• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Dr. Nina Djustiana, drg., M.Kes.;

Wanoja Sunda Kudu Ludeung dina Pulitik

Kénging Rudi H
Kintun kana Facebook
Mangle
Nataharkeun program, nanjeurkeun ajen kaum wanoja [Potrét/Ilustasi: ]

Mun wanoja hengker,  éta kahengkeran téh bakal jadi bangbaluh pihak séjén. Ku lantaran kitu,  kamajuan   kaum wanoja oge, hartina  demi kamaslahatan masarakat sakumna.

Hak wanoja bagian hak asasi manusa. Nanjeurkeun hak asasi wanoja, sarua jeung nanjeurkeun hak asasi manusa. Sabalikna, mun hak wanoja katideresa, hartina ogé aya sabagian manusa nu katideresa hak-hakna. Ku kituna, upama aya hawar-hawar wanoja masih kénéh hariwang upama manggung ka nu leuwih luhur, éta téh salah kacida. Sapertina waé, kiwari, pangpangna wanoja Sunda, seueur kénéh nu ngarasa hariwang  upama ancrub kana widang politik. “Hawar-hawar, yén politik téh kotor, mémang seueur mangaruhan kana ketak wanoja, dugi ka aya nu mendag mayong aralimeun maranggung kana widang politik,” cek Dr. Nina Djustiana, drg., M.Kes., pupuhu Pusat Penelitian &  Pengembangan Gender dan Anak (P3GA) Universitas Padjadjaran, muka obrolan waktu tepung di kantorna Jalan Banda Bandung.

Dina panalinga Dr. Nina, anggapan kitu tangtu sagancangna diluruskeun.  Lantaran, perjuangan nu tumali panangtayungan, cumponna, jeung panghormatan kana hak asasi kaum hawa, jinek ngabutuhkeun tanggung jawab sakumna pihak, kaasup kana kawijakan nu aya di legislatif, éksékutif atawa yudikatif. Lantaran deuih, cek ieu pangarang buku ‘Revitalisasi Pusat studi Wanita’, kiwari, démokrasi téh teu weléh jadi kacapangan, jadi gambaran kahirupan nu ngajénan sasama. Ku lantaran kitu, nagara nu démokrasi gé kacida dipikacangcamna. Harepan kitu, teu anéh, da di nagara démokrasi, rayat téh nu boga kakawasaan nu pangluhurna. Kadar éta aya nu jadi pamingpin, apan enas-enasna mah mandat ti rahayatna. Dina masarakat nu démokratis, aya jaminan hak-hak pulitik sakumna warga. Ku lantaran kitu ogé, jinek ayana hak-hak saban golongan, kaasup kaum wanoja. Kasadaran sakumna pihak kana-hak wanoja kacida pereluna. Lantaran, mémang dina kanyataanan mah, can saperti dina tiori téa. Najan puguh aya aturanana, wanoja meunang hak anu sarua kawas lalaki, dina émprona mah teu kitu. Buktina, apan masarakat gé ilahar kénéh nempatkeun wanoja dina kalungguhan nu teu samistina.

Ku kituna, bajuang keur nanjeurkeun hak-hak kaum wanoja, cek ieu paniten gender, butuh cara nu jinek. Upama di tingkat internasional aya Deklarasi Beijing Platform, nu jadi cukang lantaran medalna program-program penting nu tumali jeung kaadilan gender, nya dina tingkat lokal tinggal ngalarapkeunana. Carana? Cek  Dr. Nina Djustiana, drg., M.Kes. tetep kudu ngahijikeun kakuatan nu aya di tingkat lokal, sapertina waé ayana Forum Komunikasi & Kajian Gender Jawa Barat jeung teu pegat koordinasi.  “Kacida pentingna teras koordinasi antar widang, lembaga, paguron luhur sareng pamaréntah,” saurna tembres.  

Upama Dr. Nina Djustiana, drg., M.Kes. apal pisan kana ketak wanoja kiwari, mémang di dinya icikibungna. Lian ti nyekel pancén di lembaga panalungtikan jeung mekarkeun gender di Universitas Padjadjaran, ogé loba diondang jadi narasumber di sababaraha tempat, pangpangna sual ketak kaum wanoja dina pangwangunan.  Dina panalingana, ketak wanoja, hususna di Jawa Barat, mémang tacan unggul dina widang pulitik. “Ketak wanoja Sunda dina sual pulitik sapertos nu teu warantun,” cek Dr. Nina nu pernah mancén pupuhu Pusat Penelitian Peranan Wanita, Lemlit Unpad téh.

Dina bagian séjénna, cek ieu ahli kesehatan, sabenerna, pangwangunan Jawa Barat geusan ngaronjatkeun ajén kaum hawa teu kurang-kurang. Buktina, kaum wanoja di Jawa Barat dina sual ajén mah teu kurang-kurang. Loba kaum wajona nu nanjeur dina widang atikan jeung ékonomi. Hartina dina sual ajén sumber daya manusa (SDM) mah kacida reueusna.

Ngawalakayakeun kaum wanoja, ceuk ieu istri Ir. Ardhana Putra PhD, mémang teu babari, malah bangga kacida. Lantaran, bangbaluh nu tumali jeung salah hartina pamahaman ngeunaan ‘gender’ kacida matak rugina keur kaum wanoja.

Naon atuh ari ‘gender’ téh? Taya lian ti bédana peran, pungsi katut tanggung jawab antara lalaki jeung awéwé nu ngawujud ku lantaran wangunan sosial budaya. Hartina, gender mah, bisa robah dumasar kana kamekaran jaman jeung pangrojong masarakat.

Ku kituna, nyawalakeun gender jeung kakuatan kaum wanoja, penting kacida. Lantaran kaum wanoja témbong kacida dina peran pangwangunan nepi ka saban daerah. Ku kituna, Dr. Nina, ngarasa perlu ayana tarékah-tarékah nu natrat dina raraga sosialisasi gender ka masarakat. Henteu waé di masarakat tapi ogé ka kampus-kampus. Saperti di Unpad, tétéla Dr. Nina, miharep ka saban fakultas sangkan ngajarkeun mata kuliah nu patali jeung masalah gender.

Ngagedurkeun Kasadaran

Pamahaman nu bener kana pancén kalungguhan jeung pancén kaom wanoja, nepi ka kiwari, masih kénéh aya anggapan, yén pagawéan kaom wanoja mah, luyu jeung kodratna. Padahal, ari profési mah, lain ditangtukeun ku kodrat, tapi ku kamampuhan. Nya ku lantaran kitu, deui-deui pamahaman ngeunaan gender téh jadi penting. Aya kekecapan nu sakapeung mah dipacorokeun. Enya, antara sesebutan awéwé (jenis kelamin), kodrat, jeung gender téh dalit naker. Ngan, ari enas-enasna harti jeung maksud mah béda pisan. Mahluk nu disebut awéwé mémang kodratna ‘karesebab’, kakandungan, ngalahirkeun, nyuusan ku cai susuna, jeung ‘menopouse’. Nu ditatan bieu mah, sipatna téh biologis, da mémang kudratna awéwé ti Nu Mahakawasa. Ari gender mah, bédana peran jeung pungsi antara lalaki jeung awéwé nu sipatna téh robah jeung bisa robah lantaran ‘buatan’ sosial budaya masarakat. Kitu di antarana ogé nu cukang lantaran ngadegna lembaga panalungtikan jeung kamekaran gender jeung anak (P3GA) Universitas Padjadjaran. 

Atuh dina sual séjénna, pangpangna dina raraga nguatan karep kaum wanoja dina rupa-rupa widang, apan butuh léngkah-léngkah anu jinek. Tangtu wé, loba pakalangaan nu bisa diasupan ku kaum hawa geusan nguatan jaringanana. Kituna téh saperti Dr. Nina Djustiana, drg., M.Kes. dina mupuhuan lembaga P3GA Unpad. Ieu lembaga ogé, boga udagan nu jinek, nyaéta ngayakeun kagiatan panalungtikan jeung palatihan ngeunaan gender dina sababaraha widang; sosial, budaya, ékonomi, pulitik, nepi ka muncul karya nu ilmiah nu saterusna jadi bahan rekomendasi keur nu boga kapentingan, dina sual pamahaman gender jeung masalah anak.

“Alhamdulillah, P3GA salawasna ngayakeun panalungtikan ka saban tempat, di antarana waé, nalungtik nu patali sareng naskah akademik keur Pergub Pengarus Utamaan Gender Jabar, bakti sosial ka nu kamusibatan longsor, masihan penerangan patali nyegah kekerasan, trafiking, ogé sawala dina nguatan ketak wanoja di Jawa Barat,” cek Dr. Nina Djustiana, drg., M.Kes.

Sual nguatan ketak kaom wanoja, pangpangna dina organisasi pulitik, teras dihangkeutkeun, utamana sual perluna lembaga koordinasi sual ajén wanoja nu rék ancrub dina widang politik. Ieu perlu, lantaran cek Dr. Nina, sual ajén politikus wanoja bakal mangaruhan kana perjoangan wanoja nu sagemblengna. Kaum wanoja nu kadieunakeun témbong peranna ka saban widang, boh dina sual kasehatan, sosial, hukum, budaya, sosial jeung sajabana, tangtu bakal butuh politikus wanoja nu hadé ajénna. “Sual ajén kaum wanoja dina pulitik, rupina kedah ditingkatkeun,” saurna deui.

 

Melaan nu  Katideresa

Nina Djustiana, teureuh Majalengka. Waktu leutik kénéh mémang geus resep buméla ka kaum nu katideresa. Atuh babaturan harita, sok ngarasa sugema upama dibarengan ku Nina. Saperti, waktu sakola di SDN IV Padalarang, loba kaum lalaki nu éléh upama adu hareupan. “Waktos alit resep adu hareupan sareng pameget atanapi saha waé nu sok curang. Duka kumaha, abdi mah sok wantun nyanghareupan, dugi ka sarieuneun,” saur ieu putra Bapa Sadeli Hardjawikata sareng ibu Siti Saodah téh, nineung ka jaman baheula.

Dr. Nina dikantunkeun ku ramana waktu nincak yuswa opat taun. Ku kituna, upama aya kekecapan karuhun, indung tunggul rahayu, nya kitu pisan nu karasa ku Nina Djustiana gé. Saparantosna dikantunkeun ku ramana, indung (Ibu Siti Saodah) téh jadi pangjurung laku geusan tinemu rahayu. Matak, baheula keur budak, indung salawasna sok mapagahan prinsip hirup keur pikahareupeun. “Naon nu dipilampah, salami aya dina jalan nu leres, ulah mangmang, jalankeun waé,” saurna Dr. Nina, nirukeun ucapan papatah biangna nu natrat nepi ka kiwari.

Margi kitu, papatah mandiri, éstuning jadi tuturus Nina Djustiana dina nyiar élmu pangaweruh saterusna. Sabada sakola SD ti dua sakola, SD Cililin sareng SDN IV Padalarang taun 1969, neruskeun ka SMPN Padalarang. Lantaran ti keur SD nepi ka SMP prestasi congcolang kacida, nya teu hésé daftar ka sakola favorit ogé. Saperti waktu daftar ka SMAN 3 Belitung Bandung, ti SMPN téh ngan saurang nu ditarima. Ngan waktu abus ka SMAN 3, béda sumur béda tampian. Karasa pisan ku Nina gé. “Ma’lum namina ti daérah, waktos abus ka SMA, rada ararisin saalit minder. Atuh waktu aya nu ngajak jadi babaturan, harita atoh kabina-bina,” cek Nina nineung ka mangsa rumaja.

Ti harita, Nina beuki ludeung beuki mancegkeun cita-cita. Kituna téh deuih pangaruh biangna, nu harita icikibung di organisasi wanoja, di BKOW Padalarang. Ketak biangna nu témbong sumangetna, ahirna nurun ka diri Nina. Ti harita mah, panceg wé cita-cita téh, hoyong jadi dokter, sakumaha wargi iparna, pangpangna harita ningal dr. Arman Natalegawa.

Adumanis antara keyeng jeung élmu pangaweruhna, Nina gé neruskeun kuliah ka Fakultas Kedokteran UNPAD, sok sanajan harita gé daftar UI katarima. “Abdi milih UNPAD, lantaran caket,” saur ieu panitén kasehatan masarakat nu ogé pernah dilélér anugerah Program Hibah Peningkatan Kelembagaan PSW/G Penelitian jeung Publikasi Ilmiah.

Neuleuman élmu kadokteran salila kuliah, keur Nina, singhoréng teu cukup jadi bekel hirup saterusna. Atikan sepuhna nu resep kana kagiatan sosial, keur diri Nina, ahirna teu bisa leungit. Ku kituna, saréngséna kuliah ti Unpad, taun 1988 biur nyiar élmu ka Australia, pernahna di The Departement of Preventive Dentistry, Sydney  University. Di antara diajar élmu sosial jeung informatika. Teu cukup semet dinya, ti 1994-1997, saréngséna ngawangun rumah tangga, ngajatukrami ka Ir. Ardhana Putra PhD wedalan ITB, diteruskeun neuleuman deui élmu kedokteran di tingkat Magister di Unpad. Taun 2004 réngsé nyangking gelar doktor masih dina élmu kadokteran di Unpad.

Ieu sepuh tilu putra,  Ammalia Prama Putri, SH., Aradhea Perdana Putra, ST., sareng Adria Permana Putra, drg., lian ti sapopoéna ngajar di  Ilmu Teknik jeung Material Kedokteran Gigi Fakultas Kedokteran Unpad, ogé sering ngaluuhan sababaraha kagiatan di unggal tempat, boh nasional boh internasional. Saperti dina palatihan Pemetaan Permasalahan Tindak Pidana Perdagangan Orang ngaliwatan Pendidikan,  Indonesian Dental Association Joint Meeting di Bali, ogé ngaluuhan Dental Material Congress - Bangkok Thailand, jeung kagiatan-kagiatan séjénna. Kitu deui dina kiprah ngabebenah kawijakan pamaréntah daérah, di antarana dipercaya jadi tim Penyusunan Draft Peraturan Gubernur keur Pengarus Utamaan Gender di Jawa Barat.

Saabreg kagiatan nu kacangking, keur Dr. Nina nu kiwari nganjrek Jl. Pecah Kopi No. 34  Sukaluyu Bandung, teu ieuh jadi halangan pikeun ngabdikeun diri di masarakat, pangpangna dina merjuangkeun hak-hak kaum wanoja. “Insya Alloh, ka payunna, hoyong ngabdi dina widang sosial baé. Kituna téh hoyong ngabantos kanggo ningkatkeun karaharjaan masarakat,” saur Dr. Nina Djustiana, drg., M.Kes. nutup obrolan. *** 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: