweuh. Da ari aya mah moal bisa mangkir, meureun teu ngamuk nempo kuring cicing di imah. Atohna deui mun hujan téh, atoh, balik sakola bisa huhujanan bari maraén bal di lapang Cikandang tonggoheun sakola. Tara dipikiran baju calana pinuh ku leutak, kawas nu balik macul. Da éta mah urusan Ema urusan nyeuseuh mah cai pancuran ngagolontor kénéh. Bisa bararesih deui baju téh.

Datang ka imah Ema geus nyadiakeun keur mumuluk. Sangu disangray, dibungbuan  réndos cikur. Mani seungit. Deungeunna mah kurupuk aci. Réndos céngék jeung uyah. Geus sakitu wéh. Da kabeuki sambel goang mah. Matak kajeun juru-juru biwir barohak kakadalieun gé, hih da angger wé. Mun dahar taya sambel goang téh asa teu ponyo.    

“Mumuluk  wayah kieu, Iyeung, kawas nu deuk ka sawah,” ceuk Apa bari ngarérét ka Ema nu keur ninyuh cai entéh kana téko panci. Selengseng, seungit entéh. Seungitna téh mani matak kukurubukan beuteung. Téh héjo asli meunang ngaramu sorangan.

“Najan teu  ka sawah gé, angger wé kudu gedé tanaga. Apan kudu ngakeup si Sujang ka sakola, da pasti banjir sakola si Sujang mah,” ceuk Ema bari seuri konéng.

“Ah, uing mah embung diakeup. Éra ku babaturan, meureun gedé-gedé diaakeup kénéh,” ceuk kuring daria.

“Baé dipoyokan batur gé, Sujang! Batan seragam baraseuh,” ceuk bapa, bari kop kana cukil kai. Kerewuk nyiuk sangu dua cukil mucung. Mani pinuh piringna téh.

“Moal uing mah, Apa! Moal diaakeup. Éra,” témpas téh. Da enya, embung éra kudu diakeup-akeup ka sakola. Baréto keur kelas hiji teu éra, da ayeuna mah iyyy, kacipta pada moyokan lamun kuring ka  sakola diaakeup. Da baréto gé diaakeup téh lamun  caina semet bitis si Apa. Ari déét mah tara. Leumpang wé ngiciprit. Resep malah  kukucuprakan  dina cileuncang. Komo mun maraén bal di pakarangan imah nu pinuh ku cileuncang mah, waaah poho dahar poho sakola agama. Bakat ku aranteng. Ngan ari ulin dina cileuncang téh peutingna dampal suku sok arateul. Ceuk Ema mah jaram cenah.   

Kuring langak-longok ka luar. Hujan masih miripis. Tapi katémbongna langit geus mimiti lénglang. Bangunna sakeudeung deui gé eureun hujan téh.

“Raat hujan téh Sujang?” bapa ngagorowok tijero imah.

“Acan, Apa. Masih miripis....” témbal téh bari tetep mencrong  cihujan nu ninggang batu tétécéan. Tangka beresih batu téh da kahujanan unggal poé.

“Ké atuh sakeudeung deui ka sakola mah! Boa buruan sakolana gé kacaahan. Kudu singkil wé Sujang,” ceuk Ema daria. Apa ngarérét ka Ema.

“Sok mapagahan teu bener ka anak téh. Biasa wé indit mah, Sujang. Kajeun datang pangheulana batan kabeurangan mah,” ceuk Apa daria. Ema ngabalieur. Biwir nyéréngéh, seuri konéng. Geus teu anéh kolot kuring mah, sok hoghag mun sual sakola téh.

“Nya ayeuna wé atuh uing indit. Lin aya kénéh ponggolan daun urut Apa tadi ti pancuran?” ceuk kuring bari gap kana kantong. Sapatu mah teu dipaké, dijingjing wé. Da pasti pakarangan sakola kakeueum ku cai, kacaahan.

“Anteur ku Apa?” tanya bapa bari seuri konéng.

“Geus kelas genep ayeuna mah, Apa! Manasina keur kelas hiji, diaakeup. Éra ayeuna mah,” témbal téh bari rap masangkeun topi na sirah. Awét topi téh ti keur kelas opat meulina téh. Ukur rurud sisina wungkul.

Kuring ngiciprit muru sakola, bari diiuhan ku ponggolan cau. Di hareupeun imah si Sobari, léngkah ngarandeg.

“Sobari! Deuk sakola?” kuring ngagorowok. Taya nu némbalan.

“Sobari, deuk sakola moal?” leuwih tarik ngagorowok téh.

“Endeuk! Dagoan euy!” kadéngé Sobari ngajawab bari ngosom. Kawasna waé keur mumuluk. Teu kungsi lila Sobari kaluar bari masih kénéh nyapék. Gap kana ponggolan cau nu nanggoh deukeut golodog imahna. Kawasna geus disadiaan ku bapana meureun. Da puguh usum ngijih mah ponggolan daun cau téh kudu sayagi waé. Keur paranti ka pancuran, ka warung, ka sawah, ka kebon, ka sakola, apan diparayungna téh ku ponggolan cau. Tapi da moal béak-béak daun cau mah sanajan dialaan unggal poé gé, da saincak-incak  dapuran cau mah.

Bring indit duaan jeung manéhna. Beuki deukeut ka sakola, beuki ngabring nu maraké saragem bodas beureum. Kabéh maraké tiung ponggolan daun cau. Tatéh da datang ka sakola mah ponggolan daun cau téh jadi tumpukan runtah. Tara diparaké deui balik mah, najan hujan gé. Kajeun huhujanan. Resep.

Datang  ka sakola, kabéh ngaharuleng hareupeun pager beusi. Cai di pakarangan sakola méh  semet harigu kuring. Soalna si Emang penjaga sakola nu keur menerkeun tihang  bandera ukur katempo ti cangkéng ka luhur. Ah, gedé cai téh. Boa kelas hiji mah kalelep mun arasup ka pakarangan sakola téh. Pa Didin jeung Pa Sopian guru agama, geus aya  di teras kantor kapala sakola. Leungeunna méré kodeu sangkan kuring ulah arasup ka pakarangan sakola.

“Sakola darurat, Jang! Darurat! Kelas gé kabéh kakeueum,” omongna ngagorowok. Kuring silih rérét jeung nu séjén, da geus ngaliud di luareun sakola téh murid  jeung ibu ibu guru.

“Peré, Bu?” tanya téh ka Bu Eli nu nangtung tukangeun kuring.

“Ké wé ngadagoan Bapa Kapala,” témbalna.

“Apan kelasna gé kakeueum, Bu?” si Komar nyelengkeung ti tukang.

“Enya, ké wé kumaha ceuk kapala sakola!” keukeuh wé Bu Eli  téh ngajawabna kitu. Nu deuk sarakola geus pinuh ka buruan imah si Isti nu hareupeun pisan sakola. Éta gé sarua kakeueum ngan ukur semet mumuncangan teu parna teuing. Ongkoh rada luhur buruan imah Isti mah. Leuwih luhur batan sakola. Nu deuk ka sawah gé tinghariul wé  di jalan jajahan. Bécék jeung laleueur. Kawasna haroréameun, da tangtu sawahna gé kakeueum. Tapi loba deuih jalma nu marawa pancing, kawasna rék marancing kiduleun sakola. Pan aya walungan gedé, da susukan nu hareupeun sakola gé gubragna téh ka walungan éta.

“Paranén lauk euy!“ ceuk Komar bari nyampeurkeun.

“Heueuh. Mun diperékeun urang nguseup yu!” ceuk Ondin daria. Jurig nguseup  manéhna mah. Aya aturan maké saragam kénéh, geus ngajego di sisi walungan, atawa kudak-kodok kana liang belut. Tapi sok bangénan, da sok meunang waé.

Teu kungsi lila kurunyung kapala sakola, leumpang bari singkil. Calana digulung nepi kana bitis. Ngobrol jeung Bu Eli, Bu Rini, Bu Gantini, Bu Tarsih, nyaritakeun bulak-balik ka sakola ti janari  kénéh da aya nu ngabéjaan cenah sakola kacaahan. Nyalametkeun heula barang-barang sakola nu marahal. Perangkat komputer, parabot UKS nu sumbangan ti pamaréntah, buku-buku mah cenah geus disaralametkeun.

“Ayeuna kumaha atuh, Pa? Kelas tos kakeueum,” ceuk Bu Gantini bari kerung-kerung wé. Puguh cenah gé nunda rapot dina lomari, sieun kakeueum.          

“Urang  sina dialajar di imah wé, poé ieu mah. Sugan isuk mah caina rada orot,” ceuk kapala sakola. Barudak sarurak ngadéngé belajar di rumah téh. Atoh. Komo si Ondin mah bari émprak surak.

“Jadi  euy nguseup téh! Jadi!” si Ondin gogorowokan. Kepala sakola ngarérét. “Kudu mulang heula ka imah, ulah maké seragam!” ceuk kapala sakola teugeug. Sieun katempuhan meureun mun aya murid tikerelep, atawa kabawa caah. Komo masih kénéh maké saragam mah. Sakola nu katempuhan.

Girimis geus eureun,tapi cai nu ngumplang di pakarangan sakola, tacan orot. Siga balong. Bisa dipaké ngojay. Kawasna moal bisa orot ku sajam dua jam, cai ngumplang kieu mah. Tingali wé, méh nepi kana jandéla kelas cai téh ngeueumna. Mun kelas hiji mah tikerelep. Matak barudak téh ngagarimbung di luar wé. Bubuhan luhur taneuhna, cai gé ukur semet mumuncangan. Barudak mimiti balubar. Jalan beuki jeblog jeung leueur. Ibu guru masih ngajarengjen di luar pager. Kapala sakola mah geus kukucuprakan di pakarangan sakola, deuk ngontrol kantorna meureun. Mangkaning sagala rupa dokumen sakola aya di dinya.

“Kalah tinghariul di dieu, henjung geura marulang. Ngarapalkeun anggursi, sakeudeung deui ujian,” ceuk Bu Tarsih bari nepak taktak kuring.    

Biwir nyéréngéh. Komar, Ondin, Sobari, Asep, Engkus silih rérét.

“Ké wé, Bu,“ témbal téh.

“Ééh bisi deudeupeun kolot hidep. Jeung kadé ulah arulin ka wahangan, caina gedé naker,” ceuk Bu Rini bari melong si Ondin. Kawasna rada teu percayaeun ka si Ondin mah, da sok remen kaperego keur nguseup sisi wahangan mun balik sakola téh. Malah mah kepala sekolah gé remen merego si Ondin keur nagog di balong atawa di wahangan. Jurig nguseup si Ondin mah. Da turunan meureun, apan Mang Hanan, bapana, jago nguseup. Di mana-mana diudag waé urusan nguseup mah. Mana nurun ning ka anakna.

“Hayu ah!” ceuk Ondin daria.

“Siappp,“ témbal saréréa. Méméh jung ngaléngkah, saréréa nareuteup heula pakarangan sakola nu geus robah jadi balong. Caina kiruh siga bajigur. Tapi kuring yakin dina cai nu kiruh éta, loba lauk emas atawa nila tinggudibeg, ngaranjleng ti balong balong nu aya sabudeureun sakola.    ***

Sukasari, Mei 2013                 

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (2)

rahman

sae pisan tah carita teh, matatj waraas

Sukinag Boiman

Jadi budak tong careken kolot, ari dititah solat teh kudu nurut entong nembal bae ari embung dicarekan mah.

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: