• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Jadi Jurig

Kénging H. Usep Romli, HM
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1380687786.jpg [Potrét/Ilustasi: Agus Mulyana]

Ceudeum geus ti  lohor keneh minuhan langit. Breg jadi hujan bada asar.Persis barang Ustadz Jamil nepi kana tanjakan Pasir Barong.Lalampahan kandeg.Tukang ojeg teu sanggupeun tuluy.Malah anggur gura-giru mudun deui.Ustadz Jami loge kapaksa neangan keur ngiuhan, sanajan bajuna geus lantis ku cihujan.

Breh saung.Nenggang.Rada ngelok saeutik ti sisi jalan.Lumayan tamba rancucut teuing.

Saung wawayagon.Hateup eurih geus buruh.Hadena teu bocor kabeh.Aya keur nyalindung.Malah aya pirunan.Pinuh ku huut badag.Aya suluh sababaraha teukteuk.Bisa keur siduru lamun daek ngahurungkeunana mah.

Burinyay, beledag.Gelap saleser.Handap pisan.Burinyay deui.Beledag deui.

“A’udzubillahi minasy syaiton nirrojim, “Ustadz Jamli neregteg ta’udz bari nutupan ceuli. Dituluykeun ku maca  Falaq binnas jeung ayat Kursi.

Saung ujug-ujug inggeung.Paratag pangdiukanana nu geus rada ucutan, maruragan.Ti handapeunana aya nu ngondeal.Jurungkunung, jleg jirim jelema.Tapi geus teu mangrupa pisan.Kucel kudemel.Baju rangsak ruwak-rawek.Nutupan awak regung kabina-bina.Beungeut peot leuwih ti peot. Teu beda ti kulit jeruk  nu rek dikalua, karek dijait tina pangeueuman ciapu.

“Sora naon cikeneh?”eta jirim nyarita. Leutik tenge, meh teu kadenge.Ustadz Jamil morobot istigfar.Bulak-balik falaqbinnas jeung ayat Kursi. Diselang ku du’a menta panangtayungan tina kajahatan mahluk.

“A’udzu bikalimatillahit tammah min syarri ma kholaq. Abdi nyalindung ku ayat-ayat Alloh nu Maha Sampurna tina kajahatan sakur mahluk.”

“Naon eta?” sora tenge the semu ngajerit.

  “Sora gelap !”jawab Ustadz Jamil nu geus teger pisan. Hatena jejeg manteng ka Alloh SWT.Teu sieun ku nanaon, iwal ti ku Anjeunna Nu Maha Kawasa.Komo ku wujud mahluk jiga jurig nu ayeuna nangoh hareupeunana.Inget kana papatah guruna.Yen bangsa jurig, siluman sileman, teh aya. Mangrupa runtuyan ti Iblis, nu baranahan jadi setan . Sok nembongan dina rupa-rupa jirim. Tujuanana keur ngaganggu manusa, sangkan ngarasa gimir ku maranehna.Sangkan biluk kana laku lampahna.

  “Padahal bangsa nu kararitu teh, hirupna geus disengker dina dosa jeung kasalahan. Teu meunang pangampura deui ti Alloh, lantaran bedang basangkal.Dila’nat pikeun jadi pangeusi naraka, langgeng saendeng-endeng.Beda jeung manusa, nu masih keneh boga pilihan antara salah jeung bener. Masih keneh dibere kasempetan tobat tina sagala dosa. Masih keneh dibere harepan pikeun meunang ganjaran sawarga, sanajan kudu ngalaman siksa naraka,”kitu saur ajengan, guru Ustadz Jamil waktu ngabahas sawatara ayat Qur’an nu patali jeung alam katut mahluk goib.

  “Lain….lain gelap nu cikeneh dordar…..!”sora tenge mani ngajerit, lir maratan langiy. “Eta sora…sora nu diunikeun ku hidep tadi…..”

  “Eueuh..eta?”Ustadz Jamil ngagorolangkeun deui ta’udz, falakbinnas, ayat Kursi jeung du’a tea.Ujug-ujug kelepek bae eta jalma teu puguh wujud teh.Teuing paeh, teuing kapaehan.

Hujan masih keneh ngagebret.Poe maju ka reupreupan.Lalampahan rada anggang keneh.Sapudunan deui ka lembur.

Unggal Kemis bada lohor, Ustdaz Jamil boga pancen mere pangajian di lembur Cihapit. Amanat ti guruna di pasantren, nu omat-omatan pisan urang Cihapit kudu diaping dijaring tina bagbagan kaislaman. Sabab beda jeung lembur-lembur sejen di sabudeureunana, nu geus kawilang ngigama, urang Cihapit mah rea keneh nu bureng. Ma’lum ti jaman jajahan Walanda keneh, geus kamashur minangka tempat padukunan jeung kabatinan.Barang gubrag merdika, dibabad ku gorombolan.Nya dimangpaatkeun ku paham komunis nu saolah-olah ngabela urang dinya.Saprak aman taun 1962, d Cihapit mah euweuh masjid hiji-hiji acan. Masjid nu geus aya ge diarantep nepi ka rubuhna. Apan komunis tea nu teu percaya kana ajaran agama.

Sanggeus kajadian reuweuh-reuweuh “Gerakan 30 September” taun 1965, kakarek aya tajug diadegkeun.Urang Cihapit mimiti muntruk-muntruk dialajar agama.Kaasup para kekentongna nu kungsi nyirekem di pangbuian, boh Nusakambangan, boh Pulo Buru.

Pancen ngaping ngajaring urang dinya ku ajaran kaislaman, dimimitian ku Ajengan Sepuh.Ramana ajengan guru Ustadz Jamil.Dituluykeun ku putrana, dibantuan ku para santri senior.Ayeuna ragrag ka Ustadz Jamil nu geus dimukimkeun di kampung Cibantar, kl.3 km ti Cihapit, kurang leuwih sapuluh taun ka tukang.

Beledag deui gelap.Nu ngelepek angger keneh nyangkere.Ustadz Jamil bingung.Kumaha pipetaeun?Balik bae kitu?Tapi teu tega ngantep nu sakitu sangsara pikawatireun.

Teu rea mikir deui, regeyeng eta mahluk nu teuing jelema teuing jurig teh, dijungjungkeun.Dipanggul.Teu malire hujan ngagebret keneh.Laju Ustadz Jamil muru lemburna di beh lebak.

Barang nepi ka buruan imahna, barang dur bedug magrib.Teu ngurus awak jibrug teu ngurus suku bolokot, blus ka pangkeng tempat pabukon.Langka kagiridig ku pangeusi imah.Sabab eusina wungkul kitab jeung buku. Tempat Ustadz Jamil muthola’ah dina mangsa-mangsa salse ngawuruk jeung ngagarap pagawean sapopoe.

  Jasad eta mahluk digolerkeun dina karpet. Cul bae.Ustadz Jamil beberesih.Disalin.Gura-giru ka masjid, meneran geus komat.

“Sok we tuluykeun ngimaman,”cek Ustadz Jamil barang nenjo santri nu geus aya di paimbaran, ngolesed deui ka jajaran ma’mum.”

Beres salat, Ustadz Jamil ngembarkeun moal bisa ngawuruk ngaji kitab sakumaha biasa. Para santri dibere pancen tadarus Qur’an nepi ka isa. Geus kitu mah, leos deui ka imah. Muru pabukon.

Nyampak mahluk teu puguh rupa teh, geus eling.Cindekul badis dingkul. Diasongan cai haneut, gideug. Ditawaran dahar, gideug.

“Bisi we lapar jeung halabhab…”cek Ustadz Jamil.

  “Geus dalapan puluh taun kami teu kararaban kadaharan manusa biasa ”sora tenge haroshos meh teu kadenge.

“Dalapan puluh taun?”Ustadz Jamil gogodeg.“Naha dahar nginum naon bae sakitu lilana?”

   “Dahar kahakanan jurig, bangsa bangke, kokotot, cikolomberan….ah sakur nu najis jeung kotor wungkul….”

   “Baruk kumaha bisa kitu……..? Eh,  ke ari anjeun, jelema lain?”Ustadz Jamil nanya.

   “Disebut jelema lain, da puguh geus kasarad ku setan iblis marakayangan. Disebut jurig lain dan puguh boga keneh rasa jelema. Nu matak basa hidep maca kalimah keur aya gelap tea, kami curinghak.Ngaborengkal. Bisa meuntas ti alam kajurigan ka alam kamanusaan nu geus dalapan puluh taun ditinggalkeun…..Jadi lamun  ku ukuran jalma mah, umur kami ayeuna 130 taun……”

   “Lailaha illalloh, la hawla wa la quwwata illa billahil aliyyil adzim wa huwa ala kulli syai’in qodir….Taya ilah sesembahan iwal ti Alloh…taya kakuatan iwal ti kakuatan Alloh Maha Agung..Anjeunna nu kawasa nangtukeun sagala perkara…..”Ustadz Jamil gogodeg.

Derekdek eta mahluk satengahjurig ngalalakonkeun lalampahanan.Cenah, keur umur tilu puluh taun, kabita hayang beunghar.Hayang lubak-libuk ku harta banda.Ngumaha bae ka dukun, nu bisa mere jalan pikeun munjung ka buta hejo nu ngageugeuh Pasir Barong. Bet tinekanan sapisan, sanajan sarat-saratana beurat kacida. Nyaeta kudu ngaleupaskeun ageman kapercayaan agama, sanggup mere wadal, jeung babakti ka raja buta hejo lamun geus nepi kana wates perjanjian.

“Pecat iman mah gampang, da ti bubudak ge teu diajar agama. Ngagem Islam ukur ngaku wungkul, lantaran tara nedunan kawajiban salat, zakat, puasa, komo haji. Maca syahadat ge keur budak duka kungsi duka henteu. Ma’lum kolot-kolot jeung dulur-dulur  sarua teu ngarigama. Nya kami nyanggupan sarat-sarat ti raja buta hejo, asal bener-bener beunghar, rea ketan rea keton…..Tur kabuktian…usaha kami kana dagang, tani, katut nu sejenna, boborengkalan. Kabeh ngadatangkeun untung….duit  saleuit, emas sakudang teh enyaan. Ngan edas pameulina………karek tilu bulan reunceum ku perhiasan, pamajikan maot.Aya nu ngarampog sabot balik ti pasar.Tilu bulan ti harita, budak nu cikal cilaka. Mobil nu karek dibeuli saminggu, tigebrus kana jungkrang…kitu jeung kitu bae…..dulur baraya, dalah indung bapa jeung mitoha duanana, maraot …..Boga deui bojo ka randa ngora.Gancang kakandungan.Barang brol ngajuru, orokna persis buta.Kulit geunteul, beungeut kedewil.Bari geus huntuan kawas jalma dewasa.Pamajikan ngaganggalok ceurik.Nyuuh kana lahunan.Sasadu, yen salila dipihukum, mindeng dipaksa-pirusa sapatemon ku mahluk jangkung badag. Malah ari keur sapatemon jeung salaki ge, eta mahluk sok ngawaskeun bari ngancam, ngamang-ngamang gegendir. Cenah, ngati-ngati lamun ngalayanan ku perasaan.Paingan unggal sono bogoh ka pamajikan, sok dipapaharekeun bae da dipaksa midua hate. “

“Lantaran ngarasa rugi kabina-bina ku pangorbanan pikeun harta nu teu sabaraha kagunaana, kami datang ka dukun nu bareto ngajalanan.Rek ngabolaykeun perjangjian.Teu kuat nedunan sarat-sarat nu geuning leuwih beurat ti batan nu bareto dibadamikeun.Sanggeus dukun nepungan raja buta hejo, kurunyung ka imah.Ngabejakeun perjanjian geus dibolaykeun.Kari aya hiji sarat nu kud ditedunan.

“Sarat naon deui?” cek kami ka dukun.

“Teuing naon.Teu nyebutkeun.Ngan engke peuting rek datang nepungan ka andika,”jawab dukun.

Peutingna, enya bae utusan raja buta hejo datang.Kami disered.Dibangkol.Disiksa sajajalan.Nepi ka hareupeun raja, dibantingkeun satakerna.

   Ceuk raja buta hejo :

“Jalma lanca-linci luncat mulang kieu mah kudu dihukum saumur alam dunya aya.Paehna bareng jeung poean lebur kiamah.Asup ka naraka bareng jeung bangsa urang sakabeh tur langgeng di dinya.”

“Ti harita kami nandangan rupa-rupa siksaan nu pohara.Ku para jurig dimusuhan, ku jelema geus teu kanyahoan.Teuing kumaha bejana barang batur saimah jeung salembur nyarahoeun kami leungit. Teuing kumaha harta banda kami ladang  ngajual iman islam teh…… kami karek eling sanggeus hidep maca ta’udz tea. Kami asa kapangpengkeun ti mana boa, ka hiji tempat nu kami kungsi apal baheula….dalapan puluh taun ka tukang…..”

Lenggerek deui, eta mahluk teu puguh rupa, kapaehan.Engap-engap, kawas nu sakarat.Keur kitu di luar sada aya nu ngaguruh.Sora lengkah blag-blig-bleg deukeut kamar pabukon Ustadz Jamil. Ngong sora  ngagoronggong :

   “He, jalma nu aya di jero, kadieukeun eta jasad mahluk nu ku andika disanghareupan……manehna  keur nandangan hukuman….kabur ti wewengkon kami. Anjeun wawanian mawa......” 

    “Cokot ku sorangan….asup ka dieu !”Ustdaz Jamil ngagorowok deui.

Jep jempling sakedapan. Teu lila gorowok deui :

    “Mun teu dibikeun…..ku kami rek dipaksa jeung anjeun sakalian milu !”

   “Sok cokot ka dieu, mun enya sia bisa jeung wani !”Ustadz Jamil pasang kuda-kuda.“Taya nu bisa maksa ka aing, iwal ti Alloh SWT katut RosulNa Kangjeng Nabi Muhammad Saw. Aing ukur anut kana aturanaNa…..nolak aturan saha bae nu papalingpang jeung aturanaNa nu dibejerbeaskeun ku Kangjeng  Nabi Saw. Kajeun teuing aturan buta hejo….ku aing pasti dilawan……….!”

Seor angin.Imah inggeung. Ngong adan isa. Sora nu blag-blig-blug di luar ngadadak sirna.Tayohna jurig buta hejo kalabur.Teu wani ngayonan panangtang Ustadz Jamil, jeung miris ku sora adzan.

Nu ngalempreh kawas katutuluyan sahoseun.Ustadz Jamil nitahan sawatara urang santri nyusulan kokolot lembur Cihapit, sina datang sagancang-gancangna. Sawareh santri diparentah ngagotong jasad nu keur  teu walakaya ka masjid. Digolerkeun deukeut paimbaran.Diriung ku nu ngaji Yasin.Ustdaz Jamil terus-terusan nungtun nu keur ngahanju sangkan bisa maca kalimah tauhid.Maca syahadatain.

  “La….ilaha illalloh….Asyhadu an la ilaha ilalloh….wa asyhadu anna Muhammadan Rosulululloh ?”Ustadz Jamil nompokeun eta kalimah kana ceuli nu keur sakarat.Katingal biwirna muni.Sorana nu tenge leutik, leslesan…….satekah polah nurutan nu dibaca ku Ustadz Jamil. Bareng jeung ngucapkeun “la ilaha illlalloh” eta jasad ngaleupaskeun nyawa bari leungeunna pageuh ngarangkul punduk Ustadz Jamil.

Torojol kokolot urang Cihapit.Gancang neges-neges mayit. Taya saurang ge nu apal. Ngan ukur hawar-hawar beja, sakitu puluh taun ka tukang, aya jalma beunghar urang Cihapit leungit tanpa lebih ilang tanpa karana. Terus sagala kakayaanana milu laleungitan. Imah, took, leuit, ledis kaduruk. Sawah, kebon jeung balongna beak kairid caah jeung longsor.Anak turunana teu puguh buriakna.Kaasup anakna nu kabejakeun jiga buta hejo.

“Ceuk dongengna tadi, beungharna ukur sapuluh taunan, bari jeung ditongtoyong rupa-rupa kajadian.Ari dihukum geus dalapan puluh taun.Mun teu kaburu kabur mah, terus bae nepi ka yaomal kiyamah, bari jeung teu kaburu maca deui kalimah tauhid,”Ustadz Jamil nerangeun ka balarea nu daratang ka masjid.Terus marentahkeun para santri ngaweredonan mayit jeung ngali kuburan.”Urang gancang kurebkeun peuting ieu keneh oge.Bisi hayoh ke jurig buta hejo daratang deui ka dieu.”*** 

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

gugum

pepeling keur manusa kudu loba ibadah jeung ikhtiar kanu maha kawasa, ari hayang beunghar ku jalan halal

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: