• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

H. Sumyana Sukandar, SE.,MM. ;

Najan Euweuh Batur
Sunda Kudu Wani Makalangan

Kénging Ensa/Unay
Kintun kana Facebook
Mangle
H. Sumyana Sukandar sakulawargi [Potrét/Ilustasi: dok.pribadi]

Urang Sunda kudu gedé kawani. Ludeung makalangan di mana waé najan euweuh batur. Kitu di antarana jejer obrolan Manglé jeung H. Sumyana Sukandar, SE.,MM., Asiten Deputi (Asdep) Kementerian  BUMN, basa ngawangkong jeung Manglé sawatara waktu ka tukang. ***

Urang Sunda nu makalangan di tingkat nasional, mémang teu réa. Tapi, cenah, najan saeutik ajénna mah teu bisa dileuleungit. Atuh, najan arang gé tetep baris loba mangpaatna keur lemburna sorangan. “Najan jenengna di luhur lain lantaran pangrojong pihak séjén, tetep dina geus anegléng di luhur mah kudu daék mawa dulur-dulurna nu asalna ti lembur sorangan,”  ceuk H. Sumyana Sukandar muka obrolan.

Ngawangkong téh di salah sahiji tempat di Jalan Ir. H. Juanda, Bandung, sawatara poé ka tukang. Ngobrol pabeubeurang wanci haneut moyan, da ieu pajabat di BUMN téh keur ngumpul jeung babaturan saalumnina maheutkeun léngkah organisasi Ikaan Keluarga Alumni (IKA ) Fakultas  Ekonomi, Universitas Pasundan (Unpas), Bandung.

Arangna urang Sunda geusan jadi batur sasaéngan, hayang némbongkeun kasundaan di lingkungan tempat gawéna gé teu gampang. Contona, upama batur mah bariasa naker nyarita ku basa indungna, urang  Sunda mah jarang naker. Kituna téh, lain teu hayang nyarita ku basa Sunda, tapi batur teu ngalartieun, sakalieun maksakeun nyarita basa Sunda ka nu séjén, nu diajak nyarita téh pungak-pinguk.

Lain Jago Kandang

Makalangan di tingkat nasional, gaulna gé jeung rupa-rupa sélér bangsa. Di dinya, masing-masing pribadi kudu némbongkeun kamampuhanana. Nu pangpentingna, ceuk Sumyana, ajén-inajén diri. “Lain ukur gaduh kamampuhan tapi ogé tiasa ngayakinkeun pihak séjén yén diri urang gaduh kamampuhan. Cindekna mah kédah masagi,” ceuk ieu teureuh Bandung téh.

Ieu Ketua IKA téh ngahaja datang ka Bandung, da dina lolongkrang kariweuhanana diperedih sina nyumangetan mahasiswa anyar FE  Unpas. Intina, cenah, ningkatkeun ajén diri sangkan kamampuhan téh mangpaat keur balaréa.

Bekel makalangan di tingkat nasional, ceuk ieu Alumni Unpas mah, urang Sunda gé moal nguyang ka batur. Bekel élmu da loba nu sakola luhur. Atuh, bekel pasipatan nu asalna tina budaya ogé teu kurang-kurang. Ceuk inyana mah, kekecapan silihasah, silihasuh, silihasih, jeung silihwawangi, kudu jadi tatapakan jeung panyundut sumanget yén urang Sunda boga kamampuhan jeung pasipatan hadé. “Urang Sunda gé kedah nyeungitan boh lingkunganana boh dulur-dulur sasélérna,” pokna. Da, cenah, hadéna pasipatan urang Sunda gé bakal mawa mangpaat keur urang Sunda séjénna. Sabalikna, deuih paripolah jeung kalakuan nu kurang hadé, baris mamawa ka nu séjén.

Némbongkeun kamampuhan diri, ceuk Sumyana, kacida pentingna. Da, goong nabeuh manéh, mémang penting dina nanjeurkeun kamampuhan diri mah. Hartina, kamampuhan téh kudu dipolés jeung dipulas sarta saterusna ditémbongkeun ka batur.

Kamampuhan kitu, ceuk ieu anak bungsu ti sapuluh sadulur mah, kudu ditarékahan atawa diihtiaran. Da, najan loba nu nuyun, loba nu ngajurung, ahirna mah bakal balik deui kana kamampuhan diri pribadi. “Nu écés, urang mah darma ihtiar,” ceuk ieu Dewan Komisaris PT Asuransi Jiwasraya teh.

Geusan meunang kapercayaan ngalaksanakeun tugas, lian ti boga kamampuhan jeung hadé gawé téh, nu teu éléh pentingna mah kajujuran. Cenah, sakumaha pinterna, tetep kudu madoman kana kereteg haté. Kajujuran batin nu tara beunang dibobodo, kudu jadi cecekelan dina ngalaksanakeun amanah. Komo deui, cenah, nu tumali jeung ‘keuangan’, lian ti kudu bener catetanana atawa ‘pembukuananana’, nu pangpenting mah kajujuranana. “Catetan mah tiasa dirugal-rigel, tapi kajujuran moal tiasa dibobodo,” pokna.

Upama H. Sumyana boga pamadegan kitu, mémang teu leupas tina atikan sepuhna. Ramana,  guru nu ogé panulis, teu weléh mapatahan para putrana, sangkan kajujuran jeung tanggung jawab téh jadi nomer hiji. “Tujuan ahir mah apan urang téh salamet di dunya jeung ahérat, atuh dina nyorang kahirupan gé kedah husnul hotimah,” pokna.

Sikepna nu kawas kitu, satékah polah dilarapkeun dina kahirupan sapopoé. Najan kaasup pajabat luhur, nu ka mana-mana samistina dikukuntit ku ajudan, dirina mah teu kitu. Malah, ieu pajabat di BUMN teh boga anggapan, pamingpin mah lain kudu diméménan, tapi sabalikna kudu ngalayanan kabutuh bawahanana. “Sanés hoyong dibéré tapi kedah méré-mawéh,” ceuk ieu teureuh Sunda nu lahir taun 1964 teh.

Pasipatan kitu ogé, diupayakeun jadi pamager dirina. Da, cenah, ngagugu kahayang mah moal aya anggeusna. Ngan, ieu urang Bandung kalahiran taun 1964 mah, yakin, upama hak-hak pribadina teu lebar dibikeun ka nu séjén, atuh taya alesan upama dirina mikahayang nu lain hakna.

 

Meunang Peurah

Dipercaya ngurus 14 BUMN, keur dirina mah, kapercayaan nu misti dilaksanakeun kalayan kajujuran.  Kitu téh, wujud rasa sukur tina pilihan profésina. Da, pilihan kitu, horéng mawa barokah. Enya, apan satutas lulus jadi sarjana ti Unpas, teu lila, kabiruyunagn ku milik, bisa cekel gawé di bank, nu keur sabagian jalma mah jadi pakasaban nu diimpikeunana. Tapi, dirina mah teu weléh guligah, lantaran teu ngarasa tingtrim digawé di tempat saperti kitu mah. Ahirna, milih kaluar sarta ngalamar di tempat séjén.

Taun 1991, inyana katarima cekel gawé di Departemen Keuangan. Pagawéanana, ukur ngurus data nu mémang matak bosen. Dina kaayaan kitu, sakapeung mah ngarasa disapirakeun ku nu séjén. Da, babaturanana mah, umumna lulusan universitas sohor, atuh pangajén ka maranéhna téh leuwih ti ka Sumyana.  Tapi, kahoréam ngurus data kawas kitu, sarta ‘kapeurih’ lantaran ngarasa dibéda-béda, ahirna mah jadi kakuatan hayang némbongkeun kamampuhan. Inyana remen maksakeun datang ka kantor pangawalna balik pangpandeurina. Horéng kabiasaan kitu téh jadi cukang lantaran deukeut jeung atasanana.

Hiji waktu, pasosoré, atasanana téh kekeleyengan néangan stapna nu sina ngalaksanakeun pagawéan. Ngan, da geus soré geus wanci bubar kantor, atuh nu ditéangan téh suwung. Ngan, waktu nempo aya Sumyana masih kénéh ngadekleuk dina méjana, atasan téh nyalukan, nu saterusna ménta bantuan mangréngsékeun pancén atasan téa.

Dina ngalaksanakeun pagawéan, Sumyana boga tujuan, hayang némbongkeun kamampuhan yén dirina mampuh ngalaksanakeun pagawéan leuwih hadé batan nu séjén. Karepna, kitu téh ditémbongkeun waktu atasanana ménta bantuan téa. Ahirna, najan migawé lain bagianana, jeung éta téh pagawéan nu biasa dipigawé ku pagawé séjén lulusan paguron luhur petingan, hasil pagawéan Sumyana nu ngan ukur ‘nyelangan’ hasilna mah, lain lulumayanan. Cindekna, atasanana téh ngarasa sugemaeun pisan.

Kamampuhan kawas kitu, ahirna mah jadi ‘tarajé’ nincak hambalan jabatan nu leuwih luhur. Sababaraha kali inyana ngaliwatan pagawé séjénna. Kitu téh, taya lian ti kamampuhan jeung kapercayaan atasan ka dirina.

Dina ngalaksanakeun tugas, Sumyana mah, teu bisa ukur jadi buntut. Teu ngarasa sugema mun ukur sumuhun dawuh. Ceuk pikirna, dina lingkungan nu ‘normal’, dirina teu nanaon dianggap ‘gélo’. Atuh, sabalikna, dina lingkungan ‘nu gélo’ inyana mah kudu waras. Larapna, dina kahirupan pangpangna mah dina lingkungan gawé, Sumyana tara ukur ngahaminan atasan. Remen dirina ngadu pamanggih jeung atasanana. “Tantos disarengan argumén dumasar kana élmuna,” ceuk ieu pajabat BUMN nu keur mahasiswa aktip di BPM téh.

Keur dirina, jujur téh tatapakan ngalaksanakeun pancén gawé. Ku kajujuran, dirina teu hariwang ‘nyimpang’ tina aturan. Lantaran, salila jujur hartina, tigin kana aturan. “Kajujuran tiasa ngahudang kawani!” pokna tandes.

Jujur jeung ati-ati, teu weléh jadi cecekelanana. Dirina mah, teu weléh boga saku dua. Kitu téh, lain curigaan jeung nyuriga ka batur, tapi titih rintih, bisi nu teu sapira téh jadi mamala. Kituna téh, malum, jabatan nu diembanna gé gampang pisan dimangpaatkeun pihak séjén. Ku lantaran kitu, Sumyana mah, teu sagawayah nganteur karesep, kaasup ngurangan karesepna maén golf, lantaran hariwang dina kagiatan kitu téh jadi lolongkrang pihak séjén ngamangpaatkeun jabatan dirina.

 

Kasalametan Kulawarga

Luhurna jabatan, teu matak poho ka pamiangan. Indit jeung balik téh ti kulawarga. Pangjurung bojo jeung barudak, jadi kaludeung jeung pager diri sangkan tetep éling kana purwadaksi. “Tangtos kulawarga ogé bagian kahirupan anu utama,” ceuk ieu carogé Ausa, wanoja teureuh Lahat, Palémbang téh.

Dina ngawangun rumah tangga, inyana nyonto sepuhna. Apan, ibuna ogé tigin ngurus rumah tangga, lain wanita karir. Atuh, garwa Sumyana gé ibu rumah tangga nu sapopoéna ngurus barudak. Barudakna, tiluan, ceuk Sumyana kudu tetep ngarasa deukeut jeung kolotna. Atuh, tujuanana nyiar kipayah gé, apan geusan kabajgaan jeung kasalametan kulawarga.

Tumali jeung almamnterna, Sumyana gé boga tékad, hayang leuwih ngamajukeun éta aguron luhur. Di antarana ku kasadiaan dirina jadi Ketua Ikatan Keluarga Alumni FE Unpas. “Urang sunda kudu leuwih maju, mun nu geus maju kudu daék nungtun nu di handap, najan upama téa mah majuna dirina téh ukur cecelengcengan,” pokna. *** 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: