• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Atikan keur Kasalametan
Dunya jeung Ahérat

Kénging Féndy Sy. Citrawarga
Kintun kana Facebook

Ditilik tina jihat jasmani atawa raga badag mah manusa téh taya bédana jeung mahluk nu disebut sato atawa héwan. Sahenteuna sarua pada-pada butuh kadaharan jeung nginum keur kalumangsungan hirupna. Tapi lamun ditilik tina kasampurnaan ciptaan Alloh, tétéla manusa leuwih onjoy batan sato. Di antara kaonjoyanana nyaéta manusa dipaparin kamampuh mikir lantaran dilengkepan ku akal.
Nya ku hal éta pisan manusa mah disebut ''hayawaanun naathiqun'' (sato nu sok mikir). Anapon kamampuh mikirna taya kajaba anging ku ayana atikan, boh langsung tina pangalaman hirupna sacara otomatis ngandelkeun instink atawa tina atikan nu datang ti luar dirina.
Dina Islam, atikan téh mangrupa hidayah élmu nu kokocoranana tina wahyu Alloh sareng conto tuladan ti Rosululloh saw. nu maksudna taya kajaba anging sangkan manusa hirup kumbuh di dunya téh ajeg dina bebeneran, napak dina galeuh-galeuh kaimanan nu pamustunganana salamet di dunya rawuh ahérat. Dina emprona bakal katara ngajauhan sagala hal cegahan Alloh.
Fakta teu bisa dipungkir deui yén di nagara urang kiwari anu sasatna mibanda sumber-sumber ajaran moral linuhung boh warisan  luluhur atawa agama, tapi réa kénéh masarakat nu ahlakna bejad kabina-bina. Nu curaling taya euih-euihna, kamasiatan nalonggérak, oknum-oknum nu ngagasab duit nagara, para pamingpin nu kuduna jadi panutan tapi nyontoan teu bener, barudak ngora nu tigebrus kana dunya peteng, sakabéhna geus lain rusiah deui.
Éta sakabéh tumiba alatan ngamomorékeun atikan nu sumberna ti Alloh sareng RosulNa. Da atuh kangaranan manusa mah benerna téh kudu dibebener, élingna téh kudu dipépélingan. Hartina, kudu diatik, dididik. Ari sabab, lamun teu dididik mah hirup manusa moal bina ti sato héwan anu sakadar hirup ngingilu jeung karep instink katut napsuna. Cindekna mah Islam ngawajibkeun unggal jelema narima atikan lamun hirupna hayang mulya tur salamet di dunya rawuh ahérat.
Ku kituna teu hamham deui yén atikan téh mangrupa sarat mutlak keur mémérés ahlak manusa anu dina basa agama mah disebut dawah téa, tegesna umajak kana kahadéan geusan ngundeur kauntungan. Maju mundurna hiji masarakat, bangsa, jeung nagara anu luhur ajén martabatna nurutkeun papagon Islam mah gumantung kana dunya atikan/dawah dina harti anu jembar. Allah SWT ngadawuh nu hartosna:
''Jeung kudu aya di antara aranjeun kaom anu cumeluk kana kahadéan, nitah kana maruf jeung nyegah kamungkaran. Tah manéhna téh jalma-jalma anu aruntung.''(QS Ali Imron: 104)
Amar ma'ruf nahyi munkar
Jadi, numutkeun ayat ieu tandes yén kaom anu baris metik kauntungan dina hirupna nyaéta anu prosés atikanana lumangsung kalayan merenah, aya nu daék ngélingan, nuduhkeun kana jalan hak jeung nyegah kamungkaran. Ngatik barudak ku ahlak nu Islami, hartosna ngipuk jiwa barudak sangkan jadi jalma soléh, teu tigebrus kana jurang amal salah.
Mun téa mah kiwari nagara urang teu weléh dikiruhan ku pirang-pirang kontaminasi ahlak ramijud, bongan talajak jelemana nu embung nurut kana pituduh Nu Agung, mungpang kana kanyaah Nu Mahawelas.
Murukankeun hirup répéh rapih, raharja lahir tumekaning batin téh ku papagon hirup awuntah ngalajur napsu ngumbar amarah, nerekabna kamasiatan di mana-mana. Lain, lain ku cara éta. Hirup répéh-rapih nu ngandung harti aya dina rohmat Gusti mah baris kasungsi lamun jalma geus daék ngalaksanakeun atikan hirup nu utama nyaéta amar maruf nahyi munkar, lamun paréntah Alloh sareng RosulNa dijalankeun sakumaha mistina sakumaha pidawuh Alloh Nu Mahaagung dina Kitab Suci nu hartosna:
''Jeung jalma-jalma anu iman, lalaki jeung awéwé, sabagéan maranéhna téh jadi tukang nulung pikeun nu séjen. Manéhna maréntah migawé maruf, nyegah tina mungkar, ngadegkeun solat, ngalaksanakeun zakat, jeung maranéhna toat ka Alloh jeung RosulNa. Tah maranéhna téh anu dipaparin rohmat ku Alloh.'' (Surat At Taubah: 71)
Kitu pituduh Alloh SWT sangkan urang meunang rohmat Mantenna. Hal éta baris tinekanan lamun saréréa geus kaatik kapribadianana ti leuleutik geus kapiara ahlakna ti bubudak. Sidik pisan ajén atikan nu sumberna tina ajaran ahlak anu hadé téh kacida pentingna. Saur ki juru pantun:


"Meuli pitik ti Cipatik,
nyiar salak ti Cibadak.
Atik diri ti leuleutik
bina ahlak ti bubudak."


Ku kituna, keur kulawarga muslim mah ngatik diri katut kulawarga ku kasoléhan téh mangrupa kawajiban anu teu bisa ditawar-tawar deui. Enya, atikan téh lain pagawéan joré-joré apan aya élmuna, aya sakola peresun keur calon para guru dina atikan formal sangkan hasilna mucekil téa. Ngeunaan kawajiban ngatik kulawarga ku kasoléhan di antarana kauninga dina Al Quran nu hartosna:
''Jeung paréntahkeun ka kulawarga anjeun (sangkan) ngadegkeun solat jeung sobar dina ngalaksanakeunana. Kami henteu ménta rejeki ti manéh, tapi Kami anu maparin rejeki ka manéh. Jeung akibat anu hadé téh pikeun jalma anu takwa.'' (QS Thohaa: 132)
Teu hamham deui, ketak kulawarga geusan ngawujudkeun kahirupan bangsa jeung nagara nu maslahat téh kacida gedéna lamun teu rék disebutkeun kokojo gé. Apan enya tina individu-individu di unggal kulawarga anu ngawarnaan kahirupan anu leuwih jembar dina hirup kumbuh masarakat, bangsa, katut nagara téh. Lamun masarakatna jauh tina bebeneran, ahlak bangsa ogé bakal kapangaruhan.
Ku kituna, atikan di kulawarga kudu répéh rapih. Al Quran nandeskeun sangkan tatali batin salaki jeung pamajikan téh salawasna kudu harmonis. Hubungan nu hadé saperti kitu, bakal jadi galeuh nu tanggoh dina kahirupan laki rabi.
''Jeung kudu gaul jeung maranéhna (para istri) ku cara anu pantes. Lamun maranéh henteu mikaresep maranéhna, (nya kudu sabar) ku sabab bisa jadi maranéh henteu mikaresep kana hiji perkara, padahal Alloh ngajadikeun kaalusan anu gedé tina éta perkara.'' (QS An Nisa: 19)
Lamun salaki jeung pamajikan hirup akur, méré conto anu hadé ka kulawargana pangpangna ka anak-anakna, tangtu moal hésé nerapkeun atikan ka barudak ogé. Ku atikan agama anu kuat, dipiharep barudak jadi soléh anu isuk jaganing géto mulang tarima ka indung jeung bapana ku kasoléhan deui. Sabalikna lamun barudak teu diatik ku kasoléhan nya tangtu bakal malikan ku ahlak goréng ka kolotna. Padahal, dina Islam mah kitu peta téh kagolongkeun dosa gedé. Pidawuh Alloh nu hartosna:
''Jeung Kami ngawasiatkeun ka manusa sangkan migawé kahadéan ka indung jeung bapana. Indungna anu geus ngakandung kalayan ripuh tur lemah jeung diporotkeun susuanana dina jero dua taun. Prak muji sukur ka Kami jeung indung bapa manéh.'' (QS Luqman ayat 14)
Sangkan budak urang soléh, mibanda ahlak pinuji, jauh tina lampah doraka nya taya jalan deui iwal kudu diatik ku ajaran agama anu saenya-enyana. Kolot wajib ngaping ngajaring nepi ka déwasa, nyumponan kabutuh lahir batinna. Ulah nepi ka aya kajadian kolot maténi anakna alatan sieun teu kaparaban atawa alesan séjénna sabab kitu peta téh dipahing pisan ku Alloh sakumaha pidawuhna:
''Pacuan manéh maténi anak-anak manéh alatan sieun kalaparan. Kami nu baris ngarijkian maranéhna jeung manéh. Saéstuna, maténi maranéhna (barudak) téh kaasup dosa gedé.'' (QS Al Isro ayat 31)
Anapon harti maténi dina ayat di luhur lain baé maéhan dina harti saujratna, tapi ngawengku harti majazi nyaéta maéhan dina harti ngantep anak teu diatik teu dididik, teu disakolakeun, teu dideukeutkeun kana agama, sakumaha  kasakséni di urang kiwari loba barudak jadi andar-andar.
Maténi budak ku cara kitu kacida bahayana, nyatana maténi poténsi barudak ku cara teu tanggung jawab. Padahal apanan anak téh minangka amanat ti Gusti sangkan dipiara, diaping dijaring, dicumponan kabutuh lahir batinna téa sangka jadi ''manusa'' anu mibanda harkat darajat pinuji. Geusan nyumponan hal éta téh taya kajaba anging ku élmu atawa jembarna mah ku atikan.
''Ngan wungkul jalma-jalma anu mibanda élmu anu sieun ku Alloh mah.'' (QS Fathir: 28)
''Alloh ngangkat darajat jalma-jalma anu ariman jeung jalma-jalma anu baroga élmu.'' (QS Al Mujadilah: 11)
Ngaronjatkeun Harkat Darajat
Kitu pidawuh Alloh ngeunaan mangpaat élmu nyatana élmu téh baris ngaronjatkeun harkat darajat manusa. Cindekna, moal aya manusa anu mibanda darajat pinuji anging ku élmu atawa atikan dina harti anu jembar. Dina lebah dieu unggulna manusa nu mibanda élmu téh teu cukup ku pinter, teu cukup ku apal, tapi nu leuwih penting mah ngamalkeunana, lain sakadar élmu ajug.
Conto élmu ajug kabuktian di nagara urang kiwari. Oknum-oknum pajabat, pamingpin, nu kajiret  hukum duméh curaling ngagasab harta nagara anu hakékatna milik sakumna rahayat nu disebut korupsi téa, apan éta téh tangtuna gé nu palalinter, wedalan sakola luhur. Ieu ciri benerna lamun dunya atikan leuwih condong kana kapinteran batan museurkeun kana ngatik widang ahlak, témahna matak cilaka. Saur sepuh mah pinter kabalinger téa.
Alloh maparin pangwawadi ka jalma loba élmu tapi nihil amal.
''Contona jalma-jalma anu mamawa kitab, tapi teu diamalkeun eusina atawa teu dipikaharti sarua jeung kaldé anu mamawa kitab.'' (QS Al Jum'ah: 5)
Najan mawa kitab saloba-lobana, kaldé mah tetep kaldé, moal bisa unggah darajat nu pinunjul. Nya kitu deui jalma anu pinter, gelarna ngabéréndél, jabatan luhur, réa pakaya, terus tigebrus kana lampah codéka alatan teu  ngamalkeun élmuna, darajatna baris tigejrét. Malah dina ayat séjén mah ditandeskeun sarua jeung sato sabab teu ngagunakeun indrana sakumaha ajén kaimanan.
''Saéstuna anu pangjahat-jahatna sato ngarayap numutkeun paningal Alloh mah nyaéta jalma anu torék, pireu, anu teu daék mikirkeun hiji hal.'' (QS Al Anfal ayat 22)
Mugia urang sadayana teu kagolongkeun ka kaom ''dawab'' nyaéta anu teu ngagunakeun akal jeung pikiran geusan ngamalkeun élmu anu geus dipibanda.
Sakali deui, mekelan budak ku élmu jeung ahlak  pinuji malah mandar jaga jadi jalma nu mibanda ajén diri téh kacida pentingna. Barudak, sawadina lain baé pinter, cerdas, parigel, tapi kudu mibanda bénténg anu tanggoh nalika nyanghareupan pangrobéda hirup.
Anapon pangrobéda hirup anu utama numutkeun saréat Islam taya kajaba anging godaan sétan sakumaha nu kaunggel dina Al Quran nu hartosna:
''Jeung singsaha anu maléngos tina pangwawadi Nu Mikawelas (Alloh), Kami ancokeun keur manéhna sétan, maka sétan téh jadi sobat keur manéhna.''(Surat Az Zuhruf: 36)
''Satemenna Kami ngajadikeun sétan-sétan téh pamingpin pikeun jalma-jalma anu teu iman.'' (QS Al A'rof: 27)
Kitu pidawuh Alloh ngeunaan godaan sétan boh sétan nu aya dina diri manusa atawa sétan bungkeuleukan wujud manusa, nyatana sétan téh baris jadi pamingpin anu tangtuna  méngpar tina katangtuan Alloh nepi ka dina diri manusa téh taya kaimanan.
Dina hadis kauninga yén jalma anu ngalakukeun masiat téh imanna dicabut. Jadi, satungtung jalma mibanda iman mah mustahil ngalakukeun kadorakaan. Moal arék korupsi oknum pajabat lamun dina dirina aya iman. Korupsi mahabu di nagara urang, hartina iman geus dicabut, ajaran agama, moral, étika, geus dimomorékeun.
Mugia urang kalebet insan anu bener-bener panceg mibanda kaimanan ku cara nu teu petot-petot ngatik diri ku hidayah Ilahi malah mandar teu gampang kapangaruhan ku godaan sétan. Saur ki juru pantun mah:


"Huhujanan ngangon meri,
ngiuhan di beulah wétan.
Pageuhan iman 'na diri,
sangkan teu kagoda sétan."


Angot pikeun barudak urang minangka sirung harepan anu dina jaman kiwari mah ngatik barudak téh lain pagawéan énténg-énténg. Da apan saacan balég mah barudak téh jadi tanggung jawab urang salaku kolotna sakumaha pidawuh Rosululloh saw. yén unggal orok téh dijurukeun kalayan fitri (suci), indung jeung bapana anu ngawarnaan hirupna naha rék dijadikeun yahudi, majusi, atawa nasrani.
Mugia para sepuh muslim panceg ngatik budak sangkan napak dina fitrah Islami malah mandar salamet hirupna boh di dunya sumawonna di ahérat. Aamiin. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

MAMAN SUGIAMAN

"Salam Pangwanoh"

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: