• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Charlie Chaplin ka Tatar Sunda

Kénging Atep Kurnia
Kintun kana Facebook

Cék béja aktor Hollywood Charlie Chaplin (1889-1977) kungsi sababaraha kali ngalanglangan Tatar Sunda. Nu kungsi ngabéjaan téh Haryoto Kunto dina bukuna Seabad Hotel Savoy Homann. Tuluy Sjarif Amin (1907-1991) dina Keur Kuring di Bandung(1983). Bari Chaplinna sorangan gé ngabéjaan deuih, ngaliwatan tulisanana "A Comedian Sees the World" (Désémber 1933, kaca 21-23, 36, 38, 42, 44).

Cék Haryoto, Chaplin kungsi tilu kali ka Nusantara jeung kungsi ngarereb di Hotel Homann. Nu kahiji cenah datangna jeung Mary Pickford sabudeureun taun 1927. Nu kadua taun 1935 jeung Paulette Godard. Nu katilu taun 1962 basa ngadongdon Sendratari Ramayana di Prambanan.

Dina lalampahan munggaran, cenah, Chaplin kungsi ulin ka Bandung. Mondokna di Hotel Homann. Harita réa pisan anu ronghok, harayang apal Charlie Chaplin. Lantaran hésé ingkah, Chaplin maké jasana aktor jeung aktris Tonil Braga sina nyamur jadi Chaplin jeung Pickford. Berekah, balaréa bisa dilejokeun. Pasangan Chaplin mamalihan numpak Plymouth ka hareupeun lawang hotél bari dikawal pulisi nepi ka wates kota. Sedengkeun Chaplin asli jeung pasanganana ngalolos ka Stasion Bandung. Ngadon indit rekreasi ka Garut.

Nu jelas cenah, datangna Chaplin jadi bahan promosi pikeun Hotel Homann. Réa nu ngantay hayang ngasaan saré dina ranjang urutna Chaplin. Kaharti kituna mah, da saprak Chaplin datang ka dinya, kamar tempat saréna ditandaan ku ngaran Chaplin katut tanggal datangna ka dinya. Ngan, éta tulisan teh leungit dina jaman Jepang (Kc. 22-24).

Lain deui pangalaman Sjarif Amin.DinaKeur Kuring di Bandung, pangpangna dina tulisan “Lada Ngeunah”, ieu pangarang jeung wartawan Sunda téh miéling datangna Charlie Chaplin ka Bandung. Cenah gé:

    “Tapi Caplin, Charlie Chaplin, pageuh pisan montelna dina haté téh. Pédah nyaho ti bubudak, sigana. Waktu manéhna ka Bandung,lalu-lintas mani mendet hareupeun HotelPreanger. Kolot-budak ngagonyok. Taranggah ka loténg hotél, lebah Caplin béjana aya di dinya. Bari tingcorowok barudak mah: "Plin!... Plin!.. Plin!...Lila manéhna nolol tina jandéla, bari gugupay ka jalma réa.Isukna kapanggih keur meuli jeruk garut, di Pasarbaru”.

Pangalaman Sjarif Amin luyu pisan jeung katerangan Chaplinna sorangan. Chaplin apan nulis "A Comedian Sees the World" anu dimuat noron dina Vol. 40, No. 9-Vol. 41, No. 1, Séptémber 1933-Januari 1934 majalah Women's Home Companion. Di dinya aya lima bab nu ngagambarkeun lalampahan Charlie Chaplin ka Éropah, Pulo Sélong, Singapura, Jawa, Bali, jeung Jepang salila taun 1931 jeung 1932. Ngadon reureuh nu matak ulin ka ditu-ka dieuna téh, sakalian ngiklankeun pilemna City Lights di Éropah. Nalika rék balik deui ka Hollywood, Chaplin teu ngaliwatan deui Samudra Atlantik, tapi ngaliwatan Sélong, Singapura, Hindia Walanda, jeung Jepang.

Ari jolna ka Hindia Walanda dina bulan Maret 1932. Harita Chaplin dibarengan ku lanceukna nyaéta Sydney Chaplin. Cék Chaplin, Ti Singapura balayar maké kapal Van Lansberge ka Batavia, puseur dayeuh Jawa di Hindia Walanda. Barang jol kuring saparakanca dibagéakeun ku balaréa nu narungguan dina darmaga bari katingali marawa manglé. Kuring téh hayang ngurilingan Pulo Jawa maké motor nepi ka Surabaya, tuluy numpak parahu meuntas ka Bali.”Ti antara nu ngabagéakeun Chaplin di darmaga téh Henk Alsem, fotografer ngarangkep jurupilem bangsa Walanda.

Enya wé sanggeus nepi ka Batavia, Chaplin indit deui jeung lanceukna. Ngadon momotoran ka Bandung. Cenah, Kuring moal ngabéjérbéaskeun lalampahanana. Ngan nu écés, ti Batavia ka Bandung téh genep jam momotoran dina jalan leucir. Kuring ngarereb di Hotel Preanger bari bisa ngebus mandi dikucuran cihaneut modél Éropah. Hotel Preanger téh hiji-hijina hotél di Jawa anu ayaan kamar cai modél kitu, lantaran karéréanana mah masih disiukan ...”

Sanggeus ngarereb di Preanger, isukna Chaplin ngabiur momotoran ka Garut. Di dinya, manéhna mimiti ngalaman wawanohan jeung “pamajikan Walanda” (Dutch wife), nyaéta bantal panjang atawa guguling nu diteundeun antara dua tuur sangkan angger tiis mun peuting hawana nyongkab jeung ngarah urat-urat sina reureuh, henteu rengkeng teuing.

“Ngan, najan teu dibaturan ku “pamajikan Walanda” gé réa batur ieuh. Bangsaning rerenggetan daérah tropis bakal tingharieng sabudeureun kulambu, ngagalindengkeun sora-sora ahéng. Nu matak sok aya sapu di unggal kamar keur ngusir rerenggetan. Pangalaman mondok di Garut méré ilham nu lalucu keur pilem,” cék Chaplin.

Sora-sora nu ngailhaman Chaplin téh sora reungit nu tingharieng. Éta adegan tinghariengna bangsaning reungit téh dipaké jadi salah sahiji adegan dina pilem komedi Chaplin, The Great Dictator(1940).

Salian ti éta, di Garut, Chaplin bisa ningali pamandangan gunung katut lamping cenah ti kamarna téh. Nu karasa ku manéhna, “Méh kabéh sarwa haréjo, sumorot tina tutuwuhan tropis. Enya kuring saparakanca ngarasa seger deui jeung karasa hirup deui. Kuring geus saged ngadongkangan sumber Cipanas, ngadon curak-curak dahar beurang. Di dinya, kuring ngadongdon situ tempatna kulawarga bangsa pribumi mandi. Tah, mun urang ngalungkeun duit kencring, maranéhna téh bakal patingalajrét silirebut di sisi cai, bari teu sadar maranéhna téh dibaluligir.”

Lalampahan di Garut téh ku Chaplin dijieun pilem dokuméntér. Adegan Chaplin rék naék karéta api di Stasion Garut, salila Chaplin nuluykeun lalampahanana ti Garut ka Yogyakartanu dipilemkeunana téh. Ti Yogya biur deui ka Surabaya jeung Bali. Ti Bali mulang deui Surabaya, tuluy ber hiber maké Fokker Tri Motor muru Batavia. Ti dinya meuntas ka Singapura kana kapal laut. Muru Jepang sawatara poé, saméméh mulang ka California jeung ka Hollywood.

Lalakon Charlie Chaplin di Tatar Sunda nu dicatet ku Haryoto Kunto teu puguh alang ujurna. Teuing ti mana Haryoto Kunto meunang datana. Tapi nu dipiéling ku Sjarif Amin horéng nyambung jeung catetan nu ditulis ku Charlie Chaplin.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: