• Follow us on Twitter
  • Follow us on Facebook

Prof. Dr. H. Dadang Kahmad, M.Si.;

Pamingpin Leungit Karisi
Balukar Poho kana Amanah

Kénging Rudi H. Tarmidzi jeung Ensa Wiarna
Kintun kana Facebook
Mangle
Butuh tarékah ngalarapkeun moral agama [Potrét/Ilustasi: dok.pribadi]

Loba nu hayang jadi pamingpin. Padahal, loba conto manten pamingpin téh, tinemu bahla. Jabatanana, ahirna mah nganteurkeun dirina ngaringkuk di pangbérokan. ***

Beuki dieu nu harayang jadi pamingpin téh beuki loba. Jabatan naon waé nu merelukeun pangdeudeul rahayat, teu weléh jadi inceran.  Atuh, rupa-rupa tarékah ngirut haté rayat sangkan ngarojong dirina jadi pamingpin teu weléh ditarékahan. “Karep janten pamingpin, sakedahna didadasaran ku kamampuhan sareng kamaslahatan,” ceuk Prof. Dr. H. Dadang Kahmad, M.Si., Direktur Pascasarjana UIN  Sunan Gunung Djati, Bandung.

Naon waé pakarepan, ceuk ieu ahli Sosiologi Agama téh, raket tumalina udagan nu hayang dihontalna. Léngkah-léngkah jueng paripolah hirupna, gambaran tina pamahahan si éta jalan kana kahirupan. “Dina agama mah, totorosol hayang janten pamingpin téh dipahing pisan!” pokna tandes.

Kitu téh, lantaran ceuk tilikan agama, naon waé nu dipilampah di dunya baris aya balukarna di ahérat. Hartina, sagala rupa paripolah jeung kalakuan di dunya baris jadi tanggung jawabna dina mangsa kahirupan jaga. Dadasar kahirupan kawas kitu mistina mah jadi pamatri pribadi masing-masing dina nangtukeun paripolah kaasup pancén gawéna samangsa kumelip di alam dunya.

Ceuk tilikan Prof. Dadang, mémang beuki dieu téh nu hayang jadi pamingpin beuki loba. Prah deuih dina saban tingkatan. Contona, apan dina usum ‘nyaleg’ boh di tingkat nasional, propinsi, ogé kabupaten/kota, teu weléh kasindeuhan ku jalma-jalma nu boga pakarepan jadi wawakil rahayat. “Katingalna, pamianganna téh mun ukur neueul kana kahayang, sanés kamampuhan,” pokna, Cohagna mah, loba nu boga pakarepan kitu, kalayan teu ngukur ka kujur!

 

Kaolo Pangbibita

Guluburna kahirupan, teu weléh jadi daya pangirut. Pagolo jeung pangbibita nampeu tur nembrak di mana-mana. Ku lantaran kitu, sasaha gé bisa kagoda jeung kabobodo ténjo. “Apan sasaha gé hoyong senang alim sesah,” pokna.

Nu tumali jeung pangabutuh hirup ogé apan hayang sarwa gampang, sarwa cukup. Atuh, dina nyumponan pangabutuh téa, teu sing anéh upama ahirna mah loba nu ninggang kana babasan tunggul dirarud catang dirumpak, dapon hasil maksud jeung laksana kahayang. Nu kawas kitu, ceuk ieu Guru Besar UIN mah, ngabalukarkeun lunturna sikep ati-ati jeung titih rintih dina nyumponan kahayang téa.

Panggoda nu tumali jeung haliah dunya, mémang kacida kuatna. Da, ukuran kasugemaan mah moal aya ukuran jeung tungtungna. Mun geus boga sajeungkal, hayang sadeupa, mun geus boga sadeupa, bakal hayang leuwih ti kitu. “Antukna, nya sagala tarékah keur nyumponan kahayang moal weléh dilakonan,” pokna.

Lian ti éta, kabutuh hirup gé raket tumalina jeung  ‘pangajén’. Leuwih loba harta leuwih diajénan. Ngan, masarakat gé loba nu tara masualkeun éta asal-usul harta.  Sipat-sipat ‘permisif’ kawas kitu, ogé bisa nyuburkeun paripolah nu leuwih mentingkeun kadunyaan.

Mahabna pasipatan kawas kitu, kagambar dina paripolah nu  babari ‘ngamaphum’ kana paripolah nu salah. Apan, nu kungsi kabaud kana korupsi, misalna, teu weléh pada ngabagéakeun, saolah-olah, kasalahan kitu téh kamaphum ku masarakat.

Pakarepan nu jadi pamingpin meunang ‘wadah’ dina pakalangan démokrasi. Apan, éta kecap téh méré lolongkrang pikeun ngumbar kahayang. Nganteur karep jeung kahayang, nepikeun sora jeung patékadan, boga tempat dina démokrasi. “Namung saleresna démokrasi gé teu tuna tina pasaratan,” pokna. Hartina, cenah, sagala rupa paripolah jeung kalakuan nu ‘ngatasnamakeun’ démokrasi, kudu kaukur kalayan puguh titincakanana. Lian ti kitu deuih, dina némbongkeun démokrasi ogé kudu dituturkeun ku tanggung jawab nu sacara jujur nu jolna tina ati sanubari. Kitu ceuk ieu Doktor Sosiologi lulusan Universitas Padjadajaran (Unpad) Bandung téh.

Upama ngahontal udagan demi tujuan, bisa ngabalukarkeun mamala. Kituna téh, lain ukur démokrasi teu séhat, tapi deuih dina dangka panjang mah, ngaruksak pasipatan ‘hadé’ balaréa. Nu témbong kiwari, ceuk Prof. Dadang mah, nembrak, masarakat gé, dina milih pamingpin téh loba nu ukur dumasar kana  nu karasa saharitaeun. “Apan, umumna mah, ukur kauntungan saharitaeun, teu panjang mikir ka hareupna,” pokna.

 

Napak kana Agama

Aturan hirup, mémang loba rupana, kaasup agama. Atuh, sawadina, agama téh jadi tuturus hirup manusa dina nyorang rupa-rupa kaayaan. “Agama sanés ukur hubungan manusa sareng Pangeranna, tapi ogé tatanan moral,” pokna.

Dina implengan ieu pangurus PP Muhammadiyah, sawadina agama téh jadi pamager paripolah. Ngan, cenah mémang deuih, sasaha gé bisa meungpeun carang. Najan teu ngahaja ngalelekan jeung niténan, moal burung témbrés tur écés, horéng nu kasebutna paham kana agamana gé dina émprona mah, teu leupas tina pangbibita kasenangan dunya. Buktina, apan teu jarang ogé nu ahirna  kabaud kana pasualan korupsi. Ku lantaran kitu, cenah, pangamalan agama, teu cukup ku ibadah-ibadah transédéntal jeung dikir, tapi ogé kudu leuwih ngantebkeun deui ahlak jeung moralna.

Dina nyanghareupan kaayaan kitu, Prof. Dadang teu weléh ngagedurkeun harepan. “Paripolah bisa dirobah!” pokna tandes. Moral bangsa deungeun, ahirn mah bisa alus. Kituna téh, lantaran aya tarékah ngarobahna anu daria. “Urang gé tangtos tiasa,” pokna neundeun harepan. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu: